Peupeura Sora - Sajak-sajak Ari Andriansyah

Ilustrasi: "Angel Applicant" (1939) kénging Paul Klee.


PEUPEURA SORA


Aya mangsana laku ngemu haliwu kalbu

Mikukuh pengkuh sakur geruh gumuruh

Nu werat galécok ngan ngenes gerentes

Ngilungan nu tacan karuh diwakcakeun


Taya salahna teger meper gegeder geter

Mun ungkara nu disidem nu dikengkem

Wungkul kedal tugenah jeung pangrinah

Nu sirna tina wiwaha purna tuna waluya 


Aya kalana leupas talimbeng gerendeng

Bongan rasa langgeng dipergasa sasama

Geus lawas tatag jeung gentem dibekem

Bekaskeun na bedas najan saengab ucap


Taya bayana galantang rosa nyilantangan

Humaréwos hamo peruh barungsinangan

Najan handaru nu ngari cowong gorowok 

Najan aweuhan nu nyésa peupeura sora


2015





KEUNANG KÉSANG


Nu nyésa tina tamper hirup nu tompér

Kari tapak lalakon gedat-gedat kelang

Haropak lacak raca céda lebah tarang

Réro-lamur muni kulit sarapet tulang


Sab ringkel gurat na dampal leungeun

Sab réngkol urat sabuku-buku wujud

Mutuh garit-garit panumbuan waktu

Nepungkeun diri jeung nasib nu keri


Nu nyésa tina angar hurip nu ngahgar

Kari raga nu garing sukma nu garung 

Lapat-lapat sora gé nilar pangreungeu

Samar-samar awas gé nilas paneuteup


Nu tuhu nuguran ukur keunang késang

Ngoprot na rapuh harepan ropoh impian

Na batin taréngtong na ati rangkebong

Na garajag na curulung umur mungkur


2015





NAPTU WAKTU


Rumonghéap napas téh ka tungtung taun

Tutas lémpoh norah keteg jeung damina 

Tutas limpeu nujum ketug jeung ratugna

Lebah ajur amayak kalakay pananggalan


Lambaran poé nu teu parok kasubadanan

Nungtutan ngararas kana repok wilangan

Babandan nu salilana dileumpeuh mangsa

Darma merenahkeun regas jeung ragasna


Naptu rahayu mutuh itungan rimbu waktu

Naas wuwuh kélangan tina rasa katambias

Nu langen kari kangen jeung angen-angen

Nyirung jeung mugur dina tunggul kalbu


Tungtung taun dapon ngabalénan lalakon

Ruménghap rahuh mindo humégak heruk

Antara régang harepan rangrang impian

Salambar nasib tuluy ngoléang pandeuri


2016





MARANAN JALAN


Lalampahan maranan kebatna jalan

Luméngkah watekna rajeun élodan

Teu kalis sangli opat madhap pilihan

Kalima pancer horéng sasab raratan


Kidul-kalér parekna mijarak anggang

Kulon-wétan raketna wates kalangkang

Ka landeuh ngan wasa ngalajur tineung

Ka girang ngan wenang ngawawaasna


Lalampahan maratan kebatna jalan

Lumaku wuwuh katungkul bulungbung

Sangsri mending mana mending mendi

Longkéwang bihari sumoréang kiwari


Lampar téh geuning sakadar lampar

Ngaprak satemenna sajeroning samar

Ngabaékeun sakabéh nu kalakonan

Ngabaeukeun sakabéh nu pamohalan


2016





SAPANJANG KOJÉNGKANG


Kapan indit nyorangan suda kojéngkang

Balik gé longkéwang séwang-séwangan

Taya nu pareng dengdeng lumanggeng

Gumilir panjang jeung pondok lalakon


Najan papagon papadon darma kamarian

Rénghap panungtungan hégak paméakan

Angkeuhan cacap ngalajur teu isukanan

Bedang sakiwarieun berung teu pagétoan


Saban pikir nu sumingkir ku sangkirna

Saban sangka nu sumengka ku jembarna

Nu luas naratas nu héman ngaledegan    

Dina sasab jeung lamparna lalampahan


Nu miang pandeuri nu mulang ti heula

Papasangan karingrang jeung kayakinan

Sapanjang baladah bumetah lumampah

Bakal datang mangsana kudu papisah


2016





PULAS PAMUNGKAS


Galeuhing kaéndahan téh buana saampar

Ramo-ramo gaib luhureun kanvas digelar

Koas-koas cahaya nu disangling matapoé

Gurat kudrat warnaning bumi jeung langit


Sir diarsir haeub ngijih jeung héab katiga

Katumbiri dilukis asih kepris jeung poyan

Atawa layung nu mirun sakur kagandrung

Méméh udat minda rupa lanskap sareupna


Beurang jeung peuting silih kalangkangan

Pataréma liwung ngulawu jeung nambaga

Silih baganti sumanding dina pasini wanci

Silih titipkeun isarah jeung rasiah kasadrah


Jatining kaagungan téh medal jeung surup

Dina tékstur wirahma jeung wirasa wisésa

Keliring takdir antara hideung jeung bodas

Sakabéhna murba jadi pulas nu pamungkas


2016





ARI ANDRIANSYAH, lahir di Arjasari taun 1988. Red Army, striker di cacandran.com. Nulis pangpangna dina wangun sajak jeung carpon, dimuat dina Manglé, Cupumanik, Tribun Jabar, jeung Pikiran Rakyat. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Bukuna nu geus medal nyaéta kumpulan sajak Léngkah (2016) jeung kumpulan fiksimini Hégak (2017). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Jatinangor. Ayeuna matuh di Tanjungsari.


Posting Komentar

0 Komentar