Taya dina Kamusna, Euweuh dina Buku Rusdina - Atép Kurnia

 

TI mana asalna kacapangan “euweuh dina buku rusdina”? Kumaha prosésna pangna nerekab jadi kacapangan? Kumaha lengkepna éta kacapangan téh?

Soal ti mana sumberna, saréréa nu sok maraca buku Sunda pasti bakal nuduhkeun kana buku Roesdi djeung Misnem: Boekoe Batjaan pikeun Moerid2 di Sakola Soenda karangan A.C. Deenik jeung R. Djajadiredja. Ieu buku dicitak di Walanda, di’s-Gravenhage atawa Den Haag, ku Blankwaardt & Schoonhoven, paling henteu ti taun 1910. Nepi ka taun 1930, ieu buku bacaan geus dicitak lima kali, ku pamedal nu sarua. Ngan tempatna béda, nyaéta jadi di Rijswijk. Sigana dina jero dua dasawarsa, Blankwaardt & Schoonhoven pindah tempat ngancikna.

Palebah dieu, urang bisa ngilikan bubuka dina bukuna. Dina jilid kahiji édisi munggaran sarta teu dibéré katerangan taunna, aya opat paragraf dina tulisan bubuka. Dina paragraf kahiji ditétélakeun ancoan jeung maksudna, nyaéta “Ieu boekoe tjarios Roesdi djeung Misnem diadjam pikeun ngaladjengkeun batjaan di sakola handap sareng di sakola2 désa, maksadna pikeun diadjar maos”.

Roesdi jeung Misnem citakan kalima, bubukana dibéré titimangsa Bandoeng, 20 Méi 1930. Sumber: Delpher.nl.


Paragraf kadua némbongkeun cara makéna, poténsina, pangajaranana, katut sumberna. Cenah gé, “Lagoena sareng pok-pokanana dina waktos nganggo ieu boekoe, perjogi dianggap nomer hidji. Koe margi éta aja sababraha pasal anoe koe goeroe kenging didamel pagoeneman. Sareng aja anoe djadi pépéling panoengtoen kana kalakoean saé; djabi ti éta aja noe kénging noekil tina élmoe kadjadian, élmoe pepelakan, élmoe sasatoan sareng élmoe boemi”.

Paragraf katiluna, némbongkeun rasa tumarima nu ngarangna ka Mas Moehamad Rais nu geus mariksa naskahna. Ceuk Deenik jeung Djajadiredja, “Hatoer noehoen ka Mas Moehamad Rais, goeroe Soenda di Kweekschool voor Inl. Onderwijzers te Bandoeng, wiréh andjeunna kersa mariksa ieu boekoe sarta ngadangdosan kakiranganana”.

Paragraf kaopatna, nu ngarang ménta dibéjaan mun pareng nu maraca manggihan kasalahan dina buku. “Bok bilih aja kalepatanana, éta moegi2 aja noe kersa ngawartosan ka noe ngarang”, kitu cenah.

Dina bubuka citakan kalima, umumna sarua. Paragraf kahiji sarua; paragraf kadua dibagi jadi dua paragraf kalawan tambahan “Lagoena sareng pokpokanana nja kitoe deui nengetkeun naon noe dibatja dina waktos nganggo ieu boekoe, perjogi dititénan pisan”; kitu deui bagian kadua tina paragraf kadua nu jadi paragraf katilu aya émbohna: “Menggah eusina aja sababraha pasal anoe koe goeroe kénging didamel pagoeneman. Sareng aja anoe djadi pépéling panoengtoen kana kalakoean saé”; paragraf kaopatna mah sarua.

Bédana téh, paragraf katilu dina édisi munggaran, dileungitkeun dina bubuka citakan kalimana. Mana kitu ogé, meureun, geus leuwih disampurnakeun jeung dikumplitan. Jeung émbohna dina citakan kalima mah bubukana dibéré titimangsa, “Bandoeng, 20 Méi 1930”.

Ku dicitak nepi ka lima kali gé jadi tanda yén éta buku kaasup nu kapaké pisan pikeun pangajaran maca barudak sakola handap di Tatar Sunda dina alam jajahan Walanda. Bisa jadi nya ieu pisan nu ngaliarkeun Roesdi djeung Misnem nepi ka jauhna téh, jadi dedek angen-angen, bahan panineunangan entragan-entragan nu kungsi ngalaman macana. Paling henteu keur nu dijurukeun dina taun 1930-an, nu maraca citakan nu kalima kalina téa.

Ngan naha enya kitu? Keur ngajawabna urang ilikan saha baé nu kungsi maké Roesdi djeung Misnem minangka sumber tulisan atawa pedaranana.

 

Tina Kongrés Basa Sunda kana Sipatahoenan

Mun ngalalaran buku-buku Sunda sabada medalna Roesdi djeung Misnem, urang meunang gambaran yén éta buku téh kawilang remen dijieun conto, jadi sumber cutatan. Lebah dieu, bisa jadi L.A. Lezer nu ngamimitianana. Dina buku De Soendaneesche Taalcursus (1919), Lezer ngasupkeun tulisan “Boedak Lintoeh” tina Roesdi djeung Misnem kalawan tarjamahana dina basa Walanda.

Kitu deui Soeriadiradja nu ngasupkeun tulisan “Oetjing Roesdi” kana bukuna Panjoengsi Basa: Pangadjaran Basa Soenda Anggoeun di Kl. II (1933-1934). Samalah Djajadiredja, nu tuluyna ditulis R.K. (Radén Kandoeroean) Djajadiredja, katut T.A. Gaikhorst jeung N. Titus, maké ngaran Roesdi dina buku Batjaan Mimiti pikeun Sakola Soenda (1937). Di dinya antarana aya conto kalimah kieu: “Roes-di boe-dak loe-tjoe; leu-tik ké-néh tapi pin-ter”.

Ari nu mimiti medar Roesdi djeung Misnem, bisa jadi M. Soeriadiradja dina Kongrés Basa Sunda taun 1924, ngaliwatan makalahna “Pangadjaran Basa di Sakola Priboemi” (Poesaka Soenda, No. 4-5-6, Oktober-Désémber 1924). Tina éta tulisan urang meunang wangenan bacaan barudak nu alus.

Ceuk manéhna mah bacaan barudak téh, “Basana koedoe basa boedak, ninggang kana loeangna, oelah sina kokolot begog; Tjaritana koedoe tjarita boedak enja, oelah kira-kira; Gambarna koedoe aloes, boekoena koedoe aloes”. Lebah dieu, bacaan barudak nu ninggang kana éta wangenan antarana Roesdi djeung Misnem jeung Pepetetan. Cenah gé, “Boekoe Soenda ogé geus aja anoe soeroep ka noe pimatjaeun saperti Roesdi djeung Misnem, ninggang ogé kana aloes njaéta batjaan moerid sakola désa sakola II. Ari Pepetétan keur sakola HIS”.

Makalah M. Soeriadiradja keur Kongrés Basa Sunda taun 1924. Antarana nyabit-nyabit Roesdi jeung Misnem. Sumber: Poesaka Soenda, No. 4-5-6, Oktober-Desember 1924. 


            Soeriadiradja ngabahas deui Roesdi djeung Misnem katut Pepetetan dina Kongrés Basa Sunda taun 1927, nalika ngadadar soal basa Sunda standar. Ceuk manéhna, nepi ka harita, ngan aya dua buku bacaan barudak nu nohonan basa Sunda lulugu, nyaéta Roesdi djeung Misnem katut Pepetetan (De Koerier, 9 Séptémber 1927).

Ku naon pangna ngan éta dua nu disebut-sebut téh? Salasahiji jawabanana bisa kanyahoan tina tulisan “Pengadjaran Bahasa Soenda Tidak Diperdoelikan” (Bintang Timoer, 7 Désémber 1932). Di dinya ditétélakeun, “Dari fihak goeroe dalam daerah Pasoendan, Hipa dikaborkan bahwa pengangadjaran bahasa Soenda semata-mata tidak diperdoelikan oleh pemerintah. Perkara ini orang boleh bandingkan dengan pengadjaran bahasa Belanda atau lain-lain bahasa di Indonesia, menoeroet daftar boekoe·boekoe pengadjaran bahasa masing-masing itoe”.

Nepi ka harita, cenah, buku pangajaran basa Sunda téh ngan aya Roesdi djeung Misnem jeung Woelang Basa. Dina tulisan disebutkeun kieu, “Dalam sekolah Melajoe ada satoe daftar nama terseboet toedjoeh matjam leesboeken dan satoe daftar dalam mana terseboet beberapa taalboeken, bagai tiap-tiap klas sampai tjoekoep. Dalam sekolah Djawa poen tidak kekoerangan lees dan taalboeken, melainkan dalam sekolah-sekolah Soenda goeroe-goeroenja tidak ada lain boekoe dari pada Roesdi djeung Misnem, sedang taalboek melainkan Woelang Basa. Ini doea boekoe berlakoe dari Banten Kidoel sampai di Bandjar Priangan. Tiap-tiap sekolah desa ada pakai boekoe ini, lain boekoe pengadjaran bahasa Soenda tidak ada”.

Ku lantaran ngan sakitu-kituna bari jeung sumebarna ti tungtung wétan nepi ka tungtung kulon Tatar Sunda, munasabah waé Roesdi djeung Misnem geus jadi sabiwir hiji dina tulisan urang Sunda ti taun 1930-an kénéh, paling henteu. Buktina, antarana, urang bisa mapayan koran Sipatahoenan antara 1932 nepi ka 1940, pangpangna nu kapanggih dina pojok “Panganggoeran” nu gedé kamungkinan ditulis ku Moh. Koerdie alias Sjarif Amin.

Geura dina “Miss Java 1932” (“Panganggoeran”, Sipatahoenan, 12 Séptémber 1932”) aya kekecapan: “Ah, nepi ka roepa roepa noeroetkeun nagarana baé, ngan henteu aja ari Misnem mah”. Dina tulisan “Majoenan Masarakat” (“Gentra Istri”, Sipatahoenan, 30 Méi 1933) aya ungkara, “Pasihan kalonggaran sami, kans sami ka istri sareng pameget. Istri tiasa djadi professor, pameget pon kitoe kénéh. Moeng tangtos Dr. Roesdi bénten pahamna katiasana, pamendakna sareng Dr. Misnem, kitoe deui Mr. Patmah bénten deui praktékna sareng Mr. Marni. Tah ieu perbédaan téh sanés perbédaan azas nanging perbédaan prak, tjohagna mah.”

Urang tuluykeun. Dina “Request” (Sipatahoenan, 10 Oktober 1934) aya kekecapan “Bet asa dina boekoe Roesdi djeung Misnem”. Dina “Vakschool” (“Panganggoeran”, Sipatahoenan, 10 Juni 1936) aya kekecapan “Berekah beuteung Entjép sok moetiktrik kawas si Roesdi doeloer Misnem tea”. Dina “Powé Senén” (“Panganggoeran”, Sipatahoenan, 10 Agustus 1936) aya ungkara, “Sanggeus bérés ngadoktor patoeangan nepi ka moetiktrik siga ki Roesdi lantjeukna Misnem”. Dina “Kawih Ma Ejang” (“Panganggoeran”, Sipatahoenan, 9 Januari 1937) disebut-sebut kieu, “Malah djaman Entjép sakola désa ogé, koengsi matja boekoe Roesdi djeung Misnem anoe maké ngawih Ajang-ajang Goeng téa”.

Dina “Kanjaho-Wetenschap: Djawaban Panoetoep” (Sipatahoenan, 22 Nopémber 1938) aya nu kieu unina: “Bilih resep kénéh milangan boekoe, ngarah tjek Dr itoe, tjek Ir ieu, tjek Mr éta agoelkeuneun di Sip, ngarah gandang-ginding, mangga ladjengkeun njalira baé. Djisim koering mah badé milangan boekoe Mimi-Moesa, Roesdi-Misnem, enz ngarah henteu rendah boeboeden, henteu katelah koe hooger geest, hoe grooter beest, heug baé tjara Ki Tongki, waanzinning”. Hiji deui tina “Lalamoenan Pa Koestinah” (“Panganggoeran”, Sipatahoenan, 29 Agustus 1940), aya gerentes, “dangongna ogé noeroetan gambar dina boekoe Roesdi djeung Misnem”.

