Sirah - Sajak-sajak Toni Lesmana

 

Ilustrasi: "Head of A Guilottined Man" kenging Jean-Louis André Théodore Géricault (1818-1819)

 


SIRAH

-          Éndah Dinda Jénura

 

Mun sirah ngadadak jempling, lungkawing temen beurang jeung peuting. Di luar, sirineu pulisi jeung ambulan unggal usik ngapélan detik. Menit jurat-jerit. Jam bitu di saban gang. Paragat. Mangkaning ceuli urang apan geus lawas ragrag di parapatan. Napel lebah lampu héjo. Lampu héjo nu siga laleur dina bugang. Bucat bulacakan. Mun sirah ngadadak jempling tina kekecapan, kumaha ngayonan sora-sora. Sora-sora nu ngajak mulang. Mulang.

 

 

 

AING ANJING

-          Arom Hidayat

 

"Aing, anjing!" kitu nembus kana ceuli kénca jeung katuhu, bet tuluy silih tangkeup jeroeun babatok sirah. Gumulung. Jadi binih. Atuh sirah ngajanggélék pot. Tingpelentis. Tingkuliat sirung sihung. Aing jeung anjing. Horéng aya aing jeroeun anjing. Boa kitu isarah jaman nu mangkak di saban tempat. Rungseb di saban mangsa. Apan dua kecap éta mani layeut di mamana. Beurang peuting. Di jalan, di terminal, di sakola, di kantor-kantor. Kasampak oléng pangantén di mamana. Gancét di mamana. Di sasaha. Ieung, sirah taya bédana ti pot anu rarengat diranggeum akar, uteuk diseuseup, sungut akar paheula-heula ngudag gulidag dina jero dada. "Aiiing, anjiiing...." kalan-kalan manis kapirengna bangun nu enya-enya masrahkeun aing kana anjing. Sari aing manis anjing. Manis aing sari anjing. Siga hariring. Ih, geuning aing gé ngaringkuk dina jero hariring. Ngajepat lebah nyaring. Nyerepet lebah tampiling. Ngabelesur lebah jamparing. Ngageunggeuik lebah lamping. Ayun-ambing dina samping. Ngaringkel lebah galing. Rarengat sapanjang garing. Aing nu salawasna babaung jeroeun anjing.

 

 


DI HIJI TEMPAT

-          Ari Andriansyah

 

Ngajeblag di saban pasampangan, "Kecap?" plang-plang hurung-hérang. Tingalabring nu masrahkeun kekecapan tuluy nangkeup budak tipepereket. Rambisak nénjo setum maju lalaunan ngagiles kecap nu nalangkarak luhureun aspal. Ngajeblag deui, di saban lawang lembur. "Kalimah?" gapura-gapura agréng. Tingalabring deui, ngudar kalimah laju tungkul nyium embun-embunan budak. Héab durukan nampiling pipi nu bareueus, mireng seuneu ngagares nu tingarajleng jeung koma jeung titikna. Ngajeblag kénéh waé, lebah panto imah, "Sajak?" tulak-tulak rapang. Tingalabring deui, muragkeun sajak laju mangku budak. Sora gilinding wadah runtah ngajauhan mawa nu marurag tina sela-sela tulang iga, cenah mah baris digiling di hiji tempat nu nyamuni, hiji tempat anu hamo kasaba ku sasaha.

 

 

UING UCING

 

"Hong! Hong! Hong! Hong!" curuk uing bentik ka wétan kalér kulon kidul. Maluruh nu nyumput lebah jungkrang beurang nyamuni lebah lamping peuting. "Hooong!' weléh aya nu teu kapanggih lebah tonggong gunung, lahunan laut, buuk hujan, beuheung leuweung, pinareup dayeuh. Gancang atuh, sakitu hirup geus burit, taluk? Sora angin ngaléléwé nu rék méwék. Bongan saha ucing, gancang siah bisi ucing salalawasna. Uing ucing sabot éléh cingciripit lebah gawir pasir khuldi. "Hooong....!" ukur suwung jeung suwung kalah suwing balas ditampiling angin. Uing ucing. Ucingna uing, uingna ucing. Uing ucing-ucingan jeung aing.

 

 

NGANGON KEBON

-          Deri Hudaya

 

Aya nu ngangon kebon nuturkeun lampah angin. Kebon-kebon titinggal karuhun. Rarémpo, lalamur. Diabur kalah kasarung. Geus lapur sabubuhan sawah katut sarakit huma. Kari kebon rangkebong nu lawas teu ngaremus hujan jeung panonpoé. Di saban pangangonan ukur belegbeg peteng. Aya nu noyod ngangon kebon ti usum poék ka usum mongkléng. Nyéréd kalér ngabedol kulon ngéwat wétan ngagusur kidul. Reureuh saukur mireungeuh binih kecap jeung kalimah nu ditebar ratusan taun katukang. Sugan kapireng usik pelentis sésélékét na gumuruh umpalan halimun. "Suling aing tulang aing!" hariringna bari ngitung tulang sorangan nu lalocotan balas metot kebon-kebon nu merod meuntasan genggerong jaman.



SORA TROTOAR

-          Dédén Abdul Aziz

 

Beurang peuting kitu-kitu kénéh

Wirid kelakson jeung kenalpot

Diri nu salawasna rungsing

Ngaji indit jeung balik

 

Menekung nalikung kota, ukur

Hotbah tihang lampu jeung rarambu

Diri nu salawasna susumbar

Ngumbar caang jeung ugeran

 

Beurang peuting kitu-kitu kénéh

Kowowong botol jeung borgol

Diri nu salawasna mabok

Notor kosong jeung gerewong

 

Ngajepat saampar kota, lir

Sajadah panjang panglumpatan

Diri nu beling deui, beling deui

Diberik gegendir éling

 

Beurang peuting kitu-kitu kénéh

Ngalungsar kénca jeung katuhueun

Diri nu hideung deui, hideung deui

Kalang ludeung jeung keueung

 

Nangkarak sapanjang kota, langit

Kari sasemplék eunteung mulek

Diri nu haseup deui, haseup deui

Masieup hanca raca manusa




TONI LESMANA, lahir di Sumedang taun 1976. Nulis puisi jeung prosa dina basa Indonesia jeung basa Sunda di sababaraha média lokal jeung nasional. Kungsi dilélér hadiah sastra LBSS taun 2006, 2008, jeung taun 2011. Bukuna anu geus medal dina basa Sunda nyaéta kumpulan carpon Carita Lain Caritakeuneun (Geger Sunten, 2013). Ari anu dina basa Indonesia nyaéta Jam Malam Kota Merah (2012), Kepala-Kepala di Pekarangan (2015), jeung Tamasya Kota Pernia (2018). Buku kumpulan sajakna dina basa Indonesia nyaéta Tamasya Cikaracak (2017) jeung Peta dalam Rumah (2020). Kiwari dumuk di Ciamis. 

Posting Komentar

0 Komentar