Cilutung - Sajak-sajak Sri Sussi Ariés Lulupi

Ilustrasi: Prout's Neck Surf (1894) kénging Winston Homer


CILUTUNG

taya riak jeung umpalan
lajuna leuleuy muru muhara
nyidem jero
panglejo ténjo
nukangan genclang sungapan
maur jeung kiruh 
pangrumeuk deuleu
tapak ngobok tapak ngubek
kaancloman kaancruban
saparat babantar

na aya kénéh kucibek lalawak?
ku pitapak kaayak
ngagiwar tina hurup kerep heurap
heurap hirup

heurap
              hirup

Majaléngka, 2022




GERENTES CIPÉLÉS

apan girang tigin ngamalirkeun canembrang
kiruh sotéh
maur jeung tai uruy gawir-gawir bulistir

apan girang tigin ngamalirkeun hérang
lumeur sotéh
galo jeung koco tampian kota

kiruh jeung lumeur
namperkeun saeur
di leuwi nu baring supagi; leungiteun jerona

Sumedang, 2022




SAJAK MINYAK

sawit saaplak
nyésakeun tanya
boa 
suligar teu kungsi mekar
burung diteuraan cangkilung
palangsiang 
manggar buah anu manjing
amrin dipaling bajing

minyak 
hinyayna ngolétrak
keclakna keutar; 
na létah paroman-paroman haropak

Tanjungsari, 2022




MOPOLÉ
kecruk 
kecruk
huntu pacul ngoréh lemah
mupuri beuti sésa bati
nu nyamuni ku juragan teu kakali

lain angkeuh seubeuh
kadar nyiar ubar lapar
lebah galeng biheung
palebah galengan sugan
anu buruk panyeupahan kuuk
patengah jeung sésa lanas

mopolé 
galeng wates
ngabengkot jeung nyamos

Cibodas - Lémbang, 2022



Sri Sussi Ariés Lulupi, gumelar di Sumedang, 6 April 1972. Dumuk di Kabupatén Sumedang. Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah, IKIP Bandung (kiwari UPI), lulus taun 1998. Cekel gawé jadi guru basa Sunda di SMPN 1 Tanjungsari, Sumedang. Pangaresep kana maca, seni, jeung diajar tulas-tulis. Bukuna anu geus medal nyaéta kumpulan sajak Sekar Gawir (Rawayan, taun 2020). Aktif jadi anggota Musyawarah Guru Mata Pelajaran (MGMP) Bahasa Sunda SMP Kabupatén Sumedang.

Posting Komentar

1 Komentar