Ménggok - Sajak-Sajak Sri Sussi Ariés Lulupi

Ilustrasi: Gaberndorf II, kénging Lyonel Feininger (1924) 


MÉNGGOK      

lalangsé ngahelob mangsa ménggok

nyingkabkeun lalakon di pakarangan

lebah ledok-ledok leutak

na dagleg-dagleg kekebul

narémbongan


lalangsé ngahelob mangsa ménggok

gerentes haté hideng waléh

jampé paéh

diéjah kénéh


Sukasari, 6 April 2021






NGEUNTEUNG


kalangkang tangtung kalangkang beungeut dina eunteung

najan maya kapan atra

helar taker umur nu tompér; muru rarambu waktu

nu peungkeur nungtutan mungkur

ngagandoy kabetot bangkarak almenak

kulit kisut ngaranjing ingkig nu tangéh ka kesit

silalatu patengah ngagingsir kelir mimiti

helang talatah

nu hideung geus manjing malih putih


2021






GARUNG


inggis nitih wancina

kebon-kebon jadi beton

henteu ngambeu huntu pacul 

anu marintul kalampud tai hiang

doran ngelik jadi papaés bilik

léléwa layar

ngalindih singkil jadi sumingkih

palangsiang datang mangsana 

babaladon léndo teu ngasaan deui tapak singkal

turiang nu renung nungtutan pérang

lebah lemah nu kalah bejad ngewag

sab

pangaji ngabedug teu metu mandé buburuh di dayeuh


2021






UJUNGBERUNG


waktu geus tinemu asma anjeun

ngotrét dina éntép galur dongéng

bobojong wétan Talaga Bandung

tungtung talaga sapeuting

tungtung laku nu ngaberung

anu migandrung ka indung


usum ngotrétkeun deui asma anjeun na sésa cihujan

sésa nu ngaberung di lamping Manglayang

cileuncang leungiteun akar geusan ngeumbing geusan muntang

ti Elos terus ngalolos

ka Palalangon nu rajeg ku saung beton; panglangeuan juragan

sakiceup ngalalar ka Cilalareun

kebat mudun ka Cigending nu ginding ku gedong

taya dangka di Cinangka da sidik rupek gegek ku toko

Ujungberung

Talaga Bandung

talaga cileuncang

dua catetan


Ujungberung, usum ngijih 2020









SRI SUSSI ARIÉS LULUPI, gumelar di Sumedang, 6 April 1972. Dumuk di Kabupatén Sumedang. Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, IKIP Bandung (kiwari UPI), lulus taun 1998. Cekel gawé jadi guru basa Sunda di SMPN 1 Tanjungsari, Kabupatén Sumedang. Pangaresepna kana maca, seni, jeung diajar tulas-tulis. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Sekar Gawir (Rawayan, taun 2020). Aktif jadi anggota Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Bahasa Sunda SMP Kabupatén Sumedang.     

Posting Komentar

1 Komentar