Kungsi Anteng Lebah Dinya - Sajak-sajak Nazarudin Azhar

Ilustrasi: The Entrance to the Public Garden in Arles kenging Vincent van Gogh (1888)

KUNGSI ANTENG LEBAH DINYA


beureum kembang pacar

malati ligar pandeuri


di landeuheun pakarangan

jalan satapak kalakayan


kungsi anteng lebah dinya

nyawang ronghéap sorangan


terus kuring duaan 

pataréma leungeun

puisi nu keur marengan

datang tina rasa leungiteun


2015





CISARUA


halimun cikénéh peuray

nyésakeun ibun 

pikeun nu getén lugay


miara cahaya

dina célak tungtung daun

amparan sora nu lumampah

tina jentréng pantun buhun


2016





GIRIMIS NGEREPAN DEUI


lebah dinya girimis ngerepan deui

tina langit nu kamari kaanjangan ku impian


lebah dinya aya gedat katumbiri

tétécéan sakur jiwa nu kasmaran


wanci nu kasampeur dina angka kilométer

teu weléh jadi kakurang 

nungguan na tungtung umur


2017





KALANGKANG SASAK BEUSI


kalangkang sasak beusi

dina réok cai nu manjang

tina pikir anu suni

ngajak jengkar ka sakur gerentes batu

nu satuhu ngabaeukeun sakur tatu


kalangkang sasak beusi

jeung hiji waruga nu nyileukeuman riak

merenahkeun deui sakur pitapak

kana kelir cai, riuk nu mindeng ngajak biluk

nangtang sarébu muara 

nandeskeun diri ku sora kateudaya


kembang rungkun wates babantar

oyag katebak angin ti kulon

kungsi ayeuh sabot datang caah déngdéng

ligarna kiwari lir béda harti

kalinduhan ku nu ngalangkang

na sasak beusi


2018





SARONGHÉAP


wanci sajentréng kacapi 

diringkangan ku haleuang

lumakon na papantunan


ngaprak di sajeroning cicing

lalampahan manggihan kalér nu séjén

kulon wétan raket jeung kiduleun langgeng 

di puseuring anggang, kalangkang tepung 

jeung dunyana sorangan


ngipuk nu geus puguh pipugureun

luang nu ngan saronghéap

lagu ligar béak ucap


2019





RARATAN


nu sangli di lénglang jalan

sasab na raratan héman

disambat réa kalangkang

ti nu wenang ngajak mulang


2019





BUKU 


katungkulkeun nu lain-lain

pareng neruskeun hanca

nu kabaca horéng lain hancenganeun

buku saha jilidna anyar pinanggih?

ules aksarana béda

najan enya betah macana

saban lambar bet karasa pangarahan


mangpuluh leungeun metot

tina saban kaca, ngarangsadan pakéan

nu ngan saraket pikecapeun

geus taya deui métafor 

pikeun ngilungan kedalkeuneun

kalimah na badan sakujur

jadi sora na tungtung aweuhan deungeun


2020





TEU SALAMPAR ANGIN


lawang beurang liliwatan

rohang peuting panumpian

nu kapahung pakaulan

nyiar-nyiar panineungan


nu lunta ngadon kapakan

puguh teu salampar angin

haté nu watekna béngbatan

jeung pikiran remen pisan apilain


di unggal tempat pangreureuhan

maluruh nu masih euweuh

bongan ku geus asa kapimilik


dianteur kamalinaan

dihulag henteu payaan

suwung deui liwung deui

dunya rupek ku tangtungan


2020



NAZARUDIN AZHAR, pituin urang Tasikmalaya. Keur satékah polah sangkan tiap poé nulis. Bukuna nu anyar medal, mangrupa kumpulan carpon “Lagu Cinta jeung Sajabana” (Layung, 2021).

Posting Komentar

1 Komentar