Di Pajaratan - Sajak-Sajak Cecep Burdansyah

 

The Grave of Rubens and His Family (1855) kénging Hendrik Frans Schaefels.


DI PAJARATAN

: NN

Di pajaratan
salira mapay raratan
néang raga nu geus jadi layon
dina liuh-liuh handapeun kakayon
naon hartina genclangna cipanon
dina caangna panonpoé.

Bandung, 2023





NGANTI RASA

Rangsakna rasa
lain ku sasaha
nganti nu cunggelik
usik ka ieu diri.

Jakarta, 2023





GEUGEUT

Sakeureut sabeungeutan
gula jeung peueutna
kahayang neundeut dina 
lahunan. Naon deui nu rék ditéang
mun raga ilang tanpa raratan. 

Bandung, 2023





KEUEUNG

Satapak beunang ngahanca
ti tungtung nepi ka wates
jalan pameuntasan
nyorang geueuman moro nu dipikasono.

Sakalimah beunang ngaréka
tina ungkara jadi sajak
nitipkeun keueung dina saban padalisan
sugan karémpan jadi kahéman.

Jakarta, 2023





SABADA MACA ALICE MUNRO

Nini-nini hégar bari angger ninggalkeun kageulisan
lain tapak lain kalangkang, tina kabasajanan nu lain pupulasan.
Anjeun tarapti dina papakéan, teu anéh teu sing najan aya di nagara 
nu hurung hérang. 
Imut anjeun ngagelenyu, na saha kakasih nu ngawurkeun kabagjaan?
 
Anjeun geus nini-nini, tapi teu kabéh nini-nini siga anjeun
kebat motékar dina wanci panonpoé lingsir ngulon
sakola luhur lain keur ngadongkang munara tur ngajega bari nulak cangkéng
kalah andiprek muka toko buku ngahiap nu hanaang ku élmu
nobél ukur labél, teu dipaké ngelélan batur.
Alice Munro, Alice Munro, mun anjeun hirup di Tatar Sunda
bakal loba nu harayang diaku incu
jeung nu ngékéak nyeungseurikeun. 

Jakarta, 2023



CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna anu geus medal nyaéta Anak Jadah (2002) jeung Sangkakala (2022). Ayeuna jadi jurnalis di Tribun Network. 

Posting Komentar

0 Komentar