Seni Toléat


Grup seni toléat "Émpér Paré Toleatter "(dok. Rita Rahayu)


Anu ngaran toléat, kesenian urang Subang 

anu ngaran toléat, asalna empét-empétan

ari éta toléat, kaulinan budak angon

nu asalna kalangenan, diolah jadi pintonan.


Anu ngaran toléat, hasil karya urang subang

anu ngaran toléat, dijieun tina tamiang

ari éta toléat, liangna aya dalapan

ditiup digulak-gelik, dikemprangan diigelan.


SORA nu ngahaleuang dipirig tatabeuhan katut senggak para nayaga. Sora waditra awi kapireng leuwih dominan. Sawaréhna ngarampayak nuturkeun wirahma. Sakabéhna pada-pada sumanget, gumbira, jeung daria. 

Éta pintonan téh minangka latihan jeung népakeun élmu tur pangaresep ka generasi ngora nu boga karep hayang diajar seni toléat. Perenahna di Sidodadi Blok A No. 76, RT 49 RW 15, Kelurahan Pasirkareumbi, Kecamatan Subang, Kabupatén Subang, panganjrekan grup seni toléat “Émpér Paré Toleatter” pingpinan Siti Komariah jeung Asep Nurbudi. Grup seni nu geus meunang rupa-rupa pangajén, boh ti lembaga pamaréntah boh ti lembaga séjénna, lantaran geus ngilu ngalanakeun seni tradisional, pangpangnana seni toléat.

Seni minangka rékacipta manusa, lahir tur mekar tina pikiran, pola hirup masarakat, jeung lingkungan anu ngadasaranana. Ari pola hirup masarakat téh patali jeung pakasaban jeung lingkungan minangka pangrojongna, pikeun ngébréhkeun idé-idé, ajén, kahayang, jeung rasa.

Seni nu hirup di lingkungan pagunungan tangtu bakal béda jeung nu aya di lingkungan basisir. Kitu ogé nu hirup di sabudeur nebana ku pasawahan, béda jeung anu dilingkung ku pakebonan. Najan seuhseuhanana mah bakal rada saules dina wengkuan masarakat agraris. Salasahiji kréasi seni anu mekar tina karancagé masarakat agraris téh nyaéta toléat.

Nurutkeun katerangan Asép Nurbudi (seniman toléat), ieu waditra téh mimitina dijieun ku tukang angon, ngaranna Parman ti wewengkon Pamanukan (Pantura), Subang. Nepi ka kiwari geus tilu generasi nu ngahirup-huripkeun seni toléat téh.

Awal mulana mah cenah kainspirasian sora empét-émpétan tina jarami (kaulinan barudak mangsana panén) jeung olé-oléan tina palapah gedang. Tuluy baé diciptakeun toléat anu bahan utamana tina awi tamiang.


Wangun Dasar

Toléat téh waditra tiup anu bentukna mah kawas suling. Sorana anu hasil niru tina sora empét-émpétan jeung olé-oléan téa, tuluy baé ku Parman diwujudkeun jadi hiji waditra anu dijieun tina congo awi tamiang, létahna tina kai berenuk, jeung ditalian ku karét minangka pamageuh katut pamaés.

Toléat (dok. Rita Rahayu)

Ukuran toléat téh rupa-rupa. Aya anu boga ukuran 25-30 cm, 30-40 cm, nepi ka aya nu ukuran 30 cm-1 m. Wangun toléat asalna luyu jeung awi. Kadieunakeun tuluy diropéa nepi ka aya anu melengkung nyarupaan saxophone. Pamaés toléat ogé dipapantes maké hoé sarta bahan dasarna aya anu tina awi hideung (bahan calung jeung angklung).

Toléat boga dalapan liang sora, anu ngawengku hiji di bagian handap jeung tujuh di bagian luhur. Sorana ngahasilkeun lima nada poko. Ari nada dasarna mah laras saléndro, hasil adaptasi tina waditra tarompét. Cindekna, toléat téh wangunna siga suling, ari sorana sarimbag kawas tarompét penca.

Ieu waditra téh mimitina mah dipaénkeun ku sorangan, tapi ayeuna mah dirojong ku sababaraha waditra tambahan di antarana kolotok, nyiru, béas, celempung, calung renténg, angklung, buyung, ketug, cérélék, kohkol, kendang, jeung goong. 

Nurutkeun Asép Nurbudi mah cenah tujuanana téh hayang ngaadumaniskeun waditra anu geus nyampak katut pakakas tani séjénna anu bisa ngahasilkeun sora, sangkan leuwih dipikaresep ku masarakat.

Dumasar kana téknik ngagunakeunana, instrumén toléat boga fungsi salaku mélodi atawa galur lagu, kawas suling jeung tarompét. Ari kaistiméwaan toléat téh lamun nada dasar anu dipilihna luhur teuing, éta nada dasar bisa diturunkeun ku cara néangan liang sora nada anu leuwih handap. Unggal liang sora ngahasilkeun nada dasar anu béda-béda.

Anapon lagu wajib anu remen dipidangkeunana mah nyaéta lagu buhun dina wanda ketuk tiluan, nyaéta Kembang Gadung, Sulanjana, Peuyeum Gaplék, Awi Ngarambat, Engko, Siuh, Géboy, jeung lagu Toléat anu ngahaja diciptakeun.

Dina prak-prakan pagelaranana, teu salawasna kudu aya juru kawih, ilaharna leuwih mintonkeun instruménna hungkul. Umumna nayagana aya tujuh urang, nyepeng waditra séwang-séwangan. Sedengkeun nu nyepeng toléat salaku pingpinan pagelaran jeung ngatur wirahma musik. Anu nongtong bisa milu ngarénkénék, aub dina wirahma pirigan.


Ritual jeung Hiburan

Toléat boga ajén-inajén budaya anu luhung, ngagambarkeun kréatifitas jeung tradisi masarakat agraris. Senina terus mekar jadi kasenian pintonan. Anu awalna ukur ditanggap dina kagiatan ritual, kawas ruwatan atawa hajat bumi, kiwari robah jadi seni hiburan anu bisa dipagelarkeun dina acara naon baé.

Nayaga nu nyepeng toléat salaku pingpinan pagelaran jeung ngatur wirahma musik (dok. Rita Rahayu)

Ka dieunakeun, toléat bisa dikréasikeun jeung waditra tradisional séjénna saperti kacapi, kendang, jeung gamelan. Malah bisa dikolaborasikeun jeung waditra modéren kayaning keyboard, waditra orkestra, jeung sora musik anu dihasilkeun ku téknologi komputer. Éta kolaborasi téh kungsi dipintonkeun dina acara Diesnatalis DAMAS taun 1997, Pekan Budaya Lampung taun 1999, Penelitian dan Apresiasi Toléat Kabumi UPI Bandung taun 2001, Promosi Pariwisata Kab. Subang taun 2003, jeung acara séjénna.

Kiwari seniman toléat di Subang anu aktif jeung tuluy nyieun inovasi téh aya tiluan, nyaéta Parman, Amar, jeung Asep Nurbudi. Ieu tilu seniman téh teu weléh umajak ka saha baé anu hayang diajar toléat. 

“Seniman toléat teu weléh umajak jeung ngahiap ka generasi ngora anu hoyong diajar. Koncina mah asal suhud jeung soson-soson. Ieu téh minangka salasahiji tarékah pikeun pikeun ngalanakeun seni toléat,” ceuk Asép Nurbudi.

Asép Nurbudi gé boga harepan ka pamaréntah sangkan bisa terus ngarojong seni tradisional, utamana seni toléat. Boh moril boh matéril. Copélna bisa mantuan promosi pagelaran seni toléat sangkan leuwih dipikawanoh tur dipikaresep ku masarakat nasional jeung internasional. Leuwih hususna, seni toléat bisa jadi salasahiji idéntitas seni bogana urang Subang. Sakumaha harepan nu kaunggel dina rumpaka lagu Toléat:

Toléat-toléat, kesenian urang Subang

toléat-toléat, nu bogana urang Subang

toléat-toléat, panggihna ti Pamanukan

mun toléat gegelikan, watekna hayang ngigelan.


Toléat-toléat, kesenian urang Subang

toléat-toléat, nu bogana urang Subang

toléat-toléat, panggihna ti Pamanukan

rék diaku rék henteu, toléat mah boga Subang.




ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar jeung Pikiran RakyatSajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor. Ayeuna matuh di Tanjungsari.

Posting Komentar

0 Komentar