J.A. Uilkens: Guru jeung Basa Sunda - Atép Kurnia



MANÉHNA téh leuwih dipikawanoh minangka redaktur surat kabar jeung sastrawan nu nulis dina basa Sunda. Ngan sabada diimeutan mah horéng riwayat hirupna téh kungsi ogé diwarnaan ku ulikan ngeunaan basa Walanda. Béh dituna kungsi jadi guru di Tatar Sunda sarta matéakeun Radén Koesoemadibrata sangkan diajar ngalukis ka Radén Saléh, juru lukis raja Walanda.

            Manéhna téh Jacobus Albertus Uilkens (1837-1893) atawa sok diringkes J.A. Uilkens. Keur ulikan Sunda, Uilkens dipikawanoh minangka salaurang nu mimiti ngawanohkeun dongéng katut babasan-paribasa Sunda dina basa Walanda. Kabéh tulisan nu patali jeung kasundaan dimuat dina Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkenkunde (TBG) wedalan Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen antara taun 1872 nepi ka 1875.

            Dina TBG édisi 18 (1872: 284-294) dimuat tulisan dua kolom nu dijudulan “Soendasche dongéng”. Ari dongéng nu dimuatkeunana téh dijudulan “Nini-nini Malarat djeung Deleg (Gaboes) Kasaatan” nu ditempatkeun dina kolom belah kénca, sedengkeun kolom belah katuhuna dieusi ku tarjamahanana dina basa Walanda, “De Arme Oude Vrouw en de Visch op het Drooge”.

            Tamba kawaranana urang cutat paragrap kahijina: “Djaman baheula aja nini-nini melarat teu kintën, papakéanana geus boetoet sarta laip, di sampingna ogé, ngan oekoer bisa noetoepan orat. Kitoe deui dahar leueutna salawasna ngan sapoè sakali baé, malah sakapeung mah datang ka pot pisan sapoé, doewa poé hënteu manggih sangoe, ngan oekoer nginoem tjai woengkoel”.

            Ditarjamahkeun ku Uilkens jadi kieu: “In vroeger tijd was er eene oude vrouw, die het zeer armoedig had en gescheurde en havelooze kleederen droeg, waarmede zij naauwelijks hare leden bedekken kon. Eten en drinken deed zij voortdurend maar eens per dag; ja, soms gebeurde het, dat alles op was en zij in een of twee dagen geen voedsel had en niets dronk dan water”.

            Dina TBG (1872: 395-417) édisi nu sarua dimuat séri kahiji “Soendasche spreekwoorden”. Di dinya dimuat 50 babasan-paribasa, dinomeran 1 nepi ka 50, nu sarua ditarjamahkeun kalawan harfiah katut harti injeumanana dina basa Walanda. Geura urang cutat sababaraha contona: 1) Kadjeun lendo, soek moen ngagembol, gantjang pintjang; 2) bodo aling-aling pinter; 3) indoeng boeroeng, bapa édan, anakna bageur ti mana?; 48) tjara badak Tjiheja; 49) Balég tampélé; 50) kawas intjoe doekoen.

            Satuluyna dina TBG édisi 20 (1873: 327-349) dimuat sambungan “Soendasche spreekwoorden”. Di dinya sarua dimuat 50 babasan-paribasa, dinomeran ti 51 nepi ka 100. Urang cutat deui sababaraha conto babasan-paribasa nu dituliskeun ku Uilkens: 51) kawas mata noe ngéwaeun; 52) koedoe sareundek, saigel, sabobok, sapihanéan; 53) awak tjaieun; 98) iroeng demés, pipi pandjang; 99) wawoeh moending; 100) koeda leupas ti gedogan.

            Heuleut dua taun, dina TBG édisi 21 (1875: 183-208) dipidangkeun 62 babasan-paribasa nu dinomeran ti 101 nepi ka 162. Ieu nu mimiti jeung nu panungtungna: 101) njaho ngaran tamboeh roepa; 102) noe gering ditampiling; 103) mihapé hajam ka heulang; 160) kawas koeda oembal; 161) moerah tjongtjot, mahal batjot; 162) laoek asoep kana boeboe.

