Samangkok Sop Iga - Sajak-sajak Prayoga Adiwisastra

 
Ilustrasi: "Crying Woman" kénging Miculas Galanda (1938)



SAMANGKOK SOP IGA
 
Marinka ngaréndos pedes
di juru dapur nu beueus
 
Mata anak nu lapar geus
némbongkeun kongkolakna.
 
Tapi manéhna ngalangeu,
handapeun jambatan
rasa lapar tilu lalaki
geus némbongkeun sihungna.
 
Maranéhna ngimpi balayar
dina samangkok sop iga,
balon-balon gas ngahiur
luhureun balkon Marinka.
 
Marinka sakadar ngaréndos pedes
di juru dapur nu beueus.
 
2023




COD
 
Manéhna teu kungsi ngiberan
jam sabaraha rék nepungan.
 
Bet jam dalapan manéhna nyarita:
“Di parapatan tabuh salapan.”
 
Salambar daun muguran
tina tangkal sidrotul muntaha.
 
Jarum arloji bet ngarandeg,
jajantung leungiteun keteg.
 
Di parapatan, manéhna
masrahkeun salambar daun.
 
2023


 
 
MAGNUM
 
Sagagang magnum
leyur sapisan
dina lalangit pikiran,
lir malaikat
nu ngabelesat
di alam malakut.
 
Sagagang és krim
leyur sapisan
dina gugusi imaji,
lir cangkang dunya
nu sabéngbatan
di alam mulki.
 
2023
 
 


CHELSEA ISLAN JEUNG SAGAGANG POCKY
 
Dina LCD Alfamart,
kotak pocky coklat
jeung baju beureum saos tomat
jadi isarah nu can tamat.
 
(Mémang aya isarah
nu salawasna kudu jadi rusiah)
 
Di dieu mémang taya
Chelsea Islan. Taya sapisan.
 
Di hareupeun kasir,
barudak ngajalajar
kawas rayat nu ngantay
inséntif sasalad.
 
Dina LCD Alfamart,
sagagang stik coklat
lir jambatan panjang
antara dua kotak.
 
2021

 

PRAYOGA ADIWISASTRA, lahir di Purwakarta, 18 Januari 1992. Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Sunda UPI Bandung. Salila kuliah kungsi aktif di komunitas sastra Turus jeung ASAS UPI. Nulis pangpangna dina wnagun sajak, carpon, jeung éséy, dimuat di sawatara média. Sapopoéna cekel gawé jadi guru Basa Sunda di SMAN 2 Sukatani jeung MTs Assalam, Kabupatén Purwakarta.

Posting Komentar

0 Komentar