Galindeng ka Sareupnakeun - Cecep Burdansyah

Ilustrasi: Femme au Gant Noir (1920) kénging Albert Gleizes.

 

NAON anu dipikahariwang téh jadi kanyataan. Sanajan henteu anéh da geus sababaraha kali kituna téh, angger wé hanjelu. 

Salakina nu keur ngantor, ngirim pesen kana ponsélna, ngalongok indung di lemburna bari sakalian ulin ka Pinisi Resto, Glamping Lakeside jeung sasak gantung Rengganis di Rancabali, bolay. Poé Minggu, najan poé peré, salakina teu bisa ingkah ti Jakarta, da poé Senénna kudu ka istana. Dununganana disaur ku Presidén, ari salakina anu apal perkara téknis di kantorna. Wayahna kudu lembur.

“Henteu sawios, Kang,” manéhna malesan kitu ka salakina. 

Kumaha deui atuh. Soal kahanjelu lain hartina kudu ditepikeun ka salakina. Salakina digawé keduk sungkur téh keur manéhna kénéh. Ulin mah bisa néangan deui waktu.

Ngan lebah dinya puguh, lebah néangan waktu, anu singhoréng henteu babari ayeuna mah, sok sanajan siga gampang. Keur manéhna anu sapopoéna aya di imah, tangtu waé gampang, bisa iraha waé ngajadwalkeun. Tapi keur salakina mah henteu kitu. Digawé di kementerian anu ngurus sarana jeung prasarana umum, komo lebah nyanghareupan lebaran atawa libur natal jeung taun baru, salakina teu bisa hojah pisan. 

Saenyana manéhna bisa indit sorangan. Mobil aya dua. Bekel moal kurang. Ngan manéhna geus jangji ka dirina, ka mamana, boh ulin boh naon, hayang babarengan jeung salakina. Mun bisa nawar mah ajal gé hayang bareng. Mun salakina teu bisa indit lantaran aya halangan, utamana kacandet ku tugasna, kajeun cicing di imah. 

Henteu kungsi ngedalkeun jangji kitu ka salakina, ngan geus komitmen ka dirina, satia ka salaki ulah satengah-satengah. Ngan salaki anu bakal jadi batur hirup nepi datangna malaikat ajal. Mana komo, urusan pangabutuh apan kacumponan, sanajan henteu bru di juru bro di panto. Boga imah legana 400 méter pasagi, taneuhna 700 méter pasagi, bari di Jakarta Selatan, leuwih ti cukup. Mobil aya dua. Manéhna teu kungsi ménta mobil ka salakina. Ngan salakina ngahaja meuli dua. Bisi aya kaperluan keur balanja, kitu ceuk salakina. Bari mobil mah leuwih loba ngabagug di garasi. Balanja cukup ku Bi Enéng dibaturan Mang Andang, dua réncang nu satia ti keur rumah tanggana mimiti menyat. Mang Andang tapis nyetirna, atuh jalan di Jakarta, tong boro Mang Andang, Bi Enéng gé geus apal. Salaki-pamajikan, urang Tangerang, bawa salakina.

Lamun diitung, gagalna rencana ulin ka lembur, kaasup gagal liburan ka Singapura jeung umroh, aya tujuh kalina dina jero opat taun. Éta téh sanggeus salakina neut-neutan di pagawéanana, boga posisi alus. Anu matak, mun salakina ngajangjian ulin atawa liburan, antara atoh jeung henteu. Atohna, saha atuh anu teu resep ulin. Da boga imah pikabetaheun gé, ulin angger jadi pangabutuh. Komo sapopoé cicing di Jakarta, matak bosen, nu katénjo ukur patingjungkiringna beton jeung pabaliutna lalu-lintas. Sok sono hayang ningali sawah nu ngampar, kebon nu ngémploh, pasir nu ngabaris, gunung nu ngajarega, wahangan nu tingarileu, cur-corna pancuran, jeung galécokna urang lembur. Enya gé manggih kasenangan hirup di kota, ka lembur mah sok nineung, cai jeung taneuh pilemburan geus ngocor dina getihna. 

Ari henteu atohna, sabab geus kasawang, gedé kamungkinan bolay deui alatan kasengker ku pagawéan. Sok timbul pananya; naha enya riweuh ku pagawéan, atawa boa aya halangan séjén anu manéhna sama sakali teu nyaho, sakumaha omongan lanceuk-lanceukna. Tapi pikiran kitu sok buru-buru diképéskeun, ulah nepi ka betaheun nyaliara. Lantaran tina suudon anu teu pira anu awal ahir sok matak bengkah rumah tangga. Manéhna percaya, salakina mémang riweuh. Salakina lulusan téknik sipil ti ITB, digawé di Kementerian Pekerjaan Umum, dipercaya jadi tangan kanan menteri, asa euweuh alesan manéhna ngipuk prasangka goréng ka salakina. Malah, ceuk pikirna, kalah jadi dosa. Salaki tisusut tidungdung digawé keur ngabayuan rumah tangga, harianeun mulang tarima ku goréng sangka. 

Sapuluh taun rumah tangga, ti enol nepi ka ayeuna geus boga imah anu sakitu legana, dikersakeun can boga budak. Kungsi mariksakeun ka dokter kandungan bareng jeung salakina, kasimpulan dokter: kromosom boh ti manéhna boh ti salakina henteu kungsi tepung. Jawaban anu kalah matak bingung.

Mun seug diparengkeun boga budak, moal kaluman teuing. Sahanteuna aya uruseun, nu bisa dibawa ngobrol, dicoo ku kasono, diheureuyan ku rasa deudeuh, jadi pamepéndé haté. Salakina kungsi nawaran bisi rék ngarawatan; naha anak dulur, anak babaturan, atawa saha waé, tapi manéhna teu méréan. Asa mending museur ngurus salaki. Keun soal budak mah, meureun Pangéran can ngersakeun.

*

INDUNGNA jeung lanceuk-lanceukna, nu sok mangaruhan munculna pikiran-pikiran séjén téh. Lanceukna nu panggedéna, kungsi nyarita kieu, “Kahadé Arum, lalaki mah teu kaop dibéré beunta, sok araranéh, urang kudu telik, ulah nepi ka kabongohan.”

Ah, tara diladénan. Lanceuk anu kadua, tayohna sapikiran jeung lanceuk nu panggedéna. “Rum, bisa waé Arum dicumponan pangabutuh lahirna, da puguh Kang Rana gedé gajihna, jaba meureun uang sénggolanana gedé, tapi nu séjénna kaluli-luli.”

Manéhna nanya ka lanceukna anu kadua, maksudna nu séjénna nu kaluli-luli téh naon? Tapi lanceukna nu kadua kalah malik nanya. 

“Sugan, Arum ngarasa henteu?”

“Da tara kaleungitan wengi-wengi, Téh, iwal upami nuju ka luar kota atanapi ka luar negeri,” témbal manéhna.

Lanceukna kalah seuri, écés nyeungseurikeun. “Arum … Arum …, awéwé mah ku Pangéran dipaparin dua alat. Mun lalaki ukur akal, awéwé mah jeung rasa nu seukeut keur ningali sagala rupa anu teu katingali ku panon. Urang teu nyaho naon anu dipilampah ku salaki di luar kota, di hotél mana, jeung saha. Mun urang togmol nanya kitu, pasti salaki méré alesan anu lantip, atawa nu barangasan mah malik ngambek. ‘Na salaki keur digawé mani dicuriga?’ Tah, pasti urang moal nanya kitu, pan, tapi urang kudu boga cara anu lantip, naha enya ka luar kotana tugas atawa ukur hayang nyingkahan rutinitas di imah.”

Meg kana angen. Asa milu mangteungeunahkeun salakina disangka nu lain-lain ku lanceuk-lanceukna. Sok araranéh boga lanceuk téh, rumah tangga karasa ku manéhna, naha pipilueun kana urusan batur. Bet ngarasa leuwih pangnyahona. 

Indungna mah henteu ngaliarkeun pikiran goréng, ngan angger matak sabil. “Amih mah bagja ningali Arum sapapait samamanis bari ékonomi weweg, da éta du’a indung. Tapi taya salahna mun Cép Rana riweuh ku pagawéan, nyarita wé rék indit sorangan ka Ciwidéy, dianteur ku supir, meungpeung Amih hirup kénéh.”

Ku kalimah panungtung asa dipeupeuh. Enya indungna ayeuna keur jagjag, tapi apan umur mah, euweuh hiji gé jalma nu ngaboga-boga. Kasus anu maot dina kaayaan keur jagjag belejag bari ngora kénéh, teu saeutik. Nyaan matak sabil.

Tapi manéhna geus jangji mituhu ka salaki rék gembleng. Sakapeung sok hayang ngedalkeun ka lanceuk-lanceukna, na teu meunang mun hiji awéwé rék tuhu sagemblengna ka salakina? Naha hina mun hiji awéwé satia kumawula ka salakina? Naha kudu boga pikiran goréng mun salakina riweuh ku urusan kantor? Ari ditepikeun, moal pihadéeun. Manéhna embung ari kudu goréng jeung dulur mah. Komo jeung indung. 

*

SALAKINA balik ti kantor geus jam dalapan peuting. Manéhna geus dahar, nyorangan. Salakina kira magriban ngirim béja, cenah moal kaburu dahar di imah, di kantor aya hanca. Basa salakina jol, manéhna geus didaster, keur maca buku dina sofa. Sor nyadiakeun citéh panas keur salakina. Gék deui dina sofa gigireun salakina.

Bari ngoloyong ka kamar mandi, salakina nyarita anu di luar sangkaan. “Bilih Arum badé ka Ciwidéy, angkat wé sareng Mang Andang, Bi Enéng. Akang teu kaop jangji ka Arum ngajak ka ditu ngajak ka dieu, katalikung waé ku urusan kantor,” pokna.

Henteu waka pok némbalan. Ngarénghap sakedapan, kawas nu beurat rék nyarita.

“Abdi mah teu jadi pambengan henteu tiasa angkat gé, engké waé ngantosan rinéhna Akang. Jaman ayeuna mah tiasa video call, sakalieun hoyong ngobrol sareng Amih mah,” cenah, leuleuy.

Sup salakina ka kamar mandi bari mawa pakéan ganti beunang nyadiakeun manéhna. Kaluar ti kamar mandi, geus seger, maké pakéan saré, gék deui diuk gigireun manéhna.

“Apan Arum palay ameng ka sasak gantung Rengganis, piraku urang Ciwidéy tapi teu kantos ka jambatan Rengganis,” ceuk salakina, imut leleb.

“Ah, da sanés ka Mekah atuh Kang, henteu wajib. Nu wajib mah nyarengan Akang di dieu,” pokna, ngagéléhé ogo kana taktak salakina. Salakina ngarangkul taktakna, diteueulkeun. Celengok nyium tarangna. Jam sapuluh kurang, salakina ngoloyoh ka enggon. Manéhna nuturkeun. Bubuhan jadwal saré biasana jam salapan peuting, duanana langsung ngagolér. Meureun bakat ku capé, ngan sababaraha menit salakina geus tibra. Manehna nyileuk kénéh. Mimitina ukur neuteup lalangit kamar, terus neuteup beungeut salakina anu keur tibra. Tarang, irung, ceuli, biwir, kumis ipis jeung gadona ditengetan euweuh nu kaliwat. Dadana anu sembada diteuteup salila-lila. Jorojoy, sono dikeukeupan, tapi teu wasa ngaganggu nu keur tibra. 

*

ISUKNA, sakumaha biasa manéhna sok geus mandi jeung dangdan, sanajan tara ka mamana. Pak-pik-pek nyadiakeun sasarap dina kaayaan awak geus seungit, pakean luis. Ceuk pikirna, sangkan salaki betah, pamajikan kudu bisa ngurus awak. Kitu didikan Amih jaman Apa jumeneng kénéh. 

Karesep salakina sangu goréng maké sosis, céngék disiksikan, geus karuhan endog mah. Malah dobel, endog dicampurkeun ongkoh, diceplok ongkoh. Salian ti sangu goréng, manéhna nyadiakeun empé-empé kuah laksan. Sarua karesep salakina. Roti jeung seléna sadia deuih. Bungbuahanana mah cau, anggur, jeung jeruk. Kopi panas dina emuk anu dihias jaman manéhna panganténan. Sasarap bari ngobrol rinéh. Geus maneuh. 

Pok deui salakina nyarita nuluykeun omongan tadi peuting, “Akang mah leres ngawidian, badé ka Ciwidey mah angkat wé, sareng Mang Andang sareng Bi Enéng,” cenah.

Manéhna sabil. Tapi ahirna panceg, “Moal Kang, badé ngantosan Akang waé. Kanggo naon jalan-jalan henteu sareng Akang, asa ningnang,” témbalna.