            Hasilna, antara 1872 nepi 1875, J.A. Uilkens geus ngawincik 162 babasan-paribasa sarta ditarjamahkeun ku manéhna kana basa Walanda. Tuluy mun sabéngbatan macaan conto-conto nu geus dituliskeun di luhur, sihoréng réa kénéh babasan-paribasa nu teu dituluykeun nepi ka ayeuna, cara “kawas intjoe doekoen”, “kawas mata noe ngéwaeun”, jeung “iroeng demés, pipi pandjang”. Atuh nu nepi ka urang ogé dina babasan-paribasa beunang ngumpulkeun Uilkens mah, ungkara kekecapanana aya nu béda, samalah aya nu tibalik, cara “moerah tjongtjot, mahal batjot” nu ayeuna réa ditarulis “hambur bacot murah congcot”.

            Salian ti éta, dina TBG édisi 21 (1875: 248-287) ogé dimuat tulisan Uilkens nu dijudulan “Eenige opmerkingen betreffende Coolsma’s handleiding tot beoefening der Soendaneesche taal” atawa sawatara tanggapan kana buku panduan susunan Coolsma keur nu diajar basa Sunda. Maksud Uilkens téh ngoméntaran buku S. Coolsma nu dijudulan Handleiding bij de beoefening der Soendaneesche taal (1873).

            Dina panganteur tulisanana, antarana Uilkens nyebutkeun yén basa Malayu, Jawa, Makassar, Toba, Dayak katut basa-basa Polinésia geus meunang perhatian ahli tata basa bangsa Walanda, sedengkeun keur basa Sunda ditempatkeun lir ibarat anak téré (“maar het Soendaasch werd behandeld als een stiefkind”).

Atuh kana kamus susunan Andries de Wilde nu diterbitkeun ku Taco Roorda dikritik deuih ku Uilkens mah, da cenah kalah beuki musingkeun, sabab réa nu teu akuratna, jauh ti lengkep, sarta teu bisa dijieun acuan keur para ahli basa. Kamus Jonathan Rigg ogé cenah najan kualitasna leuwih alus, tapi kudu leuwih ati-ati nalika dipakéna.

            Demi nu dipilampah ku Uilkens nyaéta ngumpulkeun kekecapan ti urang Sundana sorangan, ngumpulkeun sawatara naskah nu bisa diulik ku manéhna sarta medalkeun karya-karya dina éta basa (“Ik bragt die bijeen uit den mond van den-Inlander, de weinige handschriften, die ik kon magtig worden en de uitgegeven werken in die taal”). Ti urang Walanda, Uilkens meunang bantuan guru misionaris Geerdink di Bandung nu remen nungtun manéhna.

Sedengkeun K.F. Holle, dianggap ku Uilkens ngadorong dipakéna basa Sunda lantaran Holle ilu biung dina nulis jeung medalkeun buku-buku sakola dina basa Sunda (“Reactie werd te weeg gebragt door den Heer K.F. Holle, die de beoefening van het Soendaasch een stoot gaf, omdat hij zich bemoeide met het laten schrijven en drukken van schoolboekjes in die taal”).

Keur S. Coolsma mah dianggapna nu muka lawang pikeun ngulik téori logat Sunda (“Inmiddels komt den Heer Coolsma de eer toe de baan der Soendasche spraakleer te hebben geopend en het voorregt”), sok sanajan dina pungkasan tulisanana, sanggeus dianalisis itu-ieuna, Uilkens peureus pisan ngiritik karya Coolsma. Cenah gé, ngarah bisa nuduhkeun yén buku karya Coolsma téh mikabutuh révisi, koréksi, jeung tambahan sagemblengna keur pindo citakanana, Uilkens bisa méré bantuan informasina.

 

Idéntitas J.A. Uilkens

TINA tulisan-tulisan di luhur, urang bisa nyindekkeun yén aktifna Uilkens niténan basa Sunda téh antara taun 1872 nepi ka taun 1875. Tah nu jadi patalékanana, kumaha sarsilahna pangna manéhna bisa kitu? Atuh saméméh nepi ka dinya, bisa disusul tepus ku patalékan, saha sabenerna ari J.A. Uilkens téh?

