Mon Amour - Sajak-sajak Budi Mugia Raspati

Ilustrasi: La Tour Eiffel kénging Diégo Rivera (1919).


MON AMOUR

Taya deui nu matak kataji sajeroning rumanggieung di kota Paris.
Iwal ti lampu-lampu Eiffel nu tingkaretip, turta baramaén nu haben ngagugulung kabingung. 
Da geuning salira mah kalah guligah teu nyaho di wayah.

Manéhna ngabigeu dina korsi trém nu teu purun mangprung.
Ah, boro-boro aya nu ngagelik batur cunggelik, kalah témbong uncuing tingalabring,
heulang tingkalayang, kila-kila yén hiji kota bakal leungiteun komara.

Biheung urang bakal tepung deui jeung matapoé jeroeun haté.
Manakomo tangéh pigeusaneun langit sinangling.
Galeuhna mah teu pira hayang ngaleukeunan nu tamba kawaranan.

 
2022




CAPPELLA SISTINA SENTIMENTALE
 
Sada loncéng di Kapel Sistina mawa hibar pikeun umat sakumna.
Matak hayang reureuh bari ngararasakeun éndahna lalangit Michelangelo.
Tong digeuingkeun mun kuring tibra dipépéndé sakramén simpé.
 
Bet tuluy inget ka Golgota:
Eli, Eli, Lama Sabakhtani!
 
Di dieu kuring rék sumerah, sugan bisa miceun guligah nu betah teu ingkah-ingkah.
Di dieu kuring ogé rék milu ngadunga, najan Pangéran urang béda.                                           
Kapan sakabéh dunga mah sarua, jalan manusa pikeun ka sawarga.
 
Tapi di dieu,
cipanon kuring salju,
ngeprul ti langit nu lian.


2022




JAZZ IMPROVISASI
--- variasi keur Louis Armstrong
 
Aya sora salira nu peura, Satchmo,
lain keur nyaritakeun dunya nu éndah,
atawa implengan héjo daun jeung kembang eros beureum. 
Basa hiji komposisi kapireng hawar-hawar ti lebah Blue Note.
 
Keun antepkeun, tarompét mah sina ngabangingik
sapanjang trotoar di Rampart Street.
Bari mapay-mapay laratan salira dina sésa-sésa marijuana.
Nalika beurang bayeungyang jibrug ku késang.
 
Urang catet ieu komposisi petingan dina dada anu raca.
Nu mangsina tina sésa-sésa cimata kateudaya.
Keun wirahma mah sina sadrah néangan rohang séwang-séwangan.
Tina jentréng, tina gelik, tina ceurik, nu teu kapimilik.
 

2023

 
 
LA MÉMOIRE
 
Basa cimata ngucur tina botol-botol anggur,
sabot angin ngabarubahkeun kingkin,
rék ka mana deui urang néangan harepan
pikeun ngajangkepkeun impian sangkan tinekanan?
 
Jalan tarahal mana deui nu rék disorang
satutasna lalampahan hujan bodas lekasan?
Saméméh léngkah urang kapahung dina bangku taman nu katirisan.
 
Sanggeus sugema ngeukeupan pirang-pirang kota
nu weléh ninggalkeun tapak-tapak rusiah,
naha isuk jaganing géto urang bakal ngalakonan deui carita nu sarua?
 

2023
 

 
IN PARADISUM*
 
Geura urang regepkeun,
kawasna mah rajah pikeun arwah-arwah nu keur marudah:
 
In paradisum
Deducant te Angeli…*
 
Sabada rekuiem simpé ninggalkeun cimata,
sabot ajal ngolébat dipapag sandékala.
 
Wur! Awur!
Kekebul tingalawur,
ngeprul saalak paul.
Tina mangjuta raga nu tinggal asma.
 
Ngan bisa meredih ka Gusti,
Tapi teu bisa nyusun ungkara sangkan jadi dunga.
 
Geura urang hariringkeun,
dipasieup ku instruméntalia melankolia:
 
In tou adventu
Suscipiant te martyres…*
 
Aya nu leuwih beueus batan cimata,
malidkeun épitaf-épitaf lukutan tangka ngamuara di sawarga.
 

2023
 
*tina rekuiem Gabriel Faure, nu judulna “In Paradisum”

 



BUDI MUGIA RASPATI
pituin urang Ciwidey, brol ping 23 Januari 1972. Sapopoéna mancén gawé jadi ASN di Kemenkeu. Nulis dina basa Indonesia jeung basa Sunda. Resep pisan kana maca, ngadéngékeun musik, lalajo pilem, olahraga, ngalancong, ogé kulinér. 

Posting Komentar

0 Komentar