Pangna Achmad Bassach Ngarang Roman Sunda - Atép Kurnia


KUMAHA pangna Achmad Bassach atawa Joehana ngarang buku-buku roman Sunda dina taun 1920-an? Éta patalékan tangtu sarua
 dikandung ku sakur nu panasaran kana riwayat Joehana, pangarang Sunda luar kalang Balé Pustaka. Rék dosén rék mahasiswa jurusan basa jeung sastra Sunda. Guru-guru basa Sunda, kritikus sastra Sunda, jeung umumna nu raresep roman Sunda.

Nu panasaran naon alatanana pangna Joehana ngarang roman Sunda téh kaasup nu nulis ieu karangan. Ngan untungna baé éta pertanyaan téh mimiti ray-rayan kapanggih laratanana katompérnakeun taun 2018. Sok sanajan mimitina mah tacan tétéla. Nu dipimaksud can écés, duméh manggihan kateranganana tina sumber sékundér. Tacan kaparengan manggih sumber primérna.

Sumber primérna nu kungsi kapanggih mangrupa warta ringkes maotna Joehana dina Sipatahoenan dina taun 1929. Dina Sipatahoenan édisi 15 Méi 1929, aya béwara kieu: “Meunang kabar telefoon ti Bandoeng, jén Djoeragan Achmad Bassach pangarang roepa roepa roman basa Soenda, noe maké ngaran samaran Joehana, sarta djadi Tooneel Directeur Sport, Muziek en Tooneel Vereeniging ‘Sasaka Domas’ di Bandoeng, dina malem Senén tanggal 12/13 boelan ieu geus tilar doenja, Inna’l Lillahi wa inna ilahi rodji’oen”.

Salian kabar maotna, dina Sipatahoenan kapanggih deuih judul buku ngeunaan riwayat hirup Joehana. Iberna samalah geus ditepikeun dina édisi 18 Méi 1929 atawa genep poé ti sadugna Joehana. Dina éta édisi disebutkeun kieu: “Dina SIP. No. 39 jén Djrg. Achmad Bassach pangarang boekoe boekoe roman Soenda anoe sok maké ngaran samaran Joehana téa, geus tilar doenja. Koe sabab réa kénéh anoe samar, saha téa Joehana (Achmad Bassach) téh djeung koemaha sadjarah dina keur hiroepna, ajeuna keur ditjitak, hidji boekoe anoe njaritakeun ti barang goemelar kadoenja nepi ka maotna. Geus moal boa ieu boekoe tangtoe pajoena, sabab pada hajang njaho ka djalma anoe sakitoe mashoerna.”

“Soepaja réa noe njaho, hargana ogé ngahadja dimoemoerah pisan, koe kira-kira moal leuwih ti f. 0,25, baris dikaloearkeun koe Boekhandel & Drukkerij Galoenggoeng di Tasikmalaja. Dikarang sarta dikoempoelkeun koe Toenggara”.

Ari medalna éta buku iraha jeung naon judulna? Dina Sipatahoenan deui baé kapanggih laratanana. Dina édisi 10 Juli 1929, redaksi Sipatahoenan méré béja kieu: “Hatoer noehoen Redactie Sipatahoenan geus nampa kiriman hidji boekoe noe maké ngaran Joehana ti Boekhandel en Drukkerij Galoenggoeng Tsikmalaja. Eusina ieu boekoe njaritakeun kaajaanana Djoeragan Achmad Bassach toekang ngarang roepa-roepa boekoe roman, sarta sok maké ngaran samaran ‘Joehana’.

“Anoe geus ngabakoe matja boekoe karangan Joehana, tangtoe hajang njaho kana ieu boekoe, komo deui dina ieu boekoe ditjaritakeun koemaha pamandanganana djalma réa ka andjeunna, ari hargana henteu sakoemaha ngan f. 0,30.”

Mun maca éta wawar, bisa dicindekkeun buku riwayat Joehana téh medalna dina awal Juli 1929 atawa dua bulan ti sanggeus maotna Joehana. Éta buku tuluy diiklankeun dina Sipatahoenan. Samalah nepi ka Séptémber 1929 masih disambunglayangkeun kénéh. Geura dina Sipatahoenan édisi 4 Séptémber 1929 kaungel kieu: “Boekoe Sadjarah Joehana, dikarang koe Toenggara. Tiasa ngagaleuh ka oenggal toko boekoe, pangaos 30 sén.”

Nu matak hanjakal, nepi ka kiwari tacan kaparengkeun manggihan bungkeuleukanana. Ngan untungna téh teu dibéré bosen, nu matak hantem baé nénéangan laratanana. Antukna bréh baé warta dina Overzicht van de Inlandsche en Maleisch-Chineesche Pers (IPO) no. 21 (1929: 219). Harita téh 17 Désémber 2018. Di jerona redaktur IPO, antarana ngasupkeun tingkesan warta-warta tina koran-koran nu medal di Jawa (Nieuwsbladen op Java). 

Ari palebah koran wedalan Semarang, Bahagia, antara 10 nepi ka 16 Méi 1929 goréhél iber: “15  Mei - Dit nummer bevat een artikel, houdende eenige mededeelingen uit de Keng Po omtrent den levensloop van wijlen Achmad Bassach, Soendaneeschen romanschrijver te Bandoeng, in de volksbeweging.” Pisundaeunana kira-kira kieu, dina édisi 15 Méi 1929 antarana aya artikel beunang nyalin tina Keng Po nu eusina budereun riwayat hirup almarhum Achmad Bassach, pangarang roman Sunda di Bandung.

Meunang laratan kitu, puguh beuki enyay-enyayan baé harepan téh. Susuganan najan teu meunang buku riwayatna, kapanggih-kapanggih atuh obituarina. Ngan leng baé mikiran cara meunang Bahagia jeung Keng Po kira-kira édisi 13 nepi ka 16 Méi 1929. Sanggeus ngotéktak koléksi mikrofilm Perpustakaan Nasional (OPAC), horéng aya koléksina téh. Teu ngengkékeun deui, langsung mesen sekénanana.

Antukna dina 26 Désémber 2018 atawa salapan poé heuleutna ti kapanggih data tina IPO téa, teu burung cunduk pesenenan téh. Barang blak, duh bungangangna asa meunang nanahaon mah. Sihoréng obituari Achmad Bassach téh dimuat dina Keng Po édisi 13 Méi 1929, kalawan judul “’Johana’ alias Toean Achmad Bassach Meninggal Doenia”, demi dina Bahagia dimuat dina édisi 15 Méi 1929, dijudulan “Achmad Bassach +”.

 

Saulas Riwayat Achmad BassacH

SANGGEUS kabaca mah nu dimuat di Keng Po cacap baé kapanasaran téh. Mémang éta artikel jadi pamuka lawang riwayat Achmad Bassach anu geus sakitu puluhna taun tacan kabuka baé. Tamba kawaranan ieu di handap urang pedar sausap-saulas riwayat hirup Achmad Bassach.

Cenah manéhna gumelar di Bandung. Bapana pangarang buku deuih. Aya tilu judul nu kungsi ditulis ku bapana téh, nyaéta Achmad bin Toha, Boeroeng Tjangehgar jeung Doea Djin. Achmad Bassach tamatan sakola rendah pikeun pribumi di Bandung. Ngan binarung remen sok miluan lés basa, cenah. Pangpangna diajar basa Walanda jeung Inggris.

Dina taun 1911, Achmad Bassach lulus ujian pikeun jadi guru sakola rayat (examen onderwijzer volkschool). Manéhna ditempatkeun di Cianjur. Sanggeus meunang sababaraha taun jadi guru, Achmad Bassach kaluar. Manéhna tuluy milu ujian asup ka jawatan karéta api Hindia Walanda (SS).  Taun 1917 lulusna téh.

Tempat dinesna nu munggaran di Cibeber, Cianjur. Dina 1918, Achmad Bassach diangkat jadi kapala Stasion Padalarang, ngarangkep jadi medewerker atawa kontributor mingguan Sinar Pasoendan di Semarang jeung jadi ketua sarekat buruh kareta api (VSTP) Afdeeling Padalarang.

Heuleut sataun ti harita, dina 1919, manéhna diangkat jadi vaste medewerker mingguan Padjadjaran di Bandung. Lima taun satuluyna, dina 1922, diangkat jadi kepala Stasion Kemayoran, ngarangkep jadi redaktur mingguan Kijahi Djagoer di Meester Cornelis. Dina Méi 1923, Achmad Bassach dipecat tina pagawéanana di jawatan kareta api, kalawan meunang titél beureum (“dengen mendapet titel merah”).

Sanggeus dipecat ku SS, Achmad Bassach mulang deui ka Bandung. Nya dina taun 1923 kénéh manéhna kaselir jadi ketua VSTP Afdeeling Bandung. Sataun satuluyna, Achmad Bassach dijungjung lungguh jadi ketua SI Merah Bandung. Dina 1925, manéhna jadi redaktur Soerapati.

 

Dikaluarkeun ti Kalang Beureum

TAH ayeuna urang niténan pangna Achmad Bassach jadi pangarang roman Sunda sakaligus maké lalandian Joehana. Dina tungtung katerangan taun 1925 di luhur aya sambunganana kieu: “dan pada itoe taon djoega ia mengoendoerkan diri dari semoea gerakan politiek, teroes mendjadi romans schrijver sampe sekarang”.

Tina éta cutatan urang jadi meunang katerangan nu jelas ti mimiti iraha Achmad Bassach jadi pangarang roman, nyaéta taun 1925. Ngan bagéan éta téh masih nimbulkeun patalékan, naon sababna bet ngundurkeun diri tina sakabéh gerakan politik atawa tina organisasi politik?

Jawabanana masih bisa kapanggih tina éta obituari, najan tempatna misah. Dina bagbagan anak, disebutkeun kieu: “Toean Achmad Bassach tida poenjaken poetra. Ia poengoet anak prempoean sedari orok dari beambte SS waktoe ia di Padalarang. Itoe anak ia kasi nama Johana, dimana ia pake sebagi nama pedengan boeat ia poenja boekoe-boekoe.”

Tah, ngeunaan ieu mah aya sasaruanana jeung katerangan nu salila ieu geus dipikanyaho. Yén Joehana téh anak kukutna Achmad Bassach, nu tuluy dipaké sandiasma nalika ngarang roman. Tapi nu matak ngajenghok mah, cenah, ku alatan anak kukutna deuih Achmad Bassach dikaluarkeun ti lingkungan kaom beureum dina taun 1925. Cenah gé, “Ketjintaan pada ini anak djoega mendjadikan ia pada taon 1925 diroyeer dari kalangan merah”.

Ku sakitu geus kapanggih alesan pangna Achmad Bassach jadi pangarang roman Sunda téh. Manéhna geus disapih ti antara lingkungan gerakan kiri nu dipiluanana ti saprak digawé di SS. Demi alesanana urusan pribadi pisan, ku alatan anak. Padahal apan dina gerakan kiri dipahing pisan mamawa urusan pribadi téh.

Padahal teu sapira nya. Ngan naha bener kitu? Sorangan mah leuwih panuju Achmad Bassach téh keuna ku aturan disiplin partéy (partijtucht), nu meujeuhna dihangkeutkeun di antara organisasi-organisasi pergerakan alam harita. Na kumaha kitu? Geura aya katerangan Takashi Shiraishi dina bukuna Zaman bergerak: Radikalisme Rakyat di Jawa, 1912-1926 (1997).

Kumaha cenah cék Shiraishi? Ringkesna mah kieu, Soewardi Soerjaningrat nu kakara mulang deui ti pangbuangan di Walanda dina awal 1920, antarana ngawanohkeun disiplin partéy nu ngalarang anggota-anggota ngagabung ka partéy séjén. Diwanohkeunana téh ngaliwatan Nationaal Indische Partij-Sarekat Hindia (NIP-SH), nu tuluy ditarurutan ku Boedi Oetomo (BO) jeung Indische Sociaal-Democratische Vereeniging (ISDV). Ari Centraal Sarekat Islam (CSI) ngasongkeun soal éta téh dina 30 Séptémber 1920 di Yogyakarta jeung sacara resmi diwanohkeun dina kongrés CSI, 16 Oktober 1921, di Surabaya.

Cék Shiraishi, balukar disiplin partéy matak ngewag hubungan  CSI/PSI jeung Partai Komunis Indonesia (PKI)/SI Merah. Satuluyna, lantaran pasalia téa, dina Juni 1924, dina kongrés PKI di Batavia antarana negeskeun ngeunaan disiplin partéy deuih. Samalah dina surat paréntah nomer 6b tanggal 5 Juni 1925, pangurus puseur PKI ménta sangkan sakabéh tarékah partéyna téh keur “sentralisasi démokratik” katut “disiplin yang kuat dan kokoh” (1997: 434).

Mun dipatalikeun jeung dipecatna Achmad Bassach ti kalangan beureum taun 1925, gedé kamungkinan manéhna ogé dianggap ngarempak cita-cita ngawujudna PKI jadi “sentralisasi demokratik” jeung “disiplin yang kuat dan kokoh” téa.

 

Tjarios Eulis Atjih: Roman Munggaran

NU tetep matak panasaran: iraha persisna Achmad Bassach dipecatna? Iraha manéhna munggaran nulis roman Sunda?

Dina cukcrukan koran-koran lawas mah, Achmad Bassach téh masih aktif dina Sarékat Rakyat Bandung nepi ka Pébruari 1925. Dina koran Api édisi 26-31 Januari 1925 (sakumaha kabaca tingkesanana dina IPO no. 6, 05-02-1925) disebutkeun yén dina 22 Januari 1925, Sarékat Rakyat Cimahi ngayakeun rapat di Citatah, Cipatat, nu dihadiran ku 100 urang lalaki-awéwé katut 20 urang pulisi. Harita panyaturna aya Achmad Bassach, Kartadipoera, Oele, Padmadisastra, H. Doerachman, Soemedi, Walikin, O.K. Jaman, Ny. Surtinah jeung Ny. Kosasih.

Ari dina Pébruari 1925, kacaritakeun aya rapat di sakola Sarékat Rakyat di Bandung nu dihadiran ku kira-kira 600 urang, kaasup awéwé 20 urang. Rapatna dipingpin ku Achmad Bassach. Agénda rapatna ngeunaan bakal ngahijina Sarékat Rakyat jeung Partij Kommunist Hindia (PKI). Achmad Bassach sorangan nyarita Sarékat Rakyat bakal otomatis aub ka PKI (Het Vaderland, 11 Pébruari 1925).

Éta warta pamungkas aktivitas Achmad Bassach di kalangan mérah. Sabab dua bulan ti harita, geus kabéjakeun dina Soerapati édisi 24 April 1925 ngeunaan medalna roman Eulis Atjih, jilid kahiji. Salengkepna wartana téh kieu, “Matoer noehoen ka Drukkeruj Dachlan-Bekti, noe geus méré boekoe Eulis-Atjih karanganana Joehana di Bandoeng.”

“Éta boekoe ditoelis koe basa Soenda, aksara Walanda, hargana 30 sén.”

Mun maca éta katerangan bisa dicindekkeun, Achmad Bassach téh kaluarna nu paling mungkin dina bulan Pébruari 1925. Tah, dina jero dua bulan, antara Maret-April, dipaké waktu keur nimbang-nimbang pikeun ngarang roman Sunda, ngamimitian maké ngaran Joehana, jeung medalkeun bukuna. Bari jeung tina éta katerangan gé, urang jadi terang yén roman munggaran Joehana téh nya Eulis-Atjih nu jilid kahijina medal dina minggu katilu April 1925.

Toko Buku M.I. Prawira-Winata nu alamatna di Groote-Lengkongweg, Bandung, geus ngiklankeun Eulis Atjih dina Sipatahoenan edisi 4 Méi 1925 atawa kira-kira dua minggu sanggeus diwawarkeun dina Soerapati. Demi redaksi Sipatahoenan kakara nampa bukuna dina awal Juni 1925, sakumaha nu kaungel dina édisi 2 Juni 1925. Di dinya antarana disebutkeun, “Redactie nampa boekoe ti Drukkerij Dahlan Bekti; Tjarios Eulis Atjih noe kasengsrem koe kabeungharan toengtoengna djadi toenggara”.

Ari jilid kadua Eulis-Atjih kakara terbit dina bulan Juli 1925 atawa tilu bulan sanggeus jilid kahijina. Warta pamedalanana diiberkeun dina Soerapati édisi 29 Juli 1925. Di dinya disebutkeun, “Redactie geus nampa hidji boekoe, noe alamatna tjara boekoe Eulis Atjih, karangan Joehana. Eusina njaritakeun lalampahan Soekria anakna Eulis Atjih téa. Loetjoe, seuri, ngenes ... lamoen oerang matja éta boekoe. Hidji boekoe hargana 45 sén, sarta beunang meuli ka toko boekoe Dachlan Bekti Bandoeng”.

Sedeng béja katampana ku Sipatahoenan kakara diwawarkeun dina édisi 8 Séptémber 1925. Dina awal tulisan nu dijudulan “Panalék boekoe: Boekoe Eulis Atjih”, ditétélakeun, “Noe kadoea ieu boekoe geus katampa deui koe redactie, édas koe aloes, nepi ka Redactie bisa negoeh maksoedna, nja éta noe baleunghar téh koedoe njaah ka noe miskin”.

Ari pangna Eulis Atjih jadi kasohor, antarana ku lantaran dijieun tunil jeung pilem. Samalah dijieun répértoar tunilna gé dina taun 1925 kénéh, sataun reujeung pamedalan bukuna. Buktina dina Soerapati édisi 19 Désémber 1925 ditétélakeun, “Eulis Atjih noe ditooneelkeun koe Galoeh Pakoean di Bandoeng téa, ti méméhna koe AID geus dimoeat, jen: ‘Ieu tooneel téh dipingpin koe Communist Achmad Bassach, sarta beubeunanganana bakal didermakeun ka pamingpin-pamingpin Communist noe teu boga kahiroepan”. Tangtu baé ku redaksi Soerapati ditolak sapajodogan, sabab cenah, “AID seukeut teuing déngéna, nepi ka koe bawaning seukeutna, déngéna djadi salah, saliwang ...”

Palebah pilemna mah dijieun ku N.V. Java Film Company, pausahan nu diadegkeun ku L. Heuveldrop ti Batavia jeung G. Krugers ti Bandung (Misbach Yusa Biran, Sejarah film 1900-1950: bikin film di Jawa, 2009). Cék warta dina Het Nieuws van den dag voor Nederlandsch-Indie édisi 12 Juli 1927, pilem Eulis Atjih mimiti dipidangkeun dina layar di Oost Java Bioscoop dina poé Rebo, 13 Juli 1927.

Éta sababna nu matak S dina obituari nu dimuat dina Keng Po téa antarana nulis kieu, “Dari itoe, bagimana Johana di Preangan lakoenja seperti pisang goreng, sampe diplosok-plosok pegoenoengan Eulis Atjih dan Kasoewat koe Doeriat dibatja orang”. ***

 


ATÉP KURNIA
, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar