Mas Anggabaja, Guru Basa Sunda nu Munggaran - Atép Kurnia

Foto nu dipasrahkeun ka Walikota Bandung, Bertus Coops, basa inyana mulang ka Eropa (Agustus 1920). 

.

CING, sugan aya nu nyaho, saha ari nu munggaran jadi guru basa Sunda? Mun aya nu ngajawab D.K. Ardiwinata, jawabanana tangtu kaliru. Lantaran D.K. Ardiwinata mah ngajarna basa Malayu. Bari jeung rada béh dieu ongkoh D.K. Ardiwinata mah. Kumaha, taluk baé ieu téh? Yeuh, keur ombérna mah manéhna téh teureuh Ciamis, nu harita masih disebut Galuh. Gelarna Mas, tacan Radén. Ngaranna dimimitian ku aksara A ditungtungan ku aksara A deui.

Lebeng kénéh? Nya atuh ari angger lebeng kénéh mah urang waléh baé. Ngaranna Mas Anggabaja, ngan engkéna kasinugrahaan gelar Radén, jadi wéh disebut Radén Anggabaja. Dina laporan heubeul sakapeung ditulisna Angabaja, Angabaija, atawa Angga Baja. Mimiti ngajarna di Kweekschool Surakarta ti mimiti 11 April 1859. Sanggeus ngadeg Kweekschool di Bandung taun 1866, Mas Anggabaja téh pindah gawéna ka Bandung, nepi ka pangsiun.


Ti taun 1859, Mas Anggabaja nu asalna ti Galuh, diangkat jadi guru basa Sunda saheulaanan di Kweekschool Surakarta. Sumber: Algemeen verslag van den staat van het Schoolwezen in Nederlandsch-Indie, Afgesloten onder Ultimo 1858 (1859).


Ku lantaran nyabit-nyabit Kweekschool Surakarta jeung Bandung aya hadéna nyuckruk heula sajarah ngadegna éta dua sakola. Ceuk H. Kroeskamp (Early Schoolmasters in a Developing Country: A story of experiments in school education in 19th century Indonesia, 1974: 310-311) Kweekschool Surakarta mimiti dibuka téh April 1852. Mimitina ngan aya 15 murid, ngan kabéhanana jol ti kalangan ménak sakuliahing Jawa. Urang Madura kakara asup taun 1853, urang Sunda mah kakara taun 1856. Duaan nu daptarna téh, sakaligus jadi sabab perelu ayana guru basa Sunda. Ceuk Kroeskamp kénéh, kuota keur éta sakola dipatok 32 murid dina taun 1860, ari tilu taun ti harita, 1863, jumlah muridna 36 urang.

Ari bahan bacaan nu diajarkeun harita keur urang Sunda antarana Kitab Pangajaran Basa Sunda (Soendasch spel- en leesboekje, 1850) nu ditulis dina aksara Cacarakan, Carita Kura-kura jeung Monyet (1851) karangan K.F. Holle jeung A.W. Holle, jeung Kitab Tjatjarakan Soenda No.1 (Soendasch spel- en leesboekje met Latijnsche Letter, jilid 1, 1862) beunang K.F. Holle.

 

Kweekschool Bandung

ARI bibit-buit Kweekschool Bandung kapanggih tina katerangan Inspecteur van het inlandsch onderwijs in Nederlandsch-Indië Van der Chijs nalika muka éta sakola dina poé Rebo, 23 Méi 1866. Laporan lengkepna dijudulan Verslag van de plegtige opening van de Kweekschool voor inlandsche onderwijzers te Bandong, op den 25sten Mei 1866 (1867).

Van der Chijs antarana nétélakeun yén sanggeus ngadeg Kweekschool Surakarta atawa Solo, taun 1856 pamaréntah kolonial engeuh pentingna ngadegkeun sakola calon guru pribumi kadua di Pulo Jawa, nyaéta di Tatar Sunda (de Soenda-landen). Sabada disawalakeun jeung para pejabat katut Déwan Hindia (Raad van Nederlandsch-Indië) Gubernur Jénderal Pahud dina April 1859 ménta sangkan nyéngsarkeun duit, gedéna 26.496 gulden unggal taun, keur kapereluan éta.

Ngan, ceuk Van der Chijs, kakara Agustus 1861, éta idin téh kaluar sarta méré kakawasaan ka diréktur pagawéan umum (directeur der burgerlijke openbare werken) pikeun nataharkeun proposal pangwangunan gedong Kweekschool. Méh mareng, kapala déwan umum (hoofd van algemeen bestuur) dipinangsaraya sangkan residén Priangan ngalap pamanggihna K.F. Holle enggoning kumaha hadéna ngadegkeun sakolana.

Cenah keur nyusun proposal katut sawala-sawala nataharkeunana gé lumangsung dua taun, méméh dek diadegan. Ku medalna surat kaputusan nomer 12 tanggal 16 Juni 1863, proposal proyék Kweekschool di Bandung ditetepkeun. Mimitina wangunan Kweekschool téh bakal rada anggang ti wangunan pamaréntah, nyaéta ti Gedong Papak, ngan sanggeus dibeuweung-diutahkeun, robah deui. Samalah dina derna ngawangun ogé dipasrahkeun ka Holle. Manéhna sasatna nu ngamandoran pangwangunanana nepi ka anggeus, jero tilu taun.


Kweekschool voor inheemse onderwijzers, Sakola Calon Guru Pribumi, Bandung (1866).


Dina laporan diécéskeun yén peresmian Kweekschool Bandung téh diluuhan ku anggota Déwan Hindia Mr. A. Loudon sakaligus ngawakilan gubernur jenderal, ditambah para asistén residén jeung kontrolir sa-Karesidénan Priangan, Residén Priangan C. Van der Moore, Inspéktur Atikan Van der Chijs, Bupati Bandung, Sumedang, Sukapura, Limbangan, Cianjur, Cirebon, Galuh, Karawang, jeung Lebak, K.F. Holle, Panghulu Besar Limbangan R.H. Mohamad Moesa, jeung kepala sakola Kweekschool Ten Zeldam Ganswijk.

Sanggeus Van der Chijs jeung Ten Zeldam Ganswijk, Holle nepikeun pangbagéa maké basa Sunda. Dina bubukana, antarana manéhna nyarita kieu: “Powé ijě běnang di sěboetkěn powé gědé! Wakil kangdjěng Toewan Bésar, nja ijě kangdjěng Toewan Edler, datang ka linggih kadijě! Oerang enggěs koempoel didijě pakën narima sih piwělasna kangdjěng Radja ka oerang Soenda! Lamoen di manah těměn-těměn, tě aja děi anoe ngamoeljakěn ka maoesija kadjaba ti élmoe. Djalma anoe tě aja pisan élmoena, méh saroewa baé djěng sato-héwan atawa tjara boedak lệtik, hantě bisa milih hadé goréngna. Ari élmoe éta ajana di awak manoesa tjara panon powé di boewana.”

Sabada Holle, Bupati Bandung R.A. Wiranatakusumah nyarita dina basa Malayu. Antarana kieu, “Hamba-orang tiada boleh loepaken atas Maha Radja Hollanda ampoenja katjintaan den pertoeloengan kapada sakalian hamba-hambanja, jang di bawah prentahnja; den lagi jang ini permoelaan di besarken dari bahasa Soenda, iaitoe misti bilang banjak trimakassi kapada toean Holle, jang soedah toeloeng mendjadiken sekalian boekoe Soenda; nistjaja hamba orang pertjaja barang apa, jang di boeat oleh toean Holle, kena soedah bermoepakat sama hamba-orang poenja maksoed. Maka nja itoe hamba dengen ichlas membri bebrapa trimakassi kapada kangdjeng Gouvernement den kapada sakalian toean-toean, jang di koewasaken oleh kangdjeng Toean Besar.”

Sanggeus Wiranatakusumah, disambung ku pangbagéa ti Mr. A. Loudon, dipungkas ku ngado’a dina basa Arab nu dipingpin ku Panghulu Besar Bandung R.H. Mohamad Ardi.

 

Diangkat 11 April 1859

BALIK deui ka Mas Anggabaja. Dina Algemeen verslag van den staat van het Schoolwezen in Nederlandsch-Indie, Afgesloten onder Ultimo 1858 (1859: 2-3) nu disusun ku Hoofd-Kommissie van Onderwijs diécéskeun asal-usul pangna Mas Anggabaja diangkat jadi guru di Kweekschool Surakarta. Di dinya disebutkeun yén kepala Kweekschool Surakarta Dr. W. Palmer van den Broek tanggal 31 Méi 1859 ngumumkeun ayana robahan ti mimiti 1 Juni 1858, nu aya patula-patalina jeung guru-guru nu ngajar di dinya.

Cenah T. A. F. van der Valk diangkat jadi guru kadua dumasar kaputusan pamaréntah tanggal 20 Nopémber 1858 nomer 28. F.W. Winter nu asalna asistén guru diangkat guru katilu. J.C. Lavalette jadi guru gambar. Tuluy keur guru basa Jawa aya Bagoes Atmaraga nu asalna ngajar di Pekalongan. Satuluyna, ku lantaran mekarna jumlah murid katut guruna, Mas Anggabaja nu asalna ti Galuh, Karesidénan Cirebon, diangkat jadi juruawas saheulanan minangka guru basa Sunda di éta sakola (“Door alle deze benoemingen werd er op eene zeer voldoende wijze in de behoeften voorzien en het onderwijzend personcel zoodanig geregeld, dat men daarvan vooral ook met het oog op de geprojecteerde uitbreiding van het aantal kweekelingen, de beste vruchten gerustelijk mag voorspellen. Eindelijk werd Mas Angabaja van Galoe, residentie Cheribon, met de tijdelijke waarneming der functien van Soendaneschen onderwijzer aan de kweekschool belast”).

Dina Almanak van Nederlandsch-Indië voor het jaar 1860 (1860: 342), susunan guru-guru di Kweekschool Surakarta masih sarua. Aya Dr. W. Palmer van den Broek minangka hoofdonderwijser (guru kapala), T. A. F. van der Valk (tweede onderwijzer, guru kadua), F. W. Winter (derde onderwijzer, guru katilu), J. C. Lavalette (onderwijzer in het teekenen, guru gambar), Radhen Mas Pandji Tjokro Admodjo (Maadureesch onderwjzer, guru basa Madura), Radhen Pandji Poespowilogo (tijdelijk toegevoegd aan den hoofdonderwijzer, asistén guru kepala), Bagoes Atmorogo (Javaansch onderwijzer, guru basa Jawa), jeung Mas Angabaja minangka wd. Soendasch onderwijser atawa guru basa Sunda saheulaanan.

Nu leuwih tétéla ti iraha Mas Anggabaja diangkat jadi guru basa Sunda di Solo kapanggih dina Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie 1866. Di dinya ditulis yén diangkatna tanggal 11 April 1859 atawa tilu taun sanggeus dua murid Sunda asup ka éta sakola. Nu séjénna kayaning Hadji Achmat nu ngajar basa Malayu diangkatna tanggal 25 Pébruari 1860, sedengkeun Radhen Ardjowasito nu ngajar basa Jawa diangkat dina 15 Oktober 1864.

Satuluyna tina Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie 1868 urang terang yén saméméh Kweekschool di Bandung resmi dibuka dina 23 Méi 1866, Mas Anggabaja mah diangkatna leuwih ti heula. Tina éta almenak kapanggih yén Mas Anggabaja diangkat jadi “Onderwijzer voor de Soendasche taal” (guru keur basa Sunda) di Kweekschool Bandung téh dina 17 Pébruari 1866, ngarangkep jadi guru basa Malayu (“Idem voor de Maleische taal”).

Robahna gelar tina Mas jadi Radén kapanggih dina Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie 1878, sabab dina édisi taun 1877 mah masih ditulis “Idem voor de Soendasche taal. Mas Anggabaja, 28 maart 1872” (kitu deui keur guru basa Sunda. Mas Anggabaja, 28 Maret 1872). Ti dinya kapanggih deuih yén kaputusan diangkatna geus dirobah jadi 28 Maret 1872. Demi dina édisi taun 1878 mah ditulisna téh kieu: “idem voor de Soendasche taal. Radén Anggabaja, 13 jan. 1877”.

Ari pangsiunna iraha jeung saha nu ngagantina? Mun ngilikan Regerings-almanak voor Nederlandsch-Indie taun-taun satuluyna urang meunang raratan yén Mas Anggabaja pangsiun dina taun 1879. Dina daptar guru-guru di Kweekschool Bandung kapanggih nu ngagantina téh Mas Soema di Nata nu mimiti diangkat tanggal 24 Séptémber 1879. Guru séjénna aya Radén Marta Admadja nu ngajar basa Malayu, jeung Radén Koesoema Di Brata nu diangkat tanggal 9 Nopémber 1878 pikeun jadi guru gambar. Engkéna Mas Soema Di Nata diganti ku Mas Partadiredja atawa Mas Kandoeroean Partadiredja ti mimiti 21 Januari 1903 nepi ka diganti ku Padmadinata dina 4 Januari 1916.

Salian ti éta, sajeroning ngajar di Surakarta, Mas Anggabaja kungsi narjamahkeun buku paguneman Jawa kana Sunda dina taun 1861. Kapanggihna dina Catalogue des Bibliothèques Historiques et Littéraires (1887) susunan J.J Hollander jeung Meinsma. Di dinya disebutkan “Dialogues Javanais. Vol. I. Trad. en Sonda par Mas Anggabaja. 1861” (Paguneman Basa Jawa, Vol I, ditarjamahkeun kana basa Sunda ku Mas Anggabaja, 1861).

Hiji deui karyana nyaéta tarjamahan Tjarita Abdoerrahman djeung Abdoerrahim asalna tjarita tjarita arab disoendakeun koe Radén Hadji Moehamad Moesa (1863) kana basa Jawa. Judulna Tjariosipoen Seh NgAbdoerahman kalijan ngaAbdoerahim. Saking těmboeng Soenda kadjawekaken déning Radén Angga Baja (1877).

 

Katerangan Koesoemasoebrata jeung Poeradiredja

BUKTI ayana Mas Anggabaja atawa Radén Anggabaja téh antarana bisa dibaca tina tulisan beunang R.A.A. Koesoemasoebrata jeung Radén Poeradiredja. Koesoemasoebrata mah nulisna dina karangan “Ti ngongkoak doegi ka Ngoengkoeeuk” (dimuat dina Gedenkboek MOSVIA, 1879-1929, 1929: 100-108).

Koesoemasoebrata téh cenah dilahirkeun dina 11 Séptémber 1860. Dina bulan Méi 1870, manéhna disakolakeun di Sakola Kabupatén di Sumedang, ngaganti Radén Soedjanabrata. Guruna G. Warnaar. Ari nu babarengan sasakola harita nu kelas pangluhurna téh cenah Radén Wira atawa Hoesén (putra Pangéran Sumedang), Radén Kartawinata (putra Panghulu Garut), jeung Radén Gada atawa Koesoema Logawa (putra Bupati Galuh).

Basa mimiti asup ka Kweekschool Bandung dina taun 1879, Radén Koesoemasoebrata saheulaanan nganjrek di imahna Mas Anggabaja di Kampung Merdika. Sumber: Gedenkboek MOSVIA, 1879-1929 (1929).


