Caci Randang Umang - Agus R. Munggaran


The Cock Fight (1885), kénging Winslow Homer.



Barudak ngora karék réngsé ngadegkeun ténda ngarariung di buruan rumah gendang. Basa katingali aya nu datang, maranéhna patingkoléséd. Sius nu anyar datang téh. Manéhna ukur melengek nempo batur-baturna tinglaléos, taya riuk-riuk kasigeung. 

Di jero rumah gendang kadéngé nu tinggerendeng. Tua Gendang salaku tua adat diriung ku sababaraha urang pamangku adat. Kabéh saregep ngabandungan Tua Gendang nu keur cacarita kalawan daria.

“Asa can katoong saha nu baris diandelkeun dina caci randang umang isukan,” ceuk Tua Gendang semu ngaheruk. “Mangkaning taun kamari pan nu ti urang béké di lembur Kakor. Piraku taun ieu kudu karandapan deui bari jeung di lembur sorangan!”

“Nyaéta puguh hésé ngélingan barudak ngora sangkan ngahargaan kana adat jeung tali paranti karuhun téh,” salah saurang pamangku adat mairan. “Mangkaning pan éta pisan salah sahiji nu ngabalukarkeun patandang caci kasoran nepi ka béké-na téh.” 

“Enya kitu pisan, Kraéng. Béda jeung jaman urang, barudak ngora ayeuna mah geus mimiti wani ngarempak adat karuhun.”

Koloyong Sius nu pada ninggalkeun ku batur-baturna ngadeukeutan lawang rumah gendang. Gék diuk dina golodog bari ngalengo ka jero.

“Aya naon, Sius? Sok asup ka dieu,” Tua Gendang nanya semu deudeuh, da dihenteu-henteu gé Sius téh anak sobatna. Manéhna téh lain anak jalma joré-joré. Bapana, Kraéng Fridus, keur jumeneng kénéh mah kaasup mbéko, dukun anu sasatna dipihormat ku balaréa. Kraéng Fridus mibanda élmu lineuwih anu onjoy pisan. Ngan sanggeus tilar dunya, Sius nu harita umurna karék tujuh taun dirawatan ku nini jeung akina, da puguh biangna gé geus leuwih tiheula ninggalkeun. 

Sapopoéna Sius kaciri béda jeung batur saumurna, mindeng kapanggih nyorangan. Sanggeus rada gedé ulinna mingkin jauh. Mindeng ulin ka leuweung ukur ngadon hulang-huleng atawa ngadon sasaréan handapeun tangkal kai badag. Mun sakalieun milu ngariung jeung batur-baturna manéhna mah sok sagala dicaritakeun. Ngan masing naon waé nu dicaritakeunana, angger teu matak kaharti ku batur. Mimindengna mah sok nyaritakeun diajak ku bapana nu geus taya dikieuna ulin ka leuweung nepungan nu ngageugeuh di tempat-tempat sanget. 

“Ka mana waé asa geus heubeul tara katempo?” Tua Gendang nuluykeun pananyana.

“Karék balik ti gunung, diajak ku Bapa ka Waé Rébo. Meunang tilu peuting ngéndong di mbaru niang.”

“Euleuh, jauh geuning lalampahan téh,” ceuk Tua Gendang, ngomong kituna téh bari haténa ngaleketey, watir ku kaayaan Sius nu teu weléh ngacapruk. 

“Bapa ngajurungkeun kuring supaya isukan miluan caci, Kraéng,” ceuk Sius bari ngaguratan lanté papan imah panggung ku curukna.

Ngadéngé kitu téh Tua Gendang ukur mésem. Enya gé baheula bapana jago maén caci sarta can kungsi kaéléhkeun ku batur, tapi da puguh wedel pangartina. Ari Sius naon anu rék diandelkeunana. Awak regung, katambah pikiranana kawas nu teu hideng.

“Ulah hayang miluan caci manéh mah, Sius. Mending gé urang lalajo wé,” témbal Tua Gendang ngalelemu. 

