Maca Léngkah Juhaeri, ti Majaléngka ka Amérika - Nazarudin Azhar


TEU weléh pogot mu maca autobiografi atawa mémoar ti paratokoh nu geus nyangking impianana, sanggeus nyorang rumpilna jalan kahirupan.  Lalakon nu geus puguh ringkelna, puguh geusan tuturkeuneunana. Réa pieunteungeunana. Jalan hirup nu geus ditalukkeun téh, temahna bisa jadi eunteung pikeun balaréa. Jadi conto nyata nu bisa dijieun tuladeun yén katemenwekelan dina ngayonan rupaning pangrobéda sapanjang lumakon téh, buahna éstuning pikauruyeun; di jerona aya hikmah jeung palasipah nu geus ngawujud jadi banda, nu lian ti mangpaat keur dirina, ogé bisa nyaangan balaréa.

Komo ieu, sasat aya émosi nu ngadeukeutkeun antara kuring salaku nu maca, jeung nu nulis mémoarna. Kahiji, nu ngalalakon téh urang Sunda, pituin urang Majalengka. Ku hal sakitu gé, geus nguniangkeun kareueus. Aya urang Sunda, nu jolna ti pasisian, bisa nanjung nyangking kalungguhan nu kacida onjoyna di Amérika. Kaduana, lalakon hirup nu jadi leunjeuran carita, éstu matak ngahudang imajinasi, ngahualkeun kaketir, kanalangsa, tuluy dina sapanjang gurat grafikna nu nanjak, urang bisa manggihan réa mutiara lenyepaneun, tepi ka bisa milu ngarénghap jero alatan ngarasa bagja sabada nu boga lalakon mampuh nyangking impianana. From zero to hero téa. Nu asalna lain si itu si éta, ahirna ngajenggléng jadi tokoh nu pikareueuseun.

Enya, kitu pisan nu karasa sabada ngaderes buku “Nganteur Tineung Ngumbar Kelar”, mémoarna Juhaéri. Inyana lahir di kulawarga Sunda di Pinangraja, Désa leutik di Kacamatan Jatiwangi, Kabupatén Majaléngka. Pamatuhan kulawargana téh imah ngupuk tur rupek, teu leuwih ti 5x5 méter pasagi. Hateupna kenténg, dasarna taneuh, dingdingna bilik awi. Taya listrik. Luhureun taneuh téh diamparan samak pandan minangka alas keur saré. Indungna purah ngabedug di sawah, terus wawarungan di hareupeun imah. Dagang gogoréngan jeung surabi. Ari bapana lian ti sok digawé di sawah téh, sok dagang nguriling deuih, ngadon ngiderkeun suluh atawa kalan-kalan dagang minyak tanah.

Kitu babagian awal tina mémoar Juhaeri téh, mangsa nyaritakeun dirina keur leutik. Kacipta kumaha masakatna kahirupan kulawargana. Keur leutikna ngalaman dagang hurang nguriling ka sababaraha lembur, hurang beunang ngala bapana ti walungan. Mindeng nikreuh indit jeung mulang sakola bari beuteung kukurubukan lantaran can sasarap. Sakali mangsa mah ngalaman kapiuhan di jalan, alatan salatri. Najan kulawargana lain jalma aya, Juhaeri mereketkeun diri pikeun neruskeun sakola. Basa keur di SD manéhna miluan pasanggiri, tur hadiahna, duit pangajina 48 rébu rupia, dipaké waragad asup ka SMP, sawaréh dibikeun ka kolotna pikeun modal wawarungan. 

Panjang lalakonna téh, tepi ka bisa asup ka SMA tur dina emprona bisa kuliah di Institut Pertanian Bogor (IPB). Pikeun waragad sakola sasat itikurih sorangan. Keyeng nyuprih élmu bari mindeng dina kaayaan lapar. Ari karesepna maca jeung miluan lomba. Meuseuh diri ngawewegan pangaweruh sangkan bisa nyongcolang dina widang paélmuan nu keur dikeureuyeuh. Ceuk angkeuhanana, ku cara kitu manéhna baris bisa ngahontal cita-cita, jadi jalma nu bisa ngajait kulawargana tina kasangsaraan.

Hasilna, ngajenggléng ngaran Prof. Juhaeri Muhtar, Ph.D., nyangking jabatan préstisius di pausahaan multinasional di Amérika, salaku Vice President & Head, Epidemiology and Benefit-Risk Evaluation Global Medical Affairs SANOFI. Di éta pausahaan, inyana mingpin teu kurang ti 90 paraahli nu dumuk di Amérika, Asia, jeung Éropa. Lian ti éta, inyana gé ngajar di University of North Carolina.

Saéstuna, maca ieu buku téh asa keur maca novel Sunda. Lantaran nu dibacana vérsi Basa Sunda. “Nganteur Tineung Ngumbar Kelar” vérsi Basa Sunda téh hasil tarjamahan Atép Kurnia tina buku nu ditulis ku Juhaeri dina Basa Inggris, “Statistics of Dreams: A Memoir”. Lian ti dina Basa Sunda, ogé ditarjamahkeun kana Basa Indonésia ku Andi Tarigan, tur kabéhna diterbitkeun ku Gramedia.

Gaya “nyarita” Juhaeri éstuning ngaguluyur. Bruk-brak, saayana, lir nu keur ngajak nyarita ka sobat dalit. Karasa gemet pisan. Euyeub ku palasipah hirup nu bisa diundeur tina caritaan indung-bapana. Boh dina urusan dunya boh ahérat. Karasa gurat réligiusna kahirupan Juhaéri téh, kawuwuh ku bapana nu teu weléh jadi panyaimbang dina rupaning kasusah nu keur disanghareupan ku manéhna. Pikeun urusan salat, upamana, bapana nyarita kieu, “Salat lima waktu montong dianggap bangbaluh atuh, anggap waé hadiah. Éta téh waktuna hidep ngareureuhkeun jeung ngalésotkeun diri tina kasibukan taya eureunna jeung kasarakahan hirup. Samalah henteu lima menit-lima menit acan apan, bari hidep tangtu bakal pinanggih jeung kasaimbangan katut katengtreman.” Tuh, sakitu mundelna. Bapana téh cenah sok jadi imam di masigit. 

Ti Juhaeri sorangan urang gé bisa metik mutiara kahirupan, utamana dina tarékahna nu teu cééhan enggoning ngawujudkeun impian. Pikeun inyana mah jadi juara kadua dina pasanggiri téh hartina gagal. Kudu nyangking pangpunjulna. Éta téh diwujudkeun dina sagala hal, lian ti dina kahirupan sakola jeung di kampus sanggeus kuliah, ogé dina widang lianna, kaasup dina urusan cinta.

Ieu buku lian ti réa pulunganeunana tina lalakon tokohna, ogé bisa jadi bahan panalungtikan élmu sosiologi nu pepek ku informasi ngeunaan kaayaan masarakat Sunda (Majaléngka) dina taun 1960-1970-an. Malah sabot keur maca téh bet ngalamun, mun seug ieu buku difilmkeun, samodél “Laskar Pelangi”, jigana bakal leuwih karasa aweuhanana; lalakon urang Sunda ti pasisian nu hasil nyangking béntang dina widang paélmuan, nu pangaruhna bisa méré mangpaat pikeun masarakat di sakuliah dunya.

Dirarasakeun mah ieu buku téh geus karasa “filmisna”. Tilikan fotografis nu nulisna sabot ngalalakon geus karasa lir runtuyan adegan film. Geura, baca wé bubuka ieu buku, “Le Procope”, da asa keur lalajo adegan film atuh. Di tengah usum rontog di Perancis, wanci sareupna di réstoran pangkahotna di Paris, Le Procope, Juhaeri rék buka puasa. Malah ngahaja maca ieu bab gé bari ngahaja nyetél lagu “La Vie en Rose” ti Edith Piaf. Temahna éndah pisan.

Nuhun pisan ka Prof. Juhaeri nu geus babagi pangalaman hirup nu sakitu mundelna. Ogé ka Atép Kurnia nu geus hasil midangkeun ieu buku dina vérsi Sunda. Tabé pun. 


Data Buku

Judul: Nganteur Tineung Ngumbar Kelar tina Statistics of Dreams: A Memoir

Karya: Juhaeri Juhaeri

Tarjamah Basa Sunda: Atép Kurnia 

Kandelna: 482 kaca

Pamedal: Gramedia

Taun Medal: 2021


NAZARUDIN AZHAR, pangarang, dumuk di Kota Tasikmalaya. Sapopoéna sok digeroan Nunu. Lian ti ngarang, kiwari keur ngeureuyeuh macaan carpon-carpon petingan, bisa dibandungan dina akun YouTube NazarudinAzhar. Taun 2018 dilélér hadiah sastra Rancagé pikeun buku kumpulan puisina Miang. Buku panganyarna nyeeta kumpulan carpon Lagu Cinta jeung Sajabana (2021).

Posting Komentar

0 Komentar