Ilustrasi: Girl Before A Mirror kénging Pablo Picasso (1932) |
WIDI menerkeun diukna. Korsi sasoranganeun téh nyanghareupan eunteung nu ngahiji jeung méja. Tayohna mah mémang kitu disetélkeunana ku nu boga salon. Di sisi kénca katuhu eunteung aya lampu nu dipasangkeun lebah luhur jeung handap. Aya kana opat lampuna. Mun éta lampu dihurungkeun, beungeut nu ngeunteung bakal katingali atra pisan. Kitu deui beungeut Widi. Ngan harita mah Widi ménta dipareuman lampuna.
Lain manéhna wungkul nu geus ngaca dina éta eunteung. Boa geus mangpuluh-puluh jalma kungsi ngalaman diuk dina éta korsi bari mencrong kana eunteung, nelek-nelek beungeutna sorangan. Lain ukur hiji carita nu geus ngalanglang, tapi mangpirang carita nu dibawa ku nu diukna. Carita kabungah, kitu ogé carita katugenah jeung kasedih nu ngarungkupan haténa.
Naha bet kudu aya euteung galedé ari di jero salon? Nya galedé, nya sakulibeng rohangan eunteung wungkul, ceuk Widi dina haténa.
Henteu kungsi lima menit, Oyén geus nyampeurkeun. Méméh indit ka salon, Widi ngajangjian heula rék ka dinya poé ieu. Matak éta pagawé salon téh teu lila nyampeurkeun basa nyahoeun Widi geus datang.
“Iyéy mah nya mani sok araranéh, ka salon jam dalapan isuk-isuk. Éykeu kan hayang sarapan heula jam sakieu mah,” ceuk éta lalaki nu sora jeung paripolahna leuwih siga awéwé.
Widi ukur seuri, teu galécok kawas sasari. Loba nu disidem ku manéhna, teu bisa betus ka sasaha, komo deui ka Oyén.
“Naha tara biasana ka dieu poé Senén? Sepi poé Senén mah, komo isuk-isuk. Mémangna teu gawé, iyéy?”
“Keur haroréam,” témbal Widi pondok. Téténjoanana teu melong deui kana eunteung, eunteup dina pot kembang luhureun méja. Kembang plastik nu alus rupana, tapi ngan ukur plastik, kawas dirina.
“Mani ngeunah nya, bisa haroréam kitu digawé téh,” ngomongna bari ngilik-ngilik beungeut Widi. Nu diajak ngomongna mah angger teu engab.
“Bener nya, Iyéy, beuki dieu téh beuki geulis waé. Ieuh geura éta pipi mani limit kitu. Hiiiyyy, resep éykeu mah ningalina,” Oyén nyoroscos, teu nolih Widi nu jempé waé. Tuluy ngusap pipi Widi bari pok deui, “Berhasil Iyéy tarik benang téh. Untung nya nurut ka éykeu, tingali Si Sélly gé jadi méncrang kitu. Primadona sugan mah. Jaba manéhna mah meunang komisi,” Oyén teu eureun ngomong sanajan Widi teu némbalan sakecap ogé.
Rét Widi ngarérét sajorélat kana eunteung, teu lila luk deui tungkul. Katémbong dina eunteung, Oyén keur nangtung tukangeunana bari ngusap pipina anu cenah mah limit. Kahayangna mah Alam nu kitu peta téh.
Widi ngarénghap jero naker. Rumahuh. Teu hayangeun nempo beungeutna lila-lila dina eunteung, komo nu ngajeblag kawas nu di hareupeunana mah. Mun kongang hayang meupeuskeun éta eunteung, ngarah ulah katempo waé beungeutna.
Karasa piceurikeun nyedek. Biwir panon nu geus beueus gagancangan disusut ku tisu meunang nyokot tina tasna. Teuing nu di tukangeunana nempoeun teuing henteu manéhna keur netelkeun tisu, sangkan nu ngeyembeng teu kaburu bedah.
Pipina nu ceuk Oyén limit téh diusap ku Widi. Pori-porina teu katémbong baradag deui bakat ku lemes. Ampir sarua jeung Sélly, sobatna. Ngan angger geulis kénéh Sélly. Dina pangawakan ogé Widi ngarasa éléh. Manéhna mah henteu jangkung lenjang. Enya ogé henteu pendék, ngan disebut lenjang mah can kungsi, da awakna ngeusi. Beungeutna rada buleud, ngumbang kana awak. Sanajan ceuk nu ngomong mah manis, da angger geulis mah meunang di Sélly.
“Paké perawatan atuh, Wid. Sok cobaan geura tepungan Si Oyén di Salon Permai,” ceuk Sélly basa Widi muji pipina anu lemes.
“Ah, tara perawatan ka salon da, Sél. Paling gé mun rék neukteuk buuk,” témbal Widi bari nyuruput és jeruk, waktu dahar bareng jeung Sélly samulangna ti pagawéan.
“Perawatan jeung permak wajah mah pikeun urang salaku awéwé wajib pisan, Wid. Ulah nepi ka henteu.” Sélly ngadeukeutkeun beungeutna ka Widi. “Malah geus jadi rusiah umum, di urang mah geus loba nu operasi plastik. Memangna Nancy nu rancunit téh basa mimiti asup kumaha beungeutna, kitu? Hih, pegék nyaho teu?” ceuk Sélly deui, ngomongna kitu téh semu ngaharéwos. Terus nyikikik bangun bungah.
Sanajan geus aya dua taunna gawé di éta pausahaan, Widi mah teu pati nyaho kana kasang tukang babaturanana. Komo nepi ka nyaho babaturanana kungsi ngalakonan operasi plastik. Béda jeung Sélly nu geus rék genep taun gawé di dinya, ampir nyaho kana sagala rupana. Malah Sélly mah ampir wanoh jeung unggal pagawé, kawantu sonagar pisan. Matak bisa deukeut gé lantaran manéhanana nu ngawanohan tiheula.
“Komo urang salaku nu nyanghareupan rélasi, kudu pisan ngarawat beungeut téh, bisi éléh ku anak buah deuih. Tah lamun kamu mau dioplas, yu dianteur. Sélly boga babaturan dokter,” ceuk Sélly nuluykeun omonganana.
Widi ngahuleng ngadéngé pangajak babaturanana téh, rada hemar-hemir ogé. Nepi ka danget harita can kungsi kapikir ku manéhna ngeunaan operasi plastik. Aya kana samingguna Widi mikiran pangajak Sélly téh, bakating nu haben-habenan Sélly ngomong kumaha punjulna sanggeus ngalakonan operasi plastik. Tuntungna asa mobok manggih gorowong, sugan jeung sugan Alam bisa kapincut ku manéhna.
Bener kagémbangna Widi ku omongan Sélly. Sélly nu geus mangaruhan manéhna, tuluy nganganteur tepi ka bérésna. Sanajan kudu ngalaman kasakit nu pohara, jeung peré gawé rada lila, tapi teu ngalantarankeun Widi ngejat tina niatna. Perkara ucul duit nu kawilang gedé mah geus teu jadi soal. Sakabéhna dilakonan, nepi tatu urut operasi dina beungeutna cageur deui. Lain operasi plastik wungkul nu dilakonan téh, teu sirikna sagala pituduh Sélly diturut. Nepi ka manjangkeun buuk ogé digugu. Dina pikiranana nu penting Alam katajieun ku manéhna.
Widi ngadayagdag kana panyarandéan korsi. Panonna anteng melongkeun tembok pulas kasumba. Bet beungeut Alam ngalangkang. Beungeut nu dipiati salila sataun ieu. Nu mawa sumanget kana gawéna.
Mimiti wawuhna téh diwanohkeun ku Sélly. Loba nu matak ngirut kana ati ti Alam téh. Pakulitanana nu hideung santen, mawa gagah dina titingalian Widi mah. Komo deui jangkungna ngumbang kana awak, najan teu atlétis tapi ngeusi. Pikeun Widi, Alam teu kasép kawas nu séjén. Ngan perbawana nu kalem matak kataji. Kituna téh semet wani melongkeun ti kajauhan, teu wani mun kudu nanya tiheula atawa kudu nyampeurkeun tiheula. Teu cara Sélly, sok katémbong keur ngobrol uplek duaan jeung Alam. Bati kabitana. Mun waktuna jam istirahat ogé Sélly wani ngajak dahar bareng ka Alam. Widi mah sadiajakna ku Sélly, kakara wani miluan.
Alam nu nanya tiheula basa Widi pareng kaluar ti rohangan rapat. Teu wani ngomong papanjangan, sanggeus némbalan saperluna jeung unggeuk tuluy leumpang gagancangan, ninggalkeun Alam. Teu nolih kana jajantung nu tatalu leuwih tarik, jeung pipi nu ngadadak karasa panas. Kitu deui mun pareng pasangrok rék naék lift, sok rampang-reumpeung teu puguh cabak. Kakara mun keur tiluan jeung Sélly rada wani ngomong Widi mah. Ngan sanggeus ngageulisan, aya robahna sikepna téh.
“Hayoh ngalamun!” sora Oyén nu ngéngkréng muyarkeun beungeut Alam tina lamunanana. “Ku naon sih Iyéy ti tadi jempé waé? Ngomong ngan sauted, mun teu kitu nya ngalamun.”
“Keur mikiran buuk rék dikumahakeun,” ceuk Widi sahinasna.
“Sugan téh mikiran kabogoh!” ceuk Oyén deui, tuluy seuri. Gap Oyén kana buuk Widi. Tuluy memener buuk nu ngarumbay kana tonggong tepi kana cangkéng.
“Rék dikumahakeun kitu ieu téh? Urang warnaan blue-black nya? Alus nyaho ih,” ngomong kituna téh bari ngilik-ngilik buuk Widi merenahna dikumahakeun.
“Diteukteuk sataktak wé.”
Satengah ngarénjag, Oyén ngaleupaskeun buuk nu keur dicepengna. “Buuk sakieu alusna rék diteukteuk pondok? Henteu lebar, Iyéy, ih? Batur mah hayang buuk kawas kieu téh.”
Widi ukur gideug. Geus ilang dina haténa sakabéh kalebar. Teuing naon nu kudu dipilebar ayeuna mah. Taya harti jeung gunana sama sakali naon anu geus dipimilik, iwal jadi kapeurih jeung kanyeri.
Buukna nu panjang téh dikahareupkeun ku manéhna. Terus diambung. Kaangseu seungit tina vitamin nu kamari diusapkeun. Ti baheula ogé buukna tara panjang kawas ayeuna. Komo jaman kuliah mah, bisa diitung ku ramo sabaraha kali buukna kungsi ngalaman panjang. Mimiti asup gawé gé buukna pondok kénéh. Ngan genep bulan ieu wé diantep sina manjangan. Gancang manjanganana ari mindeng di-creambath jeung dibéré vitamin mah. Sabulan ka tukang diwarnaan coklat ku Oyén.
“Urang di-layers wé, tapi pondok sataktak nya,” Oyén méré kamandang.
Widi unggeuk laun naker.
Nu dititah neukteuk buuk tuluy ngaléos nyokot gunting jeung sapuratina.
Widi neuteup deui eunteung hareupeunana, melong beungeut sorangan. Anteb ayeuna mah. Irungna nu bangir, perbawa alus hasil operasi dokter panuduhan Sélly, mawa léncop kana keureutan beungeut. Ku alatan pituduh Sélly ogé pipina nu asalna kembu jadi ngadaun seureuh. Di klinik tempat Sélly diropéa beungeutna, ka dinya ogé Widi diajakna.
Widi menerkeun deui diukna, tapi angger nyarandé. Teu robah. Reup peureum. Kagambar beungeut Alam nu marahmay, tuluy peuray, kasilih ku beungeut Alam nu nguyung. Bangun taya cahayaan. Basa mimiti wawuh mah, Alam téh lalaki nu béar budi, béda jeung Alam nu ayeuna, bangun taya sumanget dina dirina.
