Pileuleuyan Kang Tjétjé - Iip D. Yahya

 

Tjétjé Hidayat Padmadinata, dokuméntasi Humas Pemprov Jawa Barat.

“Tjétjé .. anteur Bapa ka masjid!” kitu Raden Ayu Wiara masihan parentah ka Tjétjé  Hidayat, putra pangais bungsuna, saban dinten Jumaah kira wanci pecat sawed. Umur 5-6 taun harita téh, Tjétjé  sok jadi voorijder. Ramana, Raden Padmadinata kalebet ahli masjid, jam 9-10, nalika masjid dikepel kénéh, anjeunna tos ngadeluk khusyuk maos dzikir sabada solat-solat sunat. Raksukanana jas tutup kelir bodas, sarung batik, bendo, sareng teteken. R. Padma sok ngacungkeun tetekenna upami bade meuntas jalan ageung. 

Tjétjé  téh minagkana mah jadi pengawal ti bumina di Jalan Balong Gedé, ngaliwat Sasak Gantung, parat nepi ka hareupeun Masjid Agung Bandung. Sabada ramana lebet ka masjid, Tjétjé  henteu terus ka masjid tapi kalah amitan, “Atos nya Pa!” Berebet wéh jinisna mah lumpat, mulang deui ka Balong Gedé, kalan-kalan mah teu jumaahan da kajongjonan ulin, malum teu acan yuswa tujuh taun.

“Apa mah ahli masjid, ahli dzikir,” kitu kasaksian Tjétjé  ngeunaan ramana. “Tah éta pisan anu henteu nurun ka akang téh! Akang mah budak bangor, lain budak sutera,” sambungna balaka. 

Nitenan catetan R. Padmadinata, anu kungsi ditingalikeun ku Kang Tjétjé, tetela anjeunna tiasa dilebetkeun sabagé ahli agama, tabah dina urusan kaislaman. Salian ti seratan soal sarat tobat atawa cara meresihan haté, aya anggitan anjeunna mangrupa tarjamah basa Sunda surat Al-Waqiah. Basa ditalék élmu naon atuh anu diwaris ti ibu-ramana, Kang Tjétjé  negeskeun, “Akang mah diajar ludeung ti indung, diajar sabar ti bapa.”  

Tjétjé  Hidayat Padmadinata, anu nelah keur urang mah Kang Tjétjé, lahir di Bandung, 22 Juni 1935.  Inyana bisa disebut kamus pulitik berjalan, anu jadi langganan matuh wartawan anu merlukeun informasi ngeunaan haliah pulitik di Jawa Barat. Sok komo lamun dikaitkeun jeung gerakan kasundaan anu mimiti dibaladah taun 50-an mah, Kang Tjétjé  bisa disebut saksi tur pelaku sajarahna pisan. 

Kang Tjétjé  percaya yen kakuatan ideu (the power of idea) anu diperjuangkeun generasi 50-an, kiwari ngabukur jadi otonomi daerah. Sanajan dina lalampahanana, urang Sunda kungsi ngalaman tunggara, salila-lila sok dianggep etno-sentris bae ku urang puseur dayeuh. Malahan inyana mah kapanan ngalaman ‘masantren’ di sawatara penjara alatan dianggep “ngalawan Jakarta” téh. Boh di jama Ordeu Lama boh dina mangsa Ordeu Baru. 

“Akang mah konsisten anti sentralismeu Jakarta.” Teu sugan kapok pedah dipenjara atawa dimusuhan ku pangawasa. “Akang mah hirup teu boga ambisi. Cita-cita akang mah kacumponan, hayang hirup teu boga bawahan teu boga dunungan.”

Urang Sunda, dina sawangan Kang Tjétjé, saenyana mah jelema-jelema anu hadé. Ngan cilakana téh sok salah dina pergaulan. Lamun kumpulna jeung anu hadé deui ti sélér sejen, urang Sunda bisa tetep hadé. Tapi lamun gaul jeung anu gelo, urang Sunda sok teu kuat iman, terus kabawakeun gelo. 

Dina sawangan Kang Tjétjé, aya tilu tipeu inohong Sunda dina merjuangkeun kapentingan Sunda. Nonoman kiwari bisa milih mana nu pantes jeung loyog keur dirina. Kahiji, tipeu padati, boyot tur reyot kudu disusurung baé, jajauheun bisa diajak lumpat. 

Kadua, tipeu japati, nu ieu mah kakara daek kumpul ruang-riung lamun dikur-kuran baé, sok komo lamun aya alaeunana mah. Katilu, tipeu sajati, ieu mah ngutamakeun dédikasi jeung reputasi batan matéri jeung posisi formal. Nu pamungkas ieu mah falsafahna ngabaktikeun dirina keur Sunda, lain ngamangpaatkeun Sunda keur dirina.   

Kang Tjétjé  ngaku guguru ka sakur jawara gerakan Sunda. Kungsi mulungan pangaweruh ti Dalem Haji RAA Wiranatakusumah V, Ȇma Bratakusumah, Sutisna Senjaya, Sukanda Bratamanggala, jrrd. Sajaba ti tokoh gerakan Sunda, Tjétjé  mulungan pangaweruh ogé ti kokojo Siliwangi (militer), gerakan sosialis jeung tokoh Masyumi. 

Dina riungan kasepuhan Sunda mangsa harita, Tjétjé  anu minangka pang ngorana, sok wani nanya anu rada mahiwal. “Wa, kunaon ari urang Sunda sok elehan baé?” pokna dina hiji gempungan. Tina cara kitu Tjétjé  teu wudu loba beubeunanganana. Aya nu ngajelaskeun yén Sunda hiji waktu baris mulya tapi kudu ngalaman hina heula. Dina pulitik nasional urang Sunda mémang éléh tapi lain patalukan. Ari patalukan mah hamo ngalawan deui, tapi anu éléh mah hiji waktu bisa nguniang deui tur meunang dina tarungna. 

Kokojo anu séjén ngajelaskeun yen urang Sunda boga lima pasipatan anu ngahéngker dirina dina ngahontal kamajuan; (1) sok sirik lamun batur sorangan meunang nugraha, (2) kurang daria dina merjuangkeun cita-cita kelompokna, (3) aing-aingan dina hirup kumbuhna, (4) pundungan lamun aya anu ngiritik, (5) ku batur ulah ku sorangan teu prak.

Ku ngawaris élmu saperti kitu, Tjétjé  boga hancengan anu puguh dina léngkah-léngkah pulitikna. Paham pisan dimana kakurangan jeung kaleuwihan gaya pulitik urang Sunda. “Dina pulitik, akang mah can kungsi dihianatan ku sélér di luar Sunda,” pokna balaka.

Hiji kaleuwihan Tjétjé  dina hubunganana jeung para kokojo Sunda, tansah ngajaga, tara nguar-uar masalah pribadi para inohong. Sok sanajan papada inohong Sunda harita teu salawasna akur. Tjétjé  bisa nempatkeun dirina ngawaris élmu ti sarerea. “Akang mah logor ka ditu ka dieu, ku itu diaku ku ieu tara disaha-saha.” 

Umumna, cek Tjétjé , pulitik Sunda masih nguciwakeun kulantaran loba pulitisi Sunda anu “kabawa edan dina jaman edan”. Tapi aya ogé anu nyugemakeun haténa, nyaeta ayana nonoman-nomoman anu boga sawangan kritis, pangpangna ti kalangan akademisi jeung cendekiawan anu teu boga ambisi pulitik. Tjétjé  pangpangna mere apresiasi ka nonoman Sunda kiwari anu dina nyarita sok dibarengan ku data jeung angka. Hal ieu bisa dijadikeun tetenger ayana parobahan jaman jeung generasi.  “Zaman akang mah euweuh nu kitu téh, nu aya téh sual ideologi jeung motivasi baé.”

Di antara peupeujeuh anu sok ditepikeun ku Tjétjé  ka para nonoman, “Panghina-hinana keur gerakan Sunda mah lamun hiji jelema dicap jadi mata-mata Jakarta anu gawéna ngalaporkeun pagawean batur sorangan.” 

Kang Tjétjé  ngarumasakeun manéh moal salilana bisa nungkulan gerakan Sunda. Ngan inyana hayang nyaksian ayana kasadaran dina diri nonoman-nonoman Sunda kiwari, pikeun nanjeurkeun harkat-martabat Sunda di ieu nagara. Nyaéta, dina sual sawangan, aya parobahan tina romantika kana dinamika. Dina sual kapamingpinan, aya parobahan tina anu sipatna personal jadi institusional. Dina kabudayaan, aya parobahan tina anu sipatna lisan jadi tulisan. Dina hirup kumbuh, aya parobahan tina kabisaaan anu sipatna alamiah jadi ilmiah. Ku cara kitu, urang Sunda bakal ngabogaan ideologi jeung platform perjuangan, sahenteuna boga sistem jeung program perjuangan. Ku ayana kasadaran éta, kalemahan urang Sunda dina ngokolakeun organisasina bisa dioméan, henteu kateterusan salah jeung nyalahan baé. Nya kasadaran ieu pisan anu bisa jadi pondasi restorasi Sunda anu dipicangcam tur diimpi-impi ku Tjétjé . 

Basa ditalek soal kaderisasi, Kang Tjétjé  balaka yen inyana ngarasa gagal, “Akang mah rumasa gagal dina kaderisasi, utamana dina sual ngawangun karakter. Sabab anu utama ti hiji pamingpin mah karakter dirina. Ieu pisan anu henteu katingali ti generasi sahandapeun akang.”

Dugi ka dinten pupusna, Rebo, 9 November 2022, Kang Tjétjé  ngabuktikeun paniatanana, ngawakapkeun sesa umur keur kamajuan Sunda, hususna keur kaderisasi. Inyana geus teu ngabeda-beda partai atawa golongan, estu ngabantu sakur nonoman Sunda, saha baé, anu rék makalangan nanjeurkeun harkat-martabat Sunda. Kang Tjétjé  hayang jadi saksi diwangunna pondasi restorasi Sunda. 

Wilujeng angkat ka alam padang, Kang, insyaallah Akang husnul khotimah. Mugi-mugi sakur anu guguru ka akang janten generasi anu panjang ngalalakon, kasmaran picaritaeun. Amin.


*Seratan ieu kantos dimuat 

di majalah Mangle No. 2277 (24 Juni 2010) 


IIP D. YAHYA, lahir 17 Juli 1970, éditor naskah anggitan Tjétjé  H. Padmadinata. Bukuna nu geus medal di antarana Ajengan Cipasung: Biografi KH. Moh. Ilyas Ruhiat (Pustaka Pesantren, 2006) jeung Oto Iskandar Di Nata: The Untold Story (Forum Diskusi Wartawan Bandung, 2008). Ayeuna linggih di Bandung.

Posting Komentar

2 Komentar

  1. Sae pisan kang IP, nuhun TOS tiasa nyebarkeun, nilai2 luhur ti sepuh urang sararea, kang Tjetje. Kapayun tiasa di bedah karya2 kang Tjetje, Komo pami urang kaitkeun kalahiran organisasi AMS anu didirakan 10 November 1966, pas anjeunna pupus ping 9 November sareng di kurebkeunna ping 10 November.. hayu kang, urang bedah potret perjuangan kang tjetje. Nuhun pisan.

    BalasHapus
  2. Mangga siap, Kang Nusa.

    BalasHapus