Simpé Téh Tengahing Jempling - Sajak-sajak Arom Hidayat

Ilustrasi: "Garden" kénging Henry Lyman Sayen

SIMPÉ TÉH TENGAHING JEMPLING


Sora-sora nu teu kapaliré

Manahoréng nongtoréng na mangsa simpé

Atra lir leyurna sakabéh sora

Nganaha-naha lir karaha sapanjang rél karéta


Demi tapak jeung céda teu béda

Ti hinghing-hariring nu campuh jeroeun dada

Teu béda ti ceurik-seuri nu keri

Sakujur diri


2022





KURUNG


Dina jero kurung 

Bacéo sora manuk, “Boa kuring?”

Sarigsig awi nepi ka beusi 

Nepi ka tungtung-tungtung karisi


Di luar kurung

Kuring nu lianna kokotéténgan néangan lawang

Bangun sono hayang lawung 

Sakadar némbongkeun lebah-lebah nu gudawang


2022





LAMPING HIDEUNG


Paralun ka ciibun

Lamunan bet labas meuntas

Ka ditu ka alam peuntas

Mulung sada dina liuh tangkal tanjung


Panuhun ka cipanon

Ulah rék geruh nabeuh lalakon

Sabab sagalana geus lawas

Kari kawaas


2022





ASA RÉK ENYA


Neuteup nu ngulangkeun pacul

“Asa rék enya!” Ngajul ka alak paul

Ras ka bapa: di lamping bahé ngétan

Nyukcruk gecruk guritan deudeuh

Dina garitan beureum-hideung taneuh


Ngalieukan nu melak siki dina tapak-tapak aseuk

“Asa rék enya!” Bakal melentiskeun bagal jadi tangkal kitawekal

Ras ka indung: di lamping bahé ngétan

Nganti lugay saban pucuk nu tumuwuh

Tina sajeroeun rahuh jeung bangbaluh


Teu neuteup teu ngalieukan

Kebat ninggalkeun maranéhna nu sarua ngajauhan

“Ras ka kebon sorangan!” Di lamping bahé ngétan

Boa keur séséahna bareng jeung rabeng kalangkang kalakay

Kagiridig ku gebligna léngkah jaman


2022





MUN ISUKAN


Angka-angka kalénder teu melang teu nineung

Teger dibeureum dihideung, tapi naha

Teuteup urang bet gumeter ngagambar warnaning haté 

Dina pulas ules simpé


Bulu panon, jukut riut jeung girimis 

Anteng silih rangkul dina sono pangsunina

Mun isukan urang patepung peurihna kieu

Raheutna kitu tangtu semet nunggu-nunggu waktu


Angka-angka kalénder teu usik teu malik

Angger najan terus diteuteup dibulak-balik, tapi naha

Haté urang bet galideur melang ku hariwang

Mulangkeun sakur injeuman


Pébruari, jukut riut jeung girimis

Lantis nyacapkeun kasono dina lapat-lapatna ringkang katiga

Mun isukan urang paturay teu kudu nyarita

Kumaha éndahna cinta


2022






AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Dumuk di Cililin, Kab. Bandung Barat. Nulis sajak jeung fiksimini, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, Kabar Priangan, Galura, majalah Semboyan, jeung Galamédia. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan sajakna nu geus medal nyaéta Hariweusweus Leuweung Pineus (2013). Kiwari sapopoéna lian ti nulis sajak, ogé nulis rumpaka lagu, jeung ngeureuyeuh ngoléksi wayang golék.

Posting Komentar

0 Komentar