Dikitukeun téh Sius bangun hanjelu, neuteup Tua Gendang sakeudeung tuluy ngaléos ka luar ti rumah gendang.

“Karunya budak téh, da lamun seug élmu panemu bapana diturunkeun ka manéhna mah bakal reugreug urang téh. Ngaran lembur Amba bakal seungit deui,” ceuk Tua Gendang ka nu keur ngariung, sorana ampir teu kadéngé kawas nu keur ngomong ka dirina sorangan.

**

Cunduk waktu, lembur Amba nu nenggang ti dayeuh Labuan Bajo ngadadak jadi haneuteun. Mobil treuk anu pinuh ku panumpang geus aya kana tiluna datang. Geus puguh ari nu tarumpak motor mah teu kaitung. Nu daratang katémbong jaligrah. Teu maliré jalan nu raruksak, matak nyareri awak. Nu rék ngadon daragang mah leuwih isuk datangna, paheula-heula néangan tempat nu merenah.

Sora kedindi ngaweuhan, kadéngé ka jauhna marengan sora nu wawaran dina pengeras suara. Di buruan hareupeun rumah gendang minangka imah adat geus diadegkeun ténda lengkep jeung méja korsina, buruanana ogé lega kawas lapang. Para tua adat ti sababaraha wewengkon diuk ngajajar rék nyaksian caci randang umang nu diayakeun di lembur Amba. Di hareupeun ténda geus ramé ku para patandang caci nu datang ti sababaraha wewengkon. Dangdananana garagah. Awakna baluligir, ka handapna ukur maké calana jeung sarung tina kaén tinun songké. Ukur beungeut anu kawilang buni téh, dibakutet ku karémbong, jeung maké panggal mangrupa kedok kai nu dipapaésan ku bulu embé pikeun nutupan sirah sangkan ulah nepi ka tatu. 

Réngkénék patandang caci ti lembur Sambir ngibing ngurilingan lapang bari ngaheumbatkeun larik ka luhur. Éta pecut tina kulit munding meunang ngunun téh sorana kadéngé ngajelebét. Kitu deui patandang ti lembur Kakor anu jadi lawanna, sarua ngibing ngurilingan lapang bari ngaheumbatkeun larik-na.
Ger nu lalajo surak euyah-euyahan. 

“Sambiiiir …!” gorowok nu lalajo handapeun tangkal kosambi.

“Kakooor …!” ceuk nu séjénna teu éléh tarik. 

Dua patandang pahareup-hareup silih pencrong bangun pada-pada ngukur kakuatan lawanna. Sanggeus nétélakeun aturan maén caci, lalaki tengah tuwuh nu jadi wasit tuluy nunjuk ka patandang ti Sambir sangkan narajang leuwih tiheula. Patandang ti Kakor mancegkeun kuda-kudana, taméng nggiling anu sarua dijieunna tina kulit munding dicekel pageuh keur ngabénténgan awakna. Duanana padungdung, duanana papada embung kasoran. Nu lalajo euyah-euyahan, rempeg di sisi lapang, teu nolih kana panasna panonpoé. Sawaréh ngagimbung di handapeun tangkal kosambi nu ngan hiji-hijina di juru lapang. Teu éléh ku nu ngagimbung di hareupeun tukang baso jeung tukang és, ngadon jarajan. 

“Sugan wé patandang ti lembur urang teu kabeunangan beungeut deui,” ceuk urang Amba ka baturna.

“Maksudna béké?” ceuk nu gigireunana.

“Enya, béké. Apanan mun nepi ka béké deui téh matak wirang.” 

Sora nu ngobrol téh éléh tarik ku sora tatabeuhan, mingkin ngungkung marengan patingjelebétna sora larik. Nu nyabetkeun pecut semu napsu hayang ngarubuhkeun lawanna. Ngan nu ditarajangna ogé teu cicingeun, satékah polah nakis kalawan tapis nyingkahan panarajang musuh. 

**

Ka sorénakeun, nu lalajo mingkin nambahan. Saréréa ngarasa panasaran, naha patandang ti Amba bisa males wiwirang taun saméméhna atawa kasoran deui. Maranéhna hayang ngalalajoan pintonan pamungkas antara patandang Amba ngalawan patandang ti Kakor nu geus ngéléhkeun patandang ti Sambir tadi beurang. 

Di hiji rohangan leutik, Tua Gendang ngadon menekung, mujasmédi ménta pituduh patandang mana nu kudu ngawakilan Amba. Lebeng taya pituduh naon-naon. Ngan saméméh cengkat aya nu ngajirim hareupeunana. Ukur sakolébatan. Dedegan maké papakéan caci gagah naker, tapi bari nonggongan. Bari leumpang ka luar, nu tadi ngolébat téh hantem diinget-inget, bubuhan asa wanoh kana dedeganana mah, ngan weléh teu ngelemeng-ngelemeng acan saha-sahana.

Cunduk waktuna patandang Kakor jeung Amba adu hareupan. Patandang ti Kakor leuwih tiheula asup ka pakalangan. Réngkénék ngibing bari ngurilingan lapang sakumaha biasana. Ngan patandang Amba masih can aya nu maju saurang-urang acan, itu ieu papada rumegog alatan can aya pangjurung ti Tua Gendang. Jung Tua Gendang Amba nangtung nyampeurkeun patandangna nu keur narungguan pangjurungna. Can gé pok ngomong, torojol budak ngora nu maké papakéan caci nyampeurkeun. 

Aku lut labar caci, Kraéng,” ceuk nu datang téh. Maksudna manéhna rék miluan caci

“Naon? Manéh keukeuh rék miluan caci?” Tua Gendang malik nanya ka nu bieu ngomong. Kareuwasna teu bisa disumputkeun basa nénjo Sius geus salin rupa maké papakéan patandang caci. Patandang séjénna ogé mangpaurkeun sieun Sius tuluy kasoran.

Ditanya kitu téh Sius teu maliré. Manéhna noyod muru pakalangan, réngkénék ngibing bari ngurilingan lapang. Sakur nu lalajo utamana urang Amba hookeun, taya nu kapalingan ka budak ngora begung nu karék asup ka pakalangan. 

“Si Sius …! Hayang cilaka meureun budak téh!” ceuk nu lalajo sahéng, manghariwangkeun.

“Aing mah palaur nambah wiwirang wé, Sius!” ceuk nu lianna. 

Nu lalajo jarempé sanggeus dihuit ku Tua Gendang. Dina réngkénékna Sius katempona ku Tua Gendang mah aya nu béda. Nu tadi ngolébat waktu keur mujasmédi némbongan deui, ngan sajorélat ngubengan waruga Sius. Nu keur ngaréngkénék ngadadak robah réngkakna, geus lain réngkak Sius. Gagah ceuk paneuteup Tua Gendang mah.

“Kraéng Fridus! Enya, Kraéng Fridus geuning nu ngaping manéh téh, Sius,” Tua Gendang ngagerendeng, nyéh imut. 

Nu ngéngklak duanana geus pahareup-hereup. Mun seug teu katutupan ku karémbong nu ngabulen beungeutna mah moal teu katempo patandang ti Kakor téh keur seuri, nganggap énténg ka lawanna. Budak ngora regéng nu jauh ka pikagimireun. Dina sageprakan gé moal burung nambru, ceuk pamikirna.

Sius ngurilingan lawanna, léngkah jeung réngkénék aplén teu kawas mimiti. Ukur sakuriling, geus kitu mah madep ka musuhna. Kuda-kudana teu pati panceg bari awakna rada méyékéh. Larik-na diheumbatkeun ka luhur sakali, tapi kawas nu teu ditanagaan, sorana ukur ngajeprét. Urang lembur Amba nu keur lalajo silih pelong, mingkin hariwang nénjokeun kaayaan Sius. Sabalikna jeung urang Kakor, ayeuh-ayeuhan ngarasa yakin patandangna bakal meunang.