Alam nu malieus miceun beungeut basa manéhna melong ti kajauhan némbongan deui. Nyeuit kana ati. Matak hémeng, lantaran Alam tara némbongkeun deui pasemon bérag. Basa diajak dahar bareng ogé, Alam leuwih milih dahar sorangan ti batan dahar tiluan jeung Sélly, ogé manéhna. Sakapeung Alam kapanggih keur huleng jentul, boh dina rapat atawa di rohangan gawéna. Rohangan manéhna sorangan nu dikulibeng ku kaca satengah tangtung. Ray poé-ray poé téh robahna sikep Alam beuki matak teu pikahartieun Widi.
Widi beunta. Sirahna ngadangheuak. Kapireng deui omongan Alam basa pasarandog muru tempat parkir.
“Asa sono ditaros tipayun ku Kang Alam,” ceuk Widi bari mencrong kana beungeut nu salawasna dipisono.
“Akang mah sono téh naros ka Widi nu kapungkur,” témbal Alam pondok, tuluy indit ngajauhan Widi.
Widi ngajanteng kawas arca, teu percaya kana dédéngéanana cikénéh. Geuning mawa kahanjelu pangajak Sélly téh. Geuning kieu jadina, aing nu kaduhung manéhna nu untung. Keur naon beungeut geulis ceuk batur, ari nu dipiati ngadon ngaléos.
Piceurikeun sabisa-bisa ditahan, sanajan angger cipanonna ngeclak maseuhan baju. Buru-buru disusut ku leungeunna, sieun katénjoeun ku batur.
Sora hair dryer nu ti tadi ngahiung ngagaringkeun buuk Widi teu kadéngé deui. Geus dipareuman ku Oyén, laju ngaléos neundeun deui gunting jeung nu séjénna kana tempatna.
Buukna kaciri dina eunteung geus pondok. Kawas baheula basa mimiti asup gawé. Buukna dicabak, disisiran ku ramo-ramona. Manéhna ngahuhuleng. Tuluy leungeunna mapay beungeut, kana pipi, kana irung, kana gado. Beungeut nu geus robah tina asalna. Teuing kumaha cara ngarobahna sangkan kawas baheula deui.
Beungeutna nu kagambar dina éta eunteung dipencrong. Manéhna ngabirigidig.
“Naha bet jadi kieu beungeut aing téh?” Ngomongna bangun katahan, paheula-heula jeung kaluarna cimata. Eunteung hareupeunana ditutupan ku ramo-ramona.
Cipanon nu ti tadi ditahan sangkan ulah bedah, antukna diantep ngalémbéréh mapay pipi nu ngadaun seureuh téa. Pipi nu geus limit, tanpa céda, tapi mawa céda kana haténa. Mawa kaduhung nu ngagunung. Naha atuh bet ngagugu kana pituduh Sélly? Naha bet teu yakin kana pikiran sorangan?
Widi nangtung tina pangdiukanana. Dua leungeunna tuluy nyepengan eunteung hareupeunana. “Gara-gara sia! Gara-gara sia! Dunya aing jadi ancur!” sora Widi semu ngageter.
Eunteung nu ukuran satengah tangtung téh terus dicepengan sisi kénca katuhuna. Sirahna tungkul. Taktakna oyag, nahan piceurikeun nu hayang kaluar satarikna.
Widi diuk deui, satengah ngabeubeutkeun manéh. Rup, nungkup beungeut. Kadéngé ceurikna eueuriheun.***
Bandung, Desember 2021
DIAN WULAN, mimiti nulis carita pondok dina wangun basa Sunda taun 2013. Ayeuna tulisanana geus sumebar di média citak jeung média online, di antarana: Majalah Manglé, Sunda Midang, Tabloid Galura, Koran Tribun Jabar, jeung HU Pikiran Rakyat. Dina média online, di antarana: AyoBandung.com jeung majalahsora.com. Carpon-carponna geus aya nu dikumpulkeun dina buku kumpulan carpon judulna Kabaya Pulas Kasumba, medal taun 2017. Ayeuna dumuk di Bandung keur mitembeyan ogé nulis carita pondok dina wangun basa Indonesia.
1 Komentar
Kerén jejerna. Wilujeng.
BalasHapus