Hiji Isuk - Sajak-Sajak Dian Héndrayana

Ilustrasi: "Nasturtiums" (1905), kénging Odélon Rédon

 
 
HIJI ISUK
 
Hiji isuk, daun reujeung héjona
aléwoh mokprokkeun sono
dina gegenclang ibun
jeung rungrum halimun 

“Saha nu deuk tiheula miang?” ceuk oyag dahan,
“Atawa nu deuk pandeuri ilang?”
iwal daun reujeung héjona nu engeuh. Tuluy
lirih halon nunda talatah, kana
gegenclang ibun
jeung rungrum halimun 

2021

 


DINA JEJEMPLING PEUTING

Sahiji sahiji, kekecapan marulang deui
malipir biwir jeung gugusi, kandeg
lebah elak-elakan karisi
dina jejempling peuting
 
ka dinya, ati nu demit
milang unggal keteg jeung damina
nu marulang teu jeung jatina
ukur jadi tutunggul peuting
nu langgeng na galeuh jempling 

2021

 

 
LULURUNG KA ROHANGAN TAMU

Asa anggang ieu kakangen luméngkah ka rohangan tamu. Lalangsé
kumeleter ngoyagkeun teuteup anjeun nu taya reureuhna
ngariabkeun mangréwu kukupu sina eunteup dina saban tungtung
keteg. Asih saha nu nyangsaya lebah pas kembang? Kakayasna
tingronghéap nyambuangkeun haréwos mangsa lawas, niir gandrung
nu renung, mulas lulurung nu ngembat muru ka rohangan tamu.
Enya. Ka lebah dinya, ieu kakangen horéng mapaykeun subaya, nu teu
kungsi kakedalkeun. Nu teu kungsi katepikeun.  

2017


 

CATETAN HARÉWOS

Ngitung umur haréwos nu saban poé dieunteupkeun
ku mangréwu kukupu lebah keleter rérégan, geuning
teu wasaeun nganteur kasadrah geusan dumeuheus kana
lilinduk soca salira. Iwal rénghap jeung hégak anteng
silipapaykeun naha kakangen nu mana nu sok katambias
mangsa lamunan ngumbar geugeut ti kaangangan?
Haréwos kalah milu nahnay. Pupucukna taya pisan
nalatahkeun iber salira nu miang duka ka mendi. Kantun
rénghap dina rérégan nu karahaan ngeumbingan
sésa tapak jeung kalangkang
 
2018

 


KACAPI

Haleuang saha, semu peura? Ngaharéwos
pegat-pegat, “Lebah mana, salira ngampih?”
Kacapi. Nu kantenan terang sapuratina. Kalah
Simpé. Biheung aya nu sumolondo,
ngadon nalék, “Naha teu cacarita?”
Jentréng kacapi, ngoncrang. Laguna,
mangrébu kemba.

2012-21

 


KUKUPU
Kembang pati. Teu reureuh kumetrok.
Areunteup na teuteupan réwuning kukupu
nu mayung na lalangit kamar. Peuting. Simpéna
ngaraleut, muru ka lawang kuburan. Nyalabarkeun
iber. Kembang ning pati.

2012-21




TINA SARIGSIG JANDÉLA KAMAR

Liar deui panineungan ngeunteupan malati.
Buruan meuhpeuy ku gupay. Roncéan kembang
sésa bapa, aki, uwa, jeung seuseungit padung.
Di lebah buruan, bulan ngampar-ngamparkeun
imutna. Ngajeungkalan umur awaking.

2012-21



 
GIRIMIS

Jandéla nu teu kaburu katutupkeun. Angin
sumedeng ringrang. Parat nyelesep tug
kana kalbu. Di dinya, girimis anteng
nyawér-nyawérkeun binih kangen. Nu
teu kungsi tumalatah. Saméméh hujan. 

2012-21

 



DIAN HÉNDRAYANA, lahir di Subang, 25 Pébruari 1971. Lulusan Sastra Sunda Unpad, nulis carita pondok, sajak, éséy, naskah drama jeung dangding Sunda. Kungsi dilélér hadiah sastra ti LBSS, Hadiah Sastra Rancagé, Hadiah Samsudi jeung jadi pinunjul saémbara nu diayakeun ku PP-SS jeung Téater Sunda Kiwari. Ilubiung dina riungan Kelompok Studi Budaya Sunda Rawayan, Daya Mahasiswa Sunda (Damas), PP-SS jeung LBSS. Kiwari ngajar di Jurusan Bahasa Daérah UPI Bandung. 

Posting Komentar

0 Komentar