Kitab Pakih Soenda - Atep Kurnia


Naskah Kitab Pakih Soenda dimuat dina TBG 19 taun 1870. Sumber: Google Books.


Dina tanggal 19 nepi ka 26 Méi 1883, Jan Leendert Beijers ngalélang buku-buku koléksi almarhum Asistén Residén Sumenep Dr. J.J. van Limburg Brouwer di Utrecht, Walanda. Beijers téh tukang dagang buku, nu ngaluarkeun katalog lélangna.

Judul katalogna panjang pisan. Geura baé, Catalogus van eene belangrijke verzameling boeken nagelaten door Dr. J. J. van Limburg Brouwer, laatstelijk adsistent-resident van Sumanap (Madura), Mr. C. W. H. van Schelle, laatstelijk raadsheer bij het hoog gerechtshof in Ned. Indiëenen anderen voornamelijk over Godgeleerdheid, rechtsgeleerdheid, aardrijkskunde, geschiedenis, wijsbegeerte, natuur- en scheikunde, natuurlijke geschiedenis, landbouw, geneeskunde, technologie, schilder- en bouwkunst, bibliographie, taal- en letterkunde, romans, enz. benevens eene uitgebreide versameling boeken over veeartensenijkunde: welke publiek zullen verkocht worden op 19 Mei 1883 en volgende dagen, telkens des avonds 6 ure door den boekhandelaar J. L. Beijers,in het verkooplokaal: Donkerstraat D 466 te Utrecht.

Mun seug dipatalikeun jeung riwayat hirupna, sakumaha nu kapapay dina Java-bode (15 Maret 1882), éta lélang buku téh lumangsung sataun leuwih saeutik ti sadugna Limburg Brouwer maot dina 17 Pébruari 1882. Katerangan nu leuwih tétélana aya dina tulisan “Een opengevallen plaats” (De Locomotief, 24 Pébruari 1882). Di dinya antarana disebutkeun nasib Dr. J.J. van Limburg Brouwer téh mingsal, lantaran kudu ngabalénan pagawéan. 

Mimitina lantaran manéhna kungsi ngundurkeun diri tina dines pagawé nagri di hiji tempat lantaran kudu pindah ka dines pagawé nagri séjénna. Ku kituna, manéhna tangtu ngalaman rugi duit sarta kapaksa kudu asup deui dines pagawé nagri. Écésna, mimitina manéhna digawé di jawatan géografi, tuluy jadi guru di gimnasium, jadi komis kahiji di Departemen Pendidikan, tuluy jadi wakil inspéktur pikeun pendidikan bangsa bumiputra.

Keur kitu, manéhna bisa ngawasa basa-basa bumiputra, tapi deuih jadi boga gagasan-gagasan pikeun pangajaran jeung pendidikan. Harita, minangka wakil senior, manéhna kuduna mah bisa ngaganti Mr. van der Chjis salaku inspéktur. Ngan basa lowong posisina, van Limburg Brouwer-na keur cuti ka Walanda. Antukna jabatan inspéktur beunang ku De Clerq. Samulangna ti Walanda, van Limburg Brouwer disina mariksa Kweekschool Magelang.

Satuluyna, van Limburg Brouwer minangka wakil inspektur di Basisir Kalér (Oosthoek, Pantai Utara) sababaraha balikan turni ka Madura, nepi ka antukna manéhna diangkat jadi asistén résidén Sumenep. 


Iber maotna Dr. J.J. van Limburg Brouwer tanggal 17 Pébruari 1882. Sumber: Java-bode, 15 Maret 1882.


Ngulik Naskah Sunda

Naha bet los-los medar ngeunaan J.J. van Limburg Brouwer? Sabab tina sakitu puluh taun dines jadi pagawé nagri, manéhna kungsi ngamuatkeun alih aksara katut alih basa naskah Sunda Kitab Pakih Soenda dina Tijdschrift voor Indische Taal-, Land- en Volkenkunde (TBG) 19 (1870: 423-471). 

Demi rarancang ngamuatna geus diputuskeun dina taun 1869, dina rapat pangurus Bataviaasch Genootschap (Notulen van de Algemeene en Directie-vergaderingen van het Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen Deel VII, 1870: 65). Hasil rapat tanggal 9 Nopémber 1869 netepkeun yén Kitab Pakih Soenda, buku téks dasar di pasantrén-pasantrén Sunda, kalawan alih aksara jeung alih basana beunang van Limburg Brouwer (“Kitab Pakih Soenda, een elementair leerboek van de Soendasche pesantrens, met transcriptie en vertaling door Dr. J. J. van Limburg Brouwer”), ceuk itu-ceuk ieu pada sapuk dimuat dina Tijdschrift

Kasang tukang van Limburg Brouwer ngulik Kitab Pakih Soenda katimu dina panganteurna. Cenah, sabot manéhna diajar basa Sunda, kungsi néangan téks prosa asli, nu teu pinuh teuing ku basa lemes katut kekecapan Jawa cara buku-buku wedalan pamaréntah (“Bij de beoefening der Soendasche taal zocht ik naar een oorspronkelijk prozastuk, minder met hooge en Javaansche woorden overladen dan sommige der werkjes van Gouvernementswege uitgegeven”). Pagawéan kitu téh, ceuk manéhna éstuning hésé béléké, sabab bumiputra mah teu resepeun nulis prosa (“want de inlander schrijft ongaarne in proza”).

Ngan aya pituduh G.J. Grashuis. Grashuis nuduhkeun tulisan-tulisan anu aya patalina jeung agama jeung kitab-kitab nu diajarkeun di pasantrén-pasantrén nu ditulis dina prosa. Sanajan, cenah, teu murni, lantaran kandungan basa Arabna, lantaran aya Jawana, nalika ditarjamahkeun tina basa Jawana, tapi basa Sundana masih leuwih hadé tinimbang dina sajak-sajak (“de volkstaal wordt er toch beter in teruggevonden dan in de gedichten”).

Demi naskah nu diulik J.J. van Limburg Brouwer aya dua édisi, nu ditulis dina aksara Pégon, nu tangtu waé réa ngandung basa Arabna. Di ditu di dieu kapanggih bédana cara macana éta dua naskah, samalah nu hiji mah remen kapanggih ruksak pisan. Nya éta bacaan ku van Limburg Brouwer dioméan, najan angger ngemu kasangsri dina sababaraha hal. Untungna, cenah, bisa ménta bongbolongan Grashuis ngeunaan basa katut istilah-istilah téologi Arab. 

Judul naskahna Muchtaçaroe ‘L-Paqih atawa Paqih. Pangarangna teu kanyahoeun. Wangun naskahna cenah geus teu sampurna pisan, lantaran geus ngalaman transposisi katut ditarjamahkeun mangkali-kali tina hiji atau réa ikhtisar atawa soal-jawab, nu ngandung wangun pindoan iman jeung ajaran Islam. Sanajan taya ngaran Sanoesi, ceuk van Limburg Brouwer, tapi geus yakin dina awalna. Bisa jadi nu nyusunna ogé nuturkeun karya Abu Shodja (El-Taqrib) dina bab nu aya papatalina jeung ajaran ritual.

Tamba kawaranan, urang papay sawaréh hasil transkripsi jeung translasi Dr. J.J. van Limburg Brouwer. Dina awal naskah kabaca kieu: “Bism'illahi'r-Rahmani'r-Rahimi. Alhamdoe Lillahi Rabbi’l-'Alamina. Waççalatoe Wassalamoe 'Alaj Sajjidina Moehammadin. Waalihi Waçahbihi Adjma’ina. Tegesna: kaoela mimiti: migawé iju kitab koe njeboet djenengan allah ta'ala, noe luwih moerah, noe luwih asih. Ari poedji èta kagoengan allah ta'ala pangeran ’ alam kabèh. Ari rahmat allah djung kasalametan èta tetep ka kangdjeng nabi moehammad çalla' llahoe alajhi wasalam, djung ka atas koelawergana nabi djung sahabatna. AMMABA'DOE, ari sanggusing kitoe, maka iju sahidji kitab moehtasar, tegesna: bunang ngaringkeskun. Aja didjerona éta nètèlakun barang-barang anoe wadjib dikanjahokun koe oenggal-oenggal djalma anoe moekalap, tegesna: 'akal baleg. Ari anoe dikanjahokun tėja nja eta sagala roekoen iman djung islam, djung hartina pisan, djung pirang-pirang MAS’ALAH HOEKOEM PAKIH, anoe perloe, djung anoe soenat, djung anoe haram, djung anoe makroeh, djung anoe wenang, djung anoe sah, djung anoe batal, anoe aja dina madzhab imam agoeng, nja èta imam oerang safi'i rahmatoe ' llah ta'ala alajhi."

Nu matak narik, dina ahir naskah, sabada bab nyalatkeun mayit, aya katerangan nu nulis atawa nu nyalin naskahna, nyaéta Hadji Joesoep, ti Pasantrén Waroeng Manggah. Ieu geura téksna mah, “PASAL ARI PERLOENA NJALATKUN mayit éta toedjoeh perkara. Sahidji niat njalatkun majit, sarta wadjib dibarengkun niat téh djung takbir anoe mimiti; kadoea nangtoeng; katiloe matja takbir opat kali; kaopat matja patihah sanggus takbir anoe mimiti; kalima matja salawat ka nabi shallallahoe 'alajhi wasalam, sanggus takbir anoe kadoea; kagenep matja do'a kana majit sanggus takbir anoe katiloena téa; iju do'ana allahoemma aghfirlahoe; katoedjoeh matja awéh salam assalamoe 'alaijkum sanggus takbir anoe kaopat. TAMAT. WALLAHOE 'ALAM. IJU KITAB PAKIH SOENDA MAKTOEB HADJI JOESOEP PASANTRÉN WAROENG-MANGGAH SISI DJALAN.”


Ti Grashuis Nepi ka Koleksi C.C. Berg

Sabada medal dina TBG taun 1870, informasi ngeunaan Kitab Pakih Soenda tuluy sumebar. Cara Academy: a Weekly Review of Literature, Learning, Science and Art (Feb, I, 1872: 59) nu ngabalénan kieu: “Kitab Pakih Soenda, door J. J. van Limburg Brouwer. [Á theological Sunda text, by an unknown writer, transcribed in Roman characters, with a Dutch translation]”.

Dina Tijdschrift voor Nederlandsch-Indie Vol I (1872: 494) gé, Kitab Pakih Soenda diécéskeun kieu: urang kudu nganuhunkuen ka J.J. van Limburg Brouwer ku lantaran geus ngamuatkeun Kitab Pakih Soenda, nu pentingna lain waé keur pangaweruh hukum-hukum Islam di Hindia Walanda, tapi pangpangna mah pikeun mikanyaho urang Sunda, sabab masih saeutik kénéh sumber-sumberna (“die niet alleen van belang is voor de kennis van het mohammedaansch recht in Nederlandsch Indie, maar vooral ook voor de kennis van het Soendaneesch, waarvoor nog zoo weinig hulpmiddelen bestaan”).

Satuluyna, cenah, naskahna ditulis dina wangun prosa bari ngandung rarangka singget doktrin-doktrin utama ajaran Islam, sakumaha nu kapanggih dina kitab El Sanoesi (Assanoesi), sarta ajaran-ajaran ibadah, anging dadaran zakat, puasa, jeung munggah haji nu kurang. Cenah, hartina éta naskah teh teu sampurna. Ngan kukumaha ogé, éta pedaran kudu dibagéakeun pisan, sabab ngan saeutik prosa dina basa Sunda téh, kitu deui tulisan bumiputra ngeunaan Islam kurang dipiwanoh (“daar tot nog toe slechts enkele Soendanesche prozastukken in het licht zijn verschenen en ook de inlandsche geschriften over den islam nog zoo weinig bekend zijn”).

G.J. Grashuis mah ngamangpaatkeun pisan Kitab Pakih Soenda, sabab dina Soendaneesch Bloemlezing (1891: 117-138), manéhna ngamuat kabéh hasil transkripsi beunang van Limburg Brouwer kalawan judul “Iju Kitab Pikih Soenda”. Dina tungtungna, Grashuis méré Aantekeening (catetan), “De Kitab Pakih Soenda is afgedrukt volgens het Handschrift. Op bladzijde 130, regel 2 van boven, moet echter gelezen worden: kadoewa, nganjatakun njeboet parloe dina hatè; katiloe, koedoe nganjatakun njeboet waktoena dina hatè. En op bladz. 131, regel 2 van boven: kagenep koedoe nundun batin djaridji dampal soekoe kana enggon soedjoed; katoedjoeh koedoe dihadja pangsoedjoedna”.

Méméhna Grashuis medalkeun Soendaneesch Leesboek (1874). Di jerona aya pedaran saeutik ngeunaan Kitab Pakih. Ceuk Grashuis (1874: 138), éta kitab eusina konsépsi Islam kalawan ringkes, eusina ajaran-ajaran Islam munggaran, jeung katangtuan-katangtuan utama hukum agama. Dina awal kitabna ditétélakeun yén éta téh mukhtasar atawa tingkesan nu kudu dipikanyaho ku sakur nu ngagem Islam. Umumna urang Sunda méré ngaran mukhtasar téh Kitab Pakih Soenda

Ceuk Grashuis, Kitab Pakih Soenda aya dua édisi, nu hiji mah satengahna ti ukuran nu hiji deui. Kitab Pakih nu lengkep aya 52 kaca, masing-masing 17 baris, jeung 10 bab bahasan. Ngan cenah, basa Sundana kurang hadé mun seug dibandingkeun jeung Kitab Woeloe djung Salat, jeung gayana kurang jelas lantaran ringkes téa.

Ari TH.W. Juynboll (Handleiding tot de Kennis van de Mohammedaansche het Volgens de Leer der Sjafiitische School, 1925: 388) ngagolongkeun Kitab Pakih Soenda kana salah salah sahiji tina Madhab Syafii. Ceuk Juynboll, éta téh téks Sunda nu kawilang pondok, eusina ngeunaan doktrin jeung ibadah-ibadah utama, nu dikomunikasikeun ku J. J. van Limburg Brouwer dina TBG taun 1870.

Ari ayeuna di mana naskah Kitab Pakih Soenda nu diulik ku J. J. van Limburg Brouwer téh? Mun mapayan situs collectionguides.universiteitleiden.nl, urang bisa panggih jeung Cornelis Christiaan Berg Collection. Di antarana aya “CB 136 (1-2)” nu eusina “Small collection originally from J.J. van Limburg Brouwer, school inspector in Surabaya (c. 1870-1880). Madurese, Javanese and Old Javanese texts, c. 100 Javanese letters (1830-1880), one religious text in Sundanese, Dutch, correspondence” (saeutik koléksi, asalna ti J.J. van Limburg Brouwer, juru awas sakola di Surabaya [kira-kira taun 1870-1880]. Eusina teks Madura, Jawa, Jawa Kuna, 100 surat Jawa [1830-1880], hiji téks agama dina basa Sunda, Walanda, serat-sinerat).

Ku disebutkeunana téks agama dina basa Sunda, bisa jadi, hartina naskah Kitab Pakih Soenda ayeuna aya kénéh di Perpustakaan Universitas Leiden, dina koléksi Cornelis Christiaan Berg Collection. Bisa jadi deuih, éta koléksi beunangna ku C.C. Berg téh ti nu meunang lélang koléksi J.J. van Limburg Brouwer antara 19-26 Méi 1883 di Utrecht téa.


ATÉP KURNIA, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di badan Géologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925 - 1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar