Ngalalaran Karya Pangarang 1996-2016 - Cécép Burdansyah

Ilustrasi: "Carafe and Book" kénging Juan Gris (1920)

KUNGSI ditugaskeun ngawawancara Pa Saini KM ngeunaan kamekaran sastra Sunda. Harita awal taun 1990-an, anyaran kénéh jadi wartawan majalah Manglé. Tina pamendak Pa Saini, intina mah kieu: sastra Sunda hésé menyatna lantaran nguyek sabudeureun sumur, dapur, jeung kasur (SDK). Cindekna sastra Sunda, utamana carita pondok jeung novél, kawas nu hésé ingkah tina pasualan karudet rumah tangga, kahéngkér ékonomi, kapeurih ati alatan dinyenyeri jeung bungangangna asmara lantaran kabandang ku nu dipikabogoh.

Soal téma, kamandang Pa Saini henteu salah. Lantaran faktana mémang kitu. Ngan naha enya moal menyat? Tah ieu mah bisa jadi bahan diskusi panjang, anu bisa jadi moal tutug sapoé jeput.

Sababaraha hal anu ngalantarankeun sastra Sunda ngulibek dina soal SDK di antarana kieu. Carita pondok anu dominan dimuat dina majalah Manglé harita, karéréaanana museur dina sual dapur, sumur jeung kasur. Pangna apal téh lantaran kungsi mantuan almarhum Bah Duduh Durahman jadi asistén anjeunna, tugasna purah milihan carpon anu rék dimuat saban minggu dina majalah Manglé. Méh saban minggu guntreng jeung Bah Duduh, carpon téh hésé néangan nu alus. Tapi anjeuna wijaksana. “Diperih kudu ngamuat nu alus saban minggu mah hésé atuh Cép. Asal layak muat wé,” saurna.

Cariosan Bah Duduh beuki karasa ti saprak anjeunna mercayakeun sagemblengna urusan carpon. Bah Duduh masihan widi keur ngabongkar lomari beusi. Dina lomari metet ku naskah karangan carpon anu tos diparios ku Bah Duduh. “Nya ari daék mah ngabongkar lomari anu sakitu pinuhna, jeung kira-kira mémang layak muat, pék waé, Akang mah kumaha Cécép wé,” saurna.

Kasauran Bah Duduh tétéla teu nyolédat. Lir ngabobok gunung keur néangan batu ali cincin emas. Tina salomari metet ku naskah, ukur manggih hiji anu alus. Poho deui saha ngaranna. Tina ngaranna mah wanoja, nu inget téh urang Sumedang. Ieu pangarang nepi ka ayeuna teu kungsi kapapay raratanana di mana dumukna jeung naon kasabna. Lebeng teu kungsi kapanggih deui tulisanana.

Harita mah mémang carpon anu remen midang dina Manglé téh kayaning karya Aam Amilia, Holisoh MÉ, Sukaésih Sastrini, Téty Suharti, Ahira Déwi (sandiasma Téty Suharti) jeung pangarang wanoja séjénna, ditéma ku karya-karya Ahmad Bakri, Ahmad Aman, Dana Irnasik, Akub Sumarna jeung réa-réa deui. Dina perkara dapur, sumur, jeung kasur, henteu dikuah ku pangarang wanoja waé, dalah pangarang lalaki gé teu saeutik, kaasup kuring lantaran réa maca carpon dina Manglé nu antukna nya kapangaruhan.

Ku lantaran saban minggu kudu ngamuat sakurang-kurangna opat carpon, malah aya kalana leuwih mun pareng dina édisi Kandaga Carpon, antukna kuring gé nuturkeun naséhat Bah Duduh, ulah idéal hayang nu alus ari euweuh mah, nya wayahna wé saaya-aya, asal layak muat. Naha mun carpon euweuh nu alus Manglé kudu terbit tanpa ngamuat carpon? Apan ciri has Manglé sasat dina carpon. Kasauran Bah Duduh mémang leres pisan. Ngan mémang aya ogé unsur seléra. Bah Duduh kalebet anu ngamuhit seléra konvénsional. Ka nu rada anéh sok nyebat “cetaan”. Istilah ieu geus populér sabab remen muncul dina ulasan-ulasan kritikna katut dina obrolan.

Jadi, teu anéh mun carpon anu midang éta-éta kénéh. Téma teu ngéser, tapi dianggap tapis lebah cacarita. Éta onjoyna pangarang nu geus jadi téh. Ngolah téma teu jauh ti dirina, tapi lancar lebah téhnik nyaritakeunana. Jadi, ulah miharep aya ungkara anyar jeung téma anu nyingkah tina pasualan dapur, sumur jeung kasur. Bisa jadi ti dieu huluwotanna pamendak Pa Sani téh. Henteu salah-salah teuing, lantaran sakadar diwawancara ku wartawan. Atuh cara nyawangna lir nyawang tatangkalan tina kapal udara, alias métode déduktif.

Lebah anjeunna jadi juri mah, saperti juri keur hadiah LBSS, Pa Saini, kitu deui juri séjénna kayaning Wahyu Wibisana, cara nyawangna turun ka leuweung nyuay-nyuaykeun tatangkalan. Diperih mukaan tur maca kalayan imeut hiji-hiji carita pondok nu dimuat. Ku métode induktif kitu, sanajan teu loba, patinggoréhél carpon-carpon anu wandana béda, malah aya nu nyongcolang. Jadi, saenyana, dina riabna carpon anu téma sumur, dapur, jeung kasur, aya waé nu béda tur nyongcolang, boh dina ungkara boh dina téma. Matak teu anéh mun Abdullah Mustappa, Usép Romli, Tini Kartini, Aam Amilia, Godi Suwarna, Yoséph Iskandar, Taufik Faturohman, Asép Ijudin, Budi Rahayu Tamsyah, Nita Widyati Éfsa, Hadi AKS, Darpan, Imas Rohilah kaasup para pangarang anu nenggang di masing-masing générasina. Tapi popularitas para pangarang nu ditataan bieu téh di mata pembaca mah éléh ku Aam Amilia, pangarang anu ngindung kana gaya Muh. Rustandi Kartakusumah.

Salila mantuan Bah Duduh, aya usaha séjén sangkan carpon henteu riab teuing ku téma-téma anu museur kana sumur, dapur jeung sumur. Sanajan bisa jadi ieu ukur tafsiran kuring wungkul, tapi kawasna ieu téh usaha Bah Duduh. Anjeunna nyerat carpon-carpon kriminal sareng détéktif kalayan ngaran sandiasma. Atuh aya ogé carpon nu témana teu jauh ti olah raga badminton. Buku carita kriminalna tuluy medal, judulna “Ajalna Sang Béntang Pilem”.

Ari kuring lantaran harita ngora kénéh, remen lar sup ka komunitas-komunitas sastra, pangpangna nu aya di IKIP (ayeuna jadi UPI), sangkan ti lingkungan IKIP anu biasa nulis dina basa Indonesia daraék nulis dina basa Sunda. Harita kagiatan sastra di IKIP keur ngageder. Nya di antarana muncul Wan Anwar, Ahid Hidayat, jeung Ériyandi Budiman anu geus biasa nulis dina basa Indonesia bari boga duriat kana sastra Sunda. Carpon “Surat Wasiat” karangan Wan Anwar sanajan teu ngaburinyay tina bentuk ungkara, tapi témana kaasup nenggang alam harita mah. Urusan korupsi proyék dina jaman suasana politik Orde Baru mah teu ilahar dicaritakeun siga jaman ayeuna. Salian ti mangaruhan sababaraha urang pangarang sangkan nulis carpon Sunda, tétéla aya pangarang ngora anu ngirimkeun tulisan, di antarana waé Toni Lesmana. Salah sahiji carponna ngagambarkeun anu nakolan tihang listrik, éstu matak ketir jeung geueuman. Ieu carpon kaasup anu nenggang boh téma boh ungkara. Salian ti Toni, aya Nunu Nazarudin Azhar anu gayana kaasup nalaktak deuih.

Sajaba ti kritik ti Pa Saini, Kang Usép Romli kungsi ngritik kacida peureusna. Anjeuna sasauran, para pangarang ngora kudu eureun heula nulis salila sataun mah, kudu loba maca. Pangna kitu téh lantaran ajén karya, pangpangna carpon, goréng kacida. Siga Pa Saini, Kang Usép gé henteu nujul ka sasaha. Prah waé umum. Ngan sasaran anjeuna mah pangarang ngora jeung nu alanyar datang.

