Ilustrasi: Pieta or Revolution by Night (1923) kénging Max Ernst |
NAJAN henteu matak ahéng, angger matak hémeng. Biasana dipéntaan tulung téh ku jalma anu katideresa atawa jadi korban, ari ayeuna nu keur disanghareupan ku Marwan, sidik lalaki anu ngaku boga dosa, geus luas maténi sobatna kénéh. Sabada balaka, éta lalaki ngasongkeun balati, ditunda dina méja tulis.
“Nyanggakeun, ieu
buktina,” cenah.
Marwan neuteup anteb
kana balati anu masih kénéh beureum ti congo nepi ka tengahna. Enya gé idek
liher di pangadilan jeung kantor pulisi, tapi ari nyeueung balati bari jeung
beureum kénéh ku getih mah, malah semu baseuh, haténa teu burung miris.
Mimitina mah samar
polah kumaha nyanghareupanana. Taun-taun jadi pengacara, kakara ayeuna
kadatangan langsung ku jalma anu ngaku kakara jam-jaman maténi jalma. Sabada
teger, Marwan pok nanya ka si lalaki, “Naha henteu langsung lapor ka pulisi?”
“Hoyong sareng Bapa,
supados mérélé ngajéntrékeunana,” jawabna.
“Naon bédana? Apan
sarua wae ari rék ngaku boga dosa mah?” ceuk Marwan.
Si lalaki neuteup.
Marwan males neuteup, ngajugjugan kira-kira naon jawabanana.
“Abdi gaduh alesan naon
sababna maténi réréncangan,” jawabna.
Rikat Marwan nembalan, “Naon
waé alesanana, kangaranan geus maragatkeun nyawa batur mah, angger dihukum!”
“Kahartos, abdi moal
nyingkahan hukuman,” pokna, kawas taya sari-sari inggis.
“Boga pamajikan jeung
budak?” ceuk Marwan.
“Gaduh. Nu mawi abdi maténi
gé jalaran ngabélaan pun bojo sareng kulawarga,” jawabna.
Marwan ngadayagdag kana
panyarandéan korsi.
“Teu kudu dicaritakeun
di dieu, engké wé di kantor pulisi,” ceuk Marwan.
Marwan lain embung ngadéngékeun,
tapi kateuteuari, sabab engkéna gé, mun manéhna nu jadi pengacarana, ngabélana
dumasar kana dakwaan. Ari dakwaan apan dumasar kana pamariksaan pulisi. Pulisi,
nya dumasar kana pangakuan ti nu boga dosana jeung para saksi. Tugas manéhna mah
di pangadilan.
“Sok ayeuna mah bawa
deui wé balatina, ulah nepi ka kacabak ku batur,” ceuk Marwan.
Si lalaki nyokot deui
balati, sup kana tas.
“Isuk wé urang ka
pulisi, nyieun laporan,” ceuk Marwan.
*
Basa Marwan nganteur si
lalaki ka kantor pulisi, Marwan geus meunang béja tina berita jeung sosial média,
aya lalaki kapanggih ngababatang di hiji imah, awakna gudawang lebah dada jeung
beuheung. Pulisi nyebutkeun, korban pembunuhan. Layonna malah geus diotopsi,
tur hasilna nétélakeun, tatu dina dada jeung beuheung écés pisan tapak
seuseukeut balati.
Sakumaha pangakuan si lalaki
nu mawa balati ka Marwan, kajadian pembunuhan téh di imah korban. Marwan geus
bisa nyawang, ieu mah tangtu pembunuhan direncanakeun, sabab ngahaja ngajorag
ka imah korban pikeun maténi. Marwan geus ngabayangkeun ancamanana, hukuman
pati, saumur hirup, atuh énténgna 20 taun.
Anjog ka kantor pulisi,
para pulisi jeung nu aya di kantor pulisi langsung héboh, kadatangan ku jalma
anu ngaku geus maténi lalaki. Pulisi kagét sabab apan keur nalungtik nyusud
saha nu boga dosana, ari ieu sasat oray nyampeurkeun paneunggeul. Henteu hésé komo
matak capé gawé.
“Lapor, Komandan, tah
ieu jalmana nu keur disusud téh,” ceuk Marwan barang asup ka rohang penyidik.
Marwan geus dipikawanoh di kantor pulisi. Manéhna geus biasa meunang klién ti
kantor pulisi, pangpangna jalma anu dituding milampah kajahatan tapi ékonomina
teu walakaya keur mayar pengacara.
AKP Ruspandi, kapala
satuan résérse, mimitina olohok, tapi terus méré jempol ka Marwan.
“Meunang néwak ti
mana?” tanyana.
Marwan imut, bari némbal,
“Ti iraha pengacara boga wewenang néwak penjahat?”
Si lalaki nu bareng jeung
Marwan, milu imut. Roman beungeutna tenang tur teuneung. Mungguh matak hémeng
Kaptén Ruspandi.
“Saumur jadi pulisi,
kakara manggihan pembunuh setor beuheung ka pulisi,” ceuk AKP Ruspandi. Marwan
sarua dapon seuri, da puguh keur manéhna gé sarua pangalaman anyar.
Laporan di rohang
pamariksaan lancar pisan. Taya hiji gé pertanyaan penyidik anu diangles. Teu
bulat-beulit. Si lalaki ngaku nubleskeun balati ka sobatna nepi ka lima kali, kana
dada tilu kali, kana beuheung dua kali, nepi ka ngulapésna. Manéhna gé ngaku
ngahaja datang ka imah korban. Taya anu disumput-salindungkeun.
Waktu ditanya meunang
ti mana péso balati, si lalaki ngaku ti imahna teu mawa balati. Péso balati
milik korban. Nyampak di imah korban. Tur diécéskeun, sobatna boga hobi ngoléksi
péso, ti mimiti péso dapur, péso balati, nepi ka péso paranti ruat raut jeung
rupa-rupa péso lipet. Korban boga karesep jeung kamahéran malédogkeun péso kana
targét sasaran, siga umumna jalma-jalma nu resep leuleuweungan jeung tukang
moro. Atawa mun di tentara mah, karapigelan Kopassus.
Sanajan manéhna teu mahér
dina soal malédogkeun péso siga sobatna, si lalaki ngaku mahér béla diri,
pangpangna karaté jeung yudo. Manéhna ngaku teu kungsi gelut. Ngan harita mah
kapaksa, cenah, sabab lamun manéhna teu miheulaan, manéhna nu bakal keuna jadi
sasaran péso ti kaanggangan. Da harita, ceuk pangakuanana, manéhna rikat nyokot
balati nu némpél dina témbok waktu sobatna ngarongkong péso, nu ceuk ijiran manéhna,
bakal diheumbatkeun ka manéhna. Istilahna mah, pangakuanana kitu téh minangka béla
diri dina situasi cékcok geus nepi kana embun-embunan. Dina pikiran Marwan,
pangakuan kitu téh kudu bisa dibuktikeun enya henteuna di pangadilan. Bari lain
perkara gampang.
Papariksaan ukur
dalapan jam. Si lalaki ditahan. Balatina diampihan jadi barang bukti. Ti
harita, Marwan bulak-balik ka kantor pulisi, da si lalaki keukeuh ménta Marwan
ngabéla di pangadilan.
*
Dakwaanana teu jauh tina
sangkaan. Si lalaki anu keureut beungeutna kasép tur soméah téh didakwa maéhan
sobatna kalawan direncanakeun heula. Anu dirempakna Pasal 340, pembunuhan
berencana. Ancamanana hukuman pati, saumur hirup, atawa 20 taun.
Si lalaki keukeuh teu
ngaku geus ngarencanakeun maténi. Manéhna datang ka imah sobatna saukur rék
nanyakeun enya henteuna sobatna geus saré jeung pamajikanana.
Pamajikanana basa dipénta
katerangan ku pulisi pikeun kasaksian, nyebutkeun kapaksa saré jeung sobat
salakina, lantaran karunya ka salakina anu hantem-hanteman nyaritakeun kumaha
diudag-udag ku sobatna alatan boga hutang, tur hutangna lain duit saeutik.
Marwan geus ngolongan
ka pamajikan si lalaki. Sarua jeung pangakuanana ka pulisi, kapaksa cenah saré
jeung sobat salakina alatan karunya ka salakina, sangkan teu diudag-udag waé
ditatagih hutang ku sobatna.
Pamajikan si lalaki
ngadongéngkeun kumaha raketna si lalaki jeung sobatna. Sosobatan puluhan taun.
Ngan waé, pamajikan si lalaki nyebutkeun, najan sosobatan, saenyana aya hal anu
bisa jadi bibit buit mumusuhan, tapi salila ieu disidem sarta pada-pada dikilungan.
Ceuk pamajikan si lalaki, keur papada léléngohan kénéh, manéhna kungsi jadi
rebutan, kaasup ku éta dua lalaki. Dina téténjoan Marwan, pamajikan si lalaki téh
memang geulis tur luis. Basa disusud leuwih jauh, singhoréng penari jeung juru
tembang. Malah kungsi jadi béntang.
Ninggang hiji waktu,
salakina kapépéd teu boga duit keur ngubaran anakna nu katarajang tumor tur
kudu dioperasi. Demi nyawa budak, kapaksa ngagadékeun sertifikat imah ka bank. Mimitina
lancar, tapi sabada tujuh bulan, macét. Salakina kapaksa minangsaraya ka
sobatna anu lalagasan kénéh bari harta banda geus leuwih ti cukup keur rumah tangga.
Sataun, dua taun,
hutang can kabayar. Nincak opat taun, sobatna sok ngirim pesen WhatsApp ka manéhna,
anu salila ieu dirusiahkeun. Atuh ari embung ditatagih mah, ulah sok pelit. Kitu
pesenna téh. Ku WhatsApp ukur kitu gé manéhna surti, da puguh neundeun kapanasaran
salila-lila.
Mimitina mah tara diladénan.
Manéhna ukur ngangluh ka salakina sangkan hutang ka sobatna buru-buru dibayar.
Tapi da lain hutang leutik-leutik, dicicilna saeutik-saeutik mah angger hésé
lunasna.
Hiji waktu manéhna
ngirim pesen Whatsapp ka sobat salakina. “Asal buni, ulah betus jeung ulah
neregteg nagihna, heug, iraha jeung di mana,” cenah.
Nya ti harita, salakina
ngarasakeun aya anu anéh, naha sobatna jempling, kitu deui pamajikanana teu
pati luh-lah soal hutang ka sobatna.
“Tina kaanéhan éta,
mangsa-mangsa katukang diungkit deui, jaman duanana bersaing kumaha carana
sangkan abdi jadi pamajikanana,” ceuk pamajikan si lalaki ka Marwan, semu
dareuda.
*
Geus biasa, pakeukeuh-keukeuh
antara pembéla jeung jaksa penuntut umum bakal kasorang di rohang pangadilan.
Jadi henteu anéh mun jaksa keukeuh kana dakwaan jeung tungtutanana, si terdakwa
maténi kalawan direncanakeun. Marwan keukeuh teu tarima. Keun soal saksi, nyaéta
pangakuan pamajikan si lalaki, geus pasti ku hakim moal pati dianggap da di
mana-mana gé kangaranan pamajikan mah bakal ngabéla salakina.
Marwan keukeuh
nyindekel kana balati. Maténi direncanakeun mah pasti mawa pakarangna geus
disiapkeun ti awalna, lain ku pakarang anu harita nyampak dina situasi kaserempek.
Marwan keukeuh si palaku malikan ka korban lantaran kaserempek rék dibalédog ku
korban maké péso, tur éta geus jadi kaahlianana. Marwan ngasongkeun bukti-bukti
korban mahér dina soal malédogkeun péso ti jarak anu anggang.
Dina kajadian rajapati
taya saksi nu bisa dijadikeun saksi mahkota. Saksi ukur pamajikan si lalaki.
Tapi, antara kasaksian pamajikan si lalaki jeung barang bukti, nyaéta balati,
saenyana bisa nohagaan pamanggih Marwan, si lalaki teu bisa dieurad ku pasal
pembunuhan berencana, pasal 340. Marwan boga kayakinan hakim bakal sapamadegan
jeung manéhna, si lalaki ukur dihukum maksimal 15 taun luyu jeung pasal 338.
Basa ponés ditibankeun,
Marwan lungsé. Si lalaki ditibanan hukuman pati, dakwaan jaksa ngabukti, tur
nyumponan sarat dieurad ku pasal 340. Lain sakali dua kali Marwan ngabéla jalma
anu didakwa maténi atawa ngarogahala tur éléh di pangadilan, tapi ayeuna mah
karasa harenegna. Ku datangna si lalaki lapor sorangan ka pulisi, éstu henteu
jadi bahan pertimbangan hakim. Padahal, geus prah saha waé nu milampah
kajahatan sok kakaburan terus nyumput sangkan teu katéwak pulisi.
Si lalaki digiringkeun
ka bui. Marwan neuteup kana beungeutna. Kawas taya alum saeutik-eutik acan. Si
lalaki ngaluarkeun keretas, singhoréng amplop.
“Nitip kanggo pun
bojo,” pokna, halon.
Ti pangadilan, Marwan
henteu ka kantorna atawa balik ka imahna, tapi nyelang ka imah si lalaki,
mikeun surat ka pamajikan si lalaki.
Surat ditampanan. Terus
dibaca ku pamajikan si lalaki. Ngajanteng kawas nu bingung. Marwan amitan. Karék
gé ngangkat suku, pamajikan si lalaki nyarita méh teu kadéngé.
“Ieu aos,” cenah.
Surat dibaca ku Marwan.
Eusina matak hémeng deui waé.
“Akang terang, pengacara anu ngabéla Akang pameget anu resep kana
tembang Sunda, tur anjeunna duda dikantun pupus ku istrina. Ceuk Akang mah
kaasup ngora kénéh, jeung bageur deuih. Hampura, Akang lain tungguaneun.”
Marwan melong ka
pamajikan si lalaki. Pokna, “Teu kedah peunggas harepan, aya kénéh ihtiar,
urang banding,” cenah.
Léos ninggalkeun imah
terpidana. Pamajikan si lalaki anu ngajanteng di lawong panto teu dirérét deui.
Bari ngahirupkeun mobil, Marwan teu yakin naha manéhna rék nuluykeun banding
atawa moal.***
12 Séptémber
2022
2 Komentar
Kmaha salajengna? Naha banding atanapi neraskn amanat...? Hihihi
BalasHapusKahibur pisan, hatur nuhun, carpon petinganana...
BalasHapus