Sangkakala



Judul Buku    : Sangkakala
Penulis          : Cécép Burdansyah
Harga             : 55.000,-
ISBN               : 978-602-53603-7-4
Tautan           : Silantang

SINOPSIS
Carpon-carpon anu dimuat dina ieu antologi téh réréana kungsi midang dina majalah Manglé. Sésana midang dina tabloid Galura, tabloid Kujang, jeung rambatloka ayobandung.com. Saupama nilik kana titi mangsa midangna dina média, carpon pangheubeulna anu dimuat dina ieu buku téh nyaéta “Beungeut-Beungeut Komérsil” (majalah Manglé nomer 1033, taun 1986). Ari anu panganyarna carpon “Réportaseu Iblis” (rambatloka ayobandung.com, bulan Pébruari taun 2021). Tapi ari umumna mah carpon-carpon Cécép Burdansyah anu dimuatkeun dina ieu buku téh ditulis sabudeureun dasawarsa taun 1990-an; sarua jeung anu carpon-carpon anu dimuat dina Anak Jadah. Jadi, ieu buku kumpulan carpon téh teu bisa disebut minangka tuluyanana tina Anak Jadah. Da sidik prosés kréatifna gé aya dina wengkuan waktu anu kurang leuwih sajaman. Atuh lebah kelir carponna gé teu pati béda, deuih. Nya urang sebut wé, kumpulan carpon Sangkakala téh minangka sesemplékan tina Anak Jadah.

Posting Komentar

0 Komentar