Tilemna Tradisi Kritik Sastra Sunda - Dadan Sutisna

 

"La Critique" (1830) kénging Charles Joseph Travies de Villiers.


Ajip Rosidi kungsi nulis “Tentang Modérn dalam Sastra Sunda Sekarang” dina Pembimbing Pembatja No. 4/Oktober 1955. Teu pati réa nu ngabagéakeun kana éta tulisan téh. Malah umumna mah méré koméntar sinis, pangpangna ti pangarang Sunda entragan kolot. Paro dasawarsa 1950-an téh saenyana mah pamiangan madungdengkeun sastra Sunda kalawan daria. Nu disabit ku Ajip dina tulisanana, nyaéta kaayaan sastra Sunda nu ngeuyeumbeu, vakeum, jeung pegatna entragan pangarang réalis saperti Moh. Ambri. Salian ti éta, Ajip gé ngoméntaran kaayaan média Sunda nu medal harita, pangpangna majalah Warga nu kesanna téh tinggaleun jaman jeung ukur ngagul-ngagul kasundaan. Ari karya nu medal dina wangun buku, nu diaku-aku minangka karya sastra, béhna mah ukur sawelas-dua welas jeung karangan picisan.

Rupaning tanggapan kana tulisan Ajip téh saenyana bisa dipaké pituduh yén sastra Sunda alam harita can wanoh kana kritik. Malah réa pangarang nu antikritik. Geura wé, réaksi ti sawatara pangarang téh kalah ka ngékéak pribadi Ajip, magar budak olol lého (harita umur Ajip kakara 17 taun), teu ngarti basa Sunda, samalah aya nu nangtang sangkan Ajip nyieun tulisan nu leuwih alus. Kritik, komo upama ditepikeun kalawan togmol, teu malapah gedang, bisa dianggap ngarempak adat kasundaan nu mupusti pisan kana tata krama.

Nepi ka taun 1950-an, timbangan ngeunaan prosa Sunda téh saeutik pisan. Padahal sastra Sunda modéren geus dipikawanoh ti 40 taun méméhna, ku medalna roman Baruang ka Nu Ngarora (1914) karangan D.K. Ardiwinata. Tapi karya modél kitu téh teu pati meunang réaksi balik ti nu maca. Pandangan kana prosa nu alus téh umumna mah ukur ngawengku dua perkara: “éndah basana” jeung “pinuh ku papagah katut picontoeun”. Hartina, méh taya tulisan nu nimbang-nimbang prosa maké pamarekan kritik. Dalah konsépsi karya prosa gé, harita mah apan samar-samar kénéh, takeranana can écés, komo keur wangun carita pondok mah.

Kritik Ajip téh saenyana mawa kamekaran anyar dina sastra Sunda. Katampana ku entragan kolot mémang matak hareudang, tapi pangarang ngora mah ngabagéakeun pisan. RAF (Rachmatullah Ading Affandie) upamana, nyebutkeun yén tulisan Ajip téh kuduna mah dijawab ku ngaronjatkeun ajén karya, lain nangtang sina nulis dina basa Sunda. “Sastra Sunda butuh ku kritik nu séhat,” kitu cék RAF majalah Warga nomer 169, Fébruari 1956.

Ajip mah teu miroséa ka nu malik ngéwa alatan tulisanana. Samalah sabalikna, Ajip beuki getol mairan sastra Sunda jeung sabagian mah ditulis dina basa Sunda deuih. Basa Rukasah S.W. ngadegkeun majalah Kiwari taun 1957, Ajip beuki kerep nulis éséy ngeunaan sastra Sunda. Kaasup karya sastrawan kahot saperti Satjadibrata nu jadi bagian tina bahan kritikna téh.

Ku kituna, Ajip Rosidi téh nu naratas tradisi kritik dina sastra Sunda, pangpangna prosa. Komo sabada Ajip medalkeun sawatara buku dina paro taun 1960-an, saperti Bébér Layar! (1964) jeung Dur Panjak! (1967). Kritik beuki anjrah sabada pangarang lianna nulis timbangan sastra dina koran jeung majalah. Rustandi Kartakusumah, upamana, dina taun 1960-an kalawan mayeng nulis timbangan kana carpon nu dimuat dina Manglé. Ngaran séjénna ti entragan béh ditu nu remen mairan karya prosa téh di antarana Saini KM, Iskandarwassid, Popo Iskandar, jeung Duduh Durahman.


Prosa Sunda cék Duduh Durahman

Mun seug ngimeutan kamekaranana, ceuyahna tulisan kritik dina sastra Sunda téh muncul dina anggang 20 taunan. Éta téh biasana ditandaan ku hiji polemik nu ngahudang réaksi sawatara pangarang. Sabada Ajip, pangarang nu kawilang penting ngawangun tradisi kritik téh nyaéta Duduh Durahman. Sanajan nulis carpon jeung carita détéktif ongkoh, Duduh leuwih dipikawanoh minangka kritikus sastra jeung film. Duduh nulis catetan karya prosa méh satengah abad lilana. Sawatara tulisanana dikumpulkeun dina Petingan (1983), Catetan Prosa Sunda (1984), jeung Sastra Sunda Saulas Sausap (1991).

Ciri tulisan kritik Duduh Durahman téh nyaéta rinéh tur nyalsé. Tayohna Duduh surti pisan kana kaayaan pangarang Sunda nu réréana mah antikritik téa. Tulisanana, umumna mah kawas antitéori, nepikeun pandangan kana prosa ku ungkara nu gampang kaharti. Duduh ngabagi karya prosa jadi tilu gundukan. Kahiji, prosa nu ditulis saukur pikeun panglipur, minangka tarékah ti pangarang keur ngahibur nu maca dina ngeusian lolongkrang waktu. Prosa nu kaasup kana ieu katégori téh di antarana karangan “picisan” nu nerekab di taman-taman bacaan taun 1960—1980. Dina tulisanana “Ranjang, Mércédés jeung Skin” (Manglé, Méi 1971), Duduh ngébréhkeun pamadeganana kana rébuan jilid buku nyebar ka balaréa (ti taman bacaan téa). Buku modél kitu téh, lain ukur ngamuat carita nu teu ngadidik (upamana sual “adegan ranjang” jeung hédonismeu), tapi basana gé éstuning teu walagri.

Kadua, prosa nu ditulis dina wanda skétsa, nyaéta pangalaman atawa pandangan subyéktif ti pangarang keur ngébréhkeun rupaning kajadian di sabudereunana. Aya deui cenah nu kawas réportaseu berita. Prosa modél kieu mah, henteu némbongkeun sikep jiwa jeung watek tokoh-tokohna. Umumna kakara manjing muat dina média citak, tapi can meujeuhna dibéré aprésiasi dina wangun kritik sastra. Katilu, prosa nu cocog dipaké bahan kritik sastra, nyaéta nu eusina beuneur, plotna hadé, écés watek tokoh jeung kajiwaanana. Cindekna, karya kritikeun téh nyaéta nu geus bisa ngungkulan pasualan éléméntér dina kurung-karang.

Dina sawatara tulisanana, Duduh gé kungsi nalék kaayaan kritik sastra Sunda. Sanajan tradisi kritik geus ditaratas ti taun 1950-an, tapi sabada nyorang dua dasawarsa téh can jadi perkara nu lumbrah. Alatan saeutik pisan pangarang nu nyéngsarkeun waktu keur nuturkeun kamekaran sastra Sunda, tulisan kritik téh jadi remen kateug. Boh karya sastra boh kritikna, papada miang sahinasna, hiji gé taya nu boga kawajiban nulis kalawan mayeng. Enya, sastra Sunda téh perlu ku kritik, tapi da kritikus gé boga hak teu mikiran kritik. Ieu nu remen ditepikeun ku Duduh: kritik mah teu bisa dipapaksa.

Dina nyanghareupan kritik, sikep pangarang gé apan rupa-rupa. Malah sabagian pangarang mah kawas nu poho yén kritik téh ukur pandangan subyéktif, ukur nguniang tina pamikiran hiji jalma nu can tangtu akur jeung nu lian. Komo deuih, cék Duduh, kritik mah teu boga kakuatan kawas élmu sihir nu ujug-ujug ngarobah pangarang dadakan jadi pangarang moyan, atawa sabalikna ngarobah pangarang nyongcolang jadi pangarang cacarakan (Manglé nomer 504, Novémber 1975).

Sawatara pangarang gé masih nyambung-nyambung kritik jeung sikep personal di luareun karya sastra. Upama karyana disebut “teu pati boga ajén”, manéhna ngarasa dirina “teu boga ajén” deuih. Antukna kawas nu dianiaya nepi ka sakapeung jadi masalah pribadi antara kritikus jeung pangarang. Kaayaan kieu nu jadi sabab kritik dina sastra Sunda teu pati séhat téh, alatan heurin ku létah, alatan réa pangarang nu hayang disabit “nu hadéna wungkul”. 

Mun éta kritik ditujukeun ka salah sahiji média, upamana ngeunaan panalék kana ajén karya nu dimuat di éta média, sok jadi masalah saréréa. Pangarang nu remen nulis di éta média téh ngarasa kasindiran, antukna babarengan ngékéak nu nulis kritik. Contona dina kasus Ajip Rosidi vérsus Warga (1955), Duduh Durahman vérsus Gondéwa (1973), jeung Usép Romli HM vérsus Manglé (1991). 

Duduh nyokot jalan tengah ku cara nulis kritik maké ungkara nu rinéh, komunikatif, teu togmol, kawas keur ngadongéng bari malapah gedang, tapi gampang kaharti. Ku cara kitu, tulisanana taya kesan mépéhék jeung satékah polah obyéktif kana karya nu keur dipairan. Sakapeung Duduh kawas nu keur dialoh jeung dirina sorangan ku ngahadirkeun tokoh imajinatif “ki silah”.

Pirang-pirang saémbara jeung panghargaan gé dina sastra Sunda, saenyana mah bagian tina kritik. Tapi meureun nu kieu mah henteu “alamiah” da gumantung kana hiji kagiatan. Ari kritik nu séhat, sakurang-kurangna kudu dirojong ku dua sarat: média nu walagri keur ngamuatkeun karya, jeung karya nu geus meujeuhna dipaké bahan kritik—dina sawangan Duduh mah, kaasup kana katégori katilu téa. Mun nu duaanana nyamos, nya wayahna tradisi kritik gé bakal milu tilem.***





DADAN SUTISNA pituin urang Tanjungsari, lahir taun 1978. Novélna anu geus medal nyaéta Sabalakana (2013) jeung Sasalad (2021). Kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Rancagé. Ari dina sastra Indonesia kungsi dilélér Hadiah DKJ.

Posting Komentar

1 Komentar