Patandang ti Kakor nempo ketak Sius modél kitu téh mingkin nguntup kana kamampuh lawanna. Bangun nu ngaléléwé, suku katuhuna dipajukeun saléngkah tuluy ngawangun kuda-kuda sahinasna. Awakna nu seseg nurutan Sius dipéyékéhkeun, geus kitu mencrong ka Sius bari unggeuk nandakeun geus siap ditarajang.

Ngan sakilat Sius narajang bari ngaheumbatkeun larik-na. Sorana ngajelegér ngeundeurkeun jajantung, nu diarah tonggong belah katuhu lawanna. Puguh wé tumerapna ka patandang ti Kakor mah matak reuwas lain di kieuna, geuwat manéhna ngagiwarkeun awakna ka belah kénca. Ngan lantaran kuda-kudana kurang panceg awakna ngajarégjég tuluy ngadangheuak, kaén nu dipaké nutupan beungeutna udar bari panggal-na ampir leupas. Rikat manéhna hudang deui bari rék menerkeun panggal-na, ngan elat, Sius kaburu mindo ku panarajang kadua. Jelebét. Goak. Patandang ti Kakor nungkup beungeut bari deku. Larik jeung nggiling leupas tina panyekelna. Tina pipina merebey getih, beungeutna kabeunangan tungtung larik nu disabetkeun ku Sius. Teu salah deui, béké!

Urang Amba surak euyah-euyahan. Ngarasa bungah geuning panyangkana nyalahan.

“Hidup Amba ...! Hidup Sius ...!” 

“Sius jago ...!”

Kabéh surak. Sius pada ngarogrog. Dirariung. Sius ngadadak jadi béntang. Nu muji mah, nu ngajak sasalaman mah. Tua Gendang nyampeurkeun, paromanna pinuh kabungah. Sius ditangkeup ditepakkan tonggongna. 

“Nuhun, Sius. Anjeun geus buméla ka Amba,” ceuk Tua Gendang bari ngudar tangkeupanana.

Sius ukur melengek bari neuteup Tua Gendang. Beungeutna kawas sasari taya riuk-riuk bungah. Panonna ceuleuyeu siga biasana. Teu maliré nu keur ayeuh-ayeuhan ngugung-ngugung manéhna. Luk tungkul, tuluy ngaléos ninggalkeun pakalangan. ***


Rancaékek, Agustus 2022


Catetan:

caci = pintonan tarian ngadu jajatén sélér Manggarai-Flores
caci randang umang = caci dina hajat panén
Waé Rébo = kampung tradisional nu geus ditetepkeun minangka situs warisan budaya dunya ku UNESCO, pangeusina ukur 7 imah adat nu disebut mbaru niang
rumah gendang = imah adat
tua gendang = tua adat
mbéko = dukun
kedindi = waditra khas Flores sarupa bonang
larik = pecut tina kulit munding nu diunun
nggiling = taméng tina kulit munding nu diunun
béké = tatu dina beungeut nu ngabalukarkeun patandang caci teu meunang makalangan deui saumur hirupna




AGUS R MUNGGARAN, mimiti daria tulas-tulis dina basa Sunda ti taun 2012. Salian ti nulis carpon, sakapeung sok nulis artikel jeung feature. Carpon-carponna dimuat dina Pikiran Rakyat, tabloid Galura, jeung majalah Manglé. Kungsi lila dumuk di NTT. Aktif di Panglawungan 13 jeung Pustaka Sunda. Salah sahiji judul carponna milu dibukukeun dina antologi babarengan Jalan Sorangeun.

Posting Komentar

7 Komentar

  1. Luar biasa. Matak pogot macana.
    Hatur nuhun Ang.

    BalasHapus
    Balasan
    1. Hatur nuhun pairanana, Ang. 🙏

      Hapus
  2. Wilujeng, Kang Agus, ngiring bingah pisan. Carponna matak pogot, ngangkat adat istiadat ti lembur luar. 👍👍

    BalasHapus
  3. Sae pisan, janten panasaran macana. Isi caritana mah tos katebak... CIUS CHAMPHION

    BalasHapus
    Balasan
    1. Mung ramé kénéh nongton pintonanana langsung, Ang. Cius. 😀

      Hapus