“Nu peryogina mah apan ngalongok Amih. Tos lami teu dilongok,” ceuk salakina, bari mesék cau.

“Kaleresan Amih séhat, apan sok di-WA ku Arum gé,” walonna deui. Jadina téh siga anu pakeukeuh-keukeuh.

“Nya upami kitu mah atuh teu nanaon. Mudah-mudahan wé, sasih payun Akang dipasihan waktos ku dunungan,” ceuk salakina.

Manéhna imut ngagelenyu. Basa salakina ngaléos muru mobilna, manéhna nuturkeun ti tukang. Celengok tarangna dicium ku salakina. Geuleuyeung mobil indit, dituturkeun ku teuteup deudeuh.

Basa réngsé mérésan tempat saré di kamarna, ponsélna disada. Ngaran lanceukna nu cikal némbongan dina layar ponsél.

“Bisi Arum kaduhung, ka dieu ayeuna kénéh, da moal sabaraha jam Jakarta-Ciwidéy mah. Ténsi Amih naék,” cenah.

Geumpeur. Sabada telepon dipareuman, manéhna nelepon lanceukna anu kadua, hayang negeskeun. Tapi teu diangkat.

Harita kénéh nelepon salakina, anu ku taksiran di jalan kénéh.

“Kang, nembé Ceu Inggit nelepon, Amih teu damang. Akang teu sawios nyalira?”

“Tuh, Akang mah terus rasa, nu mawi kamari nyarios ka Arum. Sok énggal ajak Mang Andang sareng Bi Enéng. Konci mah simpen handapeun pot. Teu kedah hariwang aya bangsat. Upami aya nanaon, Akang nyusul,” salakina némbalan siga kacang ninggang kajang.

Mun aya nanaon. Duh, mun bisa mah ulah aya nanaon. Manéhna asa can siap ditinggalkeun ku indungna. Can bisa mulang tarima.

Gancang nitah Mang Andang manaskeun mobil. Bi Enéng sina bebekelan baju. Sanggeus sagala rupana siap, kaasup ngecék é-tol jeung béngsin, biur mangprung ninggalkeun Jakarta.

Di jalan gegebegan. Lanceukna duanana ditelepon jeung di-WA. Balesanana, angger kana intina: buru-buru ka Ciwidéy. Amih eungap.

Biasana, mun keur dina mobil jeung salakina, tara tinggaleun ti sora goib juru mamaos Euis Komariah dina laras pélog wanda jejemplangan, papantunan, dedegungan, anu ningtrimkeun salila di perjalanan. Ayeuna mah boro-boro. Hayang buru-buru nepi.

Sababaraha kali ngirim WA ka lanceuk-lanceukna, nanyakeun naha indungna dibawa ka rumah sakit; rumah sakit mana? Tapi duanana teu némbalan. Ditelepon, anu biasana gampang, teu diangkat waé. Beuki jauh ninggalkeun Jakarta, haténa beuki dikepung ku kainggis. Beuki deukeut kana piceurikeun.

Pabeubeurang geus nepi ka Cihanjawar, Ciwidéy. Sup mobil ka pakarangan imah. Manéhna teu sirikna ngajleng tina mobil. Buru-buru asup ka imah. Kasampak sepi. Lumpat ka kamar indungna, suwung. Terus ka dapur, kasampak indungna keur ngobrol jeung Bi Anah, réncangna ti baheula. Gabrug indungna dirontok. Tipepereket.

“Amih naon nu karaos?” tanyana, rénghap ranjug.

“Geuning Arum datang ogé. Jeung Cép Rana?” ceuk indungna.

Manéhna neuteup. Nelek-nelek waruga indungna. Asa euweuh anu anéh. Kaciri jagjag. Gabrug deui ngarangkul, bawaning atoh.

“Naha ditanya téh kalah siga nu anéh?” indungna malik héran, “Arum ka dieu jeung saha?” ceuk indungna deui.

“Amih, apan Ceu Inggit sareng Téh Anggi ngawartosan, saurna Amih teu damang,” témbalna, ngalésotkeun rangkulan, sahing-hingeun ceurik.

