Vidéo - Étti RS

Rét manéhna kana jam nu naplok luhureun lawang péron, karék satengah lima. Hartina opat satengah jam deui kana piinditeun téh, cukup keur ngareureuhkeun awak kalawan tumaninah. Salila tilu poé awakna dipeleter beurang-peuting, da puguh waktuna samporét. Beurangna ngider nepungan para réspondén nu diwawancara, peutingna teu lésot ti léptop, ngetik hasil wawancara jeung ngunggah poto-poto jeung vidéo rékamanana. Ngahaja nungtut diketikan ambéh teu kaberedeg teuing dina waktuna nyusun bahan préséntasi.

Bieu barang srog ka stasion téh sakedapan manéhna ngahuleng bari nengetan tempat diuk. Taya bangku nu kosong, méh pinuh ku nu dariuk, sawaréhna dieusian ku babawaan kayaning rangsel, kardus oléh-oléh, kérésék badag, jeung barang séjénna. Najan jelema noyék gé teu gandéng, méh taya nu kapireng guntreng ngobrol da masing-masing pogot mencrong kana HP. Boro-boro ngobrol, nanya tamba teu teuing gé asa arang. Paling-paling ngomong téh mun kabeneran aya tempat diuk nu kosong, nanyakeun bisi aya nu bogana. 

Geus diajam ti beurang kénéh rék reureuh tumaninah di stasion téh. Nu kapikir ku manéhna, poé éta moal loba penumpang da lain ahir minggu. Tapi buktina mah méncog tina panyangka. Di tengah minggu alias week day gé angger wé pinuh. Sabot manéhna ngahuleng, aya nu noél ti tukangeunana.

“Pa, badé calik? Palih ditu aya nu kosong.” Nu noél téh budak rumaja lalaki, bari curukna nunjuk ka lebah pot kembang nu daunna gomplok.

“Nuhun, Cép,” témbalna bari jung muru tempat nu dituduhkeun.

Enya wé aya bangku kosong, cukup keur tiluaneun mah. Taya nu ngeusian téh kawasna teu katarempoeun da kahalangan pot kembang tur rada jolok tukangeun tumpukan kardus galedé. Sanggeus ngécagkeun rangsel kana bangku, manéhna teu sirikna meubeutkeun manéh kana bangku. Awakna nyangsaya kana ransel, sukuna nyanghunjar. Bangku tiluaneun téh dipaké ku sorangan.

Geus tumaninah kitu mah tuluy manéhna ngaluarkeun HP. Mani pinuh wangkongan dina WhatsApp nu can dibukaan, pangpangna dina grup. Unggal grup ukur diklik wé, teu dibaca. Sabenerna manéhna mah tara pangangguran maca sakabéh wangkongan. Komo dina grup nu “mulitik” mah, sok langsung dipupus wé postingan-postinganana téh. Grup WA dina HP-na aya kana puluhna, ti mimiti grup alumni SMP, SMA, kuliah, organisasi, nepi ka komunitas laleutik. Ari grup WA nu sari-sari mulitik, éta mah lain kahayangna jadi anggota grup, tapi diasupkeun ku batur. 

Nu mimiti dipupusan téh postingan potrét-potrét nu minuhan unggal grup WA, tuluy kana vidéo. Manéhna muka salah sahiji vidéo, eusina acara G20 di Bali. Rada uleng mencrong éta vidéo téh, aya rasa reueus dina dadana, reueus ka lemah cai nu didatangan ku para kapala nagara. Vidéo-vidéo saterusna nu aya dina grup téh langsung dipupusan da katémbongeun méh kabéh eusina acara G20. Di antara notifikasi dina wangkongan pribadi, aya kiriman lima vidéo ti hiji nomer nu teu kacatet dina mémori. Tina kaver nu témbong mah, méh sarimbag jeung vidéo G20, tapi naha bet ngirimna salima-lima. Manéhna jadi panasaran, vidéo kahiji dibuka.

Sihoréng eusina mah lain acara G20, malah sacara topik mah taya patalina pisan. Eusina téh sabangsa animasi carita wayang, duméh dina layar munggaran aya bacaan Mayapada to Marcapada. Ilustrasi latarna éndah pisan, warna héjo zamrud adu manis jeung konéng saulas ditambah awuran titik-titik beureum kasumba. Dina layar kadua mintonkeun adegan di hiji rohangan sigrong nu paparabotanana sarwa konéng emas. Pantesna téh di jero istana. Hiji lalaki gagah maké setélan jas hideung, kaméja bodas, jeung dasi biru; diuk dina korsi jangkung keur dideuheusan ku lalaki tiluan, sarua maké jas ngan béda warna. Nilik kana adeganana mah kawas présidén nu keur dideuheusan ku para menterina. Sacara durasi, éta adegan leuwih mentingkeun ilustrasi batan narasi atawa dialogna. Ukur aya téks Batara Guru di Gedong Maharupa maké dua basa, Sunda jeung Inggris. Aya sora dialogna, “Kaula mahasakti nu wenang disembah tur teu wenang nyembah,” ceuk Batara Guru. “Nyakséni, kaulanun,” témbal nu tiluan rampak. Éta dialog gé maké téks basa Inggris.

Tina ngaran tokoh jeung dialogna, manéhna yakin yén sumber éta animasi téh tina carita wayang. Tarangna kerung, rada teu panuju kana pintonan dina vidéo, piraku tokoh carita klasik didangdanan pakéan modéren, asa ningnang; ajén karyana teu ka ditu, teu ka dieu. Pikeun manéhna mah, karya klasik kudu digarap klasik deui, pangpangna dina urusan artistikna. Najan bari kerung tapi dina dasar atina manéhna muji ka kréator éta video, imajinasina liar tur jarambah ngaliwatan wates-wates pakem. Manéhna gé mikir, boa garapan kitu téh salah sahiji cara ngalanggengkeun karya-karya klasik sangkan hirup ti mangsa ka mangsa tur dipikawanoh ku unggal génerasi. 

Sabot panonna mencrong kana vidéo, ingetanana kahudang deui kana kajadian dalapan taun ka tukang. Mun ras ka dinya téh manéhna sok gegebegan, haténa lelenyapan, tuluy hareudang da sok ngadadak bijil késang. Harita manéhna kungsi leungit CD paméré Dalang Raksa, salah saurang dalang kahot tur kawentar. Eusi CD téh cenah rékaman pintonan wayang ruatan, basa Dalang Raksa diangkir ngawayang ku salah saurang tokoh nu ngaruat incuna. Pikeun manéhna mah, éta CD téh jadi dokumén nu mibanda ajén penting. Dianggap ajén penting téh sabab eusina rékaman hiji tokoh dalang nu jejem kana tetekon padalangan. Dalang Raksa mah teu tuturut usum ku ngorbankeun pakem saperti nyieun pintonan nu durasina satengah nepi ka dua jam, atawa maké tokoh ciciptan anyar dina wayangna, sarta mintonkeun adegan réalis kawas umumna dalang harita. Ku sabab kitu, beuki lila mah Dalang Raksa arang aya nu nanggap, malah nepi ka pet pisan.

“Ieu mah ngawaris wé ka Ujang, bari mihapé ulah leungit bisi jaga dina hiji waktu aya nu haat ngoréhan tali paranti karuhun. Bapa percaya, ku Ujang moal dimomorékeun,” ceuk Dalang Raksa basa manéhna ngahaja nganjang rék wawancara keur kaperluan panalungtikanana.

“Duh, hatur nuhun. Abdi bagja pisan kénging ieu warisan. Insya Alloh badé didamel jimat,” témbal manéhna bari éta CD diantelkeun kana embun-embunanana.

 “Éta téh pintonan pamungkas ti Bapa, boh ngaruatna, boh ngawayangna,” pokna deui.

“Ah, piraku pamungkas? Pan ayeuna ngawitan deui seueur nu resepeun nongton wayang, Pa!”

“Resepeun sotéh kana lalakon jang hiburan wungkul. Lalakon wayang ruatan mah bakal leungit palid ku jaman. Moal aya deui nu haat ngaruat, komo bari nanggap wayang mah,” témbal Dalang Raksa bari teuteupna lir nu nyawang ka jauhna. 

Sabulan ti harita, Dalang Raksa tilar dunya sabada sapoé sapeuting dirawat di rumah sakit alatan panyakit jantung. Prihatinna teu bisa diukur ditilar mulang ku Dalang Raksa téh. Manéhna ngarasa tacan munel ngundeur pangalaman jeung pangaweruh ti Dalang Raksa. Tapi di satukangeun éta, manéhna ngarasa bagja jeung reueus geus diwaris CD téa. Manéhna ngarasa éta CD bakal jadi hiji barang antik, unik, tur luhur ajénna; malah manéhna nyaruakeun jeung lukisan nu hargana sok undak manglipet-lipet sanggeus pelukisna taya di kieuna. Ku reueus-reueusna, éta CD téh sasat saban poé digégémbol ka mamana, ditémbongkeun jeung dicaritakeun ka sasaha. Saréréa nu kungsi didongéngan nyebutkeun yén manéhna gedé milik boga harta karun. 

Musibah nu pohara beuratna karasaeun basa manéhna sadar yén CD warisan Dalang Raksa bener-bener leungit. Mimitina mah teu pati dipikiran da ceuk anggapanana paling ogé tinggaleun di sékrétariat, tempat manéhna ngariung jeung komunitasna. Rohangan sékrétariat nu teu pati lega téh dikotéktak sababaraha kali, unggal juru teu sirikna dipolototan, buku-buku dina erak dibukaan hiji-hiji, kardus-kardus diungkaban, nepi ka wadah runtah gé dikoréhan. Babaturanana nu nyahoeun kana éta musibah, méh kabéh nganaha-naha, ku naon cenah éta CD téh teu dijieun salinanana, atawa dipindahkeun kana komputer. Sawaréh deui nyalahkeun, cenah tuda mani didadagangkeun ka sasaha boga harta karun téh, jadi wé aya nu kabitaeun. Geus taak ngotéktak, manéhna nyieun status dina Facebook, eusina rada nyayémbara yén sing saha nu manggihkeun éta CD, bakal aya buruhan. Salian ti kitu, manéhna gé terus-terusan ngoréhan Youtube, susuganan aya nu manggihan terus pangangguran diunggah kana Youtube. Geus béak-déngkak kokoréh dina internét, manéhna mapay-mapay perpustakaan, museum, jeung ka sababaraha urang koléktor CD atawa kasét; angger teu manggih raratan-raratanana acan. Pikeun nyacapkeun kapanasaran, manéhna nepungan kulawarga Dalang Raksa, susuganan aya kénéh nu ngampihan salinan éta CD. Kulawargana gé kabéh gideug, malah teu nyarahoeun-nyarahoeun acan aya CD ngaruat. Nya kitu deui para nayaga nu kungsi jadi anak buah Dalang Raksa, hiji gé taya nu pangangguran ngampihan.

*

Vidéo katilu mintonkeun adegan di sisi kolam renang; hiji wanoja rancunit keur nangkarak dina korsi santéy paranti reureuh nu tas ngarojay. Buukna nu hideung meles ngarumbay ngaliwatan taktak nepi kana dadana. Sukuna nu jangjing konéng ngalonjor nepi ka tungtung korsi. Kulitna umyang kasorot panonpoé nu rék manceran, kontras jeung bikini pulas gandola nu dipakéna. Sarua jeung vidéo saméméhna, ieu gé ilustrasina éndah pisan, ngadumaniskeun warna-warna hurung jeung latar alam sabudeureun. Aya kukupu nu keur arulin luhureun kekembangan di taman, warna cai nu ririakan antara héjo jeung biru, sarta gunung nu ngalamuk paul minangka latar pangjauhna. Dina éta layar aya tulisan, dua basa, Déwi Tanana di Marcapada. Maca éta tulisan téh, manéhna ngagerenyem, “Carita Batara Kala,” pokna. Layar saterusna mintonkeun adegan Batara Guru keur nangtung nyanghareup ka Déwi Tanana nu masih nyangsaya dina korsi santéy, sarta antara duanana aya dialog: 

Anjeun ngageunjleungkeun marcapada parat ka mayapada. Kabéh kaganggu, kaasup kaula,” ceuk Batara Guru bari ngaléngkah ngadeukeutan.

Déwi Tanana némbal, “Mun anjeun bisa kaganggu ku pantar kuring, hartina anjeun henteu sakti tur teu wenang disembah.”

Beungeut Batara Guru di-zoom nepi ka ébréh euceuyna, panonna mencrong ka Déwi Tanana, teu ngiceup-ngiceup kawas nu hookeun, saterusna kikiceupan kerep pisan. Latar langit dina ilustrasina robah warna, tina biru saulas jadi pulas layung hurung.

Adegan Déwi Tanana keur dibeberik ku Batara Guru aya dina vidéo kaopat. Basa Déwi Tanana méh katéwak, pok manéhna ngomong, “Kalakuan anjeun kawas buta angkara murka.” Dadak sakala Batara Guru mindah rupa jadi buta harelung jangkung, sihungna ranggéténg, panonna bolotot hurung, sarta napsu kalalakianana beuki rosa. Ngarasa rék kasoran, Déwi Tanana ngaluncatan pager kawat. Tapi teu ku hanteu bikinina tikait nepi ka ngaliglag sabeulah. Mireungeuh kitu, napsu kalalakian si Buta Guru teu kaampeuh, ahirna ngudupruk nyuuh sarta ngeclakkeun kama kana taneuh. Vidéo dipungkas ku ilustrasi murudulna gambar spérma tina taneuh nu dikeclakan kama, haliber paburencay muru sagara nu keur motah ngagalura.

Vidéo kalima minangka nu pamungkas, durasina kaitung panglilana dibandingkeun jeung nu saméméhna. Eusina mintonkeun tilu buta ngajajar, gedéna nungturun dumasar umur. Buta orok, rumaja, jeung déwasa; sarta aya tulisan dua jajar, Sang Kala gelar ka dunya jeung Sang Kala moro manusa. Tilu buta téh di-zoom hiji-hiji. Orok keur roroésan, ngambang dina beungeut laut bari o’a-o’aan pasawur jeung séah ombak. Buta rumaja ukur dicalana pondok keur lulumpatan di hiji tegalan bari gogorowokan, “Lapaaar … lapaaar … lapaar …!” cenah. Saterusna adegan buta déwasa nu harelung jangkung ranggéténg sihung keur ngungudag jalma dina wanci sareupna. Cahaya dina ilustrasina méh poék, ukur témbong reyem-reyem cahaya panonpoé nu rék tilem. Layar panungtung midangkeun rupa-rupa kadaharan jeung inuman, disambung ku sawatara tutuwuhan jeung kekembangan. Panungtung pisan midangkeun ilustrasi walungan jeung séah caina, riak palidna dijajap sorot kaméra nepi ka muhara, laju tepung jeung biwir sagara. Palebah ilustrasi nu panungtung mah aya narator dalang, “Sang Kala siloka pikeun manusa, nu teu weléh diintip bahla. Muarana, manusa mangka waspada. Rembagan urang pungkas, tutup lawang sigotaka.”

Barang mireng sora dalang dina narasi pamungkas, manéhna ngaranjug, reuwas. Awakna ngadadak hareudang, késang bijil saawak-awak dibarung ku muriding. Rék teu reuwas kumaha, atuda aya hiji kecap nu jadi ciri mandiri hiji dalang tur sorana écés pisan teu bisa dipaling. Sora Dalang Raksa. Teg! Manéhna yakin éta vidéo téh sumberna tina CD bogana nu leungit dalapan taun ka tukang.*** 


Bandung, Nopémber 2022




ETTI RS, lahir di Ciamis taun 1958. Dina sastra Sunda leuwih dipikawanoh minangka panyajak. Buku kumpulan sajakna nyaéta Jamparing (1984), Gondéwa (1987), Maung Bayangan (1994), jeung Serat Panineungan (2008). Kungsi dilélér hadiah sastra Rancagé keur bukuna Maung Bayangan jeung Serat Panineungan.

Posting Komentar

1 Komentar