Laju jeung mesatna waktu, para pangarang terus renung. Sanajan honor karangan teu matak ngagendutan awak, malah dibeulikeun buku gé sigana tekor kénéh, pirang-pirang pangarang terus renung. Para pangarang anu alanyar datang téh bareng makalangan jeung pangarang senior. Ti antara pangarang senior nu masih makalangan tur produktif harita, di antarana waé nyaéta Aam Amilia, Usép Romli, Étti RS, Téty S Nataprawira, Ano Karsana, Darpan, Hadi AKS, Budi Rahayu Tamsyah, Dadan Sutisna, Risnawati, Chyé Rétty Isnéndés, Dian Héndrayana, Ahmad Aman, jeung Holisoh MÉ.

Di antara pangarang nu maruncul ka tompérnakeun di antarana waé Yus R Ismail, Ai Koraliati, Déni Ahmad Fajar, Hérmawan Aksan, Dhipa Galuh Purba, Nanang Supriatna, Sarabunis Mubarok, Éris Risnandar, Fitria Fuji Lestari, II Hérwati, Didin Suhaédin, Didi Mashudi, Agus Bebeng, Yéni Suryani, W. Barata, Agus Hérayana, Aa Wahyu, Anggie Sri Mulyati, Nining Yuningsih, Ali Ramadhan, Firda Aulia, Yusran Arifin, Tantan Hérmansyah, Agus Suhara, Syarifah Banuwati, Lugiena Dé, Ari Andriansyah, Dian Sandi, Héna Sumarni, Tiktik Rusyani, Dian Wulan jeung nu séjénna. Nu alanyar datang téh wajib dihiap ku kadeudeuh bari digetrik karyana. Malahan di antara karya-karya ti nu alanyar datang wani ngadu jeung karya-karya ti para pangarang senior, kaasup jeung karya Usep Romli anu kungsi nitah areureun heula ngarang.

Para pangarang nu alanyar datang méré kelir warna-warni, boh ungkara boh téma. Mun balik deui kana pamendak Pa Saini jeung Kang Usép naha bakal menyat atawa moal, mudah-mudahan waé sastra Sunda bisa menyat tina saguliwek téma DSK. Tapi aya saratna sangkan sastra Sunda bisa menyat téh, nyaéta kudu diciptakeun suasana anu kompetitip tapi angger kondusip.

Kompetitip: karya sastra kudu diaping ku karya kritik anu séhat ti para pangarang anu kompetén, boh kasang tukang atikanana boh inténsitas neuleuman karya-karyana. Lembaga-lembaga samodél Lembaga Basa jeung Sastra Sunda (LBSS) jeung Paguyuban Pasundan anu boga tradisi méré hadiah sastra ka pangarang kudu mayeng. Ngan hanjakal pisan éta dua lembaga téh ayeuna mah bangun anu lumpuh perhatianana kana sastra Sunda.

Kondusip: kudu mayeng aya diskusi keur silih simbeuhan. Ku cara mayeng diskusi, tradisi madungdengkeun karya katut pasualan-pasualan anu keur aktual, bakal ngabeungharan jeung ngalegaan wawasan pangarang. Média massa anu ngamuat karya sastra Sunda méré honor anu pantes jeung pajamanan. Rédaktur carpon jeung sajak boga kompeténsi anu kuat sangkan aya wibawa. Salian ti éta, rédaktur méré lolongkrang anu lega ka para pangarang, ulah dumasar kana seléra jeung like and dislike ka pangarangna. Rék wandana konvénsional, rék éksperiméntal, kudu meunang tempat anu sarua. Para pangarang kudu tanggoh dina prosés, ulah gurunggusuh hayang dimuat atawa medalkeun buku, ulah resep dipuji, ulah anti kritik jeung pundungan, jeung ulah boga ambisi nyiptakeun aliran nu hayang dipianut ku pangarang séjén. Luyu jeung alam démokrasi, sakabéh kelir sastra Sunda kudu diraéh, boh ku média boh ku juri.

Ku cara kitu, insya Allah sastra Sunda bakal menyat, bedas jagjag waringkas. Tapi lamun anu ditataan bieu henteu kacumponan, bisa jadi kasauran Pa Saini yén sastra Sunda moal menyat deui baris jadi kanyataan. Sastra Sunda bakal siga jalma anu ririwit, gering nangtung ngalanglayung. Palias! ***



CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna, Anak Jadah, medal taun 2002. Ayeuna jadi jurnalis di Tribun Network.

Posting Komentar

1 Komentar

  1. Komentar ini telah dihapus oleh administrator blog.

    BalasHapus