Indungna seuri mésem. Pokna, “Ku Amih dicarék, ulah kitu ka adi téh, ngareureuwas. Ah, dasar lanceuk hidep awahing ku sono ka adi, ampleng-amplengan teu panggih. Pokna téh, ari salakina sibuk mah, sina Arum wé anu ka dieu, teu kudu nungguan salaki. Tapi da Amih gé sono, dua lebaran teu panggih,” ceuk indungna, nyalsé.

Manéhna ngarénghap jero. Panonna ngulincer siga aya nu ditéangan. Indungna surti, “Ké sakeudeung deui gé Inggit jeung Anggi norojol. Omat ulah dicarékan, bawaning nyaah,” pokna.

Ngong adan asar, lanceuk-lanceukna norojol, dibarengan ku salakina masing-masing. Duanana ngagabrug ka manéhna. Manéhna gé meulitkeun leungeun kana awak lanceuk-lanceukna.

“Harianeun Ceuceu sareng Tétéh mah,” pokna, ngarenghik.

“Atuda Arum mah mani keukeuh kudu jeung salaki. Keun salaki riweuh mah, ulah diganggu, nu penting Arum nyarita ka salaki, rék ngalongok Amih jeung dulur. Da Kang Rana gé moal kua-kieu, moal curiga Arum ulin teu puguh,” ceuk lanceuk panggedéna.

“Lamun teu di-prank, Tétéh yakin Arum moal ka dieu. Bucin, sih,” ceuk lanceuk nu kadua alias panengah, seuri. Ukur ngaheruk, asa diteungteuinganan, pangpangna disebut bucin.

Parat ngumbar kasono nepi ka jam salapan peuting. Lanceukna mulang jam salapan, tapi isukna jangji rék datang deui isuk kénéh pisan, rék ngajak ka Rancabali. Moal ngajak salakina, cenah, hayang babarengan tiluan, kaopat Amih. Sabada lanceukna baralik, manéhna saré di kamar jeung indungna, sanajan kamar husus mah aya. Imah indungna lega. Kamar aya lima, anak ukur tilu. Mang Andang jeung Bi Enéng diperenahkeun di kamar hareup. Kamar manéhna mah di tengah, ngaréndéng jeung kamar indungna.

Saré henteu pati tibra, melengek ka salaki. Ceuk pikirna, biasa aya anu maturan, ayeuna saré sorangan. Asa dosa. Sasarap euweuh anu nyadiakeun. Meureun kaprak-keprek sorangan. Ngan kaupahan ku indungna anu ngajak ngobrol nepi ka tengah peuting. Haneutna tangkeupan kahéman indung mulangkeun panineungan ka jaman keur budak. Ka janarinakeun, reup tibra. Nu kaimpikeun: salakina.

*

REBUN-REBUN lanceukna geus norojol, geus garinding. Najan umur jeung manéhna anggangna rada jauh, tur lanceukna hirup di Bandung rada nyisi, ari panggih jeung kasenangan mah, dangdan jeung ngurus awak teu éléh ku manéhna. Kompak, duanana maraké calana jin ketat, kaméja flanél leungeun panjang warna lungguh, jerona kaos warna caang. Disapatu wedges. Pipi beureum saules matak hégar. Maké blush on mah mémang sakaresep da puguh boga pakulitan barodas tiluanana gé. Manéhna apal make-up nu dipaké ku lanceuk-lanceukna, Estee Lauder. Mahal tapi henteu nguciwakeun, teu gampang luntur. Ambeuna béda, berkelas. Di mata lalaki, ceuk saha lanceukna geus umuran. Lima taun ka tukang mah manéhna teu kaduga meuli make-up mérek éta. Ngan manéhna ayeuna ngarasa leuwih cocog maké produk Wardah, ku mérek séjén mah sanajan mahal sok alérgi.

“Nyonya Doktor, énggal geura ngebak. Keun sasarap mah ku Tétéh dipangdamelkeun, urang nyangu goréng, husus kanggo istri anu carogéna sedep sangu goréng,” ceuk lanceukna anu panengah. 

Manéhna seuri. Sup ka kamar mandi. Brus awakna disiram ku cai haneut tina keran.

Bérés mandi, léos ka kamarna ukur dibunian anduk, da ngarasa lalugina, lalaki ukur Mang Andang anu satia. Basa manéhna nangtung hareupeun kaca tualét rék ngudar anduk, teu kanyahoan lanceuk-lanceukna geus aya tukangeun.

Lanceukna nu panengah nangkeup ti tukang, mangudarkeun anduk. Kerewek leungeunna ngeupeul susuna. Manéhna ngajérété, antara ragab jeung hayang seuri. “Duh Tétéh mah, siga lésbi waé, ah,” pokna, bari metot menerkeun andukna.

“Ceu Inggit, tingali ieu susu si Bungsu. Rumah tangga sapuluh taun, tapi siga parawan kénéh, nyeungseung. Siga tara aya anu ngarampa,” ceuk lanceukna anu panengah, bari ramona terus nyasar kana pentil susu.

“Ah Tétéh mah sok nyanyahoanan waé,” témbalna, semu baeud bari awakna jéjérétéan. 

“Awét peungkeur,” ceuk Inggit, lanceukna anu cikal, ngagonjak.

“Siga tara aya anu ngaramesan, komo ngenyod-ngenyod pentilna,” ceuk lanceukna anu panengah, nyikikik. Manéhna gé milu nyikikik, tapi dina haté anu pangjerona, ras ka salakina, saban ngagolédag saré, saban reup tibra.

“Rum, awéwé mah wajar ménta dirangsadan ka salakina, hayang diajak perang, jeung urang gé ulah éléh, kudu ngalawan, kudu motah,” ceuk si Panengah kénéh bari nyikikik.

Basa rék dibaju, lanceuk anu panengah ujug-ujug nerapkeun kaméja kana awakna. Singhoréng duanana geus nyiapkeun pakéan keur manéhna. Calana jin, kameja flanél jeung kaosna jeung sapatu wedges.

“Kudu kompak,” ceuk Anggi, si Panengah. Manéhna siga kuda anu iceus ka dununganana.

“Tétéh, maenya jalan-jalan nganggo wedges, siga badé ka uleman atawa nongton konsér waé. Arum mah nganggo sapatu datar wé,” pokna. Ceuk pikirna, enya gé kaciri wah disapatu wedges, ari ulin ka alam terbuka mah kurang pantes.

“Da moal leuleumpangan, paling gé di sasak Rengganis. Teu kudu meuntas, sanepina wé, nu penting mah selfie. Pas selfie paké deui sapatuna,” ceuk si Cikal.

Manéhna kapaksa nurut. Tiluanana, kaopat indungna, maraké sapatu wedges. Hayang seuri saenyana mah, da cocogna mah disapatu kets.

Bérés sasarap, bring opatan ka Rancabali. Samobil, kana mobil lanceukna anu cikal, Kijang Inova modél zenix. Lanceukna nu cikal, nyetirna tapis pisan, abong geus apal pisan pungkal-péngkol jeung nanjak mudunna jalan ka wewengkon Rancabali. Salila di jalan, lanceuk-lanceukna galécok nyaritakeun salakina masing-masing. Ceuk lanceuk nu cikal, salakina nu ayeuna jadi anggota DPRD Kabupatén Bandung, pemilu ayeuna mah rék maju ka Senayan. Mun bisa mah ku partéyna diperenahkeun di komisi anu ngurus soal pekerjaan umum, améh bisa panggih jeung menteri pekerjaan umum anu pasti bakal dibarengan ku dirjén jeung anak buahna anu pinter, Doktor Insinyur Rana Marga Sumpena. 

“Tah, si Akang rék ngritik, naha ari gawé di pekerjaan umum euweuh liburna? Hésé cuti? Naha siga tukang kuli ngaduk kudu tunduk ka dunungan, mun teu tunduk moal dibayar? Kawas rék ngabeton ti mimiti jalan nasional, jalan propinsi, jalan kabupatén, jalan tol nepi ka gang sempit waé,” pokna.

“Ih ari Ceuceu, apan tugasna sanés ngabeton jalan waé, ngadamel tol laut ongkoh, teu acan ngabeton langit supados pesawat ulah kahalangan méga,” ceuk lanceukna anu panengah.

“Wartoskeun ka Kang Rana, mun dununganana ngamasalahkeun gara-gara libur atawa cuti, ulah sieun, ku Kang Arga dibélaan, sok nepi ka mana. Bisa-bisa dibongkar kasus-kasus di kantor Kang Rana,” sambung si Panengah, anu profési salakina pengacara.

Duanana akey-akeyan. Indungna milu seuri. Manéhna ukur mésem bari juba-jebi.

“Leuheung kénéh kétang ari enya mah digawé,” ceuk si Cikal.

“Kumaha lamun …,” si Panengah rikat mairan.

“Ulah sok saruudon ka salaki téh. Dosa,” indungna ngabélaan, tapi bari seuri.

“Cik, Néng Arum Puspitamaya Magister Ékonomi, anu mundur tina dosén jalaran hoyong suhud ka carogé, mana suaranyah?” ceuk si Panengah anu diuk gigireun supir, ngalieuk ka tukang.

Manéhna ukur ngajawab ku ngadilak. Baeud. Saenyana hayang némbalan, hayang ngedalkeun sikepna, tapi kasawangna bakal beuki pejét. Anu matak, leuwih hadé jempé, bari sakapeung milu seuri. Rumasa bungsu, meureun bisa jadi pangalaman hirup can jero siga lanceuk-lanceukna. Ngan, ceuk pikirna, soal lalaki teu bisa disakompétdaunkeun. Manéhna yakin, soal Kang Rana, lanceuk-lanceukna nyalahan. 

Ulin suka senang di Rancabali, parat nepi ka burit. Kabéh patempatan anu instagramable kapapay. Ti mimiti kulinér, paparahuan di Situ Paténggang, mapay sasak gantung Rengganis, ka Kawah Putih, jeung tempat-tempat anyar kasaba, geus karuhan mijah popotoan mah, nepi ka ponsél pinuh ku data. 

Kaalaman ka sasak Rengganis téh najan mapayna mah kudu ngalaan sapatu. Najan henteu jeung salakina, angger matak bungah. Komo deui indungna nya bérag nya jagjag. Sadikantun ku Apa, lima taun ka tukang, Amih teu kungsi nguluwut. Bisa jadi lantaran palaputra tiluanana henteu kaciri susah, komo nyusahkeun. 

Datang ka Cihanjawar ninggang isa. Lanceukna henteu mulang ka imahna, marondok di Amih, da manéhna isukan rék balik. Lantaran sono, lanceuk-lanceukna milu saré di kamar Amih. Opatan éntép pindang bari jarangkung. Manéhna di tengah pada mikasono. Siga kalakuan keur budak, manéhna béak diélég. Galécok nepi ka tengah peuting, taya kacapé. Kamar Amih lega, kaasup kasurna. 

Isukna, pabeubeurang manéhna amitan. Lanceuk-lanceukna jeung indungna digaléntoran hiji-hiji. Ka salakina geus ngabéjaan liwat WA, rék balik.

“Ceu, engké siasatna naon nya? Kudu mikir deui yeuh, supaya Nyonya Doktor Rana ka dieu deui,” ceuk si Panengah, bari ngesun.

“Tenang, Nggi, Ceuceu mah tara béakeun akal,” ceuk si Cikal, nangkeup tipepereket.

Tina jandéla mobil, manéhna neuteup ka indungna, ka lanceuk-lanceukna, ka Bi Anah. Haténa ngarakacak. Antara betah kénéh jeung aya nu ngabedol kudu balik.

Sumpang-simpang heula, meuli oléh-oléh keur salakina: kalua jeruk, kopi Ciwidéy, téh Ciwalini, jeung bandrék Barutunggul. Datang ka imahna di Jakarta ka sareupnakeun. Salakina di kantor kénéh. Kana jam sapuluh cenah. 

Di jero imah, manéhna langsung asup ka kamarna. Nyidik-nyidik sepré, asa euweuh anu robah. Sepré siga angger kénéh beunang manéhna mérésan méméh inditkeun ka Ciwidéy. Euweuh tapak nu saré. Hordéng gé sarua, taya tapak nyérélékkeun.

Nyuaykeun hordéng, manéhna ngajengjen neuteup ka luar. Ras kana omongan lanceuk-lanceukna. Naha maranéhna keur némbongkeun seukeutna pangalaman hirup? Manéhna bingung kudu kumaha ngedalkeunana.

Ukur muntang kana harepan, léos ka buruan, nyébor pepelakan anu opat poé diantep garing. Hawa patamanan seger deui.***

Bandung, 1 Januari 2023.

 

CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna anu geus medal nyaéta Anak Jadah (2002) jeung Sangkakala (2022). Ayeuna jadi jurnalis di Tribun Network.

Posting Komentar

0 Komentar