Pangantén - Sajak-Sajak Prayoga Adiwisastra

Ilustrasi: "Animal Fate" kénging Franz Marc (1913)


PANGANTÉN 

Manéhna ngasah balati

di satukangeun kaméja. 

Kaangseu seungit malati,

getih lamokot dina mata.


Tengahing hangit mayit

di sapanjang jalan,

kaambung seungit samoja

nyambuang dina granat pikiran. 


Lawon bodas ngalangkang. 

Boéh rébuan bugang.





PANDEMI


Urang lir saabringan domba

nu diincer sakadang singa.


2020





BALON

: Syria


Dua balon dina ranggeuman

jadi hiji-hijina harepan, 

sanajan témbok geus burakrakan.


Di antara ruruntuk sakola,

manéhna ngoréhan barjanji

jeung kitab imrithi.


Di dieu, taya deui nu nyésa.

Kaadilan sakadar mortir

nu ngincer dada kami.


Batu, kawat waja,

jeung gas kimia,

lir leungeun iblis ti naraka.


“Béjakeun, Bashar! Upama 

dua balon ngahiur ka jauhna,

ulah tumanya iraha kami palastra!”


2021





H I R O


Di lawang guha,

hiji lalaki ngalangeu

tengahing hirup nu kliseu.


Tapi di juru guha,

hiji lancah geus lawas

nganti-nganti éta lalaki.


Barang kapireng sapotong kalimah,

sakadang lancah sadrah

tur sujud salawasna.


2021





PRAYOGA ADIWISASTRA lahir di Purwakarta, 18 Januari 1992. Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI Bandung. Salila kuliah kungsi aktif di komunitas sastra Turus jeung ASAS UPI. Nulis pangpangna dina wangun sajak, carpon, jeung éséy, dimuat dina TurusMangléGaluraSunda MidangPikiran RakyatGalamédia, jeung Tribun Jabar. Sapopoéna mancén gawé jadi guru Basa Sunda di SMAN 2 Sukatani, Kab. Purwakarta.

Posting Komentar

0 Komentar