Milangkala - Sajak-sajak Muhamad Faisal


Ilustrasi: Kamel v Ritmicni Pokrajini Dreves (1920) kénging Paul Klee 
 

MILANGKALA


Jungjunan,


Teuing ngurangan atawa nambahan

Umur unggal mapag poé lahiran

Kawas lilin ngaduruk awakna sorangan

Atawa kuéh anu terus ngabeukahan 

Diseupan jaman


Cenah bagja téh saupama lalampahan

Anu jauh kalarung tapi teu lila karasana

Kapan urang masih léléngkah halu

Kakara jadi bapa jeung indung

Tacan jadi aki-nini anu mangku incu


Teuing nambahan atawa ngurangan

Hirup nu surup waktu sareupna

Kawas balon ngagedéan dieusi nyawa

Atawa rénghap-ranjug nu suda

Geusan niupanana


Cenah bagja téh larap dina harta jeung kawasa

Nu nedunan sakur kabutuh jeung kahayang

Kapan urang mah ngan ngandelkeun cecekelan:

Dina unggal kateudaya nyelap kecap aya

Dina unggal kasusah nyelap kecap usaha


2022





RISBANG


Anaking,


Geuning risbang téh babandingan awak sorangan

Boh jati boh lain duanana nampanan impian

Boh kanyeri boh lain duanana nandéan harepan


Basa bapa jeung indung anjeun 

ngalocotan paku tina papan nu barobo

Aya nu milu caroplok di satukangeun harigu

Tatu nu mangtaun-taun lawas dipaluan waktu


Ayeuna kamar geus lengkep kasur jeung ranjangna

Sabab legana kasimpé nu namprak baheula

Tutas kaeusian ku motahna kanyaah urang tiluan


2022





KAPAL SELAM


Anaking,


Cenah sajero-jerona laut

Tacan tangtu nandingan jerona hirup

Sabab leuwih babari neuleuman sagara

Tibatan neuleuman haté jelema


Cenah samotah-motahna ombak

Tacan tangtu nandingan panineungan

Sabab leuwih babari nyidem lambak di sagara

Tibatan nyimpen ambek di haté sorangan


Saupama raheut mangrupa lambak

Nu tan watesan. Sakuduna harepan

Mangrupa kapal selam nu teuleum

Tanpa kalebuh di laut kahirupan


2022





BUKU JEUNG TAUN NU KALARUNG


Anaking,


Bapa mukaan deui buku

Hirup nu tacan jauh kalarung

Babasan jeung paribasa nu kabaca

Tacan tangtu larap keur anjeun


Saméméh tulisan nyorang lambaran jaman

Aya catetan anu tacan kungsi kalisankeun

Geuning seuseukeut waktu ngeureut

Raheut urang paheut


Basa ungkara ngaléntab kolot sorangan

Kaca-kaca hampura geus lila kaduruk

Ngelun jadi handeueul nu kaseuseup

Niruk jajantung


Katunggara mangtaun-taun, anaking

Tacan tangtu kauntup ku imut jeung hariring

Aya nu lawas kemba kawas rék kedal ayeuna

Cimata ninggang kalbu laun-laun nutupan tatu


2022



MUHAMAD FAISAL, lahir di Bogor, 21 September 1994. Alumni Prodi Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI Bandung. Salila kuliah kungsi aktif di komunitas sastra Turus Hima Pensatrada UPI. Karya-karyana dimuat dina Manglé, Tribun Jabar, jeung Buruan.co. Ayeuna cepeng gawé jadi guru Basa Sunda di SMAN 1 Cisarua, Kabupatén Bogor.

Posting Komentar

1 Komentar