Pikeun nyukcruk idéntitas Jacobus Albertus Uilkens, nu bisa dipigawé nya ngandelkeun katerangan-katerangan heubeul, metikan fakta-fakta tina koran-koran katut majalah-majalah basa Walanda dina abad ka-19. Salian ti éta, situs nu nyadiakeun daftar généalogi atawa stamboek ogé gedé tulungna.

             Singgetna mah riwayat J.A. Uilkens téh kapanggih tina situs werelate.org. Di dinya ditétélakeun yén Jacobus Albertus Uilkens digelarkeun dina tanggal 27 Agustus 1837 di Wehe-den Hoorn, Leens, Groningen, Walanda. Manéhna kawin ka Johanna Catharina Aratoon di Semarang, tanggal 4 Désémber 1867. Budakna kacatet ngan boga hiji, nyaéta Louise Engeline Charlotte Uilkens (1868-1961). J.A. Uilkens disebutkeun maotna di Malang, Jawa Timur, tanggal 18 Agustus 1893.

Dieureunkeunana Uilkens jadi tua kampung di Semarang. Sumber: De Locomotief, 5 Nopémber 1866.


            Tina situs genealogicus.nl mah leuwih réa datana. Di dinya disebutkeun yén J.A. Uilkens téh minangka tokoh jurnalis kawentar di Hindia Walanda dina paro kadua abad ka-19. Manéhna ngarti kana basa Malayu jeung Sunda sarta dipaké dina roman-roman karanganana. Cara karangan nu kawentarna nyaéta De Lotgevallen van Djahidin (1873) nu ditarjamahkeun kana basa Malayu, Sunda, Bugis, jeung Makassar.

Indung-bapa J.A. Uilkens téh Theodorus Fredericus Uilkens jeung Lavina Doorenbos. Manéhna kungsi meunang gelar sarjana muda dina widang téologi. Manéhna tuluy ngumbara ka Hindia Walanda pikeun jadi pendéta, satuluyna jadi guru di Kweekschool Bandung. Saméméh jeung sabadana jadi guru, J.A. Uilkens kungsi jadi jurnalis sarta pamingpin redaksi Samarangsche Courant (1867-1869), De Nieuwsbode (1869), Insulinde (1869-1870), Soerabaiasch Handelsblad (1874-1888) jeung De Malangsche Courant (1891-1893). Di Malang, manéhna ngadegkeun pausahaan percétakan jeung ngédit Weekblad voor Nederlandsch-Indië.

            Demi barudakna antarana Louise Engeline Charlotte Uilkens (Semarang, 1868-1961), Theodorus Albertus Stefanus Uilkens (1870, maot di Bandung dina taun 1871), J.G. Uilkens (Bandung, 1871-1922), jeung budak lalaki nu dilahirkeun di Ciamis dina taun 1872.

            Ari tina guntingan koran, J.A. Uilkens kakara kacatet aya dina taun 1860. Dina daftar panumpang nu nepi ka Batavia antara 18-22 Méi 1860 karékam J.A. Uilkens nu asalna ti Rotterdam numpak kapal J. de Piennes ti Singapura. Satepina ka Hindia Walanda, manéhna meuting heula di Hotel der Nederlanden (Java-bode, 23 Mei 1860). Lamun enya kitu, hartina Uilkens mimiti bubuara di Hindia Walanda téh keur umur 23 taun, tujuh taun saméméh manéhna rumah tangga.

Warta datangna J.A. Uilkens ka Hindia Walanda dina taun 1860. Sumber: Java-bode, 23 Méi 1860.


Ngan méméh jeung Johanna Catharina Aratoon téh, Uilkens téh kungsi kawin ka M.C. de Fooz di Semarang, antara 5-12 Januari 1866 (De Locomotief, 12 Januari 1866). Antara Maret nepi ka Nopémber 1866, manéhna kungsi diangkat jadi tua kampung atawa Wijkmeester van Wijk (De Locomotief, 23 Maret 1866 jeung 5 Nopémber 1866). Bari satuluyna, pamajikan nu munggaranana maot dina umur 24 taun dina bulan Juni 1867 (De Locomotief, 7 Juni 1867).

 

Ngulik Babasan-Paribasa

DEMI jadina guru Kweekschool kacatet dina Almanak van Nederlandsch-Indië voor het jaar 1871 (1871: 331). Di dinya dibéréndélkeun guru-guru nu ngajar di Kweekschool Bandung antarana J. C. Kummer (guru kepala, diangkatna 4 Pébruari 1870), J.A. Uilkens (guru kadua, diangkatna 3 Juni 1870), E.B. von Dulmen Krumpelman (guru gambar jeung tofografi, 12 Désémber 1866), Mas Anggabaja (guru basa Sunda, 17 Pébruari 1866), jeung Raden Marta Admadja (guru basa Malayu, 19 Nopémber 1869).

Satuluyna sanggeus ngadegna “School van den Regent” (sakola bupati) di Galuh, J.A. Uilkens ngajar di Sakola Kabupatén Galuh antara taun 1871 nepi ka 1873. Salah sahiji buktina diungkab ku urut muridna, R.A.A. Koesoemasoebrata dina “Ti Ngongkoak doegi ka Ngoengkoeeuk” (dimuat dina Gedenboek MOSVIA, 1879-1929, 1929: 101). Di dinya Koesoemasoebrata nyebutkeun, “Doeka antawis sabaraha lamina, poen bapa kenging goeroe Walanda nami J. A. Uilkens, didamel goeroe dibajar saban sasih ƒ 200”.


Dina Gedenboek MOSVIA 1879-1929, R.A.A. Koesoemadibrata ngécéskeun yén waktu jadi guru di Galuh, Uilkens téh dibayarna 200 gulden sabulan. Sumber: Delpher.nl.


Sigana nya tina pangalaman ulukutek ngajar di Bandung jeung Galuh antara taun 1870 nepi ka 1873, Uilkens bisa ngulik bagbagan basa Sunda téh, kaasup bisa ngumpulkeun dongéng jeung babasan-paribasa téa. Ngan nu matak beuki yakin manéhna daria ngulik basa Sunda kapanggih tina kagiatan organisasi nu diiluan ku manéhna, nyaéta Bataviaasch Genootschaap atawa pakumpulan Batavia téa. Samalah nya dina catetan-catetan rapat éta pakumpulan kapanggih ti iraha sabenerna J.A. Uilkens ngulik bagbagan basa Sunda téh.

Geura nya urang papay. Dina Notulen van de Directievergaderingen van het Bataviaasch Genootschaap (NBG), Vol. IX (1871: 76), kapanggih katerangan yén babasan-paribasa nu dikumpulkeun ku Uilkens sarta ditujukeun muatkeuneun dina TBG téh dibahas geus dibahas rapat Bataviaasch Genootschaap tanggal 3 Oktober 1871. Hartina tulisanana disusun basa Uilkens jadi guru di Galuh.

Kitu deui nu dilaporkeun dina NBG, Vol. X (1872: 122). J.A. Uilkens masrahkeun naskah narasi ngeunaan Imam Sapii (“Vertellingen aangaande Imam Sapii”) dina tanggal 2 April 1872. Pikeun ngajén éta naskah, déwan Bataviaasch Genootschaap masrahkeun ka K.F. Holle sangkan ditalék aya ajén atawa henteuna. Samalah dina NBG nu sarua (1872: 168), ditétélakeun yén Uilkens nu jadi anggota luar biasa pikeun Bataviaasch Genootschaap, dina tanggal 7 Désémber 1872 ti Ciamis, ngirimkeun koléksi bangbalikeun muatkeuneun dina TBG (“Missive van 's Genootschaps buitengewoon lid J. A. UILKENS, te Tjiamis, dd. 7 December, ter plaatsing in 's Genootschaps Tijdschrift aanbiedende eene verzameling Soendasche wisselrijmen [Bangbalikan]”). Keur urusan éta ogé Holle dipénta sangkan nimbang-nimbang tulisan Uilkens.

Masih di Ciamis. Dina tanggal 3 Séptémber 1873, J.A. Uilkens nganuhunkeun kana timbangan karya tinulisna nu dikirimkeun ku manéhna dina tanggal 19 Agustus 1873 sarta meunang pangbagéa nu hadé kana usulna ngeunaan Radén Koesoema, sakaligus ménta idin sangkan bisa ngoréksi buku karya Coolsma (“... en voor ‘s Genootschaps goede voornemens omtrent RADEN KOESOEMA (idem, II, r), met toestemining on in zijne beoordeeling van Coolsma's Handleiding bij de beoefening der Soendaneesche taal de rectificatien aan te brengen die de Directie noodij zal achten”) (NBG, Vol. XI, 1873: 131).

Nu dimaksud Radén Koesoema téh nya Radén Koesoemadibrata, misanna R.A.A. Koesoemasoebrata, juru lukis murid Radén Saléh, sarta ka dituna jadi guru gambar di Kweekschool Bandung. Bakatna Koesoemadibrata kana ngagambar kapanggihna nya ku Uilkens, waktu manéhna ngajar di Galuh. Uilkens tuluy rekés ka Bataviaasch Genootschaap, nétélakeun kamampuh muridna.

Bataviaasch Genootschaap minangsaraya ka Radén Saléh dina tanggal 25 April 1873. Dina jawaban Radén Saléh tanggal 22 Méi 1873, ngaheueuhan kana maksud Bataviaasch Genootschaap. Antukna, dina tanggal 18 Séptémber 1873 turun kaputusan pamaréntah ngeunaan béasiswa keur Koesoemadibrata sabot diajar ngalukis ka Radén Saléh. Ngan teu nepi ka asak diajarna téh, sabab tengah-tengah taun 1875 Radén Saléh kaburu indit ka Eropah. Untungna, dina 9 Nopémber 1878, Koesoemadibrata diangkat jadi guru gambar di Kweekschool Bandung.

Dina catetan Koesoemasoebrata mah, cenah, “Nalika sakola di Bandoeng, tempat sakolaan disareboetna Kandang Sapi. Koemargi tatjan aja pamondokan, dongkap ka Bandoeng teh ka Radén Anggabaja, goeroe Soenda pansioen asal ti Tjiamis, di kampoeng Merdika; sareng aja deui Radén Koesoemadibrata goeroe gambar Kweekschool, doeloer misan djisim koering”.

Balik deui kana lalakon J.A. Uilkens jeung Bataviaasch Genootschaap. Dina NBG Vol. XII (1874: 38) kapanggih yén K.F. Holle nu nulis ti Waspada, dina 16 Maret 1874, nolak kana koléksi bangbalikan nu geus dikumpulkeun ku Uilkens. Alesanana teu cocog atawa teu merenah mun diterbitkeun dina TBG, lantaran mun diterbitkeun kitu baé tanpa aya tarjamahanana jeung pertélaanana dina basa Walanda, sarua baé jeung percumah (“Overwegende dat als beginsel is aangenomen in het Tijdschrift geene bijdragen op te nemen, welke bestaan in een blooten tekst van eenig werk in de inlandsche talen zonder bijgevoegde vertaling of ophelderende aanteekeningen”).

Éta nu pamungkas kacukcruk téh. Tapi ku kitu-ku kieu, bisa disebutkeun yén J.A. Uilkens téh kawilang gedé yasana mungguhing ulikan basa Sunda mah. Lantaran, salila ieu urang ngan terang nya K.F. Holle, S. Coolsma, Geerdink, Daniel Koorders, nu saentragan ngarulik bagbagan basa katut sastra Sunda téh. Ngan sanggeus kapanggih riwayat katut raratan J.A. Uilkens mah, nya kudu ditambah deui daptar urang Walanda nu ngarulik Sunda téh. Malah boa-boa aya nu séjén deui, ngan can kararatan. 



ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar