Baju - Sajak-Sajak Muhamad Faisal

Ilustrasi: "Head of A Baby" kénging Jacques-Louis David (1748-1825)


BAJU


Anaking,


Mangtaun-taun dibaju urang kudu apal 

Héséna ngabuskeun kantéh kana jarum

Laju ngaput sangkan jadi lawon paranti

Harudum. Sabab bebeneran mangrupa

Papakéan nu salawasna disarungsum 


Saupama kasalahan anjeun mirupa

Seuseuhan di kamar mandi

Baham bapa keran nu malidkeun

Kokotor liwat kocoran cai


Saupama kasalahan anjeun mirupa

Popoéan nu kakara dijaitan

Dampal bapa istrikaan nu satia

Ngusapan sangkan baju rapih ditilepan


2020





JAGA


Anaking,


Bapa teu jangji ngajak anjeun mapay galengan

tuluy reureuh handapeun tatangkalan

tapi urang bisa nikreuh di pipir jalan baseuh

bari léngkah dicaangan ku béntang tihangan


Urang bakal susah ngimpleng pagunungan

disimbut halimun katut gupay dangdaunan

tapi urang bisa ningali gedong dibaju lampu

jeung harepan nu ngahiap tina papan iklan


Isuk jaga aya dina ranggeuman anjeun

Naha rék melak tangkal kahirupan

Atawa ngécagkeun tihang listrik 

nu ngamalirkeun jutaan watt impian


2020





KEUEUNG


Anaking, 


Jaman bapa budak kakeueung téh

Sarupa jidar nu bencar lebah keuneung

Jeung sabuk nu leupas tina beuteung 

Laju bekas kana puhu leungeun


Ayeuna kasieun téh ngan sora peura

Lamun ménta hampura ka anjeun 

Sarta létah nu susah ngéjah kanyaah


2020





SEUNEU


Anaking, 


Jauh ti anjeun

Sono téh jadi seuneu

Ngaléntab lalangit dada

Ngaduruk lulurung jantung


Tapi dina hiji mangsa

Ieu sono bakal cunduk

Dina lampu patromak

Lila-lila saateun minyak


Atawa kana damar

Nu dirungkup kaca

Laun-laun béakeun hawa

Nyaangan nepi rerep nyawa


2021 





ANGIN


Anaking,


Teu salawasna angin nurunkeun

Pepedut ti gunung ka pilemburan

Sakapeung saukur nurunkeun

Hitut ti beuteung ka pamiceunan


Teu salawasna angin ngahiap 

Rénghap kahirupan

Sakapeung saukur nungtun 

Ranjug panganggeusan


2021

 




MUHAMAD FAISAL, lahir di Bogor, 21 Séptémber 1994. Alumni Departemén Pendidikan Bahasa Daérah, UPI Bandung. Salila kuliah kungsi aktif di komunitas sastra Turus Hima Pensatrada UPI. Karya-karyana dimuat dina Manglé, Tribun Jabar, jeung Buruan.co. Ayeuna cepeng gawé di SMAN 1 Cisarua Bogor.

 


Posting Komentar

0 Komentar