Teteruh - Nunu Nazarudin Azhar

 

Ilustrasi: Glance of A Landscape (1926) kénging Paul Klee


PASOSORÉ. Amparan pucuk entéh di gulampéng beulah kalér kasipuh layung. Jiga kaén sutra nu dirurubkeun salaput pasir, ngagapuy kana léngkob nu disipat ku walungan leutik Ciganitri. Tatangkalan di sisieun walungan bangun anteng di tengah wirahma nu mayeng maturan sapanjang usum; alir cai ngaliwatan batu-batu nu parentul dina arileu walungan méméh ilang kahalang ku Pasir Putih. Kahirupan nu tingtrim. Nu midangkeun warnaning sawarga. Dalah sanggeus halimun laun-laun ngalamuk, ieu kaéndahan éstu teu ngurangan ajénna. Diseuseup hawana, ditawu ku rasa sakur detikna nu ngamalir saacan ngamuara di puseur kaabadian.

Karék bisa sakitu, ngadéskripsikeun naon nu keur katénjo. Can bisa ngajén ku kalimah nu leuwih éndah, nu enya puitis, nu bener-bener bisa jadi wawakil rasa nu nyaliara sabot nyérangkeun alam di sabudeureun. Ukuran kaéndahan nu can lila kapibanda, masih nyésakeun rupaning lapisan nu horéng moal kapimilik sagemblengna.

*

HIJI peuting.

Waktu ngarambat dina itungan nu alon.

Kuring waspada. Geus meunang gambaran ngeunaan iklim, kondisi tempat, pakéan, katut basa nu kudu kacangkem. Cenah jalma-jalmana barbar, kriminalitas mahabu.

Tapi basa tepung jeung manéhna kuring hareugeueun. Can biasa meunang panyambat nu sakitu soméahna.

“Nazraél?” Manéhna melong. Sorot panon nu tadina curiga, kiwari ngedalkeun kahéran kana ngaran nu ku kuring diucapkeun.

Kuring unggeuk, dina kaayaan nu kudu angger taki-taki.

“Apal kana ngaran sorangan, tapi teu inget ti mana rék ka mana?”

Manéhna tuluy nyangka kuring korban nu ditinggalkeun di éta tempat ku jalma jahat. Taya KTP (manéhna nanya ngeunaan éta bari pepeta, jigana keur ngagambarkeun naon nu disebut katépé ku gerak leungeunna), taya kartu pengenal nanaon, ukur pakéan saraket awak. Manéhna ngilikan lila pisan, neges-neges.

“Laporan ka pulisi atuh nya?”

Ngarti naon maksudna, kuring teu némbalan. Sababaraha detik saterusna kabaca, yén manéhna lain jalma jahat.

“Nya kumaha deui?” pokna. “Tapi mun datang ka kantor pulisi, malah bakal ditanya sagala rupa bari moal bisa kajawab ari kieu mah,” cenah, tuluy jiga nu niténan kaayaan sabudeureun.

Basa kuring turun di dinya, nu nyampak ukur manéhna, keur diuk di tempat nu rada anggang. Lampu-lampu surem di sisi taman, kahieuman ku tatangkalan. Sabot kuring leumpang, manéhna nyampeurkeun, tuluy nanya. Melong aya kana sababaraha menitna.

“Saha nu apal aya mangpaatna,” pokna, bari nitah kuring pikeun milu kana motorna. Tepi ka bray beurang kukurilingan di kota nu masih kénéh simpé. Kota leutik nu pangeusina karasa pisan nyalsé jeung tingtrimna. Jauh tina sangkaan. Isuk-isuk cul-cel barijil ti imahna. Katémbong nu leuleumpangan. Nyéboran kembang. Maca koran. Saban tempat nu ku manéhna dianggap bisa mulangkeun deui ingetan kuring, diliwatan lalaunan. Tapi kuring mémang kudu ngarusiahkeun sagalana.

“Geus beurang … Kumaha mun Naz … ah,” pokna, melong deui, “Ngaran téh anéh sih,” cenah.

Ujug-ujug hanjakal tadi nyebut ngaran.

“Ganti nya?” pokna, tuluy jiga nu mikir, rét deui, sorot panonna lucu.

“Néila,” cenah.

Ditémbalan ku seuri.                   

Tungtungna manéhna ngajak ka imahna. Diwawuhkeun jeung indungna; wanoja nu lintuh tur kaciri séhat. Paromanana teu weléh marahmay, jigana taya hiji gé kajadian dina ieu kahirupan nu bisa mangaruhan kana kabagjana. Basa ngadéngé katerangan ti anakna, manéhna neges-neges kuring, gogodeg, tuluy nitah anakna maturan kuring dahar. “Istirahat heula wé di dieu,” pokna.

Ngaran manéhna Riksa, sapopoé disebut Érik ku indungna. Ngaran indungna Fatima. Kuring nyebutna Bu Fat, nurutan jalma-jalma nu datang ka toko buku.

 Enya, Bu Fat boga toko buku di rohang hareup imahna, wangunan heubeul nu perenahna sisi jalan nu teu pati ramé ku patalimarga. Tapi sanggeus kuring aya kana tilu poéna di dinya, kuring apal yén toko bukuna boga langganan nu lumayan. Saban poéna aya waé nu datang pikeun meuli buku.

“Geus lila si Mamah hayang boga pagawé, tapi taya nu junun. Mun Néila daék, gawé di dieu. Ké dipapatahan carana ngaladangan … Nya bari susuganan isuk pagéto inget deui,” pokna.

Sagala rupana lancar. Kuring boga tempat cicing, diperenahkeun di kamar deukeut dapur. Bu Fat bungaheun. Manéhna méré baju lungsuran, tapi Érik mangmeulikeun pakéan nu leuwih pas jeung ukuran awak kuring.

Ieu kahirupan kuring nu anyar.

Dicatet na pikiran:

Érik umurna 27 taun. Pagawéanana ngarang, lantaran éta ceuk indungna, Érik mindeng hésé saré. Korélasina teu pati kaharti, tapi kuring ngabandungan, ti kamar Érik mindeng kadéngé sora musik sapeupeuting, jeung sora nu engkéna kuring apal yén éta téh disebut mesin ketik. Kalan-kalan mulang subuh, atawa teu mulang ka imah sababaraha peuting. Sakapeung sok katémbong manéhna saré sapopoé. Awakna sedeng, nurun ti almarhum bapana –kecap almarhum dicatet dina fail husus, dibéré katerangan saluyu jeung nu kapanggih dina kamus.

Bu Fat. Kacintana kana buku lain ukur dilantarankeun yén dagang buku mangrupa pangupa jiwana. Leuwih ti éta. Saban poé Bu Fat boga waktu husus pikeun maca, nyaéta di taman leutik tukangeun imahna. Kuring diajar nyieun citéh panas, sanggeus apal Bu Fat sok maca buku pasosoré, bari dibaturan ku citéh. Manéhna boga pabukon pribadi nu dieusi ku buku-buku novel kameumeutna. Kalan-kalan katémbong yén fiksi leuwih bisa méré kabungah, tibatan kanyataan nu aya di sabudeureun imahna. Kuring teu hayang opénan.

“Geus méh sabulan …” ceuk Bu Fat bari panonna mah anteng melong buku. Ngalamot tungtung curukna, laju muka lambaran bukuna. “Néila betah di dieu?”

“Muhun,” cekéng némbalan. Lentongna nurutan Érik mun keur nyebut ‘muhun’ hareupeun indungna.

Bu Fat ngarénghap, imut, salsé pisan nyelapkeun salambar kartu dina buku nu tuluy ditutup, laju ditunda luhureun méja.

“Ibu ngarasa bungah aya Néng Néila di dieu, aya nu mantuan di toko, aya nu maturan ibu. Da Érik mah najan remen aya di imah gé numpi waé di kamarna. Keur nganggeuskeun novel munggaranana cenah. Buku carponna mah geus aya tiluna …” Leungeunna ngarongkong cangkir entéh, antaré, jiwa nu pinuh ku rasa hormat, nguyup cai entéh bangun nikmat.

“Tepi ka ayeuna masih can inget saha indung bapa hidep?” Sorot panon indung nu anyar kapanggih, antel jeung panon kuring nu tuluy teu manggapulia. Kuring tungkul.

Harita kuring hayang pisan nyarita, ngajelaskeun sagalana, tapi aya aturan nu teu bisa dirempak. Kuring kudu nyekel pageuh jangji nu geus diucapkeun.

Bu Fat kungsi ngajak ka dokter, mariksa. Harita kuring dipaparin ngaran panyakit nu ngaranna amnésia. Basa mariksa maké alat nu saliwat gé katémbong geus kuno, dokter ngahuleng, tuluy ngagutrut nulis. Basa mulang, kuring dibéré vitamin jeung suplemén, tapi hiji gé taya nu diinum. Disimpen dina tempat nu buni.

Ras ka panginditan.

Kuring ukur dibekelan pangaweruh saperluna, ukur sababaraha titik pori-pori tina milyaran nu aya dina kulit awak. Ka dituna kuring kudu diajar sorangan, ngeunaan laku, kabiasaan, katut basa maranéhna, tina sagala nu kadéngé, kaciri, karasa, jeung nu kabaca. Pangaweruh nu tuluy nambahan saban waktu, nu geus milu ngawarnaan diri kuring tur ngalantarankeun haté kabandang, hayang leuwih lila cicing di ieu kota nu beuki dieu beuki karasa matak betahna. Jauh jeung kaayaan di tempat panginditan, nu sing sarwa mekanis, rumingkang di antara rerembetna téknologi.

Sabot keur nyorangan di kamar, kuring maca rupa-rupa buku tuluy mukaan deui catetan nu aya dina pikiran. Réa pangalaman nu anéh, pikaseurieun, tapi ogé matak kayungyun da geuning dina kaayaan nu téknologina sing sarwa kuno téh, tumuwuh kondisi nu matak tingtrim, ayem, jalma-jalma hirup dina kabagjaanana séwang-séwangan.

Kuring apal, yén di réa tempat nu jauh perang keur lumangsung. Kajahatan nerekab. Tapi di dieu, kuring ukur manggihan pangabetah. Enya, nu ngaran kajahatan mah aya di mamana, malah di ieu kota gé aya (kungsi maca tina koran jeung nyaksian sababaraha kajadian nu tuluy dicatet sapada harita: copét, nu merkosa, bangsat, korupsi, jeung lian ti éta), tapi kuring kiwari ngarasa teu salah milih tempat.

Beuki dieu, beuki karasa yén kuring ditarima sagemblengna di ieu kulawarga. Teu disaha-saha, najan pribumi kapaksa kudu ngarang asal-usul kuring ka nu nanya. Apal téh basa Érik ngobrol jeung hiji langganan toko buku nu nanyakeun ngeunaan kuring, bari ngarérétan ku juru panon, maling-maling.

“Bogoheun meureun ka kamu, tatanya waé,” ceuk Érik sanggeus si langganan mulang. Kecap bogoh langsung napel dina catetan, nu tuluy meunang katerangan nu leuwih pertéla tina sikep Érikna sorangan. Manéhna kungsi ngajak lalajo drama ka gedung kesenian, bari ka mamana téh leungeun kuring teu lesot tina cekelanana. Sababaraha urang babaturanana nu ngagonjak, ditémbalan ku heureuy bari ngaléng kuring.

Kuring ngarasa leuwih deukeut jeung Érik. Basa Bu Fat indit ka ondangan, Érik ngajak ka kamarna. Gék manéhna diuk dina korsi gawéna bari nyabut keretas tina mesin ketik, song ka kuring. Eusina puisi. Kalimah-kalimah éndah nu tuluy kasimpen dina fail catetan kuring nu misah tina catetan lianna.

“Kumaha?” Érik nanya.

Ditémbalan ku imut bari laun nyebut nuhun. “Éndah pisan,” cekéng, ukur sakitu nu kedal da kaburu surser teu puguh, hiji rasa nu kakara kaalaman.

Érik ngarawél leungeun kuring, diadekkeun kana pipina. Pelong nu biasana ukur katémbong sakolébat, kiwari atra antebna. Kuring gancang milihan sikep nu kumaha pikeun ngayonanana, tapi teu manggih nu karasa pas, malah kalah hal anyar nu dilakukeun téh, basa leungeun dibetot, kuring diuk dina lahunanana, teu bisa kumaha.

“Néila tong ka mamana,” pokna ngaharéwos. Tangkeupanana karasa pageuh, népakeun ratug jajantungna kana sakujur awak kuring.

Tong ka mamana, cenah. Hartina ngajak kuring jadi bagian tina ieu kulawarga. Panyambat nu kacida matak bungahna, kuring geus bisa mihapékeun diri di ieu lingkungan. Tangtu waé teu bisa pok nyanggupan, ukur nuturkeun gerentes kudu kumaha nembongkeun sikep pikeun jawaban nu temahna teu matak ngagaris kana haté Érik. Manéhna bageur, indungna gé kacida bageurna. Mun kuring ngalakukeun kasalahan, duanana ngajelaskeun kumaha merenahna.

Najan enya kuring ngarékam sakur laku jeung sikep Érik katut Bu Fat ogé jalma-jalma lianna di sabudeur ieu kota, tapi ieu kulawarga geus lain objék panalungtikan, tapi kulawarga anyar nu ti maranéhna kuring meunang pangalaman jadi jalma nu dipikanyaah.  

Basa buku novelna medal, Érik méré sajilid. Ti dinya kuring apal, yén Néila téh horéng tokoh utama novelna. Ngaran nu kiwari geus jadi milik kuring, paméré ti manéhna, najan dina kanyataanana mah kuring teu bisa leupas tina ngaran nu enya.

Geus deukeut ka waktuna mulang, haté sabil. Ku réa pisan gogoda sangkan kuring teu ninggalkeun ieu tempat. Tapi tugas geus méh réngsé, geus deukeut ka waktuna disampeur. Mun seug kuring nolak, ganjaranana hukuman.

“Waktu pikeun invasi geus ditangtukeun, sakur informasi geus dikumpulkeun di pusat data,” ceuk nu ngontak kuring hiji peuting.

Haté ngalenyap.

Invasi? Kecap éta ngaronghéap deui. Basa rék miang, kuring apal sakur tujuan pangna kuring dikirim ka ieu dayeuh, tapi tuluy dipupus tina mémori. Tujuanana taya lian sangkan kuring bisa lebur jeung kahirupan jalma di dieu, tur teu kapangaruhan ku kecap “invasi” nu tangtu bakal nempatkeun kuring di tetengah jalma nu engkéna bakal jadi musuh atawa korban ….

Ratusan nu jiga kuring sumebar di réa tempat. Sagala nu kacatet dina pikiran, nu karékam tetempoan, langsung nyambung jeung pusat data di tempat panginditan. Kabéh bakal jadi dokumén pikeun kapentingan saméméh jeung sabada invasi dilaksanakeun.

Sakur kajadian nu geus kalakon narémbongan. Kahanjakal nyaliara, naha nu pareng tepung téh jalma-jalma jiga Érik jeung Bu Fat?

Naha kudu di tempat maranéhna?

Kuring geus lain kuring nu miang ngajalankeun tugas nu katarima. Ieu kuring nu anyar, nu geus jadi Néila, nu geus narima sakur kanyaah maranéhna.

Sagala rupana bakal robah. Dimimitian ku tetempoan. Jadi hayang leuwih teges ka Érik, ka Bu Fat, ka sakur langganan toko, ka jalma-jalma di ieu dayeuh …

Pangalaman nu kalakon jeung Érik diwangun di sababaraha tempat nu éndah. Nya kaasup di pencelut pasir ieu pisan, di tetengah amparan kebon entéh, di sampalan leutik tempat manéhna nataan nu katémbong di jauhna.

Basa halimun turun, sabot ngaléngkah dina satapak pudunan, Érik teu ngaleupaskeun cekelan leungeunna. Ku kuring malik diranggeum. Haté nu guligah mapay waktu tepi ka detikna; naon nu engké bakal tumiba ka manéhna? Kajadian nu kumaha nu bakal karandapan hiji dayeuh nu kiwari ukur katémbong kelemengna?

Manéhna ngajanteng, kuring gigireunana. Dampal leungeun katuhuna jiga nu keur nampanan nu murag tina halimun. Disidikkeun, enya, aya keprulan bodas nu turun, lalembut pisan, patingkalayang.  

“Ceuk nu sok metik entéh di dieu, ieu téh ngaranna teteruh, keprulan halimun nu engkéna jadi ibun dina pupucukan …” ceuk Érik. Kuring nurutan namprakkeun leungeun.

Manéhna ngaléng, ku kuring tuluy dirangkul. Kahayang mah sing lila ngararasakeun keteg dadana, sumerah dina tangkeup pageuh asihna ….  

Basa Érik ngajak nuluykeun turun ka landeuh, ku kuring diusap tonggongna, tuluy mundur dua léngkah. Aya kasedih nu rohaka sabot ningali manéhna ngajanteng, rada lila ngahuleng, rarat-rérét, tuluy ngaléngkah jiga nu bingung, beuki jauh, les tina tetempoan.

Sanggeus rada teteg tur sakur kaguligah dihibur ku gerentes nu dijieun-jieun yén naon rupa nu kasampeur ukur papaés sabot ngajalankeun tugas, kuring malik, léngkah nu karasa beurat tepi deui ka sampalan leutik di pencelut pasir.

Halimun ngariab dina sesela lampu nu tingkaretip, sasorot cahaya konéng tina lawang pesawat nu ngahéos turun, antel kana jujukutan. Pikeun nu panungtungan, kuring nyeuseup hawa di ieu tempat, diseuseup ku sakur téntakel nu barijil tina sakujur awak, kaseuseup jeung teteruhna nu karasa nyecep kana dada, keprulan halimun nu rék dibawa ka jauhna.*** 


Tamansari, 28 Oktober 2022


Nunu Nazarudin Azhar, pituin urang Tasikmalaya. Buku panganyarna nu medal nyaéta kumpulan puisi Hikayat Pendekar Tua (Langgam, 2021) jeung kumpulan carpon Lagu Cinta jeung Sajabana (Penerbit Layung, 2021).

Posting Komentar

1 Komentar

  1. Tegep naker, Kang Nu. Kuring téh mahluk ciciptan nu datang di masa depan. Atanapi, kuring téh mahluk ti luar angkasa anu ditugaskeun ngumpulkeun data manusa pikeun diolah ku baladna sangkan kapanggih kalemahanana anusatuluyna dipaké bahan pikeun jalan ngainvasi. Tapi da geuning apekengjung bekas nyalahan, bet kalah kakeunaan ku rasa asih jeung héman. Manusa kénéh alien heining!

    BalasHapus