Ilustrasi: Buku "Pangalengan" |
TANGGAL 23 Séptémber 2013, kungsi nyekén fotokopian buku ipis. Judulna teu kagok, tilu, dina basa Sunda, Walanda, jeung Inggris. Nerangkeun Sawewengkon Pangaléngan atawa Beschrijving van Pangalengan en Omstreken atawa Tips for Trips Round (Mountains) Pangalengan. Kandelna ngan 64 kaca. Pamedalna NV. Boekhandel en Drukkerij Visser & Co, Bandung.
Eusina sakumaha nu diterangkeun ku Bupati Bandung R.A.A. Wiranatakusumah dina “Boeboeka”, nyaéta ékskursi ka Pangaléngan. Cék Wiranatakusumah, “Eusina ieu buku, ngagambarkeun sabagian nu aya di wewengkon kabupatén, nyaéta pakidulan tanah Bandung. Direngga ku basa ku carita katut rupa, jadi gambar nu uninga.” Ku kituna cenah, “Moal henteu, ieu buku jadi aés tuduh jalan sipat-sipat sipat-sipat nu gumbira, langlang buana nandang suka birahma sapanjang gelar, paribasa hirup ma’mur panjang umur.”
Bukuna diwangun ku guguritan 117 pada, ditambah ku 68 pada nu dimuat dina “Tjarita Goenoeng Wajang: Soeroepan ti Babad Rasa, Rakitan Boedjangga Koena” (kaca 23-27).
Tamba kawaranan, urang papay sawaréh eusina: “Ti Bandung téh mios enjing-enjing, sajajalan riweuh titingalan ..” (Kaca 5). Tuluy, “Ningal hongna mani sing jalegir, dibéréskeun ti luhur ka handap, hanjakal teu patos écés, katingal luhur gunung, horéng éta watercrackh listrik, Kamojang kasebatna, rét ka Gunung Tilu, Gunung Tilu sakarupa...”. Ku kituna, “Pangaléngan cacak onderdistrik, nanging sanget matak kalenglengan, seueur anu arahéng, gedong-gedong lalucu, palataran éstu resik, halégar baretah, unggal bumi pinuh, ku mangrupi-rupi kembang, kitu deui buah nagri térong nagri, teu bénten ti Cimacan”.
Bréh pabrik, cenah gé, “Lirén lebah hiji pabrik, anu disebat vlas téa, sim kuring mung bati kagét, réh tina nembéan pisan, terang ka lebah dinya, sihoréng anéh kalangkung, aya kapas modél pisan”. Bras ka Cileunca, “Saparantos ningal pabrik, nembé mios ka Cileunca, ngabujeng lirén di hotél, namung henteu ka lebetna, ngaso niis di luar, waas bari ningal situ, caina ngagenclang hérang” (Kaca 9).
Nu katingali ti luar hotél, “Tegal sisi cai, jukutna saé kacida, méh siga buludru baé, dugi ka saru paningal, sareng Situ Cileunca, seueur sapi puluh-puluh, nu aya di éta tegal. Ceuk piwartos anu sidik, éta sapi sareng tegal, kitu deui éta gedong, anu Boerderij Almanak, nu kongas kakoncara, mashurna ka saban lembur, horéng di dinya ayana. Teu tebihna katingali, orderneming Kertamanah, kontrak kina sareng entéh, matak kelar mamanahan...” (Kaca 11).
Sabot nuuskeun késang di Hotél Cileunca, nu kapikir ku narator, “Sanés hotél alit-alit, pohara pisan ageungna ..” (Kaca 11). Demi nu kasawang sabot leumpang, “Sajajalan rupi-rupi, seueur pisan tatangkalan, tangkal apel sinareng peer, frambozen kitu deui, aardbeien ogé teu kantun, éstu sagala aya, rupina hawana tiis, ku panginten hawana mampir Europa”.
Salian ti Hotél Cileunca, nu ditataan téh antarana Hotél Vesta, Pension Pangaléngan, Tjitere Bungalowbedrijft (Hotel Citéré). Sanggeus ngajugjug Hotél Citéré, bras ka Malabar. Sadatang-datang ka dinya, pok wéh, “Barang dongkap ka Malabar, mung hookeun lebet ati, réhna paningal saliwat, bet asa payuneun palis, kakayon warna rupi, éstu leuweung luwang-liwung...” (Kaca 13).
Teu kaliwat kebon-kebon kontrak (onderneming) gé ditataan. Aya Onderneming Cinyiruan, Bojongwaru, Kertamanah, Tanara, Wanasuka, Pasir Junghuhn, Purbasari, Riung Gunung, Malabar, Gambung, Wanasari, Cilaki, Pasirmalang, Patuhawati, Bumikaso, Cukul, Bumiayu, Talun, Argasari, Sedep, Santosa, Cikembang, Kertasari, Cibitung, Lodaya, Négla, jeung Arjasari. Ti dinya kagambar kakagum kana pagawéan kaom kolonial. Geura disebutkeun kieu: “Onderneming puluh-puluh, diétang ku jisim kuring, aya dua puluh lima, saha éta anu rajin, kajabi bangsa Europa, nu leukeun ngagempur pasir” (Kaca 17).
Sigana peun sakitu sawatara eusina mah. Da nu jadi matak panasaran mah nyaéta riwayat pamedalanana, kaasup pangarangna, kasang tukang gelarna éta buku, katut patula-patalina jeung kamekaran pariwisata di Bandung.
Nji Anah, Zangeres-Dichteres di Tjiandjoer
DINA jilid teu disabit-sabit ngaran pangarangna. Ngan palebah kaca judul di jero kapanggih nu tétélana, disebutkeun judul leuwih panjangna jeung katerangan émbohna. Judulna Pangaléngan Tanah Pakidoelan Kaboepatén Bandoeng: Karesmian, Kawaasan Baheula toeg ka Ajeuna. Émbohna “Goena keur noe resep langlangboewana landong njalajakeun manah soengkawa. DIRENGGA koe BASA djeung TJARITANA toer didangding dianggit gending”.
Handapeun éta katerangan aya potrét awéwé lintuh, digelung sarta dikabaya bodas. Handapeunana kaungel, “Kékéngingan NJI ANAH. (Zangeres-Dichteres di Tjiandjoer)”. Handapeunana deui: “Dikaloearkeun koe: R. MOEHAMAD ENOCH, Directeur Regentschapswerken Bandoeng”.
Sigana aya gantar kakaitanana Nji Anah jeung R. Moehamad Enoch téh. Tapi naon hubunganana? Sabada nyukcruk koran Sipatahoenan dina édisi taun 1930-an mah bakal katara pancakakina. Ngan méméh ka dinya urang salalar ngadadar biodata Nji Anah sakumaha nu kapanggih tina tulisan H.D. Bastaman, “Ngahudangwayangkeun Idi Rosadi jeung Mimin Rosadi: Sajodo Jurumamaos RRI Jakarta” (dina Seri Sundalana 9: Perubahan Pandangan Aristokrat Sunda, 2010: 63-74).
Nji Anah téh cenah tokoh tembang Sunda Cianjuran. Jenengan lengkepna Anah Ruhanah Buchori Wiratmadja, muridna R. Étjé Madjid. Ramana, R. Muh. Asikin (Abah Iing). Muh Asikin téh sobatna R. Étjé Madjid nu malang-mulintang dina alam Cianjuran jaman Kangjeng Prawiradiredja II (1864-1910). Nji Anah nulis buku Pangaléngan Tanah Pakidulan Kabupatén Bandung jeung Maribaya dina taun 1937. Ngan teu kapanggih bukuna ku H.D. Bastaman, anging nu Pangaléngan Tanah Pakidulan Kabupatén Bandung.
Ari tina cukcrukan Sipatahoenan kumaha hasilna? Urang heulakeun nu taun 1936. Dina édisi 29 April 1936 aya tulisan “Tembang Soenda di VORL”. Di dinya disebutkeun “Anoe bade dipintonkeun ajeuna mah sanés babaran bab tembang, moeng goegoeritan-goegoeritan anoe kapilih koe djoeragan Odjoh Ardiwinata: pantes disebatkeun koe Studio VORL, ditembangkeun koe Nji Anah”.
Informasi séjénna nu matak narik: “Koe emoetan kaopat kali ajeuna poen Anah ngiring ngareuah-reuah di VORL. Oenggal dongkap ka Bandoeng roepi-roepi lalagoean, boh dina soeroepan melog, boh dina njorog, ditatab. Koe margi moeng mandang bilangan téa, atoeh oenggal lagoe téh moeng doegi kana loemenggang dina sarina tetebiheun katepi doegi kana atjina. Saoer ahlina oepami palaj doegi ka koemandang di lebah dinja mah taja sanés kadjabi koe rada paos ngadangoekeunana dina saroepi-soepina lalagoean téh”.
Hartina nepi ka 29 April 1936, Nji Anah geus midang opat kali dina VORL. Ari VORL pondokna tina Vereeniging voor Oosterse Radio Luisteraars, nyaéta radio swasta nu diadegkeun di Bandung dina taun 1935 (P.B. Yampolsky, Music and media in the Dutch East Indies: Gramophone records and radio in the late colonial era, 1903-1942, 2013: 184).
Demi kamekaran radio alam harita antarana kagambar dina Sipatahoenan édisi 25 Mei 1935. Di dinya aya tulisan “Vereeniging voor Oosterse Radio Luisteraars” sarta dina awalna kaunggel kieu: “Dina waktoe ajeuna mah méh sakabéh rahajat Bandoeng pada resep kana radio, sabab koe ngabogaanana noe kaseboet téh oerang bisa nambahan roepa-roepa kanjaho, kajaning kaanéhan di Amérika, Éropa, djst, geus poegoeh Indonésia mah, lantaran lamoen aja anoe modél tangtoe pisan koe sakabéh perkoempoelan Radio téh disebarkeun, sangkan elidna-elidna bisa njaho kana éta kamodélan”.
Demi VORL ditétélakeun, “Lamoen henteu salah di Bandoeng geus ngadeg hidji perkoempoelan anoe maké ngaran VORL, pondokna tina Vereeniging van Ootersche Radio Luisteraars. Ngadegna ieu perkoempoelan téh beunang kaseboet geus rada lila oge, ngan kawasna baé koe lantaran elidna tatjan loba, katoeroeg-toeroeg contributie-na katjida handapna, tangtoe pisan atjan bisa ngajakeun parabot sakoemahana pikeun njebarkeun kaboedajan oerang”.
Pangurus VORL harita Apandi Widaprawira jeung R. Roekman. Ari sabada rapat pangurus VORL tanggal 11 Maret 1936, sakumaha nu dilaporkeun dina Sipatahoenan (12 Maret 1936), nu kapilih jadi pupuhu VORL téh R. Mh. Enoch, kalawan wakilna R. Djoendjoenan, sékrétaris ngarangkep bendaharana Soetopo, komisarisna R.A. Atmadinata, Tio Tjoan Tek jeung Sastra Midjaja.
Atuh ku warta éta jadi écés patalina antara Nji Anah jeung R. Moch. Enoch téh, nyaéta minangka pupuhu VORL nu sok ngulem Nji Anah sangkan midang nembang dina corong radio. Matak munasabah lamun Moch. Enoch ngarojong katut ngamodalan terbitna buku nu dianggit ku Nji Anah téh.
Panalék Poeradiredja
AYEUNA soal riwayat medalkeun bukuna. Raratanana mimiti kapanggih dina Sipatahoenan édisi 1 Nopémber 1937. Di dinya aya iber “Téréh Kaloear”!”
Urang cutat baé sacéréwéléna. Kieu cenah: “Pangaléngan djeung wewengkonna téh geus sakitoe pikawaaseunana, kadjodjo ti djaoehna, koe sagala bangsa, toeristen djeung noe biasa ngahargaan kaaloesan alam//Ari ajeuna rék diboekoekeun pisan, toer didangdingkeun koe dichter-zangeres noe geus kongas kapoendjoelanana ti noe réa// Lain ngan sakitoe baé, tapi dipapaésan koe pirang-pirang potrét pikawaaseun deuih, aja salawé roepana, kandelna koerang-leuwih 80 katja, dina keretas aloes, tjitakan bérés soesah pantarna// Dangdingan sagala roepa pikawaaseun, goenoeng-goenoeng, palataran djst., toer bari didjoedjoet dongéng sasakalana//Satalén hidji boekoe pihargaeunana téh, engké tiasa kénging ti kantor Sip.”
Tina éta iber, urang bisa nyindekkeun paling henteu nepi ka 1 Nopémber 1937 buku Nerangkeun Sawewengkon Pangaléngan tacan medal. Ari nu jinekna iraha atuh? Bisa jadi dina Désémber 1937, sabab dina Sipatahoenan édisi 5 Januari 1938 geus aya panalék atawa résénsina beunang nulis Poeradiredja.
Dina awal tulisanana, Poeradiredja nulis kieu: “Pangaléngan, anggitan Nji Anah, dipapaésan koe pirang2 gambar, nganggo kaart Pangaléngan sareng tempat sakoerilingna: dikaloearkeua koe. Mochamad Enoch, ditjitak di kantor-tjitak Visser en Co.—Bandoeng”.
Ti dinya disusul ku pedaran eusina. Kesan nu katéwak ku Poeradiredja antarana, “Tah, eusina boekoe Pangaléngan téh bangsa kitoe, babakoena gambar rasa Nji Anah basa ningal kaéndahan palataran Pangaléngan sareng tempat2 anoe tjaraket ka dinja, ditekin koe dangding dianggit djadi wawatjan. Ngan handjakal noe digambar babakoena ngan rasana manéhna pribadi baé, ari kaéndahan palatarana téh ku réa noe ditekin, lolobana ngan ditataan baé, dirakit didamel perlambang koe kirata basa, niron Dangdanggoela Laoet Kidoel, (bédjana) anggitan Kdj. Dalem Pantjaniti. Aja doea-tiloe pada diwanda anggitan Djrg. Hasan Moestapa”.
Leuwihna ti éta, Poeradiredja ngécéskeun yén éta buku leuwih deukeut kana buku réklameu. Da cenah gé, “Ditingal sabréhan, éta boekoe, siga boekoe reclame, pinoeh koe advertentie paselang baé sareng dangdingna. Moen disawang: ageung kénéh kana boekoe reclame manan kana sipat boekoe batjaan (lectuur)”.
Nerangkeun Sawewengkon Pangaléngan tuluy diiklankeun dina Sipatahoenan, antarana dina édisi 12 Januari 1938 jeung édisi 8 Maret 1938. Dina iklanna disebutkeun, “Speciaal kanggo lezers Sip. Disajagikeun boekoe Pangaléngan pangaos satalén di lebet kota Bandoeng sareng wewengkon agentschappen Sip. Per post ditambih 3 bénggol.”
Usum Piknik
AYEUNA urang patalikeun jeung kamekaran wisata di Bandung. Sabab sakumaha nu kacukcruk boh tina koran Walanda boh tina Sipatahoenan, kanyahoan yén dina taun 1930-an kungsi aya usumna piknik di Bandung téh. Samalah dugdeg organisasi ékskursina ogé, kayaning Bandoengsche Excursie-Vereeniging (BEV) jeung Bandoengsche Excursie Comite (BEC).
Ngeunaan BEV, antarana kabaca tina Het Nieuws van den Dag voor Nederlandsch-Indies taun 1933 nepi ka 1937. Kagiatan éta kleub sok diasupkeun dina kolom “Vermakelijkheden”. Di dinya biasana dipidangkeun jadwal, tujuan pelesirna, katut titik ngumpulna. Lalampahanana sasarina sok diayakeun ahir minggu, biasana poé Ahad, awal jeung tengah bulan.
Dina édisi 15 Juli 1933 disebutkeun BEV ngayakeun pakanci ka Paséh, Lélés, Garut, dina 16 Juli 1933. Dina édisi 28 Juli 1933 disebutkeun BEV bakal ngayakeun lalampahan ka guha-guha di Gunung Pawon, Padalarang, dina 30 Juli 1933. Ari dina taun 1937, BEV antarana ngayakeun piknik ka Gunung Tangkuban Parahu, Situ Lémbang, jeung peternakan “Generaal De Wet” di Cisarua (édisi 14 Januari 1937). Ari dina édisi 8 April 1937, disebutkeun BEV rék ékskursi ka Curug Citarik di Pakebonan Sindangwangi, Nagrég.
Ngeunaan BEC mah kapanggih tina Sipatahoenan édisi 25 Séptémber 1934. Di dinya ditétélakeun, “Ngantét djeung beuki tambah baé réana oerang Bandoeng noe mikaresep kana excursie, ngadjoegdjoeg néndjo kaanéhan alam kajaning kawah, goeha, tjoeroeg, talaga djeung réa-réa deui sakoer noe resmi djeung langka katéndjona koe oerang kota, tapi kana éta karesep téh langka noe bisa ngalaksanakeun, lain ngan koe djaoehna baé, lain ngan henteu tjoekoep koe ongkos saeutik baé, lamoen ngahagal sorangan mah, tapi babakoena mah, langka noe njaho di mana ajana tempat-tempat noe koedoe dipikaanéh téa”.
Satuluyna, “Koe sabab éta, soepaja ngagampangkeun ka saréréa, ajeuna ngahadja geus diadegkeun hidji komite noe ngaranna saperti noe djadi djoedoelna ieu tulisan”. Ari nu ngadegkeun BEC nyaéta Bakrie Soeraatmadja (pamingpin redaksi Sipatahoenan) minangka pupuhuna, sékretarisna Soenarjo, bendahara Soekarto, jeung anggota-anggotana Soekiman Dipowijono, Soekarso, Mohamad Koerdie (redaktur Sipatahoenan), jeung S. Martojo. Tegesna, BEC didegkeun di Bandung dina bulan Séptémber 1934.
Derna, BEC mitembeyan ngayakeun ékskursi ti Oktober 1934. Dina édisi 5 Oktober 1934, disebutkeun ku inisiatifna perkumpulan “Setia” jeung BEC, dina 4 Oktober 1934 geus diayakeun ékskursi ka Bogor. Awal Nopémber 1934, BEC ngayakeun pelesiran ka Pangandaran antara 4-5 Nopémber 1934 (Sipatahoenan, 6 Nopémber 1934).
Dina taun 1935, kagiatan BEC beuki nemen. Antarana ngayakeun piknik ka Talaga Bodas (Garut) dina 10 Pébruari 1935, Maret 1935 ka Palabuan Ratu jeung Cisalak (Sukabumi) (Sipatahoenan, 30 Januari 1935, 9 Pébruari 1935, jeung 18 Maret 1935).
Ari piknik ka Pangaléngan kumaha? Mun urang maca “Oesoem Vacantie di Pangaléngan” nu dimuat dina Sipatahoenan édisi 5 April 1937 bisa disebutkeun medalna Nerangkeun Sawewengkon Pangalengan beunangna Nji Anah téh mémang keur nunjang kagiatan wisata di sabudeureun Pangaléngan. Dina “Oesoem Vacantie di Pangalengan” ditulis “Doepi pelesirna roepi2, aja noe Kawah Goenoeng Wajang, ka toe Dano Tjibitoeng, ka Tjoeroeg Tjibeureum, ka Poentjak Besar, ngodjaj di-sitoe Tjileuntja atanapi ngoeseup.”
***
ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.
1 Komentar
Abi fans kang atep.. 🤟🤓
BalasHapus