Hikam - Sajak-sajak Prayoga Adiwisastra

Ilustrasi: Several Circles (1926) kénging Vassily Kandinsky 


HIKAM


Ngalogat lambaran hikmah,

bet mangsi nu diguratkeun

tuluy rembes lalaunan

jadi wahangan iman.


Mangsa wirid muru ka girang,

tujuh puluh rébu lalangsé

jadi batu jeung leuwi

lebah sujud nu antaré.


Nyurahan Syéh Ibnu Athailah,

bet kalam nu dikotrétkeun

tuluy sumulusup lalaunan

jadi lautan kasadrahan.


2022


 



WIRIDAN NYIRUAN


Dina dahan randu,

wiridan nyiruan jadi madu,

lir ratusan sufi nu teu kendat

maca hizib jeung solawat.

 

Sanajan ratusan kembang

maluguran ku hiuk angin,

nyiruan teu reureuh ibadah

: jutaan kembang jadi buah.


2022


 



SULUK KUKUPU


Sabada mangtaun-taun kasarung,

kajiret dina jirim sorangan,

lalaunan kami nguniang lir érmawar

nu mekar tina régang katunaan.

 

Sanggeus mangabad-abad kalangsu,

kapitapak dina awak kalaipan,

horéng aya nu leuwih deukeut

tibatan urat beuheung sorangan. 


2022


 



IBADAH LANCAH


Lebah sungut Guha Tsur,

hiji lancah geus lawas

nganti-nganti dua lalaki. 


Sedeng sajodo japati

katémbong nganyam sayang

hakékat lebah guha ma’ripat.

 

Sanggeus puluhan taun,

kapireng léngkah dua lalaki

nu lunta ti sarakanana.


Sakadang lancah jeung

sajodo japati teu reureuh

maca solawat nabi.


2022


 


PRAYOGA ADIWISASTRA
, lahir di Purwakarta, 18 Januari 1992. Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI Bandung. Salila kuliah kungsi aktif di komunitas sastra Turus jeung ASAS UPI. Nulis pangpangna dina wnagun sajak, carpon, jeung éséy, dimuat di sawatara média. Sapopoéna cekel gawé jadi guru Basa Sunda di SMAN 2 Sukatani jeung MTs Assalam, Kabupatén Purwakarta.

Posting Komentar

1 Komentar