Dina umur méh 20 taun, Koesoemasoebrata asup ka Opleidingscholen voor Inlandsche Ambtenaren (OSVIA) nu engkéna jadi MOSVIA di Tegallega. Nyuprih pangartina antara taun 1879 nepi ka 1882. Ceuk manéhna “Nalika sakola di Bandoeng, tempatna sakolaan disareboetna Kandang Sapi”. Tuluy “Koemargi tatjan aja pamondokan, dongkap ka Bandoeng teh ka Radén Anggabaja, goeroe Soenda pansioen Kweekschool asal ti Tjiamis, di kampoeng Merdika; sareng aja deui Radén Koesoemadibrata goeroe gambar Kweekschool, doeloer misan djisim koering”.

Tina éta katerangan urang meunang raratan tempat asal Mas Anggabaja, nyaéta Ciamis atawa Galuh. Sabada pangsiun dina taun 1879 manéhna henteu mulang deui ka Galuh, tapi matuh di kampung anu aya di sabudeureun Kweekschool nyaéta Kampung Merdika. Kitu deui Radén Koesoemadibrata nu tadina guru gambar Kweekschool, sanggeus pangsiun angger tetep tumetep di Kampung Merdika. Bari najan teu diécéskeun ku Koesoemasoebrata ogé urang bisa nyindekkeun yén Mas Anggabaja aya patula-patali babarayaan jeung Koesoemasoebrata, sanajan laér-laér baé mah. Atawa paling henteu ku lantaran sasama urang Galuh.

Demi katerangan Poeradiredja mucunghulna téh dina kontéks manéhna kadua Niti Soemantri, minangka anggota déwan Kabupatén Bandung, nu asalna ti fraksi Paguyuban Pasundan, ngasongkeun nota perkara pangajaran. Éta nota dimuat kalawan gembleng dina Sipatahoenan édisi 18 Nopémber 1938, bari dijudulan “Pangadjaran Rajat: Nota ka Regentschapsraad Bandoeng”.

Ari anu aya gantar kakaitanana jeung Mas Anggabaja aya dina cutatan ieu: “Kanggo ngipoek pigoeroeeun, aja diadegkeun sakola goeroe ngawitan di Soematra Koelon, dina taoen 1856, ladjeng di Bandoeng dina taoen 1866, - kitoe saoer Dr G.J. NIEUWENHUIS dina Gedenkboek van Nederlandsch Indie 1898-1923 - nanging noemoetkeun katerangan sapalih anoe aroeninga, sakola goeroe Priboemi anoe ngawitan teh diadegkeunana di Solo taoen 1852. Malah kaleresan pisan anoe djadi goeroe Soendana oge djenenganana RADEN ANGGABAJA, djisim koering (Poeradiredja) kantos wawoeh pisan”.


Radén Poeradiredja nu kungsi sakola di Kweekschool Bandung antara 1894-1898 nyabit-nyabit wawawuhan jeung Mas Anggabaja, dina nota keur déwan Kabupatén Bandung taun 1938. Sumber: Sipatahoenan, 18 Nopémber 1938.


Bisa jadi wawuhna Poeradiredja ka Mas Anggabaja atawa Radén Anggabaja téh sabot Poeradiredja nyuprih pangarti di Kweekschool antara 1894-1898 sakumaha nu ditulis dina karanganana “Kenang-kenangan tentang Kweekschool” (dina Gedenkboek H.I.K. Bandoeng, 1866-1941, 1941). Dina éta tulisan Poeradiredja antarana nulis kieu: “Saja pertjaja bahwa pada tahoen 1866, roemah sekolah ini didirikan pada tengah sawah dan keboen njioer itoe, karena pada tahoen 1894, jaitoe sesoedah beroemoer 28 tahoen, ia masih terdiri ditepi sawah, jang mendjadi batas kota sebelah Timoer. Dibelakang pekarangan sekolah, sampai djaoeh memandang, tiadalah lain dari pada sawah.”

Hartina, cara Koesoemasoebrata dina taun 1882, Poeradiredja masih papanggih jeung Mas Anggabaja di sabudeureun taun 1894-1898. Cindekna, nepi ka antara taun éta Mas Anggabaja masih aya di sabudeureun Kampung Merdika, deukeut Kweekschool, nu ayeuna jadi kantor Polwiltabes Kota Bandung.

***



ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar