Sajak Kuring jeung Anjeun - Sajak-sajak Budi Mugia Raspati

 

Ilustrasi: "Over the Town" kénging Marc Chagall (1918)

SAJAK KURING JEUNG ANJEUN 


Basa sora saksofon balilihan 

lebah partitur panganggeusan: 

dunga sumebar wanci janari, 

keur nu ngangluh katurug katutuh.


Kuring surti, waktu beuki pinuh ku tatu, 

nyamuni satukangeun angka-angka jarum jam 

nu geus karaha, bongan saha. 


Béré deui kuring mélodi: 

lagu liwung, komposisi blues kapigandrung. 

Tina senar gitar nu humandeuar 

atawa sada harmonika nu dareuda.


Saméméh rumpaka-rumpaka midua: 

nyiptakeun lalakon nu teu kungsi kacaturkeun,

nyiptakeun sajak kuring jeung anjeun. 


Ngan saukur sajak.   

Enya sajak kuring jeung anjeun. 

Sakadar ritual saméméh ajal. 


2021





T I G R I S

: tina sajak Goenawan Mohamad


Kapan Pangéran geus nurunkeun kitab suci.  

Pangéran haat ngadatangkeun nabi. 

Tapi naha Mesopotamia angger digunasika?


Antara sawah jeung sajarah, 

hama jeung Hammurabi. 

Cimata jadi magma na sela-sela tangkal tufah. 


Tong ceurik! 

Babilon kaburu ngabangingik.

Naon atuh gunana jubah Tigris pulas getih téh, Mullah? 


“Ababil! Ababil! 

Ieu bumi perang sabil!” 

Ceuk hiji sora ti lebah Najaf. 

Teuing ku handaruan. 


Urang terus tonggoy ka Karbala, 

nyakséni rajapati nu nyisikudi. 

Sugan jaga jadi eunteung 

pikeun lalampahan anak-incu. 


2021





DI DIEU 


Di dieu, kuring nimu sora nu haliwu, 

paroman nu kulawu, 

cinta nu nyilalatu jadi tatu. 

Ku sabab aya haté nu ngabatu. 


Di dieu, kuring kapaksa nuguran impian, 

ngarah salira teu cangcaya. 

Sanajan salira can tangtu aya.


Di dieu, bosen kuring nunggelis,  

ukur dibaturan ku serenade nu lumengis. 

Bari nungguan nu bakal datang ti sawarga, 

duka saha. 


Di dieu, kuring bakal tumpur

dicaangan lampu-lampu tinggelebur, 

bari mapatkeun jampé-jampé panglipur. 


2021





PARISIENNE WALKWAYS


Sabar silih leukeunan, sapanjang Champs-Elysees jeung Le Marais. 

Ranggeuman urang dibaturan sajak Rimbaud 

jeung Old Beaujolais wine nu kareueut.


“Nous sommes faits pour l’autre.” 

Haréwos salira harita pinuh ku cinta. 

Basa Eiffel keur suka bungah, tangkal-tangkal Ek ngarandakah. 


Hanjakal salira kayas katambias, 

ari kuring seuneu nu ngabebela. 

Antara haté jeung haté dipisahkeun jungkrang teuing ku anggang. 


Sadar silih tarimakeun, sapanjang Seine jeung Pont Alexandre.

Dina rangkulan hujan urang kapaksa kudu paturay,

sabot Paris keur girimis. 


2013-2022





C’EST LA VIE 


Ku cara naon kuring bisa nyingkahan teuteup salira,

sangkan teu kalebuh na sagara kateudaya? 

Mangkaning ieu haté beuki ngalakay,

kembang pileuleuyan mimiti maluguran.


Kudu kumaha deui nyingkahanana,

ngarah raga teu terus nyangsaya na amparan méga kaniaya?

Tapi salira nyalira tuluy ngajentul lebah rentul tutunggul

nu dikepung halimun ngungun. 


2022





INSTRUMÉNTALIA INSOMNIA

: Don Quixote


Rék ka mana cenah manéhna ngalalana, Rocinante? 

Kapan ieu serenade pileuleuyan can tepi kana coda

Nya rék dikumahakeun atuh ieu tungtung carita mélodrama téh?

Naha kudu nungguan heula peuting somnambulis? 


Manéhna leukeun milangan umur hareupeun eunteung, Sancho.

Cenah geus teu sabar hayang mulang, bongan boga rasa 

nu haben dikakaya instruméntalia insomnia.   

Sakalian ngumaha ngeunaan cinta nu teu kaduga. 


“Deudeuh teuing…”


Mangtaun-taun manéhna micinta salira, Dulcinea. 

Éta cinta tangka ngaleuya saamparan tegalan La Mancha.

Jadi puisi déprési na seuseukeut balati. 

Nu kungsi dituliskeun dina salambar keretas mazmur:


“Kuring, Don Quixote, majnun nu leungiteun matapoé jeroeun haté…”


2022




BUDI MUGIA RASPATI
, pituin urang Ciwidey, brol ping 23 Januari 1972. Sapopoéna mancén gawé jadi ASN di Kemenkeu. Nulis dina basa Indonesia jeung basa Sunda. Resep pisan kana maca, ngadéngékeun musik, lalajo pilem, olahraga, ngalancong, ogé kulinér. 

Posting Komentar

0 Komentar