Carita Pondok dina Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan - Atép Kurnia

 

“Bramatjintakanara” karangan Ragawa dina rubrik “Ngobrol Wengi Ahad”, Sipatahoenan, édisi 14 April 1934.


MAKSUD nulis téh hayang ngémbohan naon-naon nu ditepikeun ku Darpan dina bukuna, Généalogi Carpon Sunda (2019). Pangpangna anu aya patula-patalina jeung mucunghulna istilah carita pondok dina kandaga sastra Sunda, kaasup ngawewegan média anu kungsi ngamuat carita pondok-carita pondok nu medal jaman kolonial.

Lantaran sakumaha nu engké dipedar, kapanggih rubrik “Tjarios Pondok” dina koran Sinar Pasoendan taun 1934 jeung dina Sipatahoenan taun 1934 nepi ka 1935 aya rubrik husus anu dijudulan “Ngobrol” jeung “Ngobrol Wengi Ahad”. Satuluyna antara taun 1937 nepi ka 1941 dina Sipatahoenan kapanggih rubrik nu peresis maké ngaran “Tjarita Pondok”. Sanggeus dilanglangan mah rubrik “Ngobrol” jeung “Ngobrol Wengi Ahad” téh, sihoréng sarua ngamuat carita nu leuwih deukeut kana wangenan carita pondok.

Ku kituna, ieu tulisan sasieureun sabeunyeureun bisa ngémbohan atawa leuwih merenahna mah ngoréksi ancer-ancer nu ditepikeun ku Darpan. Lantaran cenah gé, “Karék dina taun 1940-an muncul istilah “Carios Pondok”, tapi konsépsina teu peresis sarua jeung konsépsi carita pondok sabada kamerdékaan” (2019: kc. 122).

Éta “Tjarios Pondok” téh rubrik dina majalah Parahiangan édisi taun 1940, bari jeung wangunna lain prosa, tapi dangding (Darpan, 2019: kc. 125). Ku kapanggihna rubrik “Tjarios Pondok” dina Sinar Pasoendan taun 1934 atuh ancer-ancer istilah carita pondok téh paling henteu kudu dipundurkeun ka taun 1934 atawa malah boa saméméhna. Lantaran Sinar Pasoendan nu kapanggih téh wedalan taun kadua, lain taun kahiji. Nu hartina bisa jadi ti taun 1933 kénéh, Sinar Pasoendan geus ngamuat “Tjarios Pondok”. Katambah nu dipidangkeun ku Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan téh geus saluyu jeung konsép carita pondok kiwari, nya éta wangunna geus prosa, lain dangding.

Kaduana, hayang ngémbohan nu aya patula-patalina jeung pangaruh tradisi lisan anu tuluy nyerep kana carita pondok-carita pondok jaman kolonial. Hartina, palebah dieu mah hayang negeskeun pamanggih Darpan soal “konsépsina teu peresis sarua jeung konsépsi carita pondok sabada kamerdékaan”. Ku kituna, némbongkeun ayana transisi tradisi lisan ka tradisi tulisan dina rubrik Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan. Atawa cék cohagna mah bisa disebutkeun yén carita pondok-carita pondok dina Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan téh masih ngajégang di antara tradisi tulisan jeung tradisi lisan.

Carita pondok “Wawales” beunang Ramogiling dina Sinar Pasoendan édisi 8 Oktober 1934.



“Dipati Oekoer” karya Moech. A. Affandie dina rubrik “Tjarios Pondok”, Sinar Pasoendan édisi 3 Nopémber 1934.



“Kapalang Nékad” karya Ating dina rubrik “Ngobrol”, Sipatahoenan, édisi 25 Januari 1934. 



Zoucahana nulis “Wanita Djembar Hampoera” dina rubrik “Tjarita Pondok”, Sipatahoenan, édisi 21 Agustus 1937.



            Nu pangtémbrésna tina carita pondok-carita pondok dina Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan téh anonimitas nu ngarangna, sabab réréana masih maraké sandiasma jeung inisial. Ari anonimitas apan ciri mandiri tradisi lisan, ngan sigana nu leuwih deukeutna mah kana tradisi nulis naskah, nu mémang ngajégang antara tradisi lisan jeung tradisi tulisan. Geura baé apan dina naskah-naskah Sunda buhun nu kapanggih ti Kabuyutan Ciburuy, nu kapanggih nulis atawa nyalin naskahna téh nyamuni dina ngaran Kai Raga.

            Tina rubrik “Tjarios Pondok” nu kapanggih dina Sinar Pasoendan, nu narulisna téh maké ngaran Ramogiling, Crony, Tito, SAN, Asje, Tjioeng Wanara, Kamo Bd, Criolin, Tjengek, jeung EN. Ari nu maké ngaran asli mah nu kapanggih téh ngan Moech. A. Affandie jeung Anah Komarijah (mun enya éta ogé ngaran asli).

Satuluyna dina rubrik “Ngobrol” jeung “Ngobrol Wengi Ahad” dina Sipatahoenan, ngaran-ngaran pangarangna antarana baé Ating, Tante, Ragawa, Sadéwo, Mako, Mad-Ka, Jennot, Ganisah, Léngsér, Nanie, Oscara, Marhasan, Artati, OA, AI, jeung sajabana. Ari ngaran asli nu kapanggih ngan Sjarif Amin. Kitu deui basa rubrikna robah jadi “Tjarita Pondok” antara taun 1937-1941, ngaran-ngaran nu ngarangna teu pati géséh. Geura baé aya Zouchana, KM, Kajim, Soegriwa, Kjm, Casanova, Jent Conto, Nanie, EM, Le Soleil, Z, JT, Tjatjoe, Mh. E, Wroeha, jeung sajabana. Sjarif Amin ogé rada réa kapanggih carita pondokna.

            Mun ditelek-telek, ngaran rubrik “Ngobrol” jeung “Ngobrol Wengi Ahad” ogé sabenerna némbongkeun laku nu ngawangkong, gunem catur, ngawadul, ngobos atawa ngobrol, nu mémang has tradisi komunikasi lisan nu sipatna langsung. Lantaran nu kasawang tina kecap “ngobrol” apan komunikasi téh dua arah, nyaéta ti anu ngajak nyarita ka nu diajak nyarita.

            Palebah judul-judul nu dipaké dina rubrik “Tjarios Pondok”, “Ngobrol”, “Ngobrol Wengi Ahad”, katut “Tjarita Pondok”, umumna némbongkeun ciri has judul-judul roman pop Sunda jeung carita tunil taun 1920-1940-an jeung roman-roman pop Sunda taun 1960-1970-an. Dina rubrik “Tjarios Pondok” antarana aya judul carita pondok “Kadoehoeng Tara Tiheula”, “Saha noe Koeat Doenjana éta noe Oenggoel, Saha noe Héngkér Doenjana éta noe Éléh”, “Dasar Lalaki”, “Pertjaja ka Bédja”, “Ka Mana Salaki Koering?”, “Asal Kejeng Tangtoe Pareng”, “Bongan Sok Ngamomorékeun”, “Korban Tjinta”, jeung “Ka Saha nja Mibapa?”.

            Dina rubrik “Ngobrol”, “Ngobrol Wengi Ahad” jeung “Tjarita Pondok” aya judul kayaning “Pisah koe Pamaksa Sepoeh”, “Kadoehoeng Ngagoegoe Napsoe”, “Kasarad Sétan”, “Pilih ka saha nja beurat!”, “Pa Sarkam Mamantoe”, “Oenggah ka Randjang”, “Daoen Paria Leuleus, Ngarambat kana Djolengan”, “Méh baé Leungiteun Patient!”, “Oepama ti Girangna Kiroeh ...”, “Awas Kénéh Kolot, batan Pinter Boedak”, “Pangaroeh Awéwé”, “Haat ka Djalma Hina”, “Éling ka Bali Geusan Ngadjadi”, jeung sajabana.

            Sabéngbatan gé réa pisan judul nu nuduhkeun pépéling caritana téh. Ku kituna, bawirasa éta téh némbongkeun kuatna pangaruh tradisi ngadongéng dina carita pondok-carita pondok jaman kolonial. Ngan palebah jadi carita pondok, wejangan-wejangan nu ditepikeun waktu ngadongéng téh kawasna tuluy dijarieun judul carita.

Ari dongéng téa apan asalna tina tradisi lisan nu ngawengku antara nu ngadongéng jeung nu didongéngan. Hartina, nu diwangunna téh pola komunikasi dua arah, lain saarah kawas dina tradisi tulisan nu geus rélatif “beresih” tina pangaruh tradisi lisan nu réa pisan rambat kamaléna.

            Samalah, keur sorangan sasoranganeun mah, bisa jadi carita pondok-carita pondok nu ditarulis antara taun 1934 nepi ka 1941 téh gaganti atawa nuluykeun tradisi ngadongéng lisan dina kahirupan sapoopoé. Ngan bédana harita mah ditarulis jeung dibaraca dina koran-koran Sunda, bari kasang caritana loba nu nyaritakeun kahirupan manusa kiwari, lain tokoh-tokoh mitos atawa tokoh-tokoh nu hirup dina alam karajaan.

Kangaranan dongéng téa apan pada mikaresep ku saréréa ogé, boh kolot boh budak. Nu matak kaharti, antara taun 1934-1941, tina Sinar Pasoendan jeung Sipatahoenan téh urang bisa ngumpulkeun sakitu ratusna carita pondok nu dimuat. Paling henteu, carita pondok-carita pondok jaman kolonial téh jadi transisi ti tradisi dongéng, boh lisan boh tinulis, kana carita pondok-carita pondok modéren nu sipatna réalistis.



ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar