Tragédi Bulan - Sajak-Sajak Arif Abdilah

Ilustrasi: Moon Night Mood (1929) kénging Oscar Florianus Bluemner 
 
 


Tragédi Bulan
 
di dayeuh bulan tinggarantung di taman-taman
di lembur bulan tinglalungsar handapeun jalan aspal
tuluy urang sasab di leuweung gerot pangwangunan
 
2023
 


 
Di Dayeuh Kulon
 
di dayeuh kulon manglaksa kakangen laluncatan
kana tihang-tihang listrik, kana gedong-gedong sigrong
laju meulit mangpirang sirah lir kabél nu pajuranteng di langit
dina rébuan kilo méter jalan nu mana, urang baris manggihan
rarambu katineung? sedeng manéhna geus laas reujeung kekebul
badis mangprung ka mana? mun parapatan ukur liliwatan,
mun trotoar ukur tatapakan. taya nu namper, iwal ti kasimpé.
 
2023
 
 


Di Simpang Jalan
 
sabada léngkah
nyunyurung hangruna pati
laju disidem
di antara bungbuahan
jeung lamparna kahirupan
 
salira tuluy milin kangungun
luhureun gangasna dayeuh
bari anteng ngitung batu
dina gumuruhna sirah manusa
 
salira tuluy lunta
bari teu weléh mulut kingkin
anu ngerong di simpang jalan
 
2023
 



Lalampahan Lembur
 
lalampahan urang
teu salampar aspal jalan
meulah walungan jeung kuburan
 
sagalana ukur ngaringkang
sabada panonpoé jeung bulan
ditigas lampu-lampu taman
urang ngalayon dina tiktek jam
 
lalampahan urang
teu satohaga pabrik baja
ranceb dina lemah sawah
 
sagalana jadi saab
sabada lambaran-lambaran layung
ditigas mongkléng peuting
urang ngababatang dina rohang peteng
 
2023

 

ARIF ABDILAH, lahir di Majalengka taun 1989. Internisti, gelandang sayap di cacandran.com. Ku babaturan deukeutna sok digeroan Ayih. Alumni Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah, UPI Bandung. Keur kuliah kungsi jadi ketua UKM ASAS jeung Turus. Nulis sajak jeung carpon, dimuat dina majalah Cupumanik, Manglé, jeung Pikiran Rakyat. Bukuna nu geus medal kumpulan sajak Hujan di Pajaratan (2020). Sapopoéna mancén gawé jadi guru basa Sunda di SMAN 1 Bandung. 


Posting Komentar

0 Komentar