"Abstract Head, Tragic" (1928) kénging Alexej von Jawlensky |
Sup layon téh pada ngagotong ka tengah imah. Sok ditunda di tempat nu geus disadiakeun. Dina karpét lépét, kuleuheu, jeung rarawing di sisi-sisina. Srog jelema anu geus ngaliud ti tadi muru layon. Goak pamajikan kuring ditéma ku sora anak kuring hiji-hijina. Duanana midangdam nyambat-nyambat ngaran kuring. Goak adi-adi jeung dulur-dulur kuring rampak nyeungceurikan kuring. Bapa sila deukeut layon, mastakana tungkul. Husu ngadu’a. Sorana dareuda. Teu ceurik siga batur Bapa mah, malah teu kakuping inghakna-inghakna acan, tapi kuring apal Bapa ngembeng cimata.
Ngong dina spiker masjid aya anu ngawawarkeun yén kuring geus taya dikieuna. Sorana cempréng. Sora si Érté. Da si Érté anu sok ngawawarkeun lamun aya warga anu maot téh. Taya anu ngajenengkeun si Érté jadi tukang ngiberan ka sapangeusi lembur lamun aya anu maot. Hideng sorangan waé.
Tatangga jul-jol. Jadi heurin usik di jero téh, bubuhan ngan sacangkéwok imah téh. Kuring apal saha-sahana anu datang. Apal ka kabéhanana ogé.
Anu kabagéan tempat, gék dariuk deukeut layon kuring. Lalaki sila rekep, awéwé émok patétéép. Breng ngadaru’a sabisa-sabisa. Sawaréh deui ngupahan pamajikan jeung anak kuring. Pada ngupahan téh pamajikan kuring malah tambah rosa ceurikna, népa ka anak kuring. Lenggerek pamajikan kapiuhan. Atuh nambahan gawé jeung nambah tagiwur anu aya di dinya.
“Ceuceuhan! Ceuceuhan!” ceuk saurang.
“Ménta cai!” ceuk nu séjén.
“Ieu nuju naheur …, teu acan ngagolak,” ceuk sora awéwé ti dapur.
“Naha maké nungguan ngagolak, da lain keur ninyuh kopi. Cai tiis …, cai tiis …, keur nyeuceuhan. Geuwat tong léléda!”
Sor cai hérang dina baskom leutik. Pamajikan anu ngalempréh pada nyeuceuhan. Bray beunta, ngulisik bari rarat-rérét. Teup teuteupna eunteup ka kuring anu ngajepat, goak deui pamajikan téh. Pada ngupahan deui .…
“Assalamualaikum …,” ceuk sora ti lawang panto.
“Tah geuning Mang Haji sumping.”
Gigeug-gigeug anu disebut Mang Haji téh asup ka imah. Di lawang panto, rada nyangigir asupna téh, ngarah awakna anu bayuhyuh tur beuteungna anu budayut teu nyangkol dina kusén panto. Anu dariuk hideng nyéngléd méréan jalan ka nu norobos asup bari teu nolih kana tincakeun, teu nolih ka batur anu sieun kadupak jeung katincak.
“Deuk dimakamkeun di mana cenah? Di makam Tarikolot? Heueuh, di mana-mana ogé sarua, kari kumaha urang waé nu harirup ngurusna mah. Kumaha …? Boéhna can sadia? Geus tong dipikiran, sagalana kumaha Mang Haji waé. Deuk sabaraha waé ogé tong dipikiran, sagalana ditangkes ku kami. Kami nawaétu deuk mulang tarima ka nu maot.”
Kuring apal loba anu jebi ngadéngé anu keur pamér kahadéan téh. Tuda saréréa gé pada nyaho saha ari Mang Haji. Ciman ngaran nu sabenerna mah. Ngan saprak mulang ti Mekah, ngaranna ganti jadi Haji Rohman. Tapi ngan ngaranna wungkul anu ganti téh, da laku jeung sipatna mah teu robah. Balik ti Tanah Suci téh korét jeung cap jahéna henteu luntur, barangasanana mingkin ngaléntab-léntab, mabok jeung maén masih dikeureuyeuh, jeung ka awéwé tambah ngagalaksak!
Tah, dina urusan rampus ka pamajikan batur, kuring geus apal ti ditu mula. Apal saha waé awéwé nu jadi korban manéhna. Kuring gé apal saha waé awéwé anu sok jadi batur manéhna ngalajur napsu. Tangtu kuring gé apal pisan manéhna aya haté leutik ka pamajikan kuring. Remen kuring manggihan manéhna talandan-téléndén bari maling-maling ngahéroan pamajikan kuring. Kuring salakina, apal nepi ka bubuk leutikna saha ari si Ciman, aéh … Mang Haji. Kuring apal pisan eusi haté Mang Haji ka pamajikan.
Nu matak basa manéhna ngomong deuk mulang tarima ka kuring anu geus jadi layon, diémbohan deuk nangkes sagala pangabutuh hirup pamajikan jeung anak kuring, kabéh gé ngan gincu wungkul. Kanyataanana mah ... podol séro!
“Iklaskeun waé, Nyai, tong diceuceurikan. Pamali. Éta cimata geura tuuskeun, karunya ka nu geus sampurna. Du’akeun malah …, anu ninggalkeun urang sing manggih kabagjaan di ditu, di alam kalanggengan. Atuh Nyai ulah hariwang ku pikahareupeun, piraku Mang Haji deuk ngantep,” cenah bari maling-maling nénjo ka pamajikan kuring anu masih banjir cimata.
Salian ti Mang Haji, aya deui anu sok ngahihileudan rumah tangga kuring téh. Ngaranna Asép Udam. Ieu gé sarua jeung Mang Haji. Jelema cunihin pikasebeleun jeung rampus ka awéwé. Padahal mun ningali warugana mah saha atuh awéwéna anu deuk kapincut ku manéhna. Coba éta geura awak, ipis garing siga anu tara manggih dahar. Ari buuk diantep sina ngariab jabrig teu kaurus. Kulitna hideung lestreng bati tina jarang mandi jeung tara wudu. Jeung leungeunna …, rada kéngkong tapak labuh tina motor. Nu matak sok pada ngalandih Pandita Kombayana, malah sawaréh mah Dorna waé nyebutna téh. Kitu sotéh di tukangeun, da di hareupeun mah saha nu wani atuh.
Jelema sugih Asép Udam téh. Jelema loba harta. Pakayana di mana mendi. Jelema beunghar waéh kasebutna téh. Tah, sigana ningali kana hartana nu matak loba awéwé serah bongkokan téh. Malah teu saeutik rumah tangga anu bangkar pédah sakadang pamajikan ngadadak ménta ditalak bari terus betah jadi batur saré Asép Udam.
“Awéwé teu boga iman nu kitu mah, Kang …!” ceuk pamajikan bari jubras-jebris basa ku kuring diheureuyan pajar Asép Udam neundeun haté ka manéhna.
Puguh ge reugreug jeung bagja boga batur hirup anu satia siga pamajikan kuring. Pamajikan anu tetep satuhu ka salaki sok sanajan saumur-umur dibawa sangsara. Pamajikan kuring mah siga nu teu kagendam ku harta. Pamajikan kuring mah tara kabitaan siga pamajikan batur anu reunceum ku perhiasan. Pamajikan kuring tara ngarenghik ménta dipangmeulikeun baju sing sarwa alus tur marahal, atawa ngarenghik ménta piknik. Tara pamajikan kuring mah. Malah sainget kuring, pamajikan mah tara miluan arisan-arisan acan.
Sigana pamajikan lain teu hayang siga batur, tapi nempo kaayaan kuring jeung nyaho pangala kuring. Intina mah ngarumasakeun manéh waé pamajikan kuring mah. Ngarumasakan boga salaki anu teu boga panghasilan cukup. Ah, naon atuh anu bisa diandelkeun tina gawé jadi wartawan di hiji média leutik. Média gurem ceuk batur mah. Komo deui di jaman sarwa dijital siga ayeuna, média citak mah nasibna teu bina siga jelema gering ripuh anu kari nunggu dawuh.
Enya kuring gé sok rajin tulas-tulis. Nulis naon waé anu bisa ditulis. Tulisan kuring sakali-kalieun midang dina koran, dina majalah, jeung dina média online. Sawaréh tulisan kuring geus ngawujud jadi buku. Sakali-dua kali kuring ogé sok jadi panyatur dina seminar jeung diskusi. Tapi lah …, da ieu gé teu bisa jadi andelan pikeun hirup cukup.
“Resep jadi wartawan jeung sastrawan mah nya, Kang. Terkenal jeung seueur artos,” ceuk biwir balaréa anu teu apaleun yén di nagri urang mah sastrawan jeung seniman téh teu dihargaan jeung euweuh hargaan.
