Bulan Sésa

 


Judul Buku : Bulan Sésa
Penulis : Imas Rohilah
Harga : 55.000,-
Ukuran : 14 x 21 
Kandel : 140 kaca
ISBN : 978-602-53603-4-3
Tautan           : Silantang

Sinopsis: Najan kasebutna teu réa –saupama diukur ti mimiti carponna dimuat nepi ka ayeuna–, tétéla kelir carpon-carpon Imas téh kaitung warna-warni, malah kasebut unik kawasna, rada nenggang ti papada pangarang wanoja séjénna. Lebah ngarang carpon, katémbongna Imas mah teu tukuh kana hiji jejer, sarta teu salawasna ngarépréséntasikeun dirina pribadi minangka awéwé. Kitu deui lebah basa Sunda anu dipakéna, loba pisan kapangaruhan ku basa Sunda lisan dialék wewengkon Cianjur. Upamana baé kecap “méhna” anu pondokna tina “manéhna”, atawa kecap “hégaé” anu pondokna tina “hég baé”. Kitu deui kecap-kecap anu maké rarang kén “ting”, dina carpon-carpon Imas mah anu dipakéna téh “sing”, kawas dina kecap “singsaléor”, “singkecewis”, “singgerendeng”, atawa “singcikikik”.

Posting Komentar

0 Komentar