Orok - Ai Wawang


Ilustrasi: "The Last Judgement" kénging Fra Angelico (1431) 


KAPIRENG sora manuk récét disarada, tapi panon seuseut dibeuntakeun. Sataker kebek ngumpulkeun kakuatan hayang beunta. Barang bray, anu pangheulana katempo téh cahaya anu norobos tina sela-sela dangdaunan. Jeletot, aya anu nyoco kana suku. Arék maksakeun hudang, awak mani rengkeng kacida. Nahnay taya pisan tanaga. Nu tingjeletot, tingkarayap kana suku mingkin karasa rocop. Naha sireum naon anu nyoco téh kotka asa kekenyudan nepi ka lebah bobogaan.

Panon ngulincer ngawaskeun kaayaan. Tangkal kai tingjungkiring. Awak pasti saukur diamparan taneuh atawa jujukutan da karasa nyecep tiis jaba renyem.

Hirup kénéh meureun aing téh, asa piraku lamun di ahérat siga kieu. Can pernah kacatur nagri ahérat anu tiis caméwék, renyem, tingjeletot mah. Pernah ngadéngé ogé cenah samar-samar kadéngé tina sapiker di masjid, kapan di naraka téh panas mangréwu-réwu tikel ti seuneu di alam dunya. Malaikatna moal asa-asa nyiksa, jelebét deui, gebot deui, neunggeulan ku beusi panas. Moal siga ayeuna, bet kalah disiksa lalaunan, lalaunan tapi matak kasiksa. Nyelekit tina panyoco parat nyeri rocop kana jajantung, kana sirah, kana palangkakan.

Enya, aing téh hirup kénéh. Ieu raga nyangsang di kebon. Lain kebon, tegesna leuweung gerotan. Itu pucuk-pucuk dangdaunan ngahalangan cahaya matapoé.

 *

KALUAR ti pangadilan bari kaayaan leungeun diborgol dihapit ku dua urang patugas. Mobil nyemprung muru ka pangbérokan. Haté lelenyapan inget ka pamajikan, tada teuing haténa. Inget ka barudak, pisakumahaeun teuing kabawa wirangna. Sasab lumampah, ngaberung napsu asmara téh antukna anu kabawa sangsara lain ngan ukur diri sorangan.

Di jero mobil éstu taya anu nyoara. Karérét ku juru panon, dua urang patugas pasemonna datar. Iatna bisi aya bancang pakéwuh di perjalanan. Padahal da kuring mah pasrah. Di pangbuian rék babalik pikir waé, susuganan engké meunang rémisi. Siga nu enggeus-enggeus.

Cekiiit, mobil ngerém sakaligus. Di hareup nyampak sababaraha hiji motor ngahalangan jalan. Sababaraha urang jarangkung perenges marawa pakarang. Jolad, jolad, maranéhna nyampeurkeun. Hiuk, jebrod, jebrod. Kaca mobil diancurkeun. Patugas dipaksa kaluar bari ditodong péso nepi ka teu walakaya. Mobil pulisi nu ngawal ti tukang gé sarua meunang panghalang.

Hareupeun panon sorangan, patugas jeung supir dibabandan, laju disupkeun kana bahasi mobil.

Teu sirikna digusur kuring dibawa ku maranéhna. Geus puguh leungeun tadi ogé diborgol, kiwari panon jeung sungut ogé ditutupan. Haté banget ku héran. Saha maranéhna téh? Naha bet ngabébaskeun kuring? Lamun téa mah niat nyalametkeun naha kuring ogé bet kudu dibabandan?

Mobil karasa eureun. Ceuli teu sirikna tidéngdék-déngdék baé, hayang apal di mana jeung saha maranéhna. Hanjakal taya pisan sora. Saukur kedeprukna sora sapatu. Kuring diséréd dibawa teuing ka mana.

Solontod, gebru, kuring dijongklokkeun ti tukang. “Gantung, buligiran!” Kapireng sora nu maréntah. Asa wawuh sorana, tapi lebeng teuing sora saha. Ngan yakin sora awéwé.

“Sia teu kudu apal saha kaula, nu puguh mah kaula teu percaya ka pangadilan, sia ngan ukur dihukum lima taun bari sagala ngeunah, di dieu ku aing sia dihukum leuwih ngeunah, hahahaha!”

Panutup panon aya nu ngajenggut, muka. Bréh. Ti handap mimiti anu katempo téh sukuna. Kukuna dikiték hideung. Sakolényay sukuna Pupung némbongan. Maju ka luhur, bitis anu ngeusi dipapaés bulu lemes matak nyari. Siga bitis Ivone ngajaksi jajantung. Mingkin luhur, gelempong pingping konéng umyang, aya tato kukupu dina pingping kénca. Pingping Lia pisan.

Beuki luhur, beuki luhur, harigu nyeungseung bangun nangtang dirameusan, teu salambar benang ogé anu nutupan. Ngolébat, harigu ukuran tilu dalapan nu nyamuni dina khimar Anisa. Bréh, keureutan beungeut nu kapigandrung. Biwirna mirip Anisa. Tapi halis, halis Nia. Ari pipi kempotna siga Hélga. Hélga si galing muntang nu nyababkeun asih kuring nogéncang.

Sanajan awak dina kaayaan kasiksa, uteuk mah langsung ngaréspon titingalian hareupeun pisan panon. Ciduh juuh, gendok laki elok-elokan. Ser, getih panas nyiak mapay-mapay urat.

Nu buligir ngadeukeutan. Hariguna oyag sawirahma jeung giplek bubuleud imbit. Hiliwir seungit parpumna neumbag irung. Buukna ririaban noélan beungeut, basa manéhna semu dongko ngaharéwos.

“Nu kieu lain karesep sia téh, uteuk mesum? Sok geura guley awak aing, tapi saméméhna maké ieu heula nya améh sia kuat nepi ka kojor!”

Solongkrong, awéwé anu sarua bulugir ngasongkeun baki. Sok, baki ditunda, léos deui manéhna laju nangtung di tukangeun kuring. Kuring ngalenyap nempo eusi baki; silét jeung sambel goang.

Bari imut, Si Bitis Bulu nyokot silét.Hayu, pésta cuang mimitian, hihihi.” Cikikikna matak coplok jajantung. Silét dipuir-puir hareupeun beungeut kuring. Bobogaan anu tadi geus mangprang langsung ngulapés pisan. “Kalah ngariut, hayoh ngaceng, ngaceng, siga biasana ari ngagadabah urang-urang!”

Srek, srek, srek, sababaraha kali silét ngeureut bobogaan kuring nu ngariut. Kocéak, kuring ngocéak reumbay cimata.

“Sok, sing tarik sia ngagorowok, kéhéd! Ku aing moal didéngé, siga sia nu notorék manéh ngadéngé ceurik urang-urang!” Cur, sambel goang dikucurkeun kana boléksék jeung ngucur kénéh getih.

Dunya poék mongkléng. Teuing sabaraha lila kuring digantung meunang panyiksa.

*

MOBIL nyemprung. Teuing ngulon teuing ngidul. Sakapeung jalan ngagejrug, sakapeung gagaléongan. Tapi sigana mah mobil téh nanjak. Kapireng ngahéangna, kabayang tanjakan netek. Awak teu bisa hojah, geus taya pisan tanaga. Teu diborgol da meureun maranéhna nguntup. Kuring teu walakaya.

Mobil karasa eureun lalaunan. Awak disuntrungkeun. Gebru, sideku. Tuur ngabeletruk diadu jeung aspal.

Kerewek, panutup panon ditongtak. Kuring nyolontod ka hareup, nyium jalan.

Bébas kitu ieu téh? Nuhun, Gusti, abdi teu diparaéhan. Nung, akang salamet, Nung, rék lumpat sataker kebek, rék nyuuh na dampal suku Nung, rék tobat ménta dihampura, rék sukuran ngamangpaatkeun sésa umur nu kiwari kacangking deui, hayang hirup babarengan mikanyaah Enung jeung barudak.

Ulah dipodaran, engké ogé da bakal modar ku sorangan. Taeunna geus jiih. Sakeudeung deui gé buruk!”

“Hudang sia, mun hayang kénéh hirup, lumpat sing tarik, hahahaha!”

“Dina itungan katilu, sia lumpat salametkeun diri tina ieu congo bedil, hahaha!”

‘Hiji ... dua ... tilu ... lumpaaat!” Kuring kudu bisa ingkah, kudu leupas ti dieu, numbu rénghap nu ampir pegat tina tikoro.

Berebet kuring lumpat, sakalumpat-lampét, sakaduga da puguh léngkah gejed, sasat bobogaan bareuh jaba nyeri. Jelegér, jelegér sora bedil dibekaskeun sababaraha kali. Aya anu panas kana bitis. Terus nyaksrak. Sésa tanaga museur dina suku. Pikiran saukur hayang bébas ti ieu naraka. Naraka nu anéh, salilana bobogaan kudu heuras. Lamun ngariut, disilét jeung dibanjur sambel goang.

Lumpat, lumpat, ngan ukur lumpat dina sésa daya. Lumpat nyingkahan teuing saha sabenerna anu ngababandan salila ieu. Teu pisan aya kelemengna saha sabenerna. Si Bitis Bulu gé kapan beungeutna robah-robah. Sakapeung jiga Hélga, robah deui, robah deui. Puluhan beungeut dina tangtungan éta-éta kénéh. Beungeut-beungeut anu salilana moal poho. Beungeut-beungeut anu katideresa alatan lampah kuring anu hina. Maranéhna téh indung, anu kiwari barudakna teuing di mana. Kuring tara ngahaja maluruh.

Tobaaat. Lumpat, tapi suku mingkin beurat. Panon gé geus teu awas tetempoan. Hareupeun caang ngempray, langit. Langit anu ngampar hareupeun. Langit anu tepung jeung tincakeun. Jelegér, suku sabeulah deui panas, parat pisan kana jajantung. Solontod, koléang, ngapung di langit paul. Nyirorot. Saméméh poék, di handap kapireng tingkocéak, “Abaaah lapaaar, Abaaah lapaaar, Abaaah!”

 *

NYOKOT blangkar ka ditu ku opatan, urang nungguan di dieu,” kadéngé aya sora. Awak mah angger teu bisa usik. Alhamdulillah geuning aya nu nulungan. Dina haté muji sukur ka Nu Ngersakeun. Nu Maha Welas Asih.

Panon aya anu nyeuceuhan, laju karasa dielap. Hayang beunta, hayang sidik ka anu keur ngariung nulungan. Kapireng tina sorana mah da kawas barudak. Emh, atuda jiwa budak mah suci, meureun teu apal jelema siga kumaha anu kiwari aya di hareupeunana. Kayungyun, meureun barudak keur pramuka matak aya di leuweung ogé. Keur penjelajahan boa.

Bray, haté ngalenyap bakating ku reuwas. Sababaraha sirah orok ronghok, nompo pisan kana beungeut. Orok, enya orok. Tangtunganna ogé satangtung orok. Awakna, nya ilahar waé sagedé orok. Barulucun, saukur ditutupan daun lebah palangkakanana.

“Tah geuning sadar, hirup kénéh geuning euy, lumayan keur ganjel beuteung, kuat ogé manéh téh, Lot, sakitu ka handapna mah geus aduy kitu!”

“Sok, gotong tah! Asupkeun kana blangkar!”

Regeyeng awak nu asa ucutan diréréyang ku lobaan. Teu kacatur nyeri jeung paurna ieu awak. Mun meunang hayang mah, asa mending dibéré kapiuhan méh teu karasa sagala kanyeri. Tapi dikersakeun kuring éling waé bari geus teu hojah, teu daya, ngararasakeun sagala anu dirasa.

Basa awak diarasupkeun kana blangkar, reuwas deui waé lain dikieuna. Geuning kuring diarasupkeun kana pasaran. Panon ukur bisa gular-giler, biwir asa dikonci, kuring asup ka jero pasaran.

Jurungkunung, pasaran digarotong ku sababaraha urang orok. Sapanjang jalan haliwu. Aya anu tinggerendeng ngalobrol tuluy tingharauk jeung baturna. Sakapeung tinggorowok teuing jeung saha atawa naon, teu puguh déngékeuneunana. Ngan dédéngéan asa mingkin loba. Ragég, tingcungungung, tinggarerem, tingcirircit, ayeuh-ayeuhan. Pasaran diajrug-ajrug. Jrug, cungungung, jrug, ciricit, jrug, cakakak, jrug, jrug. Awak mingkin kasiksa, hayang kapiuhan, tapi teu bisa.

Gubrag, pasaran digubragkeun. Suku nu ngaplék ngacleng sapisan. Jeletot, hiek bau bangké mabek neumbag irung. Laleur héjo ngagembrong palangkakan, parebut jeung utey bilatung. Geus lain deui nyerina, nyeri nu nyesek. Gusti, paéhkeun baé jisim abdi.

Rob, puluhan orok ngaréntog kana pasaran. Kerewek, saurang metot leungeun. Awak kabetot kaluar. Orok rohaka, leutik ogé bedas tanaga.

Kuring digolérkeun dina luhur batu lémpar. Teu walakaya, tapi angger dibéré éling. Asa mending paéh basa harita tigebrus ti gunung cadas ngalayang ka jungkrang.

“Persis, persis pisan bareuhna siga beungeut urang basa harita digembrong sireum di sisi walungan!”

“Enya, siga pisan suku urang nu ngaplék digorogotan bilatung di sisi kebon!”

“Persis, persis urang, awak sésa ngarewég anjing di pamiceunan runtah!”

“Geus, geus tong nginget-nginget kanalangsa. Urang kudu bagja bisa ngariung aya batur pakumaha. Di dieu panglawungan orok leuweung, orok-orok anu gelarna teu dipikahayang.

Di ieu leuweung, sajatining hirup kumbuh urang jeung urang. Keun, pancén indung nu nagih pati ka para durjana bapa urang mah!”

“Enya, ka mana indung nya? Bagja temen ayeuna mun indung apaleun!”

“Indung, induuung, induuuung!” Haliwu deui, patémbalan. Cungungung, gog, ciricit, segrok. Tinggorowok ngagero indung. Sorana ngaweuhan awor jeung séah angin neumbag tatangkalan.

“Der waé, Ka, montong maké nungguan indung!” Orok anu pangleutikna nyoara.

“Enya, kapan indung kamari amitan, rék néang sakur lalaki anu jadi bapa urang! Méh urang teu kurang dahar, teu ngarasa deui lapar, der!”

“Hayu, hayu, sikaaaaat!”

Rob, puluhan orok ngaréntog raga nu angger éling. Mimiti leungeun pada ngagunyeng. Laju pingping, sakujur awak pada ngabenyéng, pada ngajewol. Ahéngna awak teu béak-béak. Orok nu cakétroh ngahénggoy daging awak kuring bari tingharao tingharakeng. Hao, hakeng. Hao, hakeng.

Ngelemeng dina implengan si cikal keur lulucuna. Reup, kuring peureum.

“Sésakeun, jajantung mah keur indung!” Orok nu panggedéna maréntah. Kuring pasrah. Hao hakeng Si Cikal ilang na ciciptan.

Hiliwir angin leuweung ngayun ambing nu gemprah kamerekaan. Ratusan orok tibra. Kuring masih kénéh di luhur batu lémpar, embut-embutan, bari ngararasakeun kapeurih kanyeri nu angger karasa, sakitu awak ngan kari jajantung anu nyésa. ***


AI WAWANG, guru di RA Al Jauhar. Ibu rumahtangga anu resep nulis jeung maca carpon. Karya sineratna midang di Manglé, Tribun, Ayo Bandung, Galura.

Posting Komentar

1 Komentar

  1. mahadewi.@gmail.comSenin, 21 Februari, 2022

    Saé pisan, duh mangrewu jempol kanggo Tétéh ��������������������
    asa ginggiapeun pisan��

    BalasHapus