Daun Puring - Sajak-sajak Arom Hidayat

Ilustrasi: Vitebsk, Village Scene, kénging Marc Chagall (1917)


DAUN PURING
 
Kuring ibing daun puring
diulinkeun angin laun. Ka tonggoh ka lebak
guk-gok jalan satapak.
Aya kénéh sora manéhna tah... ngelak di bubulak.
 
Anjeun bareng jeung rabeng
sabubuhan kalakay semu hideung.
Mumbul ngoléang murag kana taneuh.
bangun deudeuh. 

Enya, kuring jeung anjeun
hiji mangsa rajeun nepungan maranéhna.
Nu geus taya di kieuna
ukur aya dina sacewir keretas, eusina sajak.

2023



  
SANGGEUS PARTISIPATORIS

Asa enya jadi ajag
basa milu ruang-riung
ngepung tangtungan sorangan.

Asa enya jadi maung
basa balik ruang-riung
mamawa tangtungan sorangan.

Asa enya ngotrétkeun sajak
nepikeun kereteg angen
hanjakal sasoranganeun.

2023
 


SAMÉTER TINA TROTOAR

Dina panyarandéan hiji bangku taman karahaan
Wétaneun alun-alun panggih jeung sapasang ngaran
Geus lawas tangtuna---boléas hideung
Dina saulas pulas kai jati ngelemeng

Antara pot kembang nu teu kapiara
Tangkalna gararing daunna ngararas
Geus lawas tangtuna---bareng jeung kuncup kembang
Nu dipipit sapasang ngaran

2023
 
 

TI HARITA

Sada léngkah anu suda
di dieu dina jero dada.
Néangan hartina naon
jeung naon hartina (tanpa tanda tanya).

Sajak téh awak nu rengkung, ngajepat jadi sasak
geusan maranéhna meuntas.
Sajak téh nyawa, nu ringkung mawa
sora-sora nu sungkawa.

Sada léngkah anu suda
beuki lila beuki jauh.
Ninggalkeun anu galécok, guk-gok
dina jero dada.

2023
 


HAREUPEUN GEDONG MERDÉKA

Teu kaop pok nyarita
Kasilep ku sora kota
 
Teu kaur jep jempé
Kasawur ku sora haté

2023
 


BAGÉAN NU LEUNGIT

Kecap-kecap kalah bacacar
Basa hiji kalimah can parat diudar
Itu-ieu mulang kana hurup
Nyungsi sajatining hirup

2023
 
 

AROM HIDAYAT, lahir di Bandung Barat taun 1981. Dumuk di Cililin, Kab. Bandung Barat. Nulis sajak jeung fiksimini, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, Kabar Priangan, Galura, majalah Semboyan, jeung Galamédia. Sajakna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan sajakna nu geus medal nyaéta Hariweusweus Leuweung Pineus (2013). Kiwari sapopoéna lian ti nulis sajak, ogé nulis rumpaka lagu, jeung ngeureuyeuh ngoléksi wayang golék.

Posting Komentar

1 Komentar