Ngeunaan Puisi “Rabindranath Tagore” - Dian Hendrayana

 

Ilustrasi: The Temple of Horus (2019) kénging Aleksandr Vladimirovich Glukhov


Kataji ku tulisan Atép Kurnia dina Cacandran.com, édisi Juli 28 taun 2023. Dina tulisanana Atép medar dua puisi, “Para Nonoman Pasoendan” jeung “Rabindranath Tagore”. Tarékah Atép dina ngasongkeun éta puisi nu dua téh pikeun nandeskeun yén dina palataran sastra Sunda, puisi winangun sajak anu munggaran téh satemenna lain sajak nu ditulis ku Kis WS dina taun 1946, da kapan aya sajak “Rabindranath Tagore” nu ditulis ku Utuy Tatang Sontani dina taun 1941, jeung sajak “Para Nonoman Pasoendan” nu ditulis ku Soera Poetra taun 1915.

Dina sastra Indonesia, Sutan Takdir Alisjahbana (STA) kungsi ngagedurkeun sumanget modérenisasi ku cara ngajak ka sakumna inteléktual supaya ngambeu pikiran-pikiran nu holna ti Eropah (Barat). Naon rupa nu datangna ti Barat, pangpangna dina raraga mikir, baris ngalantarankeun pikiran terbuka jeung muka pergaulan anu satata di saampar dunya. Éta gagasan STA anu ngagedurkeun sangkan bangsa Indonésia ngambeu pikiran Barat téh muncul tina kasadar STA dina taun 1930-an, pikeun milu ancrub kana kamekaran pikiran jagat sangkan henteu kurung batokeun. Atuh kantenan, éta pangajak jeung sumanget STA téh meunang pangwada ti Sanusi Pané, Sutomo, jeung Ki Hajar Dewantara (Nyoman Kutha Ratna, 2020: 33), nu mertahankeun pikiran jeung sumanget nu didadasaran ku kabeungharan nu dipibanda ku bangsana sorangan.

Dina sastra Sunda, panggedur kana pikiran modéren nu massif, anu saterusna diébréhkeun dina wangun karya, henteu kungsi kabireungeuh. Samalah tepi ka taun 1930-an. Utamana tepi ka taun 1920-an, iklim palataran sastra Sunda masih ngeukeuhan kana puisi dangding (Moriyama, 2005). Saeutik kénéh pisan anu nyoarakeun pikiranana dina wangun sastra modéren, pangpangna dina puisi anyar (modéren). Iwal ti prosa nu mimiti témbong tingkuniang minangka wawakil sastra modéren téh, nyaéta wangun novél, geusan nyisilihkeun dongéng.

Atuh mucunghulna prosa modéren téh, sakumaha nu disebutkeun ku D.K. Ardiwinata (1914), kalungguhanana harita otomatis jadi barang nu kawilang anyar. Basa muncul bibit-bibit prosa dina taun wewelasan nyedek ka taun 1920-an, D.K. Ardiwinata malah bangun anu milu ngalelewang sangkan puisi dangding (tembang) kudu tuluy dipiara, najan bakal pagilinggisik jeung tingronghéapna karya prosa anu ceuk anjeunna tangtu baé bakal karasa lazat (ngareunah) dina enggoning macana (D.K. Ardiwinata dina Papaés Nonoman nomer 9, taun ka-1, Oktober 1914, kaca 3-5 sakumaha nu dicutat ku Teddi Muhtadin dina Kritik Sastra Sunda; Kumpulan Karangan, taun 2020).

Nu matak, basa Atép meunang papanggihan kana sajak beunangna Soera Poetra “Para Nonoman Pasoendan” (PNP) nu dimuat dina Papaés Nonoman taun ka-2, nomer 7, tanggal 3 Juli 1915, teu wudu matak mukakeun lawang diskusi anyar. Papanggihan Atép kana sajak PNP kaasup kana papanggihan anu luar biasa. Éta tarékah tangtu beunang ngaleukeunan kana matéri sastra nu dimuat dina média citak, pangpangna kana média massa, nu medal dina saparapat awal abad 20.

Dina tulisanana, Atép nyindekkeun yén éta karya poёzie PNP mangrupa karya sajak (puisi modéren). Malah ku Atép didadarkeun sacara struktural tepi ka medar kana bagbagan jumlah engang, jumlah padalisan, jeung persanjakanana (sora tungtung padalisan). Nya tina dadaranana, Atép nyindekkeun kalawan tandes, mun éta karya puisi téh henteu bisa kagolongkeun kana puisi heubeul, tapi mangrupa puisi modéren (kuatrain, puisi opat jajar. Atép ngagolongkeun mun dina palataran sastra Indonésia mah éta karya téh nu disebut karya puisi baru téa).

Ku munculna papanggihan Atép kana sajak PNP téa, tayohna pamanggih nu nyebutkeun yén sajak karya Kis WS nu ditulis di rumah sakit téa (sajak “Ilangna Mustika”) dina taun 1946 mangrupa cikal bakal sajak Sunda—sakumaha nu kungsi ditembrakkeun deui ku Abdullah Mustappa taun 1990-an, kudu gugur! Da kapan sidik pisan, tina papanggihan Atép téa, dina taun 1915 Papaés Nonoman geus midangkeun karya puisi winangun sajak (lain puisi heubeul). Sidik pisan deuih ciri-cirina cara nu dipedar ku Atép. Kana puisi nu ieu mah (beunang nulis Soera Poetra téa), kuring gé rék anut ka Atép. 

Sakali deui, kana puisi PNP mah kuring gé sapuk geusan nyebutkeun yén éta téh puisi anyar (Ajip Rosidi mah leuwih matuh nyebutna sajak) téa. Iwal kana puisi “Rabindranath Tagore” beunang nulis Utuy Tatang Sontani anu maké titimangsa taun 1941. Mun téa Atép nyebutkeun éta téh sajak, kuring mah henteu misapuk. Kuring hayang pisan nyebutkeun kalawan tandes yén éta mah lain sajak!

Aya tilu gunduk (ditandaan ku nomer) puisi beunang Utuy téh. Gunduk kahiji ditulisna ukur sapada, ti mimiti frasa “Moen soekma” nepi ka frasa “oenggoel ngalaga”. Sidik pisan éta mah guguritan dina pupuh Sinom. Guru gatrana diwangun ku salapan padalisan. Geura urang tengetan:

Moen soekma kuring ngalajang (8 a)
didjoeroeng sina wawarti         (8 i)
mawa tjarita ku Tjipta                 (8 a)
ngadjingdjing dangding koe éling         (8 i)
ka andjeun njungsi ati                 (7 i)
ninoen lagoe dina kalboe         (8 u)
nganjam rasa dina basa         (8 a)
koering sok ngadéngé kawih         (8 i)
medar djoerit; Ardjoena oenggoel ngalaga  (12 a)

Atra pisan, éta mah kapan pupuh sinom. Nu ngarangna engeuh pisan deuih kana bagbagan ngarang guguritan sinom nu hadé. Mun seug dibikeun ka juru tembang téa mah, moal teu dirarontok; genah neundeun pedotan sarta moal matak kararagok lebah kudu maling rénghapna. Ngalagena jeung patingkelentrung. Atuh diksi-diksina deuih puguh pangluyu jeung maduswarana. Lebah milih babandingan kana jenggléngan Rabindranath-na deuih, dipapandékeun ka Arjuna nu unggul di médan perang. Tangtungan nu hadé tur gedé kawani.

Saterusna, dina gundukan nomer 2 ukur diwangun ku sapada. Sabada ditelek-telek, sidik pisan éta mah pupuh magatru. Geura urang tengetan guguritanana:

Lamoen andjeun koe koering henteu kadjoegdjoeg (12 u)
djalan oeroet oerang panggih                 (8 i)
koe Kala digoesoer djaoeh                         (8 u)
sok kadéngé sekar kawih                 (8 i)
medarkeun Rama kadojong                 (8 o)

Dina guguritan nu ieu gé deuih, Utuy téh témbong inya salaku pangarang nu ogé tabah kana urusan tembang. Nempat-nempatkeun métrum jeung pedotan éstu proporsional jeung matak ngalagena pikeun juru tembang. Teu matak tumarumpang ieuh.

Sarta dina gundukan ka-3 aya tilu guguritan, nyaéta guguritan pupuh sinom, ti frasa “Dina mangsa” tepi ka “waloengan Gangga”:

Dina waktoe noe karasa         (8 a)
dina wantji nu katjiri                  (8 i)
koering djeung andjeun! Duaan (8 a)
patepoeng ngadjadi hidji          (8 i)
kawas goela dejeung amis                 (7 i)
goemoeloeng paseloe badjoe         (8 u)
tjahja andjeun noe goemebjar         (8 a)
njoeroep kana sandi koering         (8 i)
dibawana ku banjoe waloengan Gangga  (12 a)

Ditéma ku guguritan pupuh kinanti, ti frasa ”koering ditioep” tepi ka ”ngolah nagri”:

Koering ditioep ku Wisnoe          (8 u)
ngambah legana wiati          (8 i)
sidéngdang di méga malang       (8 a)
oelak-ilik larak lirik          (8 i)
néangan djaman Pandawa  (8 a)
ngadeg radja ngolah nagri          (8 i)

Saterusna dipungkas ku guguritan pupuh magatru deui, ti frasa “Djaman dangding” nepi ka “sekar kadaton”:

Djaman dangding dikoekoedoeng tjindé woeloeng (12 u)
digiring-giring pohatji                         (8 i)
dipajoengan pajoeng agoeng                 (8 u)
ngalanglang Astina poeri                 (8 i)
ngaoeban sekar kadaton                  (8 o)

Sidik lebah dieu mah, Utuy nu enya keismeuan ku pikiran modéren dina alam harita, teu wudu masih kénéh nempatkeun guguritan pikeun ngaéksprésikeun kamarudah kalbuna. Lir aya anomali, lebah pikiran kasesedek ku alam pikiran modéren (Barat; ka dieunakeun beuki témbrés tina naskah prosa jeung dramana), atuh lebah éksprési Utuy gé aya kalana kolu ngabedahkeun éksprésina dina wangun puisi heubeul.

Kaharti kituna mah, di Sunda aya périodeu nu nganggap yén karya sastra nu panghadé-hadéna tur luhur ajénna taya deui lian ti guguritan. Éta périodeu téh atra dina tilu puluh taun awal abad 20. Guguritan ngaraksuk pisan kana sawatara aspék kahirupan, kayaning dina serat-sinerat, karya sastra, biantara, upacara karesmén, paguneman, sarta pangpangna dina urusan seni sora. Malah tepi ka taun 1950-an kungsi aya carita, waktu Ajip Rosidi jeung Olla dina hiji mangsa marulang ti Lémbang, éta nu duaan téh sajajalan ngadon maguneman maké wangun guguritan. Puncerna kapan dina taun 1950-an kénéh kungsi ragot dina majalah Warga, antara pihak anu ngeukeuhan guguritan minangka tarékah konsérvatif, jeung pihak anu merjuangkeun sajak minangka tarékah parobahan.

Balik deui kana tilu gunduk guguritan nu bieu, Utuy tayohna neundeun tineung jeung hormat anu pohara ka éta panyajak India. Rabindranath Tagore nilar tanggal 7 Agustus 1941, sedengkeun éta guguritan nu ditulis ku Utuy dititimangsaan tanggal 8 Agustus 1941. Géséh sapoé. Bisa jadi, éta guguritan “Rabindranath Tagore” téh ngahaja ditulis ku Utuy pikeun mihormat kana jenggléngan panyajak nu (tangtu baé) kacida dipikaajrihna. Bisa jadi ogé éta jenggléngan panyajak téh mangrupa tangtungan inspiratif pikeun Utuy. Sageuy teu kitu. Da kapan Rabindranath téh sastrawan nyéngcélak. Taun 1913  kungsi dilélér Hadiah Nobel pikeun widang sastra. Piraku teu matak jadi panutan, sahenteuna pikeun Utuy.

Nu jadi catetan téh, kalungguhan Utuy Tatang Sontani nu kaasup kaom intelék sarta melék literasi dina mangsa harita, horéng milu aub ogé kana tradisi nuliskeun puisi heubeul nu diagung-agung ku para élit Sunda. Hanjakal, boa Utuy nulis guguritanana henteu réa cara umumna sastrawan Sunda dina mangsa saméméh perang. 

Cindekna, kana puisi “Rabindranath Tagore” nu ku Atép disebut sajak, di lebah dieu mah kuring nolak pisan. Kuring boga pamadegan yén puisi “Rabindranath Tagoré” mah wangunna guguritan.***



DIAN HENDRAYANA, lahir di Subang, 25 Februari 1971. Lulusan Sastra Sunda Unpad. Nulis carita pondok, sajak, éséy, naskah drama jeung dangding Sunda. Kungsi dilélér hadiah sastra ti LBSS, Hadiah Sastra Rancagé, Hadiah Samsudi, jeung jadi pinunjul saémbara nu diayakeun ku PP-SS jeung Téater Sunda Kiwari. Ilubiung dina riungan Kelompok Studi Budaya Sunda Rawayan, Daya Mahasiswa Sunda (Damas), PP-SS jeung LBSS. Kiwari ngajar di Jurusan Bahasa Daerah UPI Bandung.


Posting Komentar

0 Komentar