Basa Nyawa Ukur Sajeungkal - Sajak-sajak Cécép Burdansyah


Ilustrasi: Abstract Art (2023) kénging Thomas Nordwest

 
Basa Nyawa Ukur Sajeungkal
Panineungan Wisma Atlet
 
Di Wisma Atlet
pabuis jalma jeung malakalmaot
antara nu ngadodoho jeung nu didodoho
malaikat rancingeus mana nu kudu diboro
maut lalakon tina saban tikoro.
 
Di Wisma Atlet
saban menit ambulan ngahéang
méré tangara ka sakur nu di ranjang
malaikat napuk di saban lawang
nyawa dikunjal teu kungsi aya nu ngawal.
 
Di Wisma Atlet
kuring sidakep ngeukeupan bantal
teu kungsi nyeueung cipanon ngembeng
padahal nyawa ukur sajeungkal.
 
Jakarta, 2020
 
 


 
Catetan Katineung
: Ajip Rosidi
 
Aya nu kungsi nuliskeun kahadéanana           
dicatet jadi katineung jeung kareueus
Soekarno, Hatta, Syahrir, jeung Ajip Rosidi.
 
Malah nyuckcruk ka kulon
panggih jeung Bergson, Russel,
nepi ka Socrates jeung Plato.
 
Mun panggih jeung kuburanana
kembang katineung diawurkeun lalaunan
jeung kasedih nu nyeceb na jero angen.
 
Ti dinya tuluy nanya:
naon nu pantes dipilampah
mun umur kari jalantah.
 
Jakarta, 2021
 
 
 


Sajak Rangsak
 
Dina dada
aya gagak ngelak
jeung sajak nu rangsak.
 
Bandung, 2023
 
 


 
Cinta
: NN
 
Tali areuy ngulawit iga
cinta urang sing jamuga
dipayungan méga-méga
ngamparkeun sawah sing lega
keur anak urang jaga.
 
Bandung, 2023
 
 
 


Kuring jeung Manuk
Sabada Maca Sajak Emily Dickinson
 
Mun seug kuring bisa nulungan hiji manuk
: nu keur kekelepekan
terus ku kuring dibéré nginum
diperenahkeun dina sayangna
duh, tada teuing bagjana
tapi mun kuring keur nandangan kapeurih
terus aya anu nawaran nginum
sarta ku kuring dileguk.
Naha yakin anu méré nginum bakal bagja?
Siga basa kuring méré nginum ka manuk?
 
Jakarta, 2023



Suluk Katineung
 
Ragameneng!
Ragameneng!
Angen kuring angin lilimbungan
ulah hayang mitineung
ditéang kebat ngojéngkang.
 
Ragameneng!
Ragameneng!
Kakangen ukur ruhak pangharepan
diasur-asur rénghap jeung ranjugan
pasoléngkrah tinggal rangkayna.
 
Ragameneng!
Ragameneng!
Di tungtung ngungun cindekul
ngelun halimun katineung
nu kangen kantun tutunggul.
 
Bogor, 2023


 
Néang Raga
 
Raga ngalungsar dina catang
rupa-rupa kahayang. Mautan
beurang jeung peuting ukur nganggeuskeun
poé jeung naon nu teu kapigawé.
 
Kalangkang nuturkeun réngkak
tiba ngelak jeung ngocéak
hirup ukur numbu umur bari teu
katuturkeun tungtungna
teu weruh jirim jeung jisimna.
 
Mapay-mapay raratan dapon
samar jeung lamur. Anjogna
ka dinya kénéh. Panalék nu teu
kungsi manggih jawaban.
 
Semarang, 2017


CECEP BURDANSYAH, nulis fiksi jeung non fiksi, dina basa Sunda jeung basa Indonesia. Sawatara carponna kungsi dilélér hadiah sastra LBSS. Buku kumpulan carponna anu geus medal nyaéta Anak Jadah (2002) jeung Sangkakala (2022). Ayeuna jadi jurnalis di Tribun Network. 

Posting Komentar

1 Komentar