Catetan Méméh Balik - Sajak-Sajak Tatang Sumarsono

 

Ilustrasi: Sadness (1896) kénging Franciszek Zmurko


Catetan Méméh Balik
 
keur dicatet-catetkeun
sakur nu kudu ditedunan
bisi isuk atawa minggu hareup
nohonan panyaur aya nu nyampeur
 
taureun ka koperasi opat bulan deui
ka warung Entur urut ududeun
jangji nyumbang ka masigit
BPJS nu remen ditagih
 
kudu dicumponan heula
pan matak jadi kabeungbeurat
anak-minantu katempuhan mayar
mun tacan lunas bisi taya nu nyalatan
 
méméh mulang sabab tepi kana subaya
nya hayang hampang-himping heula
hampura ka sakur dulur-baraya
rumasa kuring loba dosa
 
hanas loba nu amis jangji
taya bukti da parohoeun deui
atawa dipopohokeun da geus jaradi
ah rék dianggap bérés, cukup ku inna lillahi
 
25 Séptémber 2020
 
 

Du’a Kamerdékaan
 
sabaraha pangaosna, Gusti, ari ni’mat kamerdékaan
ning asa teu cumpon ukur ku jasa para pahlawan
atanapi abdi ayeuna kirang panteng ngadu’a
bari tarékah ukur tamba tur sahayuna?
 
sanés teu engeuh yén kahirupan sering ditandonkeun
nu weureu seubeuhna bet deungeun-deungeun
bongan dihiap ka dieuna teu eureun-eureun
ari balaréa kalah jadi heureut pakeun
 
cita-cita merdéka, ukur semet diréka mapaés biantara
poma entong nanya bakal kumaha bukti engkéna
kurang-kurangna mah bisa asup ka panjara
apanan dipahing nyarita nu saujratna
 
mung, sanaos batan sakieu, pamugi ulah dicabut deui
ieu kamerdékaan ti lemah cai abdi nu teu acan walagri
 
16 Agustus 2020
 
 

Merdéka Téh
 
merdéka téh
mun sééng kadéngé nyéngsréng
barudak katempo bungah
nanggeuy piring
 
merdéka téh
mun murid suhud diajar
tanpa bangbaluh aturan
ganti mentri
 
merdéka téh
mun tatangga henteu ngangluh
masih daék ruang-riung
di Poskamling
 
merdéka téh
mun di masjid laluasa
leupas tina pangbibira
tah téroris
 
merdéka téh
mun nu maraké seragam
henteu haben ngaririweuh
matak jangar
 
merdéka téh
udagan hirup basajan
teu bangga pikeun rahayat
kawas kuring
 
7 Agustus 2022
 
 

Loba nu Tacan
 
loba nu tacan jadi ungkara
najan nulis taya reureuhna
sab ngan éta-étana nu bisa
titipan Gusti pikeun dipiara
 
loba anu tacan bisa katulis
kahirupan teu lantis-lantis
ngan dipahing aral subaha
satungtung akal bisa meta
 
loba nu tacan kawadahan
nu kasaksén tur kaalaman
ukur dihanca sakadugana
bari tacan tangtu dibaraca
 
loba anu tacan dibebenah
bari nganti nyawa papisah
 
30 Juli 2023
 
 

TATANG SUMARSONO
, lahir di Tasikmalaya taun 1956. Taun 1976 neruskeun sakola ka IKIP Bandung, Jurusan Bahasa dan Sastra Sunda. Pacabakanana anu utama jadi wartawan, ti taun 1975. Bukuna anu geus medal aya 66 judul, ngawengku fiksi, biografi, pangajaran, jeung pedaran umum lianna. Kungsi sababaraha kali meunang hadiah sastra LBSS, DK Ardiwinata, jeung Oeton Moehtar. Novél barudakna, Si Paser, dilélér hadiah Samsudi taun 1993. Ari novél Demung Janggala jeung Galuring Gending dilélér hadiah Rancagé taun 1994 jeung taun 2002.

Posting Komentar

0 Komentar