Aktor Stratégis jeung Kaum Pinggiran - Cécép Burdansyah

Ilustrasi: "Rocher du Skevel" kénging Maurice Denis (1893)


LAMUN diskusi soal ngamekarkeun jeung ngamajukeun basa Sunda, geus kateguh patalékan ti peserta pasti ngulibek dina masalah anu geus kliseu. Dua téma anu pasti: romantisisme (mulangkeun panineungan) anu museur kana pangalaman pribadi, jeung soal undak usuk basa Sunda. Ampir suwung pikiran-pikiran anyar, komo anu sakirana bakal jadi solusi keur kamekaran jeung pamajuan basa jeung sastra Sunda mah. Nepi ka sok rajeun boga kasimpulan—anu tangtu waé gagabah—sigana karéréaan urang Sunda mah daya pikirna heureut, ngedul éksplorasi, jeung resep ngawawaas manéh kana pangalaman dirina ka jaman baheula anu sakapeung jauh jeung urusan basa jeung sastra Sunda. Conto leutikna, teu saeutik anu nanyakeun, ari majalah Manglé aya kénéh? Terus aya nu ngusulkeun sangkan nerbitkeun kamus basa Sunda, bari sigana teu apal mun geus lila aya kamus basa Sunda, copélna Kamus Umum LBSS, Kamus Satjadibrata, jeung Kamus Danadibrata.

Éta téh kajadian poé Rebo tanggal 17 Oktober, pukul 15.30—17.30 WIB, basa Pusat Digitalisasi Budaya Sunda Universitas Padjadjaran (Unpad) ngagelar keurseus budaya Sunda jirangan ka-10. Topikna “Kabeungharan Basa Sunda”. Nu jadi panyaturna Prof. Dr. Mikihiro Moriyama. Teu kudu dipedar saha ari Miki da sarjana basa Sunda mah pasti pada apal.

Sanajan judulna datar, topikna kawilang penting, dipatalikeun jeung robahna pajamanan. Kumaha robahna jeung ngésérna ajén inajén kahirupan masarakat ku ayana téknologi dijital, anu sacara global teu bisa disingkahan. Jadi, masarakat mana waé pasti keuna ku parobahan, kaasup masarakat Sunda.

Nu dipedar ku Miki saenyana, utamana hasil panalungtikanana, teu aya nu anyar. Kabéh geus ditulis dina disértasina tur terbit jadi buku, anu judulna Semangat Baru. Tapi keur nu can kungsi maca mah, pasti bakal dianggap barang anyar. 

Tina pedaran Miki, aya nu penting, di antarana waé kumaha tarékah urang Sunda nyorang pikahareupeun bari terus mekarkeun jeung ngamajukeun budaya, basa, katut sastra Sunda. Mun basa Sunda anu ceuk Miki salila ieu kadempét ku basa Jawa jeung basa Malayu, ka hareup mah boa kaasup ku basa deungeun, upamana waé ku basa Koréa anu keur dipigandrung ku generasi milenial jeung generasi Z, jeung ku basa Arab anu mekar tur hirup di Pasantrén. Hartina, stratégina kudu leuwih weweg batan ayeuna jeung taun-taun ka tukang.

Miki nandeskeun, keur kamekaran jeung kamajuan basa Sunda mah, urang teu kudu kasungkeret ku aturan undak usuk basa Sunda, atawa salah larapna kecap, kaasup salah ngalarapkeun vokal é téléng, e pepet, jeung eu. Ieu téh minangka ngawalonan peserta diskusi anu ngarasa seuseut ngagunakeun basa Sunda lantaran kahalangan ku undak usuk.

Kuring satuju kana pamanggih Miki. Tapi éta téh berlaku ngan keur masarakat awam, anu disiplin élmuna lain basa jeung sastra Sunda. Mun manggihan masarakat awam salah ngalarapkeun basa Sunda, boh lisan boh tulisan, anu weruh di élmuna wajib ngageuing jeung méré pituduh ku cara komunikasi anu hadé, ngeunah ka jalma anu digeuingna. 

Ngan mun salah larap basa Sunda téh ninggangna ka jalma anu disiplin élmuna basa jeung sastra Sunda, ceuk kuring mah jadi masalah gedé tur daria. Keun ari budak sakola dasar jeung menengah mah, ma’lumeun kénéh. Tapi ari tingkat sarjana mah, urang kudu nalék, aya naon di paguron luhur, nepi ka sarjana basa jeung sastra Sunda ngojot ngalarapkeun basa Sunda? Tangtu aya nu kudu dibebenah di tingkat paguron luhur.

Sanajan tangtu teu bisa disakompétdaunkeun, dina kanyataan sapopoé mah, aya gejala anu matak pikamelangeun. Teu saeutik sarjana basa Sunda atawa sastra Sunda, boh nulis boh nyarita, ngatog kénéh nyusun kalimah, teu apal ngabédakeun mana kecap anu kuduna make é téléng, e pepet, jeung eu. Leuleutikan bisa kanyahoan tina samarlaya média sosial atawa tina obrolan sapopoé. 


Anomali

Gejala anu matak pikamelangeun, urang nyokot conto tina hadirna Miki minangka sarjana anu keyeng tur tekun nalungtik basa Sunda, jeung saha partner Miki salila nalungtik basa Sunda. 

Ari lebah diajar basa Sunda mah, Miki diajarna ka Iskandarwassid, guru besar basa Sunda ti UPI anu geus katotol dédikasina dina ngamajukeun basa Sunda, utamana ku cara nalungtik, ngajar, jeung nulis karya kréatif. Terus ka Édi S. Ékadjati, guru besar sajarah Unpad anu raket jeung karya sastra. Kungsi deuih ka Nano S., seniman kakoncara anu sanajan kasang tukangna lain ti basa Sunda tapi gedé jasana kana kamekaran basa Sunda ngaliwatan kawih jeung lagu-lagu pop Sunda. Lebah partner panalungtikan, Miki nyebut dua ngaran: Hawé Setiawan jeung Atép Kurnia. 

Kanyataan ieu téh keur kuring mah anu disiplin élmuna lain basa Sunda jadi hiji anomali. Naha sarjana nu nyongcolang, tekun, tur keyeng nalungtik kamekaran basa Sunda bet direbut ku urang Jepang? Naha partner Miki lain ti kalangan anu disiplin élmuna basa jeung sastra Sunda? Hawé Setiawan disiplin élmuna komunikasi jeung desain, ari Atép Kurnia ti jurusan basa Inggris. Terus ka marana panalungtik ti kalangan sarjana basa Sunda anu aya di paguron luhur? Naon waé gawéna? Sanajan dina nada heureuy, basa Ganjar Kurnia nyebutkeun, saha deui nu rék ngamumulé basa Sunda iwal ti urang Jepang, saenyana sindiran peureus anu kuduna dilenyepan ku para dosén basa Sunda ti UPI jeung Unpad. 

Kanyataan séjénna, mun ngeunteung ka mangsa ka tukang, jumlah para pangarang Sunda téh bisa disebutkeun saimbang antara sarjana basa jeung sastra Sunda jeung kalangan non-disiplin basa Sunda. Urang sebut wé, boh pikeun karya kréatif boh karya panalungtikan, ti UPI di antarana aya Yus Rusyana, Iskandarwassid, Karna Yudibrata, Wahyu Wibisana, Dudu Prawiraatmaja, jeung Duduh Durahman. Ngadi ka entragan sahandapeunana aya Tatang Sumarsono, Taufik Faturohman, Budi Rahayu Tamsyah, Hadi AKS, Darpan, Nita Widiati Éfsa, Risnawati, Imas Rohilah, Chyé Rétty Isnéndés, Aditia Gunawan, Lugiena Dé, Ari Andriansyah, Arif Abdillah, Prayoga Adiwisastra, jeung Déri Hudaya.

Rétty, sajaba ti nerbitkeun karya kréatif jeung hasil panalungtikan, ogé jadi ketua Patrem anu gedé sumbanganana lebah ngaranéh jeung ngipuk para pangarang wanoja ti entragan ngora. Kitu deui Darpan, jadi ketua LBSS dina mangsa usum tigerat jeung sasalad.

Ti Unpad aya Édi S. Ékadjati, T. Fatimah Djajasudarma, ngadi ka sahandapeunana aya Hidayat Suryalaga, Étti RS, Téddi Muhtadin, jeung Dian Héndrayana. Mun ayeuna Téddi Muhtadin di Jurusan Sunda Unpad ngipuk jeung ngaheuyeuk komunitas Rawayan anu bagerak dina widang literasi Sunda, kaharti, minangka ihtiar régenerasi keur ngamajukeun basa jeung sastra Sunda. Wallohu ‘alam, naha di UPI aya komunitas anu ngipuk siga kitu atawa teu aya. Ngan nepi ka ayeuna teu kungsi kabandungan. 

Étti RS, sajaba ti nerbitkeun karya kréatif jeung hasil panalungtikan, kungsi jadi ketua PP-SS tur ayeuna aktip di Yayasan Rancagé anu gedé sumbanganana kana ngamajukeun basa jeung sastra Sunda.

Ti saluareun disiplin basa jeung sastra Sunda, di antarana waé aya Ajip Rosidi, Abdullah Mustappa, Aam Amilia, Rahmat M. Sas Karana, Saini KM, Godi Suwarna, Yoséph Iskandar, jeung Tétti Hodijah. Ka sahandapeunana aya Hawé Setiawan, Dadan Sutisna, Mamat Sasmita, Nunu Nazarudin Azhar, Budi Riyanto, Éndah Dinda Jénura, Dédén Abdul Aziz, Toni Lesmana, Atép Kurnia, jeung Arom Hidayat.

Kana peran stratégis Ajip Rosidi geus pada apal kumaha ketak jeung karyana, anu ayeuna tapak lacakna mimiti dituturkeun ku Dadan Sutisna jeung Atép Kurnia. Aam Amilia ti baheula nepi ka ayeuna keyeng tur tekun ngatik saha waé anu boga karep jadi pangarang, anu tuluy dituturkeun ku Téddi Muhtadin. Ayeuna kaasup geus loba pangarang nu jaradi tina hasil ipukanana. Kabéh aktor-aktor anu ditataan di luhur, geus bukti tarékahna enggoning ngamajukeun basa jeung sastra Sunda. 


Dapur Ngebul

Ari dosén basa jeung sastra Sunda anu jumlahna pasti leuwih ti sapuluh urang ti masing-masing paguron luhur, ka marana waé jeung naon waé tarékahna? Pasti ngajawabna: ngabingbing jeung panalungtikan. Atuh bingbingan mah pagawéan anu kaiket ku kawajiban, sedeng panalungtikan éta mah sipatna proyék. Nu matak di perguruan tinggi mah kompetisi marebutkeun proyék penelitian sakapeung teu séhat, da udaganana duit. Lain kajurung ku hayang ngamajukeun basa jeung sastra Sunda.

Kanyataan dosén anu kawas kitu téh sabelas-dua belas jeung kaayaan guru basa Sundana sorangan. Da tina sakitu ratus guru basa Sunda bari pituin lulusan Jurusan Basa Sunda, anu sok narulis karya kréatif jeung éséy mah, nepi ka kaciri pamikiranana jeung tapak lacakna, asana moal leuwih ti sapuluh persén. Umumna guru basa Sunda ana geus jeneng PNS tuluy ngudag karir di birokrasi pendidikan, nepi ka antukna maténi kréatifitasna sorangan. Malah aya kénéh guru basa Sunda anu ngatog teu bisa ngabédakeun é téléng, e pepet, jeung eu. Nu kitu téh biasana guru basa Sunda ti disiplin sarjana basa Sunda, anu ngajarna dapon nyumponan kasab sangkan dapur ngebul. Mun seug hipotésa ieu henteu nogéncang, régenerasi keur ngamajukeun basa, sastra, jeung budaya Sunda éstu pikamelangeun. 

Cindekna, aktor-aktor stratégis keur ngamajukeun basa, sastra jeung budaya Sunda téh jolna ti kalangan dosén basa jeung sastra Sunda, guru basa Sunda ti disiplin élmu basa jeung sastra Sunda, pangarang Sunda, diwewegan ku wartawan média basa Sunda, penyiar basa Sunda di radio atawa televisi, juru da’wah, para dalang wayang golék, juru dongéng, jeung para aktivis téater basa Sunda. Téater Sunda Kiwari kawilang gedé pisan jasana, ku cara mayeng ngadidik aktor-aktris anu réréana barudak ngora, sarta sataun sakali ngagelar Féstival Drama Basa Sunda. Kitu deui Abah Sunarya, Adé Sunarya, Asép Sunandar Sunarya ti padalangan, KH AF. Ghazali ti lingkungan juru da’wah, jeung Rahmat Dipraja katut Wa Képoh ti kalangan juru dongéng. Dina widang seni sora, Darso jeung Doel Sumbang gedé jasana lebah mopulérkeun basa Sunda ngaliwatan lagu-lagu pop Sunda.

Tapi lamun mayoritas kalangan dosén basa jeung sastra Sunda sarta guru-guru basa Sunda pangjurungna ukur nyiar kasab sangkan dapur ngebul, sanajan dina strata sosial kaasup aktor-aktor stratégis, tanwandé bakal kalindih ku aktor-aktor ti kalangan non-disiplin basa jeung sastra Sunda anu enya-enya daria ngamajukeun basa jeung sastra Sunda. Nya ahirna éta para dosén jeung guru basa Sunda téh ukur jadi kaum pinggiran. Naha ieu téh lantaran kurang rasa percaya diri nepi ka teu ludeung nerbitkeun karya kréatif jeung hasil panalungtikanana, atawa mémang heureut mikir jeung miskin kamahéran nulis? 

Ieu tulisan nadana mémang pésimis. Mikihiro gé teu bisa ngajawab langsung kana masalah ieu, iwal ti urang Sunda kudu optimis. Ari ceuk kuring, sanajan pait tur nadana pésimis, angger kudu ditepikeun ka balaréa, keur ngaantisipasi mangsa ka hareup. Dina kanyataanana mangsa jaga basa Sunda tumpur, urang geus apal masalahna sarta kungsi boga tarékah. Hanas ahirna kaéréd ku basa jeung budaya deungeun, teu nanaon, tapi urang kungsi ngalawan. Siga urang ayeuna tetep ngalawan sanajan basa Sunda kadempét ku basa Jawa jeung Malayu.***

 

Bandung, 28 Oktober 2021  

 




CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna, Anak Jadah, medal taun 2002. Ayeuna jadi jurnalis di Tribun Network.

Posting Komentar

0 Komentar