“Resep kénéh jadi komisaris perusahaan, atawa jadi wakil rakyat di DPR jeung MPR. Puguh panghasilanana …,” ceuk kuring.
“Wartawan, sastrawan, jeung seniman mah loba kabogohna nya, Kang …,” ceuk nu lian.
Mun geus kitu, kuring mah ngan ukur seuri .…
Ayeuna pamajikan anu satia jeung satuhu téh keur hujan cimata, nyeungceurikan kuring salakina anu geus jadi layon, ngajepat hareupeunana. Ngahelas ningali pamajikan jeung anak kuring anu deuk ditinggalkeun. Ngeleketey haté ningali duanana ceurik sedih lain jijieunan, ceurik sedih ditinggalkeun ku kuring. Ngeleketey haté téh, rumasa nepi ka puput umur teu bisa méré kabagjaan hirup ka pamajikan jeung ka anak kuring. Emh, deudeuh teuing .…
“Hampura Akang …. Hampura Bapa …,” ceuk kuring bari ngoléséd muru ka luar, teu kuat ningali pamajikan jeung anak kuring anu terus midangdam, nyambat-nyambat ngaran kuring.
Di téras imah geus loba jelema, leuwih loba ti batan anu di jero. Anu teu kabagéan tempat di téras, tamplok ka gang hareupeun imah. Dariuk dina korsi ipéntaris érwé. Anu henteu kabagéan korsi, narangtung atawa nyarandé kana pager tatangga, sawaréh deui cingogo. Kituna téh bari ngalalepus udud jeung teu eureun ngobrol.
Di buruan imah tatangga, dok-dak anu neukteukan awi jeung kai keur keteb jeung tetengger kuring. Anu teu kabagéan gawé, nya siga nu séjén waé … ngariung bari ngelepus ngadu bako ngadon ngobrolkeun sagala rupa. Ngobrolkeun Pérsib anu beuki euweuh sihungan, ngobrolkeun minyak goréng anu ngahiang leungit teuing ka mana, ngobrolkeun Covid-19 anu terus baranahan jadi Omicron atawa jadi naon deui boa, ngobrolkeun anu ngadadak garumeulis jeung garumasép ngarasa pantes jadi présidén atawa wakil présidén, ngobrolkeun kasus Arteria Dahlan anu dadak sakala simpé, ngobrolkeun bégal anu mingkin mahabu, ngobrolkeun Ibu Kota Nusantara di Kalimantan, ngobrolkeun artis anu jadi ustad atawa ustad jadi artis, ngobrolkeun artis anu maot, artis anu pipisahan, artis anu kawin deui .…
“Kuring mah asa diheulang ku nu maot téh,” ceuk saurang.
“Puguh heueuh. Komo kuring mah asa diheulang pisan. Éta tuda, nu ayeuna maot téh kamari soré masih kénéh ngobrol jeung kuring!” témbal anu anteng nulisan tetengger.
“Eum, ari ngomong téh sok saheuayna waé, siah!” ceuk nu lian.
“Apan enya, kamari mah saacan maot masih kénéh bisa ngomong, bisa leumpang, jeung dahar, jeung bisa kénéh sagala rupa,” témbal anu digebés bari tonggoy nyanghareupan pagawéanana.
“Komo deui itu pamajikan jeung anakna, meureun asa diheulang téh enya-enya. Bubuhan maotna ku jalan katabrak. Da lamun gering heula mah meureun, pamajikan, anak, jeung dulur-dulurna téh seubeuh ngurus, seubeuh naon waé sakumaha mistina ka nu gering.”
“Lain maot katabrak, ditabrak ieu mah. Korban tabrak lari!”
“Kumaha anu nabrakna, kacerek teu?”
“Lain gé tabrak lari atuh ari anu nabrakna teu mabur mah. Apan ieu mah korbanna gé ditinggalkeun kitu waé, siga ka bangké hayam atawa ucing. Karunya anu matak ogé, ditabrak tengah peuting, kapanggih subuh ku nu deuk indit ka pasar induk.”
“Kasusna keur ditalungtik ku pulisi ti pusat cenah. Aya dugaan lain kasus biasa ieu mah. Ieu mah kasus serius, kaasup kasus extra ordinary,” ceuk anu ti tadi ngiuhan bari ngabandungan anu cuhcih digarawé.
“Naon kasus extra ordinary téh? Teu ngarti Emang mah.”
“Enya kasus gedé, kasus anu boa diluluguan ku jelema gedé, gedé duitna jeung gedé kalungguhanna …, lah pokona mah gedé sagalana wé!”
“Moal teu kitu. Malah teu nutup kamungkinan kasus ieu aya pakuat-pakaitna jeung politik. Kasus politis ieu mah!” ceuk anu asa pangnyahona.
“Wah, baku manéh mah, sagala rupa diteumbleuhkeun jeung dikolomkeun kana pulitik!”
“Bisi waé aya hubunganana jeung berita anu ditulis ku manéhna.”
“Bisa ogé aya hubunganana jeung aktivitas almarhum, anu cenah deukeut jeung anu hayang maju jadi kandidat présidén.”
“Boa ieu mah buntut tina unjuk rasa soal pencemaran limbah pabrik anu diluluguan ku almarhum. Apan almarhum mah aktivis lingkungan.”
“Moal kitu korban bégal mah?”
“Korban bégal bisa, korban cinta mungkin waé .…”
“Heueuh, bisa waé ditandasa ku hiji lalaki anu pamajikanana deukeut maskét ka almarhum,” ceuk saurang ngaharéwos.
“Wah, maenya anu carang takol kitu maké resep ngiwat pamajikan batur. Apan kasaksian ku saréréa, almarhum mah sapopoéna ogé lungguh timpuh,” témbal anu diharéwosan.
“Anu lungguh mah biasana gé ngeleyed. Apan tutut mah sawah sakotak gé kaacak!”
“Dosa siah barudak, ngadon ngupat ngomongkeun anu maot! Daru’akeun angguran mah, ngarah anu ninggalkeun urang pinanggih kabagjaan.”
Ngong sora adan lohor mungkas anu keur uplek ngadu bako. Jol aya anu datang ti makam Tarikolot. Ngabéjaan, cenah anu ngarali kuburan geus bérés. Kuburan geus siap.
Kuring asup deui ka imah. Tatan-tatan .…
Sanggeus bérés sagala rupana, pasaran pada ngagotong. Kuring diiringkeun, pada nganteurkeun ka pajaratan. Bari rampohpoy gé pamajikan milu nganteurkeun bareng jeung anak kuring, dituturkeun ku dulur-dulur kuring, ku ajengan, ku érwé, ku hansip, ku tatangga, ku babaturan, ku batur ulin, ku batur diskusi, ku saréréa .…
Lancar sagalana. Euweuh halangan nanaon nepi ka kuring bérés dikubur. Pamajikan kuring anu pada ngagondéng da sieun ngalenggerek kapiuhan, alhamdulillah katingali teger tur iklas paturay jeung kuring. Sanggeus lila banjir cimata dina tetengger, pamajikan jeung anak kuring ninggalkeun kuburan. Ninggalkeun kuring cuang-cieung sorangan. Simpé.
Moal kurang ti sajam sanggeus pamajikan, anak kuring, jeung anu séjénna ninggalkeun kuburan, aya anu datang nyorangan. Awéwé geulis. Awakna jangkung lenjang. Kulit konéng umyang. Maké pakéan sing sarwa pulas hideung. Tiung jeung payungna ogé pulas hideung. Ti lawang kuburan kénéh léngkahna bangun rusuh cepet muru ka kuburan kuring.
Ti tadi ogé, ningali tina tangtunganana ti kajauhan, kuring geus apal saha anu datang bari satengah lumpat muru kuburan kuring téh.
Nepi ka kuburan kuring, si jangkung lenjang téh satengah meubeutkeun manéh kana gundukan taneuh beureum. Tetengger kuring digaléntoran siga anu embung pukah.
Bari banjir cimata, si jangkung lenjang téh nyambat-nyambat ngaran kuring.
“Akaaang …!” si jangkung lenjang nyambat ngaran kuring. Sorana halon ampir teu kadéngé.***
DENI AHMAD FAJAR, lahir di Bandung, 30 Nopémber 1968. Nulis fiksi jeung non fiksi dina basa Sunda jeung basa Indonésia. Remen ogé nyieun gambar keur ilustrasi buku jeung kalawarta. Carpon jeung sajakna dimuat dina sababaraha antologi. Kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS jeung Hadiah Sastra Rancagé Taun 2013 keur buku kumpulan sajak Lagu Padungdung (2012). Sapopoéna mancén gawé jadi wartawan di Tribun Jabar.
0 Komentar