Tina Paguneman Angin - Sajak-Sajak Arom Hidayat

"Wheat Field with Crows" (1890) kénging Vincent van Gogh


TINA PAGUNEMAN ANGIN

 

Kabéh ngaléos

Sanggeus adu haréwos

 

Tuluy daun milang gupay

Diunggeukan ku kalakay

 

Salawasna antara lemah jeung langit

Dalit jeung leungit

 

2020-2021

 


 


SATAUN TINA MANGTAUN-TAUN

 

Dina bangku kosong di juru alun-alun

Kekebul jeung girimis silih rangkul

Raca kawas céda

Ah! Naon nu leuwih peurih?

Batan sono nu kaleuleuwihi

 

2021

 


 


AGUSTUS 2021

 

Merdéka téh atrana sora

Lain ditongtoyong ayat-ayat kulawu

 

Merdéka téh daék narima sora

Lain balilu ku lagu haliwu

 

Merdéka téh nyaéta merdéka

Lain balem atawa dibekem

 

2021

 

 



LARAS KAHIJI

 

Lir kawat-kawat nu dipureut tarik

Nyurupkeun nu nyusup dina rangkulan

Atawa nu nyekleuk na panineungan

Rajeun teu kaberik

Tangéhna antara kuring jeung anjeun

 

2021

 

 



LARAS KADUA

 

Aya nu nganteng

Diperih nganteur galindeng

 

Aya nu teu kendat sasambat

Saméméh pegat

 

2021

 


 


SALAMBAR KERETAS NU MURAG TINA CATETAN

 

Ku cara séjén kuring keur miasih anjeun

Nyelap-nyelapkeun sakur nu kungsi aya

Pikeun ngeusian lolongkrang di nu geus taya di kieuna

Nepi ka urang ngarasa duk-dek antara aya jeung euweuh

 

Ku cara séjén kuring geus miasih anjeun

Ruruntuk nu kapuluk kakelar nu bacacar

Dina deukeut jeung anggang aksara nu ngan wasa cacarita 

Hareupeun nu kawaranan maca

 

2021



 


AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Dumuk di Cililin, Kab. Bandung Barat. Nulis sajak jeung fiksimini, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, Kabar Priangan, Galura, majalah Semboyan, jeung Galamédia. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan sajakna nu geus medal nyaéta Hariweusweus Leuweung Pineus (2013). Kiwari sapopoéna lian ti nulis sajak, ogé nulis rumpaka lagu jeung ngeureuyeuh ngoléksi wayang golék.

Posting Komentar

0 Komentar