Sarsilah Sajak Sunda Modéren - Atép Kurnia

Sajak “Para Nonoman Pasoendan” karya Soera Poetra dina Papaés Nonoman Tahoen 2, Nomer 7, 31 Juli 1915.


“GEUS ampir satengah abad umurna sajak Sunda téh. Kitu soténan lamun diukur ti mimiti Kis Ws (Kiswa Wiriasasmita) nulis sajak, dituturkeun ku KTS (Kadir Tisna Sudjana), ditéma ku ‘Polémik’ ngeunaan hak hirup sajak (anu harita mah dianggapna injeuman ti batur) dina sastra Sunda, sarta geus baranahan nepi ka kiwari”, kitu ceuk Abdullah Mustappa dina “Panorama Sajak Sunda” (Saratus Sajak Sunda: Pangbagéa Miéling 46 Taun Sajak Sunda, 1992, citakan katilu, 1997: 5). Ceuk Abdullah (1997: 7), ninggangna 46 taun sajak Sunda téh dina tanggal 27 Désémber 1992.

Timbul panalék, ti mana Abdullah Mustappa meunang katerangan yén sajak Sunda téh ti mimiti ayana taun 1946? Ceuk Abdullah kénéh dina séjén buku, “Ari anu disebut sajak, éta mah éstu anyar kénéh pisan dipiwanohna ku urang téh. Malah teu baheula-baheula teuing. Dina taun-taun 1950-an, urang Sunda ramé ragot polémik dina surat kabar, madungdengkeun perkara sajak. Lantaran sajak dianggapna (harita) lain banda urang tapi anu datangna ti batur. Aya anu satuju sajak jadi bagéan tina sastra Sunda, aya anu henteu” (Wirahma Sajak, 1985, citakan kahiji Pustaka Jaya, 2014: 13).

Gedé kamungkinan sumber katerangan Abdullah téh tina tulisan-tulisan Ajip Rosidi nu ti taun 1950-an kénéh geus nyebutkeun kitu. Geura dina bahasan “Puisi” (Kesusastran Sunda Dewasa Ini, 1966: 59) nu panganteurna ditulis di Sumedang, Agustus 1959Cihideung, Méi 1960, Ajip nyebutkeun “Meskipun Wahyu Wibisana dianggap sebagai ‘pahlawan pedjuang’ untuk bentuk ‘sadjak-bebas’, namun ia bukanlah orang jang pertama-tama menulis sadjak dalam bahasa Sunda. Kehormatan itu dipegang oleh Kis Ws dan KTS. Wahyu baru mulai menulis sekitar tahun 1954. Sedangkan Kis Ws sudah menulis sadjak-sadjaknja pada tahun 1946 tatkala terbaring di rumah sakit Tjideres (Madjalengka). Pada tahun 1949, KTS menulis dan mengumumkan sadjak-sadjaknja dalam suratkabar Sipatahoenan.”

Sed saeutik tina éta tulisan, dina “Panganteur” Kandjutkundang: Prosa djeung Puisi Sunda sabada Perang (1963: 23-24) nu ditulis di Bandung, Désémber 1959, Ajip Rosidi jeung Rusman Sutiasumarga nulis kieu: “Kitu deui mimitina mah réaksi masarakat kana wangunan sajak dina basa Sunda, munggah geunjleung. Loba pisan urang Sunda anu ngarasa kaabotan wangunan sajak digunakeun dina basa Sunda, sabab maranéhanana nganggap yén mungguhing pikeun urang Sunda mah nya dangding wangunan puisi anu geus diwariskeun ku karuhun sarta kudu dianggap suci jeung karamat. Saenyana mah saméméh perang ogé, Rd. Méméd Sastrahadiprawira ngagunakeun wangunan sajak dina bukuna Mantri Jero, tapi harita mah (bisa jadi ku lantaran henteu mandiri téa), taya réaksi ti masarakat”.

Satuluyna Ajip jeung Rusman nyebutkeun sabada Perang Dunya Kadua, nu ngamimitian nulis sajak Sunda téh KTS sarta nétélakeun yén lantaran pangaruh sastra Indonésia, wangunan sajak Sunda modéren téh gancang populérna, pangpangna di kalangan barudak ngora (1963: 24).

Ngaran Kis Ws jeung KTS tuluy dipageuhan ku Ajip minangka panaratas sajak Sunda modéren dina publikasi-publikasi satuluyna, upamana dina “Pengantar” Puisi Sunda Modern Dalam Dua Bahasa (2001: 14-15), sarta ditarurutuan ku para penulis sapandeurieunna cara Abdullah Mustapa (1985, 1992) jeung Yus Rusyana (Panyungsi Sastra, 1984). Malah Yus Rusyana (1984: 57) antarana nyebutkeun kieu: “Sajak Sunda gelar dina sabudeureun taun 1950. Ti taun 1946 kénéh geus aya anu nulis dina wangunan sajak”.

 

Sajak “Para Nonoman Pasoendan”

KU naon pamanggih Ajip Rosidi nepi ka ayeuna taya nu ngabantah, taya nu ngiritik? Naha bener kamekaran sajak Sunda modéren téh dimimitian ku Kis Ws jeung ku KTS, balukar peurah pangaruh kasusastraan Indonésia? Keur sorangan sasoranganeun mah asa cangcaya. Lantaran dina “Panganteur” Kandjutkundang (1963: 24), Ajip jeung Rusman geus nyebutkeun yén dina taun 1928 Méméd Sastrahadiprawira geus nulis wangun sajak Sunda modéren dina bukuna Mantri Jero. Naha éta karya Méméd teu tuluy dibahas dina kamekaran sajak Sunda modéren?

Boa-boa Ajip jeung para penulis Sunda sapandeurieunana teu kungsi enya-enya niténan surat kabar-surat kabar Sunda nu kungsi medal ti awal abad ka-20 nepi ka taun 1950-an. Sabab sorangan geus manggihan dua sajak Sunda nu bisa dikolomkeun sajak modéren dina majalah Papaés Nonoman taun 1915 jeung dina koran Sipatahoenan taun 1941. Nu dipidangkeun dina Papaés Nonoman téh écés ditulis “Poezie” kalawan judul “Para Nonoman Pasoendan”. Nu nulisna Soera Poetra, anu dimuat dina Papaés Nonoman Tahoen 2, Nomer 7, 31 Juli 1915.

Sajak “Para Nonoman Pasoendan” diwangun ku salapan pada. Dina unggal padana aya opat padalisan, nu unggal engangna béda-béda. Geura kieu salengkepna mah:


Éh! Para nonoman Pasoendan,
Anom sotéh manahna,
Lain nonoman badan,
Tapi beber kahojongna.
 
Ngamadjoekeun Pasoendan,
Pasoendan sing hiroep hoerip,
Njawana kalawan badan,
Moelja sakoemaha noe kaintip.
 
Koemaha atoeh akalna?
Pasoendan koedoe paraban,
Eh! Abot pisan mikirna!
Moestail, moestail pisan.
 
Anakna geus bisa matja,
Noelis, ngitoeng, élmoe boemi,
Éh! Para nonoman, ngatja!
Naon sababna djadi mangarti?”
 
Basa Walanda, Arab, Parasman!
Ah! Sabaraha taoen lilana,
Éta téh parabot djaman?
Basa oerang geus waktoena.
 
Paké, oeroes sing sampoerna,
Batoer mah mo maroséa,
Éta, njawana, njawana,
Euweuh eta Pasoendan taja.
 
Salin, karang kana Soenda,
Saméméh rék nilar doenja,
Boekoe anoe djadi banda,
Mangpaat ka saréréa.
 
Tjitak! Tjitak! Tjitak!
Ah! Waragadna koemaha?
Kapan oerang teh kaseboet anak
Meureun tangtoe aja bapana.
 
Oendjoekan ka bapa oerang,
Njoehoenkeun ngadegkeun lotré,
Pikeun ngongkosan kahajang,
Tangtoe meunang, teu sak haté.


Mun diitung tina jumlah engangna, pada kahiji diwangun ku 9-7-7-8 engang; pada kadua 7-8-8-10 engang; pada katilu 8-8-8-8 engang. Engangna ti pada kaopat nepi ka kagenep aya 8-8-8-10 engang; 10-10-8-8 engang; jeung 8-8-8-9 engang. Pada katujuh nepi kasalapan 8-8-8-8 engang; 6-8-10-9 engang; jeung 8-8-8-8 engang.

Tina jihat jumlah engangna mah puguh sajak “Para Nonoman Pasoendan” téh teu puguh aturanana, tapi ari tina pola purwakanti ahirna mah kawasna leuwih deukeut kana wengkuan sajak kuatrain, nu unggal padana diwangun ku opat padalisan kalawan pola purwakantina bisa AAAA, ABAA, ABAC atawa ABCB (unbounded atawa Ballad quatrain), AABB (double couplet), ABAB (interlaced, alternate, heroic), ABBA (enclosed, envelope), jeung AABA. Mun diterapkeun kana sajak “Para Nonoman Pasoendan”, polana téh AAAA, ABAB, AAAA, ABAB, AAAA, AAAA, AAAA, AAAA, jeung AABB.

Demi kandungan eusina leuwih merenah kakolom kana épigram, sabab dina seuhseuhanana mah kuring-lirikna ngajak para nonoman Sunda sangkan pada miroséa jeung ngamumulé basa Sunda luyu jeung sawangan romantik alam harita, nyaéta “basa cicirén bangsa”. Carana ku jalan narjamahkeun kana basa Sunda, ngarang dina basa Sunda, ditulis jeung dijieun buku saméméh tilar dunya, tuluy dicitak kalawan waragad bisa ménta bantuan ka entragan nu leuwih ti heula (bapa) ku ngayakeun lotré nu bisa dijual, pikeun ngumpulkeun duit keur nyitak buku.

Ku kituna dina kandaga sastra Indonésia mah, sajak “Para Nonoman Pasoendan” téh bisa dikolomkeun ka nu disebut “Puisi Baru” téa, nu diwengku ku antarana distikon (dua seuntai), terzina (tiga seuntai), kuatrain (empat seuntai), kuin (lima seuntai), sektet (enam seuntai), septima (tujuh seuntai), oktaf atawa stanza (delapan seuntai), jeung sonéta. Lain kaasup ka “Puisi Lama” atawa tradisional, nu dina sastra Sunda mah mangrupa kakawihan, mantra, pupuh, sisindiran, jeung sa’ir (Tedi Muhtadin, Hera Meganova Lyra, Lestari Manggong, “Local Wisdom in the Polemic on Sundanese Poem”, Jurnal Sundalana, Vol. 1 No. 1, 2021).

Ku kituna, sajak “Para Nonoman Pasoendan” téh bisa dikolomkeun kana sajak Sunda modéren, sok sanajan teu bébas kawas sajak Sunda taun 1950-an. Lantaran dina sastra Indonésia ogé, sajak-sajak beunangna Muhammad Yamin nu lolobana ditulis dina wanda transisional antara tradisional jeung anyar (beunang pangaruh angkatan 1880 dina sastra Belanda) dikolomkeun jadi panaratas puisi Indonésia. Geura A. Teeuw (Sastra Baru Indonesia 1, 1980: 26, tarjamahan tina Modern Indonesian Literature I, 1967) nyebutkeun “Sebagai seorang pelajar berumur 17 atau 18 tahun, pemuda Minangkabau ini pada tahun 1920-1922 dalam Jong Sumatra menerbitkan sejumlah sanjak Melayu yang pada pendapat saya harus dianggap sebagai pengucapan yang pertama dalam sebuah kesusastraan Indonesia modern”.

Ngeunaan posisi karya Muhammad Yamin nu ngajégang antara tradisional jeung modéren, ku Teeuw ditétélakeun kieu: “Satu-satunya ciri formal dari puisi tradisional yang dipertahankan dalam karya Yamin seperti dalam kebanyakan puisi sebelum perang ialah baris sanjak yang terdiri dari empat perkataan. Bentuk puisi yang terpenting pada ketika itu ialah bentuk soneta yang amat populer dalam dunia Belanda sejak tahun 1880, yaitu sumber inspirasi luar utama bagi angkatan yang mula-mula ini. Hanya sebuah saja dari puisi-puisi Muhammad Yamin yang diterbitkan dalam Jong Sumatra pada sekitar tahun 1920-1922 itu yang tidak berbentuk soneta” (1980: 30).

Kitu deui Ajip Rosidi nempatkeun Muhammad Yamin téh minangka panaratas puisi Indonésia. Dina tulisan “Muhammad Yamin: Penyair Tanah Air” (Membicarakan Puisi Indonesia Jilid 1, 1975: 18-19), Ajip nulis: “Tetapi menulis sajak dalam semangat dan jiwa yang mempunyai ciri individualitapun adalah sesuatu yang baru. Sajak-sajaknya meninggalkan kebiasaan yang umum dalam puisi Melayu dan membukakan babak baru: lahirnya puisi Indonesia”.

Hanjakalna pamanggih Ajip kitu téh, teu konsistén ana dilarapkeun kana sastra Sunda mah. Da kabuktian waktu nyaritakeun sajak-sajak beunangna Wahyu Wibisana, Ajip (Kesusastran Sunda Dewasa Ini, 1966: 59) nyebutkeun kieu: “Wahyu sendiri tidak mengemukakan suatu konsepsi kesusastran jang tegas – suatu hal jang lazim pada pemuda seusia dia. Ia sendiri menulis puisi jang disebutnja ‘sadjak-bebas’ itu dalam bentuk ... soneta! Soneta adalah bentuk puisi jang sedjak diperkenalkan oleh Muhammad Yamin dan Sanusi Pane, sangat disukai oleh para penjair Indonesia. Berasal dari Italia jang tentu saja masuknja ke Indonesia melalui djendela kesusastran Belanda. Tetapi sesungguhnja, soneta itu tiada ubahnja dengan dangding: Iapun mengenal ketentuan-ketentuan djumlah baris, purwakanti, bahkan djumlah engang dalam setiap baris demi kepentingan irama”.

Kitu deui basa Ajip nyaritakan karya M.A. Salmun. Cenah gé, “M.A. Salmun. Pengarang Sunda yang produktif sekali dan tidak berhenti berkarya sejak masa sebelum perang sampai saat-saat terakhir hayatnya, pada awal tahun 1950-an itu banyak mengumumkan buahtangannya yang disebutnya ‘Sajak jeung Dangding’ (Sajak dan Dangding). Tetapi yang dimaksud oleh Salmun dengan sajak hanyalah bentuk-bentuk puisi Belanda seperti distichon, terzine, quatraine, septime, dll. yang pada hakikatnya tak berbeda dengan dangding karena sama-sama terikat oleh jumlah larik setiap bait dan purwakanti akhir setiap larik” (Puisi Sunda Modern Dalam Dua Bahasa, 2001: 16).

Teuing ku naon sawangan Ajip kana sonéta-sonéta nu dijieun ku Muhammad Yamin bet béda mun seug dibandingkeun sawanganana kana sonéta-sonéta nu dijieun ku Wahyu Wibisana katut sajak-sajak M.A. Salmun nu dijieun dina wangun puisi Walanda. Padahal mun takeran “ciri individualita” nu dipaké ku Ajip keur nimbang-nimbang sajak-sajak Yamin, tanwandé bakal kapanggih ogé dina karya-karya Wahyu jeung Salmun.

Balik deui kana sajak “Para Nonoman Pasoendan” beunangna Soera Poetra, mun maké takeran Teeuw jeung Ajip kana sajak-sajak beunangna Muhammad Yamin, éta sajak téh bisa dianggap minangka panaratas sajak Sunda modéren lantaran maké wangun “Puisi Baru” téa, nyaéta kuatrain. Samalah mun seug dibandingkeun heula-pandeurina, sajak beunang Soera Poetra téh tangtu baé leuwih ti heula batan karya Muhammad Yamin nu kakara dipublikasikeun lima taun sanggeusna, nyaéta taun 1920. Hartina, pangaruh kasusastraan Walanda modéren bisa jadi leuwih ti heula kabaca ku urang Sunda (nu ngagabung dina Paguyuban Pasundan jeung dipidangkeun dina publikasina) batan ku urang Malayu nu ngagabung dina Jong Sumatra jeung surat kabar nu dikaluarkeun ku éta organisasi.


Sajak “Rabindranath Tagore” beunang Utuy Tatang Sontani dina Sipatahoenan édisi 18 Agustus 1941.

            

Sajak “Rabindranath Tagore”

HIJI deui nu bisa némbongkeun yén sajak Sunda modéren téh lain dimimitian dina taun 1946 ku Kis Ws, bisa kapanggih tina sajak beunang Utuy Tatang Sontani nu dijudulan “Rabindranath Tagore” sarta dimuat dina Sipatahoenan édisi 18 Agustus 1941. Ieu sajak salengkepna nu ditulis di Bandoeng, 8 Augustus 1941:


1.
Moen soekma koering
                          ngalajang ...
didjoeroeng sina wawarti,
mawa tjarita koe tjipta, nga-
djingdjing dangding koe éling;
ka andjeun njoengsi ati,
ninoen lagoe dina kalboe, nga-
                 njam basa dina rasa,
koering sok ngadéngé kawih,
medar goerit;
Ardjoena oenggoel ngalaga ...
 
2.
Lamoen andjeun koe koering
    henteu kadjoegdjoeg ...
djalan oeroet oerang panggih,
    koe Kala digoesoer djaoeh,
sok kadéngé sora kawih,
medarkeun Rama kabojong ...
 
3.
Dina mangsa noe karasa ...
dina wantji noe kaimpi ...
Koering djeung andjeun!
            Doeaan patepoeng ngadjadi
hidji, kawas goela djeung amis,
goemoeloeng paseloe bajoe,
tjahja andjeun noe goemebjar
njoeroep kana sandi koering,
dibawana koe banjoe waloengan
Gangga.
Koering ditioep koe Wisjnoe,
               ngambah legana wiati,
sidéngdang di méga malang,
Oelak-ilik
larak-lirik
néangan djaman Pendawa
        ngadeg radja ngolah nagri,
    Djaman dangding dikoekoe-
doeng tjinde woeloeng, digiring-
giring Pohatji, dipajoengan
pajoeng Agoeng, ngalanglang
Astina-poeri, ngaoeban sekar kadaton ...


Mun diilikan sabréhan ogé, ieu sajak téh geus teu sak deui kakaolom kana sajak bébas. Salah sahijina nu pangkatémbongna nyaéta tina tipografina jeung énjabemen-na nu teu tartib, siga-siga sajak-sajak Indonésia nu dijarieun ku Sutardji Calzoum Bachri, Darmanto Jatman, jeung Yudistira ANM Massardi dina taun 1970-an nu sok disarebut “puisi mbeling” téa.

Atuh tina jumlah padalisan unggal pada ogé geus leupas tina pangaruh sajak-sajak Walanda modél distikon, terzina, kuatrain, soneta, jeung sajabana. Nu mucunghul malah purwakanti-purwakanti nu khas Sunda, sakumaha nu ditétélakeun ku M.A. Salmun. Dina éta sajak, kapanggih gabungan purwakanti laraspurwa jeung purwakanti laraswekas, saperti ungkara “mawa tjarita koe tjipta”. Purwakanti laraswekas nu témbong pangréana, cara “ngadjingdjing dangding koe éling”; “ninoen lagoe dina kalboe, nganjam basa dina rasa”; “Dina mangsa noe karasa ... dina wantji noe kaimpi”; “goemoeloeng paseloe bajoe”; “Koering ditioep koe Wisjnoe”; “sidéngdang di méga malang”. Hiji deui, aya gabungan purwakanti laraspurwa jeung laraswekas, nyaéta dina ungkara “Djaman dangding dikoekoedoeng tjinde woeloeng, digiring-giring Pohatji, dipajoengan pajoeng Agoeng”.

Demi eusina, mun urang maké panta-panta eusining “Puisi Baru” téa, sajak “Rabindranath Tagore” téh bisa kakolomkeun kana sajak ode, nyaéta sajak nu eusina puja-puji ka pahlawan atawa ka sakur nu dianggap mulya ku panyajakna. Ieu téh katémbong mun urang nuturkeun unggal pada dina éta sajak. Dina pada kahiji, kuring-lirik ngabayang-bayang mun manéhna ras ka anjeun-lirik (maksudna ka Rabindranath Tagore) nu bisa jadi diajar kumaha anjeun-lirik nyieun ungkara (“ninoen lagoe dina kalboe, nganjam basa dina rasa”), nu sok kapireng ku kuring-lirik téh kawih nu ngalalakonkeun Arjuna unggul jurit.

Ngan cenah, sakumaha nu ditulis dina pada kadua, mun kuring-lirik teu hasil panggih jeung anjeun-lirik lantaran kasapih ku wanci kapegat ku mangsa, kuring lirik téh bet kawas mireng lalakon Rama kaboyong, dina harti bisa jadi éléh ku pasukan Rahwana. Tapi dina pada katilu mah kuring-lirik negeskeun yén manéhna téh antukna bisa awor jeung anjeun-lirik (“Doeaan patepoeng ngadjadi hidji, kawas goela djeung amis, goemoeloeng paseloe bajoe, tjahja andjeun noe goemebjar njoeroep kana sandi koering”). Éta sababna nu matak kuring-lirik bisa ngalalana sumoréang néangan mangsa bihari nu pinuh ku kajayaan ungkara (“Djaman dangding dikoekoedoeng tjinde woeloeng, digiring-giring Pohatji, dipajoengan pajoeng Agoeng”).

Tapi ku disabit-sabitna kecap “dangding” sababaraha kali, bet kapikir yén sabenerna mah kuring-lirik téh saenyana hayang nepikeun satire, nyaéta nyindiran puitika Sunda nu kandel pisan ku dangding. Da dina galeuh-galeuhna mah kuring-lirik téh saéstuna mikasono kana wangun kawih, lantaran kabuktian “sora kawih” dibalikan dua kali, nyaéta dina ungkara “koering sok ngadéngé kawih, medar goerit; Ardjoena oenggoel ngalaga” jeung “sok kadéngé sora kawih, medarkeun Rama kabojong”.

Mun diteleban deui, boa-boa sajak “Rabindranath Tagore” hayang némbongkeun jeung nétélakeun ngeunaan kadéséhna tradisi tulis Sunda buhun katut puitikana, ku tradisi tulis jeung puitika nu datang sapandeurieunana, nyaéta Sunda buhun jeung kawih nu kadéséh ku cacarakan jeung dangdingna. Nya ieu téh lamun ngingetkeun ku béh dieu geus kabukana naskah-naskah Séwaka Darma atawa Kawih Panyaraman (Lontar 408, 424, jeung 425), Kawih Paningkes (Lontar 419 jeung 420), Kawih Mahanyana (Lontar 615) jeung sajabana dina kandaga koléksi Perpustakaan Nasional RI.

Peun sakitu baé babaran eusina mah. Da saenyana nu hayang ditegeskeun dina ieu tulisan mah, sihoréng sajak Sunda modéren téh geus ditaratas saméméh Kis Ws nganggit sajak di rumah sakit dina taun 1946. Bari cacakan kakara dua conto nu kapanggihna, nyaéta sajak “Para Nonoman Pasoendan” karya Soera Poetra tina Papaés Nonoman (1915) jeung sajak “Rabindranath Tagore” karya Utuy Tatang Sontani tina Sipatahoenan (1941). Komo deui mun urang kongang jeung leukeun mukaan Tjahaja Pasoendan (1912-1917), Simpaj (1916), Panoengtoen Istri (1918-1920), Padjadjaran (1918-1923), Pasoendan (1919-1942), Aosan Moerangkalih (1920-1922), Sora Merdika (1920), Obor (1921-1924), Siliwangi (1921-1922), Sekar Roekoen (1921-1929), Poesaka Soenda (1922-1928), Soerapati (1923-1925), Sora Soenda (1923), jeung sajabana bisa jadi pamanggih téh leuwih kuat.

Lantaran sacara logika, maenya ngan urang Sumatra (dina Jong Sumatra) baé nu kapangaruhan ku sonéta (jeung sajak-sajak Walanda séjénna) dina taun 1920-an téh, pasti kangaranan nu sarakola alam harita mah sumber bacaanana ogé sarua. Samalah geuning bet sabalikna, bet Soera Sapoetra nu leuwih ti heula nulis dina wangun kuatrain, batan para panyajak Sumatra nu nulis dina wangun sonéta. Alhasil, dina taun 1992, sakumaha nu didadar ku Abdullah Mustappa, umur sajak Sunda modéren téh kuduna mah geus leuwih ti satengah abad. Kitu tah, sarsilahna mah.***          

           


ATÉP KURNIA
, lahir di Bandung taun 1979. Artikelna, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonesia, dimuat dina rupa-rupa média jeung jurnal. Kungsi dilélér hadiah ku LBSS, Museum Sri Baduga, jeung Goethe Institute. Kiwari cekel gawé di badan Géologi. Bukuna anu geus medal nyaéta Jaman Woneng, Wabah Sampar di Priangan, 1925 - 1937, jeung Jejak-Jejak Bandung. Duanana medal taun 2020.

Posting Komentar

0 Komentar