Awéwé Tiwu - Sajak-sajak Arif Abdilah

Ilustrasi: "Woman" (1930) kénging Tamara de Lempicka


AWÉWÉ TIWU


jeung dua leungeun 

nu nanggeuy leunjeuran kakelar

manéh mapayan tetelar waktu 

bari ngahurungkeun durukan peteng

horéng ruruhit jeung rucuk raca ngahurun 

dina dadana


dina rungkun peuting

aya nu datang reujeung garajag késang

reujeung babaung ajag nu ngayun-ngambing 

rangkulan birahi ranjang. manéh ngageubra 

raga ngalungsar kasebrot cahya bulan


bari nilepan kulambu katunaan

manéh ngarérégan sésa lalampahan

antara kabagjaan atawa kasimpé nu ngelun

dina pirunan carita 


manéh tuluy ngalintingan beurang

ngagarangan peuting bari terus nebar

karingrang dina tegalan sirah

:  hajat panganténan, siraman

   jeung helaran nu hibar dina balékambang 


dina wanci nu kulawu 

manéh ajur digiling longkéwang


2022





CATETAN ANGIN


dina sapanjang usum

boa manéh guligah

nyaksian pasawahan 

jadi pependeman beton 

pepelakan jadi batu-batu tohaga 

laju rék ka mana manéh ngahiukna?


bagantina mangsa 

dangdaunan ngarangrangan

tapi manéh teu kungsi ngusapan

atawa anyang-anyangan di buruan

padahal barudak tinglalieuk 

reujeung kasabaran 

nganti-nganti manéh datang

nepakan langlayangan 


kami lawas nungguan

tapi manéh ngarayap ka tanah riwan

laju mulen kembang pajarahan


2022





SAJAK SIMPÉ


perkara naon deui nu rék ditepikeun

tina nguniangna hurup, sabada

hirup ukur metet dina kekecapan 

arkaik jeung kelunan métafora 


aya kalana manéh mirupa ririwa

ngukuntit ragemna sora atawa 

ukur nyatetkeun lalampahan padalisan

nu teuing ka mana brasna


dina saban léngkah pada

horéng nyempil lolongkrang simpé

boa, di dinya manéh huripna 

di antaran anggangna jarak

nu can hatam dilisankeun


2022





SARAKAN


sarakan!

satutasna mulang

horéng pabrik-pabrik 

tingjuringkang dina sirah salira

pondasina nyeceb dina urat-urat getih

laju mendetan unggal kamalir rénghap


sarakan!

satutasna mulang 

horéng walungan-walungan

jadi kokocoran cimata

anu ngamuara jadi ngungun

tuluy salira teuleum

dina kaleuseuh nu beuki lecek 


sarakan!

satutasna mulang 

horéng patani anteng

nebar kontrakan dina pasawahan

tuluy manén paré 

dina tegalan panineungan


2022





ARIF ABDILAH, lahir di Majalengka taun 1989. Internisti, gelandang sayap di cacandran.com. Ku babaturan deukeutna sok digeroan Ayih. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Keur kuliah kungsi jadi ketua UKM ASAS jeung Turus. Nulis sajak jeung carpon, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Pikiran Rakyat. Bukuna nu geus medal kumpulan sajak Hujan di Pajaratan (2020). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Bandung. 

Posting Komentar

1 Komentar