Mégananda - Yus R. Ismail

Ilustrasi: Laksmana jeung Indrajit (1775-1800), koleksi Walters Art Museum 

 

Indrajit nangtung luhureun batu bari rarasaanana mah guligah. Amarah, nalangsa, honcéwang, lewang, ringrang. Bet pagaliwota dina dadana. Neuteup anu perang patémprang-témprang, silih piting silih banting, silih tigas silih papas, di ditu di lebak, asa hayang ngagorowok. Hayang ngamuk nguwak-ngawik ngabudalkeun kaguligahna. Tapi ngamuk téh ngamuk ka saha? Ngamuk keur naon?

Bray lelembutanana ngempray. Neuteup nu perang, sidik pasukan wanara anu dikokojoan ku Sugriwa beuki kurang ajar. Soldadu Aléngka anu ngajungkiring tanding caringin bet kadéséh. 

“Perang Aléngka téh kudu gancang dipungkas,” gerentes Indrajit. Gerentes anu saukur kaluar tina tungtung biwirna, lain tina haténa. Komo tina haté anu pangjerona. 

Indrajit brangta. Kacida nalangsana nyakséni nagri anu dipicinta lir tangkal rungkad kacabut jeung akar-akarna. Rasa nyaah anu tadi ngagedurkeun amarah basa ngadep rama Dasamuka, ngahiang duka ka mana. Indrajit diistrénan jadi sénapati pikeun ngaluluguan pasukan Aléngka, ngabendung pasukan wanara anu ngagulidag lir caah rongkah.

Tapi ayeuna, nyérangkeun salila-lila anu perang ancur-ancuran, rarasaanana bet guligah. Naha ku naon? Indrajit rus-ras ka ditu ka dieu. Basa jamparing nagapasa dipentang, haténa mah bet ngabalieur. 

“Maranéhna angger musuh anu geus ngancurleburkeun nagara. Aléngka anu kawasa kudu ditanjeurkeun,” gerentesna, duka ka saha, duka hayang didéngé ku saha. Jamparing téh dilelempeng ka lebah pasukan wanara anu jlung-jleng tarakal-térékel hésé dituturkeun ku panénjo biasa. 

Tapi gondéwa anu geus melengkung rengkeng téh ngendoran deui. Tungtungna jamparing téh kalah murag. Kakara harita, kakara sakali harita, Indrajit ngarasa guligah tan watesan. Pantrangan pikeun satria mah ngalempengkeun gondéwa anu geus melengkung. Tapi pantrangan téh henteu aya hartina harita mah. Padahal perang keur ancur-ancuran, bitotama miharep nagapasa ngaraja di médan danalaga.

Indrajit ngarasa guligah téh henteu ujug-ujug. Da enya, di ieu marcapada moal aya anu ujug-ujug. Alam apan geus ngajarkeun hukum sabab jeung akibatna. Indrajit ras inget ka amangna anu dipihormat dipicinta, Gunawan Wibisana, anu tungtungna biluk ka musuh. Amang anu luhur budina, pinter alah batan para déwa, tungtungna téga ninggalkeun kulawarga, dulur, rahayatna, jeung nagara anu dipicinta. Lantaran naon?

“Sapanjang sistem pamaréntahan kawas kieu, cara-cara milih pamingpin angger kotorna, nagara téh saukur tempat keur anu ngungudag kakawasaan. Lain tempat babakti keur anu micinta lemah caina. Karahayuan rahayat ukur catur tanpa bukur, ukur slogan. Saha anu réla ngawur-ngawur duit mangjuta-juta, mangmilyar-milyar, mangtrilyun-trilyun bari henteu miharep balik deui sabada kapilih jadi pamingpin?”

Indrajit inget, amangna kungsi ngangluh bari ngawada kitu ka rama Dasamuka. Anu pangpangna dikritik téh nyaéta pasaratan pikeun nyalonkeun diri jadi bupati, gubernur, wakil rakyat, jeung pajabat di dinas pamaréntahan. Pamaréntah ngawajibkeun para calon téh setor kana kas nagara. 

“Najan henteu dikudukeun setor, angger dana miliaran téh kudu kaluar keur kampanyeu. Ngabagikeun sembako ka masarakat, nyumbang itu nyumbang ieu keur pasilitas umum atawa ormas, masangkeun poster jeung baliho, ngayakeun acara-acara anu ngeprak rahayat, acan deuih pangleuleueur keur anu nyatujuan jabatan. Éta téh lain duit saeutik. Ratusan juta nepi ka miliaran kudu aya,” témbal Dasamuka henteu éléh ketak.

“Muhun, tapi antukna korupsi mahabu di mana-mana.” 

“Mémangna aya pajabat anu henteu korupsi? Dina ayana ogé, saurang tina sarébu urang.”

Pacéngkadan anu kawas kitu anu beuki mindeng jeung ngalegaan di kulawarga Aléngka téh. Indrajit ras ka mangsa ngagedur sumangetna ngipuk, ngajaring, jeung ngaping generasi ngora anu engeuh kana pulitik. Generasi X anu tumuwuh ti organisasi kapamudaan, kamahasiswaan, tempat-tempat ibadah, paguron-paguron luhur. Tapi saurang demi saurang generasi harepan téh peunggas, runtuh, malah rungkad. Nalika dipercaya ku partéy sarta saterusna dipilih ku masarakat jadi wakil rahayat, pajabat pamaréntahan, maranéhna henteu tahan méntal jeung iman diserang virus korupsi. Réa anu dicangkalak ku Komisi Pemberantasan Korupsi. Bédana jeung generasi saheulaeunana, maranéhna wani ngadabrul sabada kaluar ti bui.

“Contona korupsi kartu penduduk éléktronik. Saacan proyék diténderkeun ogé geus di-mark up dua satengah triliun. Geus diitung untungna sabaraha, keur wakil rahayat sabaraha, Menteri Dalam Negeri sabaraha, pengusaha sabaraha, jeung ka handapna sabaraha,” ceuk tokoh ngora sabada kaluar ti bui. 

Indrajit molohok lalajo éta wawancara dina telepisi, sarta terus viral dina média sosial. Sarua hémengna jeung basa nyaksian putusan Mahkamah Agung ngurangan hukuman Menteri Kelautan jeung Perikanan anu dicangkalak alatan korupsi. Alesanana, basa jadi menteri gawéna hadé. Atuh dina médsos réa anu ngékéak: mun hadé mah meureun moal korupsi euy ...! Réa deui kajadian anu badis bobodoran di sakuliah nagri. Harita girimis mimiti turun. Indrajit henteu sadar aya anu ngalémbéréh tina tungtung panonna. Ras inget ka rahayat panghandapna anu ngantri minyak goréng, ngantri bahan bakar, ngocéak ku hahargaan naraék, kurah-koréh lir hayam néangan kadaharan saharitaeun, ngalémbéréh citangis dina pipi kanyos sabada puasa lain dina waktuna; sakabéhna henteu bisa dikadalian ku pamaréntah.

“Ancur harepan téh sabada generasi ngora ogé henteu wasa nyingkahan korupsi. Kawani, kapinteran, sikep kritis, burakrakan ku pangolo korupsi,” gerentes Indrajit. “Nepi ka iraha nagara téh bakal dikakaya virus korupsi? Virus Kovid-19 bisa disingkahan ku masker, virus korupsi kumaha ngajauhanana?”

Indrajit ngalenyap basa aya angin ngahiliwir nebak pundukna. Ras Indrajit ka mangsa katukang. Lamun keur guligah kitu téh sok aya anu datang, anu ngupahan. Datangna téh biasana lumpat semu ngalayang.

“Entong putus harepan, Anaking,” ceuk sora anu miheulaan wujudna. Acan anggeus éta sora, Gunawan Wibisana ngabedega hareupen alona. “Masih réa anu henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan.” 

“Saha anu henteu unggut kalinduan henteu gedag kaanginan téh, Mang?”

“Anjeun, Anaking. Amang ogé taya reureuhna pengkuh kana kolbu mertahankeun kaimanan. Enya ogé réa priyayi korupsi, kaasup generasi ngora harepan bangsa anu boboléh, urang mah masih panceg dina kayakinan. Urang mah ancrub jeung kokojayan di leuwi pulitik téh henteu karana jabatan, lain lantaran harta. Tapi enyaan nyaah ka lemah cai, ngaping jeung ngajaring rahayat, miara ieu marcapada, alam pawenangan tempat sakabéh mahluk-Na kumelendang.”

“Tapi haté téh bet guligah, Mang. Sajarah téh geuning puputeran siga korsél, kasampeur deui-kasampeur deui borok jaman téh. Unggal generasi ngora kurang kumaha héroikna nentang kasawenangan jeung korupsi, tapi tungtungna boboléh sabada dipercaya ngaganti anu dilawanna. Angkatan 66, Angkatan 70-an, Angkatan 98, anu pengkuh nyepeng jangji mah anu henteu ilubiung dina pulitik, anu henteu ngajabat nanaon. Anu alancrub kana pulitik, naha karakter pribadina kotor, atawa sakadar boboléh ku sistem jeung kokotor dunya, burakrakan idéalismeuna. Tungtungna sakadar ngudag panghormat, kakayaan, jeung haliah dunya séjénna. Rasa téh bet guligah unggal nyanghareupan pemilihan umum.” 

“Wajar aya rasa samodél kitu, Anaking. Entong boro anjeun anu ngaping jeung ngajaring tumuwuhna sirung-sirung harepan generasi ngora di dunya pulitik, cacah kuricakan ogé anu mikanyaah mah ka lemah caina, pasti ngarasa hanjelu nyakséni generasi ngora nepi ka bobor karahayuan ku panggoda korupsi.”

“Janten, kedah kumaha atuh urang téh ayeuna, Mang? Alo mah ngaraos poékeun naon anu kedah dipilampah.”

“Lamun para priyayi henteu bisa dipercaya deui, pengkuh pikeun mertahankeun beresihna institusi anu ku anjeun dipingpin. Babakti ka lemah cai mah taya laasna. Amang ogé ngaping jeung ngajaring institusi anu dipingpin. Amang anjeung anu lain, akang Kumbakarna, ogé satria pinilih anu moal unggut kalinduan moal gedag kaanginan najan diolo ku harta sadunya. Moal aya korupsi jeung kasawenangan dina émutan jeung pangrasana. Sahenteuna éta anu kudu dilakukeun. Pancegkeun iman, kuatkeun diri, pengkuhkeun kayakinan.” 

Obrolan saperti kitu téh lumangsung sababaraha taun katukang. Saterusna aya kajadian anu leuwih kacow deui. Dasamuka nyulik Sinta. Rama jeung Laksmana ngaluluguan pasukan anu sakitu tohagana pikeun ngarebut Sinta. Henteu aya anu sanggup ngolo Dasamuka pikeun mulangkeun Sinta. Kumbakarna, Gunawan Wibisana, malah Indrajit sorangan, ti mimiti ngolo nepi ka pagétréng nyawalakeun perkara Sinta. Gunawan Wibisana mah saterusna ngabélot mihak ka Rama jeung Laksmana, Kumbakarna perang ancur-ancuran tapi diniatan ngabéla nagara lain ngarojong kana napsu Dasamuka.

Mimitina Indrajit saperti karéréaan rahayat Aléngka, nganggap Gunawan Wibisana téh hianat. Tapi sabada dirina sorangan guligah nyanghareupan peperangan mertahankeun napsu merekedeweng, beuki kaharti kunaon Mang Gunawan Wibisana ngabélot. Malah kapikiran pikeun nuturkeun léngkah amangna, tapi gancang dikenyed pikiran téh. Sinatria Aléngka tetap kudu jadi sinatria Aléngka. Kapikiran ogé nurutan Mang Kumbakarna, ngalempengkeun niat perang ngabéla lemah cai anu diacak-acak deungeun. Tapi haté téh henteu réla. Henteu ludeung ngabéla angkara murka jeung kokotor korupsi, kasawenangan, anu puluhan taun dilakukeun pamaréntahan jeung wakil rakyat. 

Matakna basa mentang jamparing nagapasa, haté jeung pikiran Indrajit mah ngalayang duka ka mana. Béda jeung nagapasa anu terus ngalayang meulah langit, jadi rébuan jumlahna, barang cleb kana lemah atawa waruga musuh mindarupa jadi oray anu gangas jeung peurahna matih. Pasukan wanara ngajarerit, bubar katawuran tapi terus patinggolépak teu kuat nandangan matihna peurah. Rama jeung Laksmana ogé dikepung rébuan oray. Barang aya anu cok hiji kana badan dua sinatria Kosala teras muriang jeung leuleus taya tangan pangawasa.

Eta anu dihariwangkeun ku Gunawan Wibisana salila ngabdi ka Sri Rama. Matakna sabada nyakseni pasukan wanara patinggolépak, Sri Rama sareng Laksmana nyalira leuleus sareng muriang, Gunawan Wibisana mentangkeun jamparing saktina. Jamparing téh melesat ka langit, basa turun deui nutug bumi jumlahna jadi ngarébu teras mindah rupa jadi manuk heulang pating kalayang, nyirorot nyamberan oray wujud nagapasa. 

“Mégananda, Anaking,” saur Gunawan Wibisana. 

Indrajit ngagebeg. Geus lila pisan henteu aya anu ngagentraan ngaran keur bolonna. Pasti Mang Gunawan Wibisana, anu hianat ka nagara. Tapi duka kumaha Indrajit kalah tungkul bakat ku ajrih. 

“Amang ngarti, anjeun guligah, Anaking,” saur Gunawan Wibisana sabada aya di hareupeun alona. “Lantaran anjeun ogé pasti henteu satuju jeung sikep bapa hidep, lanceuk Amang, Dasamuka. Nagara diantep ancur-ancuran asal napsuna ngapimilik Sinta dirojong ku partéy pulitik. Pajabat jeung wakil rakyat anu korupsi ampir sakabéh anggaran, ngabagi-bagi kakayaan nagara saukur keur kelompok jeung kulawargana wungkul; diantep asal ngadukung hawa napsuna.” 

“Adduuhh, Hapunten Amang. Sigana éta pisan anu jadi karudet dina haté,” Indrajit ngajerit, terus nyaluuh kana pangkonan amangna. 

“Anjeun guligah lantaran anjeun mah henteu kawas Dasamuka katut pajabat jeung wakil rakyat anu korupsi taya towongna,” saur Gunawan Wibisana. “Waktuna Anaking, anjeun apal rusiah diri.”

Gunawan Wibisana teras ngadadarkeun lalakon mangsa Indrajit gumelar ka alam dunya. Keur bolon mah pada nyebut Mégananda, lantaran saenyana asalna téh tina méga. Harita basa praméswari Aléngka nuju bobot, aya haréwos goib, cenah anu bakal lahir téh titisan wanoja tukang ngulik pangarti anu wastana Widawati. Ari Widawati nyatana impian Dasamuka mangsa mangkat rumaja anu henteu kalaksanakeun. Atuh Dasamuka kedal ucap aya sir pikeun nikah ka putrana nyalira lamun lahir mirupa Widawati. 

Untungna basa praméswari ngalahirkeun, Dasamuka nuju ngalanglang ka luar kota. Orok téh tuluy dipalidkeun ka walungan. Cenah di nagara Mantili, éta orok dina kotak kai téh kapendak ku Raja Janaka. Teras dicandak, dipikanyaah lir ka putrana nyalira. Dibéré ngaran Sinta.

Gaganti orok anu dipalidkeun, Gunawan Wibisana tuluy mujasmedi ka Hyang Agung. Nya méga anu harita ngadingding di langit robah jadi orok. Dasamuka kuciwa ningal putrana pameget. Orok téh dibuntang-banting. Tapi ti batan perlaya, orok téh kalah beuki kuat kacida. Dasamuka ogé terasna mah ngangken putra ka orok sakti anu dinamian Mégananda téh.

Indrajit leuleus ngadéngé rusiah lalakonna. “Janten, kedah kumaha atuh Alo téh, Mang?” sorana dareuda. 

“Saha anu wawuh ka dirina bakal wawuh ka Gustina.”

Indrajit alias Mégananda tuluy ménta dibalikkeun deui ka wujud asalna. Manéhna terus mujasmedi. Gunawan Wibisan ngadu’a bari mentangkeun pusaka jamparing dipasanjata. Basa tungtung dipasanjata keuna kana kulit Méganada, éta putra mahkota Aléngka téh salin jinis jadi haseup anu mumbul ka langit. 

Girimis turun. Citangis Mégananda keur Aléngka, nagri anu dipicintana, nagri anu burakrakan alatan napsu kasarakahan.





YUS R. ISMAIL, ngarang dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Réa carponna anu kungsi dimuat dina Mangle, Tribun Jabar, Galura, Pikiran Rakyat, Republika, Media Indonesia, Kompas.id, detik.com, Jawa Pos, Kedaulatan Rakyat, Solo Pos, jrrd. Ayeuna nganjrek di Rancakalong, ngarang jeung tani kekembangan.

Posting Komentar

0 Komentar