Tina naon-naon nu disabit-sabit dina pojok “Panganggoeran” jeung tulisan séjénna nu dipidangkeun dina Sipatahoenan, urang bisa nyindekkeun yén geus ti awal taun 1930-an kénéh buku Roesdi djeung Misnem téh geus dijieun kacapangan, geus dijieun panineungan, geus dijeun bahan kritik dikotomi antara lalaki jeung awéwé, ngan can aya nu peresis maké kekecapan “Euweuh dina Buku Rusdina” baé.

 

Kantun Tibelatna

Sabada urang merdéka dina taun 1945, ngaran Roesdi jeung Misnem katut buku Roesdi djeung Misnem beuki réa kasabit-sabitna, pangpangna jadi dedek angen-angen, panineungan kana bacaan barudak Sunda dina mangsa nu geus kaliwat.

W.J. van der Dussen jeung D.J. Duijnhouwer ngaliwatan Soendaas voor de Practijk (1946) maké ngaran Roesdi keur conto kalimah basa Sunda. F.S. Eringa keur Loetoeng Kasaroeng, een mythologisch verhaal uit West-Java (1949), maké Roesdi djeung Misnem minangka salah sahiji bacaanana. Samalah A.C. Deenik-na sorangan ngasupkeun deui cutatan tina Roesdi djeung Misnem keur bahan bacaeun dina buku Soendaasch Proza en Poezie (1950) jilid kahiji.

Dina Pekan Buku Indonesia 1954 (1954), kasabit-kasabit buku Roesdi djeung Misnem. Antarana kieu, “ ... seperti jang terkandung dalam buku batjaan untuk sekolah rakjat di Pasundan bernama Roesdi djeung Misnem, karena maksud pemerintahan djadjahan sendiri dalam mendirikan sekolah2 rakjat itu hanja sekedar untuk memenuhi kebutuhan kolonialismenja sendiri, karena butuh dengan tenaga2 opas”.

Atuh, Ajip Rosidi geus ti taun 1957 neundeun katineung ka Roesdi djeung Misnem téh, najan tulisanana mah kakara dibukukeun dina taun 1966 dina Dur Pandjak! Apan tulisan “Rusdi jeung Misnem” téh ditulisna di Djakata taun 1957. Dina awal tulisanana, Ajip langsung muji. Geura, “Mun aja nu nanja ka kuring: Buku naon nu pangdipikaresepeunana djeung pangalusna pikeun batjaan barudak di Sakola Ra’jat (Dasar)?; Moal hamham deui kuring tangtu ngadjawab: Buku Rusdi djeung Misnem”.

Ceuk Ajip deui, “Ajeuna mah barudak teh di Sakola Ra’jat geus henteu matja deui Rusdi djeung Misnem. Boa angkatan kuring barudak pangahirna matja Rusdi djeung Misnem di Sakola Ra’jat teh”. Béh dituna Ajip nyarita deui, “Kiwari beunang disebutkeun Sakola Ra’jat (djeung sakola-sakola lianna) teu bogaeun buku batjaan basa Sunda. Anu aja ngan njukupan pikeun ubar puruluk wungkul. Naha kira-kirana moal hadé lamun buku Rusdi djeung Misnem, anu sidik hadé sarta alus, ditjitak deui batjaeun barudak kiwari?” Jawaban Ajip: Henteu. Sabab alamna geus béda, geus robah, nu matak moal kaharti ku barudak sapandeurieunana.

Geus ti taun 1957, Ajip Rosidi ngabahas buku Roesdi djeung Misnem. Sumber: Dur Pandjak! (1966).


Satuluyna aya Oejoeng Soewargana. Dina buku Resep Matja (1958), Oejoeng nerangkeun ku naon pangna loba urang Sunda nu tibelat ku Roesdi djeung Misnem. Kawasna lantaran panasaran, Oejeng nepi ka mapaykeun ka Hidding, nu mémang neuleuman kasundaan dina alam jajahan Walanda. Ceuk Oejeng, “Naon margina sadajana sami tibelat ku buku Rusdi djeung Misnem? Numutkeun pamadeganana Prof. Hidding teu aja sanés, ku djalaran buku aosan Rusdi djeung Misnem mangrupi buku roman murangkalih (‘een kleuterroman’) sapertos buku Ot en Sien ...”.

Oejeng nyabit-nyabit deui Roesdi djeung Misnem dina Memorandum IKAPI Lustrum ke II pada Kongres Kilat di Bandung (1960), Pekembangan Lektur untuk Anak2 di Indonesia (1962), Pendidikan: Prasarana dari Semua Prasarana Pembangunan (1969), bari ungkarana sarua. Kieu ceuk Oejeng, “Kita di Indonesia dulu mengenal tjerita Dick Trom jang dikarang oleh C. John Kieviet dan Pietje Bel karangan Chr. van Abkonde. Kenakalan anak dalam tjerita itu mungkin mendjadi inspirasi dari tjerita2 kenakalan anak2 jang ditjiptakan asli di Indonesia seperti terdapat dalam buku Rusdi djeung Misnem (Djajadiredja), Si Djamin dan Si Djohan (Merari)”.

Dina Batjaan Anak-anak: Pandangan Beberapa Achli (1966), Roesdi djeung Misnem geus jadi buku panineungan nu mawa tibelat, sakumaha nu disebut-sebut ku Oejeng. Lantaran di dinya ditulis, “Banjak hal-hal jang menimbulkan rasa rindu dan pilu dalam buku Rusdi djeung Misnem jang sampai kini masih suka terkenang-kenang. Bila sekarang kurenungkan dan kuingat-ingat lagi tjerita-tjerita tersebut, maka ternjata bahwa sungguh banjak sekali jang sudah kulupakan: nama orang-orangnja, kedjadian-kedjadiannja, keadaan tempat-tempatnja”.

Kakara dina taun 1967 kapanggih aya nu maké kacapangan “euweuh dina buku Rusdina” téh. Kapanggihna tina majalah Baranangsiang, pangpangna dina kalimah ieu, “Euweuh dina buku Rusdina ari tentara tugas maké djeung mekel pamadjikan mah, Njong!” Ari kacapangan lengkepna kakara manggih dina majalah Manglé taun 1969, nyaéta taya dina kamusna, euweuh dina buku Rusdina. Ieu cutatanana, “Taja dina kamusna-euweuh dina buku Rusdina. Kuduna mah ngahékok baé di imah bari ngarep2 hudjan. Mun beurang hajang geura peuting, mun geus peuting hajang geura peuting deui. Kuring téh lain pangantén, tapi tentara!”

Naha enya kitu mimiti mucunghulna dina 1967? Saheulanan mah, lantaran can manggihan nu leuwih heubeul, nya taun 1967 bisa jadi ancer-ancer. Lantaran, naon sababna bet dikantétkeun jeung kamus dina ungkara heulaeunana? Keur jawabna, sigana urang bisa balik deui kana bubuka nu ditepikeun ku A.C. Deenik jeung Djajadiredja dina bukuna: “djabi ti éta aja noe kénging noekil tina élmoe kadjadian, élmoe pepelakan, élmoe sasatoan sareng élmoe boemi”.

Hartina ti anggalna gé geus diniatkeun ngandung pangaweruh nu sipatna énsiklopédis Roesdi djeung Misnem téh. Hartina ti méméhna gé geus hayang nepikeun pangaweruh nu ditimba tina élmu biologi, botani, zoologi, katut géografi. Ku lantaran watekna kitu, nya munasabah mun ana jorojoy di sapandeurieunana kacapangan “taya dina kamusna, euweuh dina buku Rusdina” téh.

Najan dina émprona mah teu ujug-ujug katangén, da mimitina mah nu disabit atawa kasabit téh réa nu lucuna baé. Saperti nu mindeng kapanggih dina tulisan-tulisan nu midang dina pojok “Panganggoeran” koran Sipatahoenan. Atuh sabada merdéka nu nyésa kari panineunganana baé, nu matak kelar-tibelat. Nu maraca bukuna, pangpangna tibelat ku adegan pipisahanana Roesdi katut pupuh Kinanti nu dipaké ngagambarkeunanana.



ATÉP KURNIA
, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di Badan Geologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng; Wabah Sampar di Priangan, 1925-1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar