Tepung Taun - Sajak-Sajak Ari Andriansyah

 

Birth of the Word (1925) kenging Joan Miro


TEPUNG TAUN

Geuning kabagjaan diléongkeun angin
geter kingkin di tungtung cahaya lilin.

Taun-taun ditumbu ti sumbu ka sumbu
kelun kangungun dina kalicesna waktu.

Miharep impian repokna karahayuan
lééh deui lémbéréh deui pangharepan.


2008






JATINING LANGGENG

Jatining langgeng kapan kateulanggengan
tepung jeung pisah dina kasang kasurtian.

Aya atawa taya mijarak landeuh ka girang
ngan wenang miboga raket jeung anggang.

Indit jeung balik nikreuhan pasini wanci
silih baganti watesna heula jeung pandeuri.


2008






MÉGA MENDUNGAN

Hirup geuning diguratkeun canting wanci
sanggeus malam parat mapaésan kumelip.

Kasang ringkang saheulay lawon lalakon
dina tunggara jeung karahayuan panakon.

Hurip salawasna dicelep sarwaning kelir
antara cangra jeung mendung pulas takdir.


2008






LUHUREUN SASAK

Luhureun sasak léngkah kalah ngarandeg
antara sora kokoprak jeung saruna gerung.

Luhureun sasak mengkek kebek ambekan
antara nebana sawah jeung ruabna sarah.

Luhureun sasak panon duka mudalkeun naon
antara liuhna lembur jeung nahnayna kota.


2008






MAKAM PAHLAWAN

Ukur bagantina usum nu lana ngemitan
tugur kubur antara katiga jeung hujan.

Ukur pugur samoja nu héman nadran
ngawur dalingding du’a asih sarakan.

Ukur hiurna angin nu satia ngariksa
tetengger tan ngaran jeung titimangsa.


2008






RUMAH SAKIT

Wanci terus humégak ngagugusur brankar
mawa gerendeng sasar jeung pelong samar.

Keclak infusan maratkeun kasimpé kamar
kana ranjang nu lana nyangsayakeun kadar.

Rohang-rohang ngaringkeb dirurub liwung
tapi haregung manjang ka tungtung lulurung.


2008






KEBON BINATANG

Nu dikungkung horéng saluareun karangkéng
piwelas lawas temen diranté haté mongkléng.

Patémbongan raragas raga rangkebong sukma
dina teuteup jeung rasa kamanusaan nu sirna.

Beuki kapidangdung usik jeung sora sanubari
nu nyangking éling geuning sajeroeun sarigsig.


2008






BEUNGEUT DAYEUH

Beungeut dayeuh teuing ku leuseuh
raga pateuh ngeuleuweuh nu euweuh.

Salawasna lumengis tumamprak piwelas
humégak ngarenghoskeun kebek kekebul.

Nunggelis mucicid lebah wanci pangparatan
nyumputkeun cimata dina gembrétna hujan.


2008



ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor.

Posting Komentar

0 Komentar