Ilustrasi: "Musician with Masks" (1921) kenging Pablo Picasso |
MAJU ka umur lima puluh lima taun, manéhna ngarasa yén ramo-ramo ajal nu ranggoas keur ngagarayam terus ngaranggeum dadana, jiga akar mangandeuh nu rapet kana dahan tangkal kahirupanana.
Taya nu bisa nolak, tungtung hirup pinasti ajal. Detik nu ngaley tina rébuan jam nu terus ngagulayun dina tali gaibna nu ngarait ka langit, geus mimiti nyelep sabagian buukna jadi kulawu, rerencepan ngariutkeun kulit beungeut jeung leungeun, terus ngawarnaan pikirna ku sakur panineungan.
Aya di antarana nu terus dikumbah ku késang, tapi sababaraha bagian diantep sakumaha ayana. Késang nu rembes tina kagilig hayang ngarobah kakurang, meungpeung kamelang kasubadanan. Manéhna ngoméan laku nu salah, menerkeun nu pasoléngkrah. Kalan-kalan ukur cimata nu mampuh meresihan, gegedoh nu ngerak dina gelas kaimananana. Manéhna sumujud, nyegruk dina sajadah, ngahontal pepenclut kafanaan dirina, sadrah nahapkeun manéh hareupeun kaagungan nu geus dipercaya ti barang sadar, yén manéhna ukur kebul dina jungkiringna alam gorombyangan.
“Mun hirup tepi ka umur genep puluh, ukur aya lima taun deui pikeun ngumpulkeun bekel mulang,” pokna dina hiji peuting nu kacida tingtrimna. Peuting nu mampuh nyuburkeun sirung-sirung kasadaran, nu ngarambat rerencepan dina turus karumasaanana. “Mun kurang ti genep puluh taun ... sabaraha lila deui umur aing?”
Sanggeus nyorang gulubur ratusan panggung konsér, kiwari panggungna ukur rohangan kamar nu simpé, di hiji imah nu jauh tina haliyah dayeuh. Geus heubeul manéhna ninggalkeun aparteménna. Ninggalkeun runtah botol-botol kosong, musik nu heubeul marengan usik, jeung saniskara léléwa nu nempatkeun manéhna salaku déwa pikeun umat rock ‘n roll.
“Ulah peunggas harepan, Bro. Aya mangsana pamor béntang nyirorot, kalindih ku béntang anyar. Tapi dunya acan kiamah!” kitu ceuk sobatna, musisi nu kungsi sagrup jeung manéhna.
Haseup tina sungut sobatna mulek minuhan rohang apartemén. Temahna karasa pisan. Manéhna milu kumalayang. Pangaruh haseup ganja nu manéhna apal pisan, ngaleuleuskeun sarap dina uteukna, nyorangkeun angen-angen kana rupaning hal nu matak senang. Tapi nu nyampak dina pikiranana tapak munggaran tina sikep réligiositas nu anyar nerap. Haseup ganja nu kiwari kaseuseupna, geus milu nanjeurkeun kapanggeran, yén manéhna mémang kudu hijrah, saacan umur dipungkas ku Nu Maha Kawasa.
“Aing lain sieun ku réana saingan, béntang rock nu ngarora kénéh,” omong haténa. “Aing mémang kudu robah ....”
“Hayang reureuh,” pokna ka sobatna nu keur nyangsaya dina sofa. Biwir sobatna ngarenyu. “Ukur hayang reureuh ....”
“Pan bisa istirahat heula. Ulin ka Éropa, piknik. Mulang deui pasti seger deui, bisa berkarya deui ...,” témbal sobatna, sanggeus ngaleguk kopina.
Sababaraha urang sobatna nu kungsi ngobrol, manglebarkeun mun manéhna ngeureunan karir musikna.
“Naon salahna nurutan Mick Jagger? The Rolling Stones? Geus araki-aki, tapi masih bisa jadi rock star!” ceuk saurang.
“Tilu puluh lima taun, Bro, karir nu édan. Nu séjén geus teu boga massa, didinya masih kénéh bisa ngaluarkeun album jeung masih laku kénéh,” ceuk nu séjén.
Tilu puluh lima taun. Leuwih malah. Kacipta kumaha riuk jalma-jalma nu muja manéhna di hareupeun panggung. Sasat nyembah saban manéhna nyorowokkeun lagu di tengah gumuruh musik, lir nabi nu keur nyebarkeun wahyu di hareupeun umatna. Turun tina panggung, mojang-mojang sumerah dina tangkeupanana. Rébuan kamar hotél dilabur ku napsu nu datang ngarungrum tina harigu nu ménta dirampa, tina liang-liang nyawa nu ranghap minangsaraya ....
Manéhna istigfar.
Kungsi nepungan guru spiritual sobatna. Hayang diajar agama. Meunang sataun sobatna ganti kostum. Jadi maké jubah, sirahna dibulen sorban. Ka mamana teu weléh ngucel tasbé. Dikir. Manéhna sumerah diceuceuh ku pangaweruh ngeunaan pentingna katakwaan. Guru sobatna kiwari jadi guruna. Sobatna malah geus lila teu datang deui ka dinya, cenah balik deui ka dunyana. Ladang dagang parfum sanggeus manéhna eureun tina ngamusik, teu nyukupan pangabutuh rumah tanggana.
“Musik haram. Maén musik haram. Panggung konsér laknatulloh. Nu wajib dilaksanakeun ku urang salaku umat nyaéta jihad di jalan Alloh,” kitu ceuk guruna.
Manéhna ngeluk tungkul, ajrih. Rumasa salila puluhan taun ukur ngagugulung paharaman.
Manéhna jadi ijid ka dirina sorangan. Saban peuting solat tobat, neneda ka Gusti, miharep ampunan.
Manéhna jadi karunya ningali babaturanana nu masih kénéh ngagugulung musik. Sobat-sobatna, nu sasama jeung nu sahandapeun, didungakeun kabéh sangkan mareunang hidayah jiga manéhna. Lantaran hiji gé bangun nu teu ngadaréngé kana panggeuing manéhna mun keur ngobrol, manéhna jadi geuleuh ka babaturanana. Geuleuh kana kahirupan para musisi nu salila ieu jadi batur sahakan sainumna. Lila-lila manéhna jadi betah hirup nyorangan. Pegat silaturahmi jeung nu lian.
Iwal jeung guruna. Nu geus ngarobah darajat kahirupanana. Ngaji, solat, jeung milu marengan guruna ceramah agama. Lila-lila manéhna gé dipikawanoh ku mustami. Urut béntang rock nu geus hijrah! Sakali-dua kali, pada nanggap lalakonna. Ka dituna jadi remen diondang pikeun méré ceramah agama, utamana ku barudak ngora ti rupa-rupa komunitas.
Lantaran élmu agama mah héngkér kénéh pisan, ukur apal hiji dua dalil, nya nu remen jadi bahan ceramahna téh taya lian iwal pentingna tobat nu geus jadi jalan hirupna ayeuna. Ilustrasina nu kungsi kalakonan ku manéhna salila puluhan taun. Lahirna hidayah nu terus jadi pangjurung pikeun ngahontal cahaya surgawi. Temahna kabéh jama’ah saregep ngabandungan. Lalakon hirup jalma kawentar teu weléh matak hookeun. Komo deui ti nu geus meunang hidayah.
Lila-lila, manéhna pada nyarebut ustad. Pangkat anyar nu ngalindih titél béntang rock nu puluhan taun jadi lambang nu ngalangkang dina tarangna. Kelemeng hideung tapak sujud nu kiwari jadi sumber kaajrih para mustami, fans anyar nu tétéla teu éléh jumlah ku nu sok daratang ka tempat konsér.
Nu ngondang beuki kerep, taya beurang taya peuting nu towong. Ukur poé Juma’ah nu diiwalkeun téh. Éta mah rohang pikeun dirina sorangan, ngalap élmu ka guruna, sangkan nu ditepikeun ka umat teu ngan ukur ladang maca tina buku, Google, atawa nu diaji tina rupaning ceramah ustad lian dina YouTube. Da ari ngapalkeun sabangsa hadis atawa ayat-ayat bahan ceramah mah, bisa dina mobil sabot ka ditu ka dieu.
Pikeun ngatur jadwal ceramah, manéhna ngabenum adina sorangan jadi minijer. Teu nu lian, da puguh hayang ngajait adina tina kasangsaraan, sakalian ngajak adina hijrah, tina pakalangan judi ka rohang cahyaning sawarga.
Éstu taya halangan pikeun manéhna indit ka mana waé gé, da puguh geus aya tujuh taunna ngaduda. Anak nu ngan hiji-hijina kiwari aya di Amérika, awéwé, keur kuliah perfileman. Unggal bada solat kiwari manéhna sok ngadungakeun anakna sangkan meunang hidayah. Basa mulang sataun katukang, katémbong dina beuheung anakna aya tato kukupu, leutik. Manéhna teu bisa nyawad, da puguh dina awakna gé tato mah aya rupa-rupa gambar. Ngan teu nembrak lokasina.
Perkara nu jadi pamajikan—enya, urut ayeuna mah—kungsi jadi eusi berita koran-koran gosip baheula. Salah manéhna, teu lantip ngalambangsari, jeung teu ka hiji-dua deuih, jadi manéhna kiwari keur nobatan éta ogé. Dosa salaput hulu nu mindeng ngajurung cimata bedah dina peuting-peuting pinuh karumasaan. Manéhna kiwari bisa ngama’lum jeung bisa narima, ku naon pamajikanana ngagugat ka pangadilan.
Ngaranna beuki kasohor baé. Bulan Romadon, boga acara husus dina televisi. Unggal poé nepikeun kultum saméméh adan magrib. Gaya jeung matéri ceramahna kalandep ku pamiarsa, utamana kaum ibu. Slot iklan méh teu kawadahan. Pihak stasion televisi, sakumaha biasa, ngundakkeun harga iklan tepi ka bener-bener ngajaul mahal. Honor jang ustad gé, ngéléhkeun ustad atawa ulama lian, nu malah leuwih kasohor ti saméméhna minangka tokoh agama populér.
Keur aya dina puncak karirna salaku ustad, hiji poé manéhna meunang uleman pikeun ceramah di hiji pasantrén. Lain acara basajan, tapi hajat gedé éta pasantrén nu keur miéling milangkalana nu ka-100 taun. Saabad! Pasantrén Citangkar di Kota T, nu diadegkeun ku ulama jumhur K.H. Endang Kosasih suwargi, tur kiwari dipingpin ku putuna, K.H. Rahmat Soléh Kosasih, putra K.H. Andéng Sukria Kosasih.
Manéhna ngahuleng heula saméméh ngajawab pananya adina, naha ieu uleman rék ditarima atawa moal. Aya sababaraha alesan pangna adina nu jadi minijerna nanya kitu. Salila ieu, lanceukna kawentar ustad nu keras dina ceramahna. Réa nu nyebut fundaméntalis. Lebah dinya mah teu kudu dijelaskeun, tinggal mukaan média sosial manéhna, bisa kabaca status-status atawa tulisanana, mun téa can kungsi ngadéngé atawa lalajo ceramahna. Tapi, saha sih nu can ngadéngé da’wahna? Réa dina YouTube. Subscriber-na aya kana tujuh ratus rébuna.
“Tarima!” pokna tandes ka adina. “Teu mungkin ditolak, Pasantrén Citangkar téh pasantrén gedé. Santri jeung alumnina aya kana jutana. Kumaha boa mun pangulemna teu diladangan,” cenah.
“Tapi ...,” adina teu nuluy nyaritana.
Lanceukna surti. “Teu nanaon. Kiai ngahormat urang ku ulemanana, urang gé kudu némbongkeun rasa hormat ku cara nohonan pangulemna,” cenah, husnudon. Haténa mah masih tumanya hal-hal lian ti urusan hormat. Enya, manéhna kungsi nyerang Pasantrén Citangkar dina salah sahiji ceramahna, lantaran béda paham masalah khilafah. Kungsi ramé dina médsos, santri éta pasantrén paséa jeung penggemar manéhna perkara éta. Penggemar manéhna geus siap perang, tapi ku manéhna dihulag.
Dina waktuna, manéhna datang ka éta pasantrén. Tiluan. Manéhna, adina, katut supir. Ti kajauhan kénéh geus kadéngé sora musik dangdut. Lain ti pasantrén meureun, gerentesna. Piraku bet nanggap dangdut! Tapi sora musik beuki tarik. Réa jalma jeung tukang dagang di jajalaneun ka lebah pasantrén. Horéng teu nyalahan, musik dangdut téh tina sound system panggung nu aya di buruan pasantrén pisan!
Manéhna beuki kerep istigfar, basa ningali sababaraha urang santri keur jarogéd. Maraké sarung jeung kopéah kénéh!
Diaping ku santri duaan nu jigana ngahaja rék mapag manéhna, mobil asup ka jalan nu méngkol ka tukangeun pasantrén. Geus réa nu parkir.
Manéhna turun, santri nu mapag manéhna cium tangan. Lain ka manéhna wungkul nyium leungeunna téh, tapi ogé ka adina jeung ka supir. Manéhna jeung rombongan terus diiringkeun ka jero imah. Dipapag ku K.H. Rahmat Soléh ku anjeun, ngarangkul jiga ka sobat heubeul.
Pareng pisan jeung datangna waktu asar. Dangdut eureun, ngong adan. Pribumi ngajak manéhna solat berjama’ah di masjid. Masjid nu sakitu gedéna téh pinuh ku jama’ah. Manéhna dipénta jadi imam ku pribumi. Teu bisa nolak, jeung deui geus biasa ayeuna mah jadi imam solat téh.
Réngsé solat, manéhna ngalayanan santri nu cium tangan. Perkara nu saméméhna teu kungsi kabayangkeun sabot keur jadi rock star!
K.H. Rahmat Soléh imut di gédéngeunana.
Aya kana sajamna di masjid téh. Sanggeus rébuan cium tangan, manéhna diajak ku pribumi, dahar balakecrakan jeung kulawarga K.H. Rahmat. Sagala aya, bangun taya nu dipungpang kadaharan nu boga imah téh. Manéhna sorangan geus lila ngajauhan nu lunyu-lunyu ku minyak, sangkan éfék koléstérol teu terus ngabagel dina pundukna.
Sabada dahar, manéhna diajak ku Kiai Rahmat ka hiji rohangan.
“Kamar husus tempat abdi reureuh ...,” ceuk pribumi, bari muka panto lalaunan.
Manéhna ngalenyap, laju mata simeuteun méméh asup téh. Sidik pisan katémbong dina témbok kamar aya poster badag, dipiguraan alus pisan, gambar manéhna keur nyekel gitar, sidik poto keur konsér baheula di Istora Senayan.
“Mangga ka lebet,” ceuk K.H. Rahmat.
Manéhna nuturkeun asup. Bréh waé saeusi kamar téh horéng réa poster, rupa-rupa ukuran. Poster para musisi rock. Aya sofa jeung méja leutik, deukeut rak nu pinuh ku kasét, CD, jeung rak nu sisi jandéla dieusi ku jajaran piringan hitam. Gramofon tipeu klasik di juru.
“Mangga calik ...,” ceuk Kiai Rahmat.
Tapi manéhna teu waka diuk, anggur ngajengjen bari niténan eusi kamar. Katémbong ogé tumpukan majalah Rolling Stone, Newsmusik, jeung Mojo dina méja deukeut rak piringan hitam.
Bréh katénjo ku manéhna, jajaran kasét dina rak kasét pangluhurna. Sidik album-album manéhna. Ngaléngkah lalaunan, disampeurkeun. Leuwih ti 20 album ditambah ku welasan album kompilasi. Album manéhna! Ti album munggaran tepi ka album pamungkas saméméh manéhna eureun total tina musik, ngabérés saluyu jeung taun rilisna. Dina jajaran kasét séjénna, katémbong rupa-rupa album ti grup musik rock, dina umpak handapna rupa-rupa kasét ti mimiti dangdut tepi ka kasét Sunda.
Kiai Rahmat keur ngelepus udud dina sofa.
“Sadayana koléksi abdi ti keur jaman SMP. Iwal piringan hitam sareng kasét-kasét dangdut, keroncong, sareng Sunda, éta mah lungsuran ti pun Bapa,” pokna.
Manéhna can bisa nyarita. Di dinya aya tapak lacakna, mangrupa album kasét jeung CD, poster keur konsér, kaasup majalah nu jilidna gambar manéhna. Rock star!
Manéhna ngucap istigfar dina haté. Meunang sababaraha balikan.
“Aya kasét Kang Ustad nu ku abdi digaleuh waktos abdi kuliah kénéh di Kairo,” ceuk Kiai Rahmat bari jung nangtung, nyampeurkeun nu masih kénéh ngajengjen hareupeun erak kasét, nunjuk opat kasét ti nu ngajajar.
“Ngahaja nitip ka pun adi, teras dikintun ka ditu ....”
Nu diajak nyarita nuturkeun curuk pribumi. Kiai Rahmat nyabut kasét hiji.
“Di dieu aya salah sawios lagu kameumeut abdi, nu judulna Di Ujung Malam,” ceuk Kiai Rahmat.
Oh, lagu éta, gerentesna. Lagu cinta nu ku manéhna diciptakeun pikeun hiji wanoja nu geus ninggalkeun. Harita manéhna nyiptakeun laguna bari mabok, pinuh ku kanyeri. Slow rock.
“Lagu nu réligius pisan,” ceuk pribumi.
“Réligius? Maksad Kiai?” manéhna ahirna nyoara.
Kiai Rahmat ngahariringkeun laguna sapada. “Lirikna éndah pisan, aya sari-sari tina solawat burdah. Kacinta nu kacida ngagulidagna ka nu dipikaasih, tiasa ka Rosul, tiasa ka Gusti.”
Manéhna mata simeuteun. Kiai Rahmat diuk deui sanggeus nunda kasét kana urutna, manéhna nuturkeun. Manéhna teu apal naon nu dimaksud solawat burdah.
“Kapungkur abdi sok ngarasa héran upami ningal pun bapa calik dina korsina, ngadangukeun lagu cianjuran, bari teras ngeclakkeun cisoca. Ka béh dieunakeun kahartos ku abdi, horéng lagu gé bisa ngusikkeun sareng meruhkeun rasa sangkan tiasa langkung caket ka Mantenna. Kalan-kalan tina lagu dangdut gé urang bisa neuleuman enas-enasna kahirupan, nu tujulna kana gerakna kaimanan urang ka Gusti ...,” Kiai Rahmat nyeungeut deui rokona. Song bungkusna ka sémah, sémah gideug bari nyebut nuhun.
Manéhna teu réa nyarita, lian ti istigfar beuki kerep dina haténa, sabot pribumi nyaritakeun pamanggihna ngeunaan lagu-lagu rock nu judulna ditataan, terus diguar eusina. Lagu manéhna. Nu cenah kungsi méré kasadaran nu pakait jeung ajén réligiositas basa Kiai Rahmat keur ngora, nyuprih élmu di nagara deungeun.
“Saleresna, numutkeun abdi mah, ti kapungkur Kang Ustad téh tos da’wah ngalangkungan lagu, tur temahna tiasa nguniangkeun kasadaran nu ngadangukeunana, contona nya abdi,” ceuk Kiai Rahmat. Inyana nunjuk hiji potret nu napel di gigireun panto. Pamuda gondrong keur nangtung luhureun batu.
“Potrét abdi baheula,” ceuk Kiai Rahmat, surti kana kapanasaran sémahna. “Abdi téh fans Kang Ustad,” cenah.
Manéhna melong potrét. Melong hiji pamuda nu jauh tina wujudna kiwari sanggeus mingpin pasantrén nu sakieu jugalana.
“Abdi kapungkur hoyong pisan janten musisi. Hoyong janten penyanyi rock sapertos Kang Ustad. Namung Gusti teu masihan jalan ka dinya ....”
“Teu diwidian rupina ku tuang rama?”
“Ah, pun bapa mah teu opénan. Malih mah mangmésérkeun gitar kanggo abdi diajar. Tuh gitar nu ngagantung, éta ti pun bapa,” Kiai Rahmat nunjuk gitar éléktrik Fender Stratocaster, sarua jenisna jeung nu sok dipaké ku manéhna mun konsér.
Manéhna ngagerenteskeun subhanalloh.
Ti luar kadéngé sora musik.
“Di dieu aya sababaraha santri nu kaleresan tiasa maén musik. Malih aya nu kantos janten musisi enyaan, kantos gaduh grup, rékaman, suksés, tapi teras masantrén di dieu. Nya dipasihan fasilitas sangkan teu lirén maén musikna. Nyaah, aranjeunna gaduh bakat kana musik,” ceuk Kiai Rahmat bari bangun terus ngabandungan sora gitar mélodi ti luar. “Barudak keur cék son ....”
“Badé aya pentas musik?”
“Muhun. Tah kadangu teu laguna?”
Manéhna ngalenyap. Lagu tina album manéhna!
“Kaimanan gé butuh sentuhan seni, ngarah manah urang teu kaku,” ceuk Kiai Rahmat. Haseup rokona diseuseup, terus ditiupkeun lalaunan. “Seni bisa jadi jalan kana sasar, tapi ogé bisa jadi jalan pikeun ngaraketkeun urang kana rasa sukur, éta mah kumaha urangna,” cenah antaré.
Ti luar musik beuki jelas.
“Hayu urang ningal barudak,” Kiai Rahmat jung nangtung, ngajak sémahna ka luar.
Manéhna ukur bisa nuturkeun.
Di luar, lapang geus pinuh ku para santri nu ngajalémprak dariuk. Santri awéwé dipisahkeun beulah kalér. Di panggung sababaraha urang santri keur maén bén.
Manéhna teu bisa kumaha, lian ti nuturkeun pribumi nu ngajak diuk dina korsi nu ngajajar di gigireun panggung.
“Mangga calik sing rinéh,” Kiai Rahmat nyaritana rada tarik, mareng jeung sora keprok rébuan santri sabada lagu lekasan.
Kadéngé nu cikénéh ngalagu téh nyebut ngaran Kiai Rahmat. Nu disebut ngaranna gogodeg ka nu keur ngadago di panggung, tapi jigana ukur keur ngagoda, da teu lila Kiai Rahmat naék kana panggung. Para santri keprok jeung suit ramé pisan.
“Ieu téh nitah nyanyi?” ceuk Kiai Rahmat.
Santri saur manuk némbalan.
“Calutak nya, nitah nyanyi ka kiai,” pokna deui.
Para santri sareuri.
“Sabenerna di dieu aya penyanyi kawentar, guru Abah baheula, nu ayeuna parantos janten ustad tur engké wengi baris masihan tausiah ka urang sadayana. Ti anjeunna Abah diajar ngeunaan élmuning kahirupan, tina lagu-laguna,” ceuk Kiai Rahmat bari ngarérét ka sémahna nu keur mata simeuteun ka lebah panggung.
“Méh sadaya laguna Abah apal. Fans berat! Tapi aya hiji lagu nu bisa diregepkeun ku hidep ayeuna, nu—mudah-mudahan Abah teu silung nyanyina nya—rék dilagukeun ku Abah .... Hapuntenna ka nu kagungan laguna,” ceuk nu di panggung bari manggut ka sémahna.
Nu diuk na korsi tamu jiga nu teu puguh rampa. Menerkeun diukna bari manggut, terus gegerenceman bangun nu keur babacaan.
Intro musik, sora gitar mélodi ngalanglaung, ditéma ku sora dram dina témpo nu anca. Kiai Rahmat nyanyi lagu Di Ujung Malam. Para santri jempling, kabandang ku lagu. Rébuan santri nu aya di lapang disapu ku pelongna. Ras ka jaman keur konsér baheula. Rét ka nu keur ngalagu. Ceuk saha lain kiai jumhur? Kiai nu mingpin pasantrén panggedéna di ieu kota, nu alumnina sumebar di sakuliah nagara, tur réa nu dug-deg ngawangun pasantrén di mana-mana? Kiai nu kiwari keur nyanyi, ngalagukeun lagu manéhna, nu manéhna sorangan geus ngubur éta lagu jeung ratusan lagu lianna dina hihieum nu moal disorang deui.
Santri nu diuk hareupeun panggung témbong ngembeng cipanon.
Sora kiai téh alus, jiga sora penyanyi profésional, éksprési nyanyina gé beunang pisan. Nu aya di dinya kasirep ku komarana! Kiai lir béntang panggung nu keur ngawasa pakalangan ....
Bet manéhna ningali dirina sorangan na panggung. Ngalagu Di Ujung Malam ku gulidag rasana nu teu kaampeuh. Lain, lain lagu keur hiji wanoja, tapi lagu nu keur midangdam panutan alam, lagu nu ngoléab tina kaajrih jeung karumasa kana katuna diri di payuneun Nu Maha Welas tur Asih ....
Manéhna meper sorana sangkan teu ngolémbar tina wirahma. Sorana nu semu dareuda mapaykeun rumpaka nu beuki karasa yén saenyana unggal kalimahna téh ngandung kajembaran ma’na ngeunaan cinta.
Bangun nu keur disanghareupkeun kana datangna hukuman, mangrupa kasono nu tan wates wangen, manéhna ngeclakkeun cipanon ....
Basa lagu réngsé, nada panungtung kasilep ku séah sora keprok. Manéhna ngalenyap, singhoréng keur aya di panggung!
Kiai Rahmat ngaléng taktakna. “Subhanalloh! Hatur nuhun Kang Ustad,” pokna.
Manéhna hareugeueun. Cikénéh manéhna ngalagu deui, sanggeus sababaraha taun! Aya nu pagaliwota dina dadana, rasa nu terus jiga manggihan muara sangkan bedah ngahiji jeung jaladri nu riakna karasa tingtrim.
Manéhna ngarawu leungeun Kiai Rahmat, dicium digaléntoran, dibaseuhan ku cipanon.***
Tamansari, 21 Maret 2021
2 Komentar
Kang Nu.... Duh mani rosa kieu carpon téh. Sagala rasa pagaliwota. Kahengker, karumasa, kaajrih, nalikung diri nu karasa mingkin sagala tuna.
BalasHapusSakecap, maestro.
BalasHapus