Sair Sunda dina Awal Abad ka-20 (Bagéan 2) - Atép Kurnia

 


Sair dina Kalawarta Sunda Awal Abad ka-20

Ku némbongkeun pupujian “Wasiat Adjengan” téh sakaligus rék murak sair-sair nu kapanggih dina kalawarta Sunda nu medal dina awal abad ka-20. Enya ka hareupna mah, éta “Wasiat Adjengan” ogé bakal kasampeur deui. Anapon kalawarta Sunda nu kungsi dilalaran antarana Papaés Nonoman (1915, 1917), Padjadjaran (1919-1920), Sora Merdika (1920), Sekar Roekoen (1922), jeung Poesaka Soenda (1922).

Ngarah meunang gambaran nu leuwih témbrés, urang papayan baé sair-sair nu kapanggih tina éta kalawarta. Dina Papaés Nonoman wedalan Vereeniging Pasoendan, antara 1915-1917 kapanggih “poezie” atawa sair nu dijudulan “Para Nonoman Pasoendan” beunangna Soera Poetra (Papaés Nonoman, nomer 7, 31 Juli 1915: 7), “Wasiat Adjengan” beunang ngumpulkeun Soerawidjaja jeung “Sair” (Papaés Nonoman, nomer 3 & 4, 1917: 7).

Nu kaasup réa mah tina Padjadjaran. Dina taun 1919, antarana aya sair nu dijudulan “Naséhat” beunang Sadatsatir (No. 13, 29 Maret 1919), "Pamaréntah djeung Rahajatna" karya Mh. Sn (No. 18, 3 Méi 1919), "Totok contra Cromo" beunang Mandor Kontrak (No. 45, 8 Nopémber 1919), "Tjiandjoer contra Garoet" ku S.R.M. (édisi 22 Nopémber 1919). Sedengkeun anu kaasup taun 1920, antarana sair "Rahajat" beunangna Mh. Sn (No. 6, 7 Pébruari 1920), "Ménta Merdika rék Dibéré Militie" ku Ngédé (No. 9, 28 Pébruari 1920),  "Nasehat pikeun propagandis PEB" ku S. Goenawan (No. 20-21, 5-12 Juni 1920), "Pangadjak" ku Kijker Wasiat (Koeningan) jeung "Piwoelang" ku Sastra Atmadja (No. 24, 11 Juli 1920), jeung "Sair Pitoetoer" ku Sastra Atmadja (No. 28, 6 Séptémber 1920).

Kitu deui dina Sora Merdika ogé kawilang réa. Dina nomer 14, 9 Agustus 1920, aya sair “Paménta noe Teroes Terang” karya H.S., “Tasikmalaja” ku Basta (No. 16, 11 Agustus 1920), “Drukkerij Sora Merdika” (No. 17, 12 Agustus 1920), “P.E.B” ku O. Ding W (No. 23, 21 Agustus 1920), “Sair Sisinglar” karya T.S. (No. 30, 4 Séptémber 1920), jeung “Saha éta téh Noen...?” (No. 34, 9 Séptémber 1920 jeung No. 35, 11 Séptémber 1920).

Ari tina Poesaka Soenda mah ngan aya sajudul nu dimuatna téh, sok sanajan dimuat sambung jadi dua nomer, nyaéta dina nomer 23 (Séptémber 1922) jeung 6 (Désémber 1922). Judulna “Sair Soenda” beunang ngumpulkeun R. Hassan Soema di Pradja. Dina Sekar Roekoen ogé ngan kapanggih sajudul, nyaéta “Congrés di Bandoeng” karya Moh. S. (No 1, Désémber 1922).

Ayeuna urang ilikan sausap-saulas boh wangunna boh eusina. Dina karangan “Para Nonoman Pasoendan” karya Soera Poetra aya salapan pada, dina unggal padana aya opat padalisan. Ngan unggal padalisanna béda-béda jumlah engangna, henteu mola dalapan engang. Geura dina pada kahiji kabaca kieu: “Éh! Para nonoman Pasoendan//Anom sotéh manahna//lain nonoman badan//tapi bener kahoyongna”. Mun diitung mah unggal padalisanna aya 9-8-7-8 engang. Tuluy dina pada kadua kieu: “Ngamadjoekeun Pasoendan//Pasoendan sing hiroep hoerip//Njawana kalawan badan//Moelja, sakoemaha noe kaintip”. Engangna séwang-séwang aya 7-9-8-10.

Alhasil, lebah jumlah engang mah rada nyalahan tina wengkuan nu disebut sair. Atawa ku lantaran duméh disebut “poezie” ku nganggitna, naha ieu téh bisa dianggap sajak bébas waé dina basa Sunda. Lamun dianggap kitu, meureun sajak bébas dina basa Sunda téh geus aya ti awal abad ka-20, lain ti taun 1950-an anu salila ieu dipiyakin ku saréréa. Sok sanajan, ari dina purwakanti tungtungna aya polaan. Mun dibéréndélkeun mah kieu polana téh: a-a-a-a, a-b-a-b, a-a-a-a, a-b-a-b, a-a-a-a, a-a-a-a, a-a-a-a, a-a-a-a, jeung a-b-a-b.

Demi eusina mah ajakan sangkan para nonoman Sunda mimiti daék maké katut ngurus basana sorangan (“Basa oerang geus waktoena//paké, oeroes sing sampoerna”) da sasatna éta nu disebut nyawa Sunda téh. Da disebutna ogé, “Euweuh éta Pasoendan taja”. Salian ti éta, kudu daék nyalin jeung ngarang dina basa Sunda, samalah ka dituna kudu dicitak dijieun buku.

Satuluyna “Wasiat Adjengan” beunang ngumpulkeun Soerawidjaja. Di dinya mah henteu méncog tina wengkuan sair. Tina 12 pada, unggal padana aya opat padalisan, bari dina unggal padalisanna aya dalapan engang, polana bisa kasebut a-a-a-a kabéh. Geura urang cutat dua pada tina pada kahiji jeung pamungkas. Pada kahijina kieu: “Kolot, boedak, randa, landjang//Teu njaah koe dénok lendjang//maot baé hanteu pandjang//. Ari pada pamungkasna, “Geuning loba pisan tjonto//anoe maot ti baréto//bangsa djalma, bangsa sato//Moegi sing djadi tjonto”.

Nu hiji nu dijudulan “Sair” sanggeus dibaca mah mangrupa sawér. Jadi, ieu meureun nu disebut ku Yetty Kusmiaty Hadish, spk. (1986) yén sawér téh bisa diwangun ku puisi terikat mangrupa sair. Ngan palebah jumlah engang dina padalisanna aya nu béda, najan unggal padana mah sarua opat séwang. Pola purwakantina mah rata-rata sarua. Geura contona urang nyokot tina pada kahiji jeung kadua: “Dangoekeun koe batoer-batoer//répéh oelah loba tjarita//ieu dék matja pitoetoer//meunang mikir ngatoer-ngatoer” jeung “Abdi njoehoenkeun panaksén//ka noe linggih noe karosén//rék njawér-njawér sén//ka baroedak rék meresén”. Mun dina pada kahiji aya 8-9-8-8 engang jeung polana a-a-a-a, dina pada kadua mah 8-8-6-8 engangna katut a-a--aa pola purwakantina.

Keur sorangan sasoranganeun mah, hiji sair nu bisa dianggap ogé sajak bébas jeung dua sair dina Papaés Nonoman téh mangrupa tanda tina nguniangna deui rasa kasundaan ti antara para nonoman Sunda, anu digantaran ku mimiti ngalemahna tradisi citak dina galeuh-galihna nonoman Sunda. Da apan, sakumaha cék para ahli, mun urang geus keuna ku peurah pangaruh ajén-inajén tradisi citak bakal dipastikeun lumangsungna vérnakularisasi atawa pribumisasi basa pribumi nu engkéna bakal ngajurung kana ayana nasionalismeu, atawa dina kontéks tilu karya di luhur mah mangrupa étnonasionalismeu nonoman Sunda. Da geuning dina karya kahiji, Soera Poetra ngajak nonoman Sunda sangkan daraék maké basa Sunda. Atuh dina karya kadua jeung katilu mah bisa dibaca minangka tanda ngahudangkeun deui jiwa atawa sumanget kasundaan, ngaliwatan néangan katut ngamuat ulang karya-karya Sunda nu saméméhna bacacaran.

 

Kaom Bergerak, Kritik, jeung Sair

Palebah karya-karya sair nu dimuat dina Padjadjaran (1919-1920) jeung Sora Merdika (1920), kudu diiwalkeun pedaranana. Naon sababna pangna kitu? Alatanana mah patali jeung ngaran Moehamad Sanoesi anu ngokolakeunana katut Sarikat Islam minangka organisasi nu kungsi diiluanana. Komo deui mun dipatalikeun jeung sub judul masing-masing éta kalawarta mah, sidik pisan nenggangna téh. Geura Padjadjaran téh “Soerat kabar minggoean noe eusina hal politiek djeung ékonomi”, ari Sora Merdika mah “Kaperloean ‘Tanah Hindija’ djeung ‘priboemina’”.

Alhasil, munasabah pisan lamun Padjadjaran jeung Sora Merdika dipatalikeun jeung naon nu ku Takashi Shiraishi disebut “Zaman Bergerak” nu ngawengku antara taun 1912 nepi ka 1926. Nu matak sangkan boga gambaran, urang ilikan heula saliwat, naon nu disebut “Zaman Bergerak” cék Takashi. Dina bukuna Zaman Bergerak: Radikalisme Rakyat di Jawa, 1912-1926 (1997), Takashi medar ngeunaan mucunghulna gerakan rayat pribumi Hindia Walanda dina parapat kahiji abad ka-20, nu dicukangan ku surat kabar, ayana organisasi modéren jeung partéy politik, rapat umum, ngadegna sarikat buruh, baruntak jeung mogok, karya sastra, katut lalaguan. Nya dina mangsa ieu pisan urang pribumi meleték kasadarna minangka subjék. Dina mangsa ieu deuih nu jadi sungapan pikeun lahirna politik Indonésia modéren téh. Samalah jadi cikal bakal lahirna nasionalismeu Indonésia, Islamismeu, katut komunismeu.

Keur tahap-tahapna, Takashi ngabagi jadi tilu, nyaéta mangsa-mangsa awal ngabentukna (1912-1917), jaman mogok (1918-1920), asup kana jaman pergerakan, tuluy dipungkas ku ngabahas ngeunaan babaruntakan kaom komunis dina ahir taun 1926 jeung awal 1927 nu kaasup gagal. Lebah dieu, Sanoesi bisa ditempatkeun minangka nu ngokolakeun surat kabar, milu jeung aktif organisasi modéren Sarikat Islam, malah ka dituna condong kana gerakan komunismeu.

Geura urang pedar saeutik tina Ensiklopedi Sunda (2000: 575-576) jeung bahan séjénna, keur biodatana mah. Moehamad Sanoesi (1889-1967) sanggeus tamat diajar di sakola guru (HIK, Kweekschool) Bandung, kungsi ngajar, ngan batinna leuwih katarik kana jurnalistik jeung dunya pergerakan. Nu matak manéhna aktif jadi anggota jeung pangurus Sarikat Islam cabang Bandung.

Dina taun 1919, sajeroning ngaredakturan Padjadjaran, Sanoesi beunang ku delik lantaran medalkeun karyana Garoet Gendjlong nepi ka ditahanna. Dina kongrés Sarikat Islam di Semarang 1921, Sanoesi kaasup nu biluk kana golongan “beureum”. Antara taun 1923-1926, Sanoesi medalkeun Soerapati jeung Titir. Antara taun 1926 nepi ka 1931, Sanoesi milu dibuang ka Digul, lantaran dianggap kalibet kana babaturantakanana kaom komunis nu gagal taun 1926.

Mareng jeung Padjadjaran, Sanoesi jadi pamingpin redaksi Sora Merdika. Ari nu jadi anggota déwan redaksina nyaéta H. Agoes Salim, Abdoel Moeis, Alimin, Mas Marco, S. Goenawan, jeung Sardjono. Kabéh ogé, kaasup Sanoesi, tokoh Sarikat Islam. Samalah lebah sair Mas Marco kaasup nu pangnenggangna, sabab ku lantaran sababaraha karyana, manéhna kungsi unggah baléwatangan.

Dina buku Takashi (1997) ditétélakeun basa dibui di Weltevreden, Batavia, taun 1917, Mas Marco nulis sair nu dijudulan “Sama Rata Sama Rasa” katut nolak ayana milisi Bumiputra katut Indie Weerbaar, sakaligus nungtut status nu sarua antara pribumi jeung urang Eropah. Sakaluarna ti hotél prodéo, Marco nulis sair "Tabéat Apakah?" Duanana, boh “Sama Rata Sama Rasa” boh “Tabéat Apakah?” dihijikeun dina buku Sair Rempah-rempah (Semarang: Druk N.V Sinar Djawa, 1918). Atuh dina April 1920, Marco ditungtut deui lantaran medalkeun “Sjairnja Sentot” jeung artikel “Regent Bergerak”.

Ku kituna, bisa jadi karya-karya Mas Marco téh jadi role model pikeun sair-sair nu dipidangkeun dina Padjadjaran jeung Sora Merdika. Mana komo mun ngingetkeun antara Marco jeung Sanoesi téh apan saorganisasi ka dituna malah jadi saidéologi, lantaran duanana jadi leuwih condong ka kédé, ka komunismeu. Nu matak, umumna sair-sair nu dimuat boh dina Padjadjaran boh dina Sora Merdika, eusina téh kritik atawa protés kana kajadian katut tindakan pamaréntah kolonial, para pajabatna, kaom kapitalis anu matak mawa sangsara ka masarakat pribumi.

Ngan méméh ngabahas eusina, urang ilikan heula ugeran pada, padalisan, katut purwakantina. Sair “Naséhat” luyu jeung ugeran sair, unggal pada aya opat padalisan bari saban padalisanna ngandung dalapan engang, jeung pola purwakantina a-a-a-a. Demi eusina normatif baé, mépélingan sangkan—boh mun jadi pamajikan boh mun jadi salaki—kudu hadé laku. Dina "Pamaréntah djeung Rahajatna", Mh. Sn ngabagi sairna jadi tilu bagian, nyaéta “pamaréntah”, “rahajat”, jeung “panoengtoen”. Unggal bagian dieusi ku naséhat ka masing-masing pihak nu disabit.




Cara ka pamaréntah, dina dua pada awalna kieu, “Héj pamaréntah sing watir//ka rahajat bangsa fakir//andjeun geura balik pikir//Engké djadi hoeroe-hara//riboet roesoeh di nagara//rajat djadi gelap mata//lantaran hiroep sangsara”. Palebah ugeran sairna, meneran. Ari ka rahayat ngageuing, cenah gé, “Héj rahajat sing tjaringtjing//oelah rék beunang kapaling//babatoeran geura geuing//soepaja pada aréling//Oerang djalma teu merdika//koe sakabéh geus karasa//jén hiroep oerang sangsara//dihina koe sédjén bangsa”. Dina éta dua pada awal kagambar kasadar yén bangsa pribumi téh masih dijajah ku bangsa deungeun, jadi can merdéka, jadi angger sangsara kénéh. Sarua deuih nu ieu ogé ninggang di sair cék ugeranana. Nu bagian “panoengtoen” sigana maksudna mah pikeun pihak nu bisa nungtun rayat enggoning ngayonan kaayaanan nu keur dijajah téa (baca: kaom pergerakan). Nu matak antarana kapanggih pada kieu: “Héj mitra-mitra panoengtoen//salamet anoe ditoengtoen//singkirkeun sakabéh ratjoen//noe hiroep mangtaoen-taoen//Oelah didagoan deui//oerang oelah sabar deui//sabab geus liwat ti misti//matak baé gering ati”.

Nu “geus liwat ti misti” téh upamana nu digambarkeun ku Mandor Kontrak dina “Totok contra Cromo”. Dina éta sair siga nu dipasing jadi dua bagian. Bagian kahiji ngawakilan kromo, ku ungkara kieu: “Kabita koe oerang Djawa//komo noe djadi journalist//mo aja anoe mikangewa//kadjaba ti kapitalist//Pék noelis di soerat kabar//noeliskeun noe henteu ngarti//bohongna teroes disebar//ngabobodo kromo pasti//Si kromo teroes pertjaja//journalist troes nganiaja//si kromo djadi bahaja//sab pertjaja ka boehaja”. Dina éta tilu pada, pangarangna nganggap yén enya ogé jurnalis atawa wartawan dipikangéwa ku kaom kapitalis, tapi sok ngabobodo kaom kromo alias cacah kuricakan, nepi ka bisa mawa cilaka.

Bagian kadua eusina “Djawab Totok” nu bisa dihartian minangka kaom kapitalis Walanda atawa Eropah. Geura dina pada kahiji ditulis kieu: “Si Totok djalma belengong//toelag tolog arék njolong//noe boga Hindija bengong//Barangna béak ditjolong”. Di dinya bangsa kaom kapitalis totok téh dianggap tukang malingan kakayaan bumi Hindia. Ku kituna, si pangarang cenah hayang jadi urang Walanda: “Estoe koering mah kabita//sok hajang djadi Walanda//kadjeun lampah tjara boeta//djangji salawasna béda”. Komo deui cenah juragan kebon nu sok ngoloan para pagawé awéwé, nepi ka remen kajadian paksa pirusa. Nu nganggit sair kalawan kasar ngagambarkeunana kieu: “Biasana di kebon téh//mindeng pisan kadjadian//awéwé noe keur metik téh//koe si Totok di ... an”. Tangtu baé éta titik-titik téh diancokeun pikeun nyamunikeun kecap sapatemon kalawan cara paksa, alias ku jalan ngagadabah.

Ku dua conto éta ogé kagambar kumaha kerasna protés atawa kritik nu dikandung dina Padjadjaran. Satuluyna ari dina Sora Merdika sarua? Sihoréng sarua baé peureusna kritik-kritik nu diasongkeunana téh. Dina “Paménta noe teroes terang”, H.S. ngabagi dua sairna jadi “Hindija” djeung “Pamaréntah”. Dina “Hindija” antarana kabaca “Hindija deudeuh katjida//kadoehoeng loba RAKSASA//Hindija geus henteu soeka//dipihoekoem SÉDJÉN BANGSA”. Ku maca éta mah apan sidik pisan Hindia kudu bébas ti Walanda, 25 taun saméméh Indonésia merdéka geus diomongkeun kitu. Asa teu kabayang mun aya urang Walanda harita maca kana éta sair. Kitu deui dina bagain “pamaréntah” ogé écés hayang merdékana téh. Cenah gé, “pamaréntah roejang-rejing//moelagkeunana Hindija//pamarentah masing éling//poelangkeun ka anoe boga”.


Dina “Sair Sisinglar” mah nu diserangna téh Politiek Economische Bond (Sarikat Politik Ekonomi, PEB) nu diadegkeun ku A.J.N. Engelenberg jeung diwaragadan ku para pangusaha gula, pikeun ngépéskeun pergerakan rayat. Geura cenah gé, “Méh di saban-saban désa//boa mo aja noe njésa//rék diserang bahja wisa//gagantina influénza//nja éta PEB téja//anoe tjerdik seueur béja//néjangan daja oepaja//nimboelkeun sadaja-sadaja.”

Sigana cukup sakitu keur dadaran conto-conto tina Padjadjaran jeung Sora Merdika téh. Salian ti kritik-kritik nu peureus nu ditepikeun ka pamaréntah kolonial katut kaom kapitalis, nu témbong leuwih penting deui tina éta dua média Sunda téh nya arahna atawa sasaranana. Da lain deui soal muguhkeun idéntitas Sunda cara nu keur dipigandrung ku para nonoman nu ngagabung dina Vereeniging (Paguyuban) Pasoendan dina taun wewelasan, tapi soal merdéka tina genggeman kolonialismeu sakaligus tina pangjiret kaom kapitalis. Jadi, Padjadjaran jeung Sora Merdika mah najan ditulis dina basa Sunda ogé enas-enasna mah disumangetan pisan ku nasionalismeu Hindia nu merdéka, lain Sunda nu geus manggihan jatidirina.

Ngan nu matak hélok mah, sair-sair nu midang dina kalawarta Sunda dina awal abad ka-20 téh remen dihijikeun jeung wangun puisi Sunda nu geus aya méméhna, nyaéta guguritan atawa dangding. Bisa jadi éta téh ngandung harti yén sair minangka wangun puisi nu meujeuhna populér dina kandaga sastra Malayu (saperti nu ditétélakeun ku C.W. Watson di luhur), diturun ku para pangarang nu narulis dina basa Sunda sangkan jadi daya pamikat ka nu maracana. Ngan para pangarang Sunda ogé engeuh deuih, wangun guguritan ogé sarua populérna dina kandaga sastra atawa literasi Sunda, nepi ka nimbulkeun situasi ka ditu kumaha ka dieu kumaha. Nu antukna éta dua wangun téa diparaké pikeun nepikeun gagasan-gagasan modéren sakumaha nu geus dipedar di luhur.

***

 



